Wahyu


1

1 Ieu wahyu Isa Al Masih, wahyu ti Allah ka Anjeunna, sangkan dipintonkeun ka sakabeh abdi-Na; ieu wahyu teh, ngeunaan perkara-perkara anu meh kajadian. Al Masih ngutus malaikat-Na, mintonkeun ieu wahyu ka Yahya abdi-Na. 2 Yahya nyarioskeun sakabeh titingalianana. Nya ieu pertelaanana anu diandikakeun ku Allah jeung anu dipintonkeun ka anjeunna ku Isa Al Masih. 3 Bagja anu maraca katut ngadarenge kana ieu pangandika tur ngimankeun sugri anu kauni di dinya. Sabab tereh pijadieunana. 4 Surat ti simkuring, Yahya. Kahatur jamaah anu tujuh, di wilayah Asia. Rahmat rahayu ti Mantenna — anu kiwari jumeneng, bihari jumeneng, sarta anu baris rawuh deui; kitu deui, ti tujuh roh anu lumungguh di payuneun singgasana-Na — nyarengan aranjeun. 5 Sarta ti Isa Al Masih, Saksi Anu saestu, anu pangpayunna gugah ti antara nu paraeh, Kapalaning raja-raja di bumi. Demi welas asih-Na ka urang, Anjeunna pupus pikeun ngaleupaskeun urang tina dosa; — 6 urang ge geus dijadikeun hiji karajaan, dijadikeun imam-imam anu kumureb ka Allah, Rama Anjeunna — kamulyaan, kakawasaan, kagungan Al Masih salalanggengna. Amin. 7 Ieu nu katingali ku simkuring teh: Al Masih rawuh dina mega, tembong ka saban jelema, kaasup jelema anu numbak ka salira-Na. Jelema satonggong bumi narenjo ka Anjeunna jeung bari aluk-alukan. Saestuna pisan. Amin. 21:27, Yah. 19:34, 37, 1Tes. 4:17* 8 “Kami teh Alif jeung Ya!” Timbalan Pangeran, Nu Murba Wisesa, anu kiwari jumeneng, bihari jumeneng, sarta anu baris rawuh deui. 9 Simkuring, Yahya, — dulur aranjeun, batur di jero kasusah, batur di jero Karajaan Allah, batur mantep dina kamanunggalan jeung Isa — keur mencil di pulo Patmos, marga ku pagawean anu tumali jeung pangandika Allah jeung ngamashurkeun panyaksen-Na Isa. 10 Dina hiji poe, anu disebut Poean Pangeran, simkuring aya dina pangaruh Ruh. Geus kitu, ngadenge anu ngagentra di tukangeun; tarikna tanding sangkakala, ungelna: 11 “Tuliskeun sakur anu katenjo, tuluy kirimkeun ka jamaah anu tujuh, nya eta anu di Epesus, Semirna, Pergamus, Tiatira, Sardis, Piladelpia, jeung Laodikea!” 12 Simkuring malik, hayang ningal ka nu ngadawuhna. Tuluy simkuring ningal aya tujuh ajug emas; 13 di satengaheunana aya Nu ngaraga, wujud-Na siga manusa, nganggo jubah landung jeung sabuk emas. 14 Rambut-Na ngeplak lir kapas, soca-Na moncorong lir seuneu hurung. 15 Sampeana-Na gilap herang, lir suasa keur dibesot; ari gentra-Na, lir gumuruhna curug gede. 16 Panangan tengen-Na, nyepeng tujuh bentang; tina baham-Na, bijil pedang anu dua pangadekna; ari pameunteu-Na, gumebyar lir srangenge keur manceran. 17 Bruk, simkuring ngalumpuruk lebah sampeana-Na, kapupul bayu. Gap, panangana-Na nyabak ka simkuring sarta ngadawuh: “Ulah sieun. 18 Ieu Kami Nu Awal jeung Nu Ahir. Ieu Kami Nu jumeneng. Kami geus nemahan ajal pati. Tapi tenjo, ieu Kami hirup salalanggengna. Nya Kami anu ngereh ajal pati katut karajaanana. 19 Tuliskeun sakur anu katenjo ku maneh, boh anu ayeuna, boh anu bakal datang. 20 Ieu tujuh bentang dina leungeun katuhu Kami teh, nya eta perlambang tujuh malaikat jamaah. Ari tujuh ajug emas, nya eta perlambang jamaah nu tujuh.”



