Titus


1

1 Ti Paulus, abdining Allah sarta rasul Isa Al Masih, anu dipiwarang nguatkeun iman umat Allah sarta nungtun maranehna kana kayaktian nurutkeun agama anu diagem ku urang, 2 anu didadasaran ku pangarep-ngarep kana hirup langgeng tea. Allah anu ngajangjikeun hal ieu ka urang, ti alam bihari keneh, mustahil jalir. 3 Sanggeus nitih kana wanci, eta jangji teh ku Mantenna dibuktikeun dina pangwawarana-Na. Eta pangwawaran teh dipercayakeun ka simkuring, ku Allah, Juru Salamet urang. 4 Surat dumateng Titus, anu ku karana saiman sasat anak pituin, nepi ka urang jadi sabeungkeutan. Muga anjeun pinanggih rahmat, piwelas katut rahayu ti Allah Rama, jeung ti Isa Al Masih, Juru Salamet urang. 5 Nu matak anjeun ditinggalkeun di pulo Kreta teh, nya eta pikeun memeres jeung neruskeun hanca. Anjeun kudu ngangkat kokolot-kokolot pikeun jamaah, di unggal-unggal tempat. Dasarna kudu nurutkeun pituduh ti simkuring tea, nya eta: 6 Nu kudu diangkat teh, anu mulus kalakuan, anu teu nyandung, anu anak-anakna balageur, anu taya cawadeunana, jeung anu tara ngabarandel. 7 Sabab jeneng pamingpin jamaah teh manggul papancen ti Allah, teu meunang nyieun codeka, teu meunang gumede, panas-baran, mabok, teu kaopan, jeung hawek. 8 Sabalikna, pamingpin jamaah mah kudu darehdeh, biluk ka nu hade, sabar, adil, iklas, lantip, 9 kukuh kana ajaran sajati sarta luyu jeung pangajaran anu geus katarima. Tah nu karitu anu baris bisa nerapkeun ajaran sajati teh, anu baris bisa ngahatean jamaahna, tur wani menerkeun kasalahan-kasalahan jelema-jelema anu boga tekad ngalawan. 10 Da loba keneh atuh anu ngaralawan teh, anu rek ngasupkeun pangajaran nu nyeleweng; pangpangna mah, ti golongan umat turunan Yahudi. 11 Nu kararitu, kudu dibekem sungutna. Sabab pangajaranana, matak runtag sajamaah. Pangna ngarulik elmu teu uni oge, taya lian ti rek nyiar untung nu teu halal. 12 Nepi ka aya urang Kreta, nabina pisan, kungsi ngomong kieu: "Urang Kreta mah, saumur-umur, jaba ti wadul teh teu beda ti kerud, nya gembul nya kedul." 13 Bener naker eta ucapan teh. Weweleh nu karitu teh ku anjeun, malakmandar iman kapercayaanana pulih deui; 14 ulah sina ngeukeuweuk bae talari karuhun Yahudi, ngagul-ngagul aturan-aturan beunang manusa, teu malire kayaktian. 15 Pikeun anu hatena suci mah, sagala ge suci. Sabalikna, pikeun nu pecat iman mah, euweuh nu suci lantaran nya pipikiran nya kalakuan, kotor bae. 16 Majar maneh nyaho ka Allah, ari kalakuan sabalikna. Jelema-jelema karitu mah, gawena ngan ngaralawan bae, pinuh ku kaijid, jeung taya pupurieunana.