2

1 “Tulis! Pikeun malaikat jamaah di Epesus. Ieu pangandika anu nyepeng tujuh bentang dina panangan tengen, anu angkat-Na digondeng ku tujuh ajug emas: 2 Kami nyaho pagawean-pagawean maneh; Kami ge nyaho kasuhudan jeung kamantepan maneh. Kami nyaho maneh jengkel ku jelema-jelema anu garoreng tekad, nya eta anu ngaku-ngaku nabi padahal lain; da ku maneh geus dijajal tea sarta kanyahoan, yen maranehna teh titiron. 3 Maneh tagen, sabar nandangan sangsara ku karana Kami. 4 Tapi aya cawadeunana: Maneh geus kurang nyaah ka Kami, teu kawas keur mimiti. 5 Maneh geus pohara tibeubeutna! Geura tobat sarta lampahkeun deui kahadean saperti anu enggeus-enggeus. Lamun henteu! Kami tangtu datang nyokot ajug maneh tina tempatna. 6 Ngan papadaning kitu, aya keneh nu matak suka ka Kami, dumeh maneh cua ku tingkah lakuna murid-murid Nikolaus anu dipake kacua ku Kami. 7 Mun rumasa boga ceuli, denge sakur anu diandikakeun ku Ruh ka jamaah-jamaah. Sing saha nu unggul, baris wenang ngadahar buah Tangkal ki-Hirup ti Taman Pangeran.” 8 “Tulis! Pikeun malaikat jamaah di Semirna: Ieu pangandika ti Nu jumeneng, Nu Awal jeung Nu Ahir, Nu geus nyorang ajal pati, Nu hirup deui. 9 Kami nyaho kalaraan maneh. Kami nyaho maneh miskin, tapi saenyana maneh teh beunghar! Kami nyaho maneh digogoreng ku jelema-jelema anu ngaku-ngaku urang Yahudi padahal lain. Sabab maranehna, kabeh, umat Setan. 10 Ulah rentag ngayonan kasangsaraan nu kudu kasorang! Maneh baris ditempuh ku kasukeran sapuluh poe lilana, nandangan panggoda Iblis: Sawatara jalma, ti maraneh, baris dijebloskeun ka jero panjara. Maraneh sing pengkuh ka Kami, tumeka ing pati; tangtu maraneh, ku Kami diganjaran makutaning hirup. 11 Mun rumasa boga ceuli, denge sakur anu diandikakeun ku Ruh ka jamaah-jamaah. Sing saha nu unggul, hamo kasiksa ku maot anu kadua.” 12 “Tulis! Pikeun malaikat jamaah di Pergamus: Ieu pangandika ti Nu nyepeng pedang anu dua pangadekna. 13 Kami nyaho di mana maneh nya ngancik: Di enggon Iblis! Parandene maneh tetep kumureb ka Kami. Kitu deui, basa Antipas saksi Kami nu satuhu tea dipaehan di enggon Iblis, maneh tetep satuhu ka Kami. 14 Tapi aya sababaraha hal di maneh anu Kami teu sapuk, nya eta: Aya nu nyarekel paham Balhum, anu baheula ngajar ka Balak nitah nyasabkeun urang Israil sina rucah jeung ngadahar sasajen pikeun brahala. 15 Jeung aya anu marilu kana ajaran kaom Nikolaus. 16 Geura tobat. Lamun henteu! Kami tangtu gancang-gancang datang, pikeun numpes anu kararitu ku pedang ti baham Kami. 17 Mun rumasa boga ceuli, denge sakur anu diandikakeun ku Ruh ka jamaah. 6:48-50* Sing saha nu unggul, baris meunang sabangsa kadaharan anu disebut: Manna Gaib jeung diganjar hiji batu putih, anu diukiran hiji ngaran anyar, anu hamo aya nu nyaho iwal ti anu narimana.” 18 “Tulis! Pikeun malaikat jamaah di Tiatira: Ieu pangandika ti Nu jadi Putra Allah, anu soca-Na moncorong, lir seuneu hurung; sampeana-Na gilap herang, lir suasa. 19 Kami nyaho lampah maneh. Maneh gede kanyaah, kandel iman, daek tutulung, tur sabar. Kami nyaho, eta kabeh ku maneh dilakonan leuwih ti nu enggeus-enggeus. 20 Tapi Kami aya cawadeun ka maneh: Awewe anu ngaran Isebel, anu ngaku-ngaku jadi nabi Allah, ku maneh diantep bae. Eta teh mapatahan teu bageur, ngagoda ka abdi-abdi Kami, ngajak ngaranyed jeung ngajak ngadahar sasajen pikeun brahala. 21 Eta awewe ku Kami geus dibere tempo, sangkan babalik pikir; tapi manehna euweuh euih-euihna, tetep bae rucah jinah. 22 Ku Kami baris dibeubeutkeun kana pangheesanana, diterapan kasakit. Sakur anu geus jinah jeung manehna ge baris diterapan lara anu parna, saupama henteu tobat tina rucahna jeung eta awewe. 23 Anak-anak eta awewe baris disina paraeh, sangkan jamaah nyaho, yen Kami teh estu awas kana saeusining hate jeung angen-angen manusa. Masing-masing ku Kami baris dibales satimpal jeung kalakuanana. 24 Anu lian-lianna, nya maraneh anu di Tiatira, anu henteu ancrub kana eta kalakuan aeb jeung henteu milu nyukcruk elmu anu disebut ‘Seluk-beluk rasiah Setan,’ ku Kami moal dimomotan kabeubeurat nanaon deui. 25 Tapi anu geus kapimilik ku maneh kudu dicekel sing pageuh, tepi ka Kami datang. 26 Sing saha nu unggul, jeung tigin nohonan parentah Kami nepi ka jucungna, ku Kami baris dikawasakeun murba ka bangsa-bangsa anu teu baroga Allah; 27 manehna rek sina nyangking iteuk beusi pikeun ngancurkeun nu teu baroga Allah tepi ka bubuk, lir pariuk remuk. 28 Manehna baris dibere kawasa, cara kawasa anu ku Kami katarima ti Kangjeng Rama, jeung diganjar Bentang Timur. 29 Mun rumasa boga ceuli, denge sakur anu diandikakeun ku Ruh ka jamaah-jamaah.”



3

1 “Tulis! Pikeun malaikat jamaah di Sardis. Ieu pangandika-Na anu kagungan tujuh Ruh Allah jeung tujuh bentang. Kami nyaho kaayaan maneh. Maneh kasebutna bae hirup, padahal paeh. 2 Nyaring! Omean anu bisa keneh diomean, memeh sagalana mudedes sama sakali. Sabab ku Kami kanyahoan, pagawean maneh teh dina pamendak Allah nu disembah ku Kami teu matak sugema. 3 Inget-inget deui, amanat naon anu bareto ku maneh kungsi kadenge jeung katarima. Turutkeun eta amanat sarta maneh kudu tobat. Upama maneh embung nyaring, pamohalan maneh nyaho kana pidatangeun Kami, nya eta saperti moal nyahona maneh kana pidatangeun bangsat. 4 Sukur, ti maneh anu di Sardis, aya keneh anu pamakena henteu kaceretan ku rereged. Eta layak leumpang ngarendeng jeung Kami, make papakean bodas beresih. 5 Sing saha nu unggul, baris dibere papakean anu bodasna ngeplak kitu; tur ngaranna, moal dicoret tina Kitab Kahirupan. Ngaran-ngaranna ku Kami baris diaku di payuneun Ama Kami jeung malaikat-malaikat-Na. Why. 20:12* 6 Mun rumasa boga ceuli, denge sakur anu diandikakeun ku Ruh ka jamaah-jamaah.” 7 “Tulis! Pikeun malaikat jamaah di Piladelpia: Ieu pangandika ti Nu suci tur sayakti, anu nyepeng sosi Daud, anu upama mukakeun hamo aya nu bisa meundeutkeun, upama meundeutkeun hamo aya anu bisa muka. 8 Kami nyaho lampah maneh. Kami nyaho tanaga maneh teu sabaraha. Kami nyaho maneh nuturkeun piwuruk Kami kalawan tigin. Maneh ku Kami geus dipangmukakeun lawang, hamo aya nu bisa meundeutkeun. 9 Dengekeun: Aya sababaraha urang jelema di maneh anu biluk ka Setan, ngaku-ngaku urang Yahudi padahal lain. Ku Kami baris diserenkeun sina sembah kuriling ka maneh, sina waleh ngaku yen maneh kanyaah Kami. 10 Maneh kuat ngalakonan parentah Kami, yen kudu tagen jeung tigin. Ku sabab eta, tangtu ku Kami diluputkeun tina kasangsaraan anu baris nyangkerem ka saalam dunya pikeun nguji sakabeh manusa. 11 Kami teh geus tereh datang. Pageuhan sing sakur anu geus kacekel. Kahade makuta maneh beunang karebut. 12 Saha anu unggul, ku Kami baris dijadikeun lir hiji tihang di karaton Allah nu disembah ku Kami tur moal incah balilahan deui ti dinya. Dirina ku Kami rek diukir ku jenengan Allah nu disembah ku Kami jeung ku ngaran kota panglinggihana-Na: Yerusalem Anyar, anu baris turun ti sawarga ti Allah nu disembah ku Kami. Kitu deui ngaran Kami anu anyar, seja diukir dina dirina. 13 Mun rumasa boga ceuli, denge sakur anu diandikakeun ku Ruh ka jamaah-jamaah.” 14 “Tulis! Pikeun malaikat jamaah di Laodikea: Ieu pangandika Sang Amin, Saksi Nu estu beunang dipercaya, cikal-Na ciciptan Allah. 15 Kami nyaho kaayaan maneh. Maneh teu panas teu tiis. Leuwih hade mun tiis atawa panas. 