2

1 Tepikeun ku anjeun pangajaran anu sehat. 2 Nu karolot, papatahan: Kudu rintih, asak jeujeuhan, make wibawa, mulus iman, nyaahan, jeung sabar. 3 Kaum ibuna, papatahan: Kudu hirup sakumaha pantesna nu dipikolot, ulah upatan, ulah jadi budak inuman, kudu bisa mere pituah pupurieun, 4 ngajar anu ngora sina nyaah ka salaki jeung ka anak, 5 lantip, surti, jadi ibu rumah tangga anu utama, anu ngesto ka salaki, pikeun ngajaga supaya ulah aya anu ngagorengkeun kana pangandika Allah. 6 Barudak ngorana kudu dididik sina harideng barisa mawa diri. 7 Anjeun sorangan, kudu jadi picontoeun dina sagala hal. Mun ngawuruk, anjeun kudu jujur, enya-enya, 8 basana sing ngaguluyur, ulah ngondang pibantaheun, sangkan nu niat ngalawan era sorangan tina teu manggih cawadeun ti anjeun. 9 Anu karumawula, papatahan: Kudu nurut dina sagala rupa ka dunungan, ulah bantahan, 10 ulah salingkuh, kudu beunang dipercaya salawasna, sagala pagaweanana kudu matak tambah jinungjungna ajaran Allah, Juru Salamet urang. 11 Sabab Allah teh, geus maparin rahmat kasalametan ka sakumna manusa. 12 Sih kurnia Mantenna teh ngandung pepeling, sangkan urang miceun lampah doraka jeung hawa napsu dunya; jaba ti eta, urang ge supaya nyaliksik diri, jujur, sopan, sarta ibadah dijaman kiwari; 13 bari manteng kana pidatangeunana mangsaning rahayu, nya eta wanci ebrehna kamulyaan Allah jeung Juru Salamet urang Nu agung, Isa Al Masih. 14 Anjeunna geus ngorbankeun salira ngabela urang, sangkan urang luput tina sagala nu jahat, ngajadi hiji umat anu geus disucikeun tina dosa, sarta rajin ngalampahkeun kahadean. 15 Tah wurukkeun kitu. Dina mere sumanget jeung ngayakinkeun jelema, anjeun, sabisa-bisa kudu ngandung pangaruh; sangkan saha bae ge, ulah bisa ngajojore.



3

1 Anjeun kudu ngawawadian Jamaah, supaya tunduk ka anu nyekel pingpinan, nurut kana pituduhna, sarta siap nohonan gawe nu hade. 2 Ulah sok upat-sinuat ulah nyiar picekcokeun, hade tata hade basa ka itu ka ieu. 3 Da urang ge tadina mah cupet, bantahan ka Allah, sasar, jeung jadi bujang kahayang, tukang ngumbar kasukaan, pikacuaeun batur bari silih pikangewa. 4 Sukur, Allah, nu jadi Juru Salamet geus mintonkeun welas asih-Na, 5 kersa nyalametkeun ka urang. Lain pedah urang hade laku; tapi eta mah, saestu ku karana sih piwelas-Na bae; Ari Mantenna nyalametkeun urang teh, nya eta ku jalan urang geus enya-enya narima baptisan anu ngalambangkeun yen urang teh geus ngajadi hiji jelema anu anyar dijurukeun sarta narima hirup anu salawasna dianyarkeun ku Ruh Allah. 6 Eta Ruh Allah, dipaparinkeun ku Allah ka urang teh tanpa wates wangen, ku perantaraan Isa Al Masih, Juru Salamet urang. 7 Ku berkahna sih kurnia Isa Al Masih, urang teh bisa nyorang hirup anu bener, tur aya hak meunang warisan tina hirup anu langgeng, anu keur diarep-arep tea. 8 Ieu teh pasti, hamo gagal. Omat, hal ieu muga ditetelakeun enya-enya ku anjeun, sangkan anu keur aribadah teh suhud junun dina kahadean. Tanwande gede tur alus mangpa'atna. 9 Ulah sina beunang kapancing ku anu niat ngajak padu sual berendelan ngaran-ngaran karuhun bari nyawalakeun ajaran Toret nepi ka matak parasea. Kalakuan kitu teh, siwah tur sama sakali taya gunana. 10 Anu sok ngabengkahkeun mah, lamun geus teu beunang diingetan ku sakali dua kali, geus ulah dipirosea deui. 11 Kama'lum ku anjeun ge, jelema kitu mah sasar, engke ge kahukum ku polahna sorangan. 12 Upama utusan simkuring geus datang ka anjeun, duka Artemas duka Tihikus, sabisa-bisa anjeun kudu geuwat neang simkuring ka kota Nikopolis; sabab salila usum tiris mah, simkuring rek mukim heula di dinya. 13 Pangnulungankeun Senas, ahli hukum tea, kitu deui Apolos. Sabisa-bisa, pangihtiarkeun sagala kaperluanana, sina maranehna buru-buru bisa mariang ngalakonan gawe. 14 Dulur-dulur ge, ku anjeun nasehatan: Kudu dialajar digawe kituh, nyiar rejeki anu halal keur nyumponan pangabutuh sorangan, malar hirupna aya gunana. 15 Dulur-dulur anu keur bareng jeung simkuring ayeuna, ngaririm salam. Pangnepikeun salam sono simkuring ka dulur-dulur saiman. Mugi-mugi rahmat Allah nyarengan ka saderek.



AMAZING GRACE BIBLE INSTITUTE