16 Ku sabab teu tiis teu panas tea, maneh ku Kami rek diburakeun! 17 Ceuk maneh: “Aing beunghar, mukti, euweuh kakurang!” Teu nyaho yen keur masakat, pikawatireun, nya muluntu nya lolong! 18 Nasehat Kami: Beuli emas ti Kami, emas tulen, supaya jadi beunghar. Beuli ti Kami papakean bodas ngeplak, pikeun mungkus eta awak nu bulucun matak aeb. Jeung beuli peureuh ti Kami, peureuhan eta mata malar awas. 19 Maneh ku Kami diseukseukan, diwarah, bawaning Kami nyaah. Kudu wayahna, geura tobat. 20 Ieu Kami ngetrokan. Ka anu ngadenge tur daek mukakeun panto, Kami seja asup baris dahar bareng didinya. 21 Sing saha anu unggul, baris dibawa diuk satahta jeung Kami, sakumaha Kami sanggeus unggul diuk satata satahta jeung Ama Kami. 22 Mun rumasa boga ceuli, denge sakur anu diandikakeun ku Ruh ka jamaah!”



4

1 Tutas titingalan anu eta, breh aya titingalan sejen. Aya panto di sawarga anu muka. Tuluy aya Nu ngagentra, lir sada sangkakala anu kadenge ti heula tea, ungelna: “Ka dieu unggah! Kami rek nembongkeun kajadian-kajadian saterusna!” 2 Harita keneh simkuring kapurba ku Ruh. Geus kitu, di sawarga simkuring ningal anu keur linggih dina hiji singgasana. 3 Pameunteu-Na mancur, lir permata yaspis jeung yakut. Singgasana-Na dikubeng ku katumbiri nu sumirat warna jambrut, 4 diputer ku dua puluh opat tahta anu dicaralikan ku dua puluh opat sesepuh anu ngaranggo anggoan bodas ngeplak jeung makuta emas. 5 Tina singgasana tea, bijil kilat tinggurilap, sada gugur tinggulugur. Di hareupeunana aya tujuh obor anu hurung, anu tinggalebur; eta teh tujuh Ruh Allah; 16:18* 6 jeung aya nu siga laut kaca ngagenclang, jeg kristal anu ngagenclang lumenggang. Sakuriling singgasana, unggal sisi, — tukang, hareup, kenca, katuhu — dikawal ku opat mahluk anu pinuh ku mata saluluarna. 7 Mahluk anu kahiji, bangunna, siga singa; nu kadua, siga anak sapi; nu katilu, beungeutna, siga beungeut jelema; nu kaopat, siga galudra eukeur ngalayang. 8 Opat-opatna, baroga genep jangjang tur luar jerona pinuh ku mata; opat-opatna, beurang peuting, teu eureun-eureun pupujian, pokna: “Suci, suci, suci Pangeran Allah Nu Murba Wisesa, Nu jumeneng ti bihari tug ka kiwari, jumeneng salalanggengna.” 9 Saban-saban eta mahluk nu opat maruji, ngahormat, sarta muji sukur ka Anu linggih dina singgasana, Nu jumeneng salalanggengna; 10 sesepuh anu dua puluh opat tea, sembah sujud ka Anu linggih dina singgasana, — Nu jumeneng salalanggengna — bari maruka makuta-makutana sarta arunjukan kieu: 11 “Nun Jungjunan, Allah Pangeran! Estu layak Gusti ngasta kaagungan, kahormatan, sareng kakawasaan. Reh nya Gusti nu nyiptakeun saniskara. Nya ku karana pangersa Gusti, pangna eta sadaya ayeuna aya.”



5

1 Di tengeneun Anu linggih dina singgasana aya gulungan kitab; dua beulahanana pinuh ku aksara tur disegel ku tujuh segel. 2 Hiji malaikat anu gagah cumeluk, sorana handaruan, “Saha anu layak mucat segel eta gulungan kitab?” 3 Boh di sawarga, boh di bumi, kitu deui di handapeun bumi, horeng can aya sama sakali anu bisa muka segelna jeung ngilik eusina eta gulungan kitab. 4 Ku lantaran taya pisan anu layak muka jeung ngilik eusina, segruk, simkuring ceurik bawaning ku nalangsa. 5 Tapi dicombo ku sesepuh nu saurang, saurna, “Ulah nalangsa. Aya anu pibisaeun muka tujuh segelna jeung muka gulunganana, nya eta Singa ti kaom Yuda anu pinunjul, seuweu Daud.” 6 Breh bae di tengah-tengah, hareupeun singgasana anu dikawal ku opat mahluk jeung sesepuh teh, aya Anak Domba anu jiga urut tapak dipeuncit. Tandukna, eta Anak Domba teh, aya tujuh; panonna ge kitu, aya tujuh; tah eta teh, roh-Na Allah anu tujuh tea, anu diutus ka sakuliah dunya. 7 Tuluy eta Anak Domba teh maju, nampanan gulungan tea tina panangan Anu linggih dina singgasana. 8 Geus kitu, opat mahluk jeung dua puluh opat sesepuh teh, sujud ka eta Anak Domba. Ari sesepuh anu dua puluh opat tea, nyarekel kacapi jeung pinggan emas anu dieusi ku barang seungit, nya eta paneda-paneda jalma-jalma saruci. 9 Aranjeunna ngawihkeun hiji pupujian anyar: “Nya Salira anu layak nampina, sareng muka segel-segelna. Rehing Salira parantos ditandasa; getih Salira dianggo nebus manusa ti saban kaom, saban basa, saban bangsa, katut seler-seler bangsa pikeun diwangsulkeun ka Pangeranna. 10 Sadayana dijadikeun hiji karajaan, dijadikeun imam-imam anu kumureb ka Allah nu disembah ku urang, anu baris nyakrawati di tonggong bumi.” 11 Ti dinya, breh aya malaikat mangrebu-rebu jeung mangjuta-juta; eta malaikat-malaikat teh, narangtung ngabudeur singgasana, mahluk nu opat, jeung parasesepuh; 12 breng pupujian, sorana ngageder: “Anak Domba nu geus ditelasan, layak nampi kakawasaan, kamuktian, kaluhungan, jeung kabedasan; enya eta Anak Domba teh layak nampi puji, kahormatan, sareng kamulyaan.” 13 Kitu deui mahluk-mahluk nu di sawarga, nu di bumi, nu di handapeun bumi, jeung nu di laut, — cindekna sakabeh pangeusi jagat raya — kabeh parupujian, pokna: “Sanggakeun ka Mantenna, Anu linggih dina singgasana, jeung ka Anak Domba, Puji jeung bakti, kamulyaan jeung kakawasaan, salalanggengna!” 14 Ditema ku mahluk anu opat: “Amin!” Brek, parasesepuh dareku.



6

1 Ti dinya, segel anu kahiji, ku Anak Domba dibuka. Mahluk anu kahiji, ti nu opat tea, ngucap tarik, lir sada gelap: “Ka dieu!” 2 Torojol hiji kuda bodas. Nu tumpakna nyikep gondewa, tuluy dibere makuta. Geus kitu, bral manehna iang: Tandang tanggoh, layak pikeun unggul pupuh. 3 Anak Domba muka segel nu kadua. Mahluk anu kadua, ngucap: “Ka dieu!” 4 Torojol hiji kuda beureum. Nu tumpakna dibere pedang gede jeung dibere kawasa pikeun nyabut karuntutan ti bumi, supaya manusa silih paehan. 5 Anak Domba muka segel nu katilu. Mahluk anu katilu, ngucap: “Ka dieu!” Torojol hiji kuda hideung. Nu tumpakna nyekel timbangan. 6 Ti tengah mahluk nu opat bijil ucapan, ungelna: “Tarigu sataker saharga buruh sapoe, gandum tilu taker saharga buruh sapoe. Tapi anggur jeung minyak, ulah diruksak!” 7 Anak Domba muka segel nu kaopat. Mahluk nu opat teh, bareng cumeluk: “Ka dieu!” 8 Torojol hiji kuda hawuk. Nu tumpakna, ngaranna Ajal sarta diiring ku Hades, Alam Maot. Heug manehna dibere kawasa kana saparapat dunya, sina ngundeur nyawa ku perang, paceklik, pagebug, jeung ku sato-sato galak. 9 Anak Domba muka segel nu kalima. Breh, ti kolong mezbah, bararijil nyawa-nyawa parasahid, anu diparaehan tina sabab nyangking jeung ngawawarkeun pangandika Allah. 10 Tuluy nyawa parasahid teh sasambat, sorana mani ngageder: “Nun Sajatining Gusti Nu Suci! Sakumaha deui lamina Gusti ngantep, teu ngabales naur getih abdi-abdi ka anu ngarancik di bumi?” 11 Maranehna dileler jubah bodas ngeplak, jeung ditimbalan sabar heula ngadago bari ngareureuh sakeudeung deui, nepi ka jangkepna katambahan ku dulur-dulurna sasama ngabdi, anu oge baris diparaehan cara maranehna. 12 Anak Domba muka segel nu kagenep. Der, aya lini gede kabina-bina sarta panonpoe jadi hideung ngabelegbeg; bulan jadi beureum lir getih; 13:24-25, Luk. 21:25, Why. 11:13, 16:18* 13 bentang-bentang murubut ragragan ka bumi, lir pepentilan anu digedag ku angin ribut; 14 langit nyinglid jiga anu digulungkeun; gunung-gunung jeung nusa-nusa ngalaleser tina tempatna; 15 bangsa manusa di bumi, raja-raja, gegeden-gegeden, jendral-jendral, nu baleunghar, nu garagah jeung nu lian-lianna, nu bubujang, nu merdika, masing-masing mararubus ka guha-guha jeung sela-sela cadas di gunung-gunung; 16 maranehna sasambat ka gunung-gunung jeung cadas-cadas: “Kuring urugan, bunian ti soca Anu linggih dina singgasana, jeung ti Anak Domba anu keur bendu! 17 Nya ayeuna waktuna aranjeunna nyieun wawales. Saha nu bisa tagen nyanghareupanana?”



7

1 Geus kitu, aya opat malaikat, narangtung di opat jihat bumi. Eta malaikat-malaikat nyerek angin bumi anu opat, teu meunang nebak ka daratan, lautan, atawa kana tatangkalan. 2 Breh deui hiji malaikat, unggah tina pangbijilan panonpoe nyekel cap-Na Allah Nu jumeneng. Eta malaikat, cumeluk ka opat malaikat anu dibere kawasa pikeun ngaruksak daratan jeung lautan tea; kieu cumelukna: 3 “Daratan, lautan, tatangkalan, ulah waka digempur; urang cap heula tarang abdi-abdi Allah nu disembah ku urang!” 4 Ku simkuring kadenge, jumblah anu geus dicap teh aya saratus opat puluh opat rebu urang ti sakabeh kaom Israil. 5 Anu dicap ti kaom Yuda dua belas rebu urang. Ti kaom Rubin dua belas rebu urang. Ti kaom Gat dua belas rebu urang. 6 Ti kaom Aser dua belas rebu urang. Ti kaom Naptali dua belas rebu urang. Ti kaom Menase dua belas rebu urang. 7 Ti kaom Simon dua belas rebu urang. Ti kaom Lewi dua belas rebu urang. Ti kaom Isaskar dua belas rebu urang. 8 Ti kaom Sebulun dua belas rebu urang. Ti kaom Yusup dua belas rebu urang. Ti kaom Binyamin dua belas rebu urang. 9 Ti dinya, simkuring ningal jelema mangpirang-pirang reana tanpa wilangan, — ti sagala bangsa, seler-seler bangsa, kaom-kaom, jeung basa-basa — narangtung payuneun singgasana jeung payuneun Anak Domba, marake jubah bodas ngeplak jeung nyarekel daun palem. 10 Breng bareng ngararucap, sorana ngageder: “Kasalametan urang asal ti pangersa Allah, anu linggih dina singgasana, jeung ti Anak Domba!” 11 Malaikat-malaikat anu rajeg sabudeureun singgasana, kitu oge parasesepuh jeung mahluk anu opat tea, — payuneun singgasana — bruk sarujud ka Allah; 12 breng, kabeh ngarucap: “Amin! Puja, puji, kaagungan, kaluhungan, pamuji sukur, kahormatan, kakawasaan, kawisesaan, salamina kagungan Allah nu disembah ku urang, salalanggengna. Amin!” 13 Hiji sesepuh mariksa ka simkuring, saurna, “Anu dijarubah bodas teh saha, jeung ti mana?” 14 Walon simkuring, “Sumuhun teu terang. Juragan anu langkung uninga.” Saurna deui, “Eta teh jelema-jelema anu tas dikaniaya kacida hebatna. Jubahna jadi barodas ngeplak sabab geus diseuseuh dina getih itu Anak Domba. 15 Kitu lantaranana, pangna ayeuna araya di dieu, di payuneun singgasana Allah. Beurang peuting ngabdi ka Mantenna di Bait-Na anu suci. Maranehna ditangtayungan ku Mantenna, anu linggih dina singgasana tea. 16 Maranehna moal kasorang deui ku lapar, moal ngarasa halabhab deui, moal karerab deui ku panasna panonpoe, atawa ku panas naon bae. 17 Sabab baris diaping ku Anak Domba nu aya di tengah-tengah singgasana, dituyun ka cinyusu kahirupan sarta cipanon maranehna ge, ku Allah, bakal dipupus.”



8

1 Barang segel anu katujuh dibuka; jep, sawarga jempling kira-kira satengah jam lilana. 2 Geus kitu, tujuh malaikat anu narangtung payuneun Allah tea, dibagi tujuh sangkakala. 3 Datang deui hiji malaikat anu mawa parukuyan emas, tuluy eta malaikat nangtung deukeut hiji mezbah; seug, ka eta malaikat dibere dupa loba pisan, anu kudu dikukuskeun dina mezbah emas payuneun singgasana tea, bareng jeung paneda jelema-jelema anu aribadah. 4 Haseup tina parukuyan ngelun, nyambuang bareng jeung paneda jelema-jelema nu aribadah, kahaturkeun ka lenggah Allah. 5 Ari parukuyan tea, ku eta malaikat, dieusian ruhak tina mezbah, terus diawurkeun ka bumi; tuluy bae disusul ku gelap tingbeledag, tinggulugur, jeung dibarengan ku kilat; jaba ti eta, bumi ge, inggeung ku lini. 6 Tujuh malaikat nu nyarekel sangkakala geus sadia-sadia. 7 Malaikat nu kahiji, niup sangkakalana: Breg, aya hujan es campur seuneu jeung getih ditamplokkeun kana beungeut bumi. Sapertilu taneuh, sapertilu tatangkalan, jeung sapertilu jujukutan nu keur harejo kahuru. 8 Malaikat nu kadua, niup sangkakalana: Breh, aya nu siga gunung ngajungkiring, hurung ku seuneu, dikunclungkeun ka laut; sapertilu laut ngajadi lautan getih. 9 Sapertilu mahluk nu hirup di laut, kitu deui sapertilu kapal-kapal, beak musna. 10 Malaikat nu katilu, niup sangkakalana: Hiji bentang anu kabina-bina gedena nyuruwuk ti langit bari hurung ngagugudag; breg, eta bentang, ninggang kana sapertilu walungan-walungan jeung sumber-sumber cai lianna. 11 Ieu bentang, ngaranna Apsintos anu hartina, pait. Cai anu katinggang ku eta bentang, jadi pait teu bisa diinum; akibatna, loba manusa nu paeh. 12 Malaikat nu kaopat, niup sangkakalana: Eta sora sangkakalana ngahantem sapertilu panonpoe, sapertilu bulan, sapertilu bentang-bentang nepi ka sapertilu cahayana leungit. Jaba ti eta sapertiluna beurang ge, henteu kacaangan; kitu deui sapertiluna peuting. 13 Ari di langit, aya hiji galudra anu keur ngalayang, — kacida luhurna — bari disada; sorana gede jeung aya unina: “Balai! Balai! Balai pangeusi bumi, upama tilu sangkakala malaikat sejenna deui enggeus ditiup!”



9

1 Geus kitu, malaikat nu kalima, niup sangkakalana. Tuluy aya hiji bentang anu ragrag ti langit ninggang ka bumi. Eta bentang diserenan sosi hiji guha anu jero (pangancikan roh-roh jahat). 2 Barang lawang eta guha dibuka, peledug bijil haseup, — pohara kandelna, kawas haseup tina pameuleuman gede — anu moekan panonpoe. 3 Ti jero eta haseup, merul simeut, — matih lir kalajengking — ambreg ka bumi. 4 Eta simeut-simeut teh, geus dibere parentah teu meunang ngaruksak bangsa jujukutan, tatangkalan, atawa tutuwuhan lianna; tapi ngan pikeun ngagalaksak ka manusa wungkul, anu dina tarangna henteu marake cap Allah. 5 Sanajan kitu, eta jelema-jelema teh henteu meunang nepi ka dipaehan; cukup ku disiksa, — dibere kanyeri kawas diseureud ku kalajengking — lilana lima bulan. 6 Di sajero lima bulan tea, jelema-jelema teh nareangan jalan pikeun paeh, tapi teu nimu. Paeh diteangan, tapi Paehna nyingkir. 7 Simeut-simeut tea, bangunna, siga kuda beunang ngararahaban ku dangdanan perang. Huluna, siga make makuta emas; beungeutna, siga beungeut jelema; 8 jeung baruukan, siga buuk awewe; huntuna, siga huntu singa; 9 dadana, siga nu make baju beusi; sora jangjangna, ngaguruh lir sada kareta perang anu ditarik ku kuda loba; 10 buntutna, siga buntut kalajengking jeung peurahan deuih; nya pikeun nyiksa jelema-jelema tea, lilana lima bulan. 11 Jeung aya rajana anu ngatur, nya eta malaikat guha tea; ngaranna dina basa Ibrani, Abadon, ari dina basa Yunani Apolion (hartina: Tukang ngamusnakeun). 12 Liwat balai nu ieu, aya dua rupa keneh balai. 13 Malaikat nu kagenep niup sangkakalana: Ti opat juru mezbah emas, — di payuneun Allah tea — 14 bijil parentah ka malaikat anu bieu niup sangkakala: “Bebaskeun opat malaikat anu ditahan di sisi walungan Ci-Eprat!” 15 Tuluy malaikat nu opat teh, dileupaskeun. Eta opat malaikat ditahan di dinya teh, diancokeun kana hiji wanci anu geus dipasti jamna, poena, bulanna, jeung taunna pikeun maehan sapertilu umat manusa. 16 Ti dinya, simkuring ningal aya wadyabalad gede kacida; bilanganana kadenge aya dua puluh juta urang. 17 Kabeh tarumpak kuda, dibaraju kere, warnana beureum euceuy, biru langit, jeung koneng walirang. Ari kudana, huluna siga hulu singa. Tina bangusna, bijilan seuneu, haseup, jeung walirang. 18 Ieu tilu rupa balai anu kaluar tina bangus-bangus kuda teh, nya eta seuneu, haseup, jeung walirang. Ngabalaikeun ka manusa, nepi ka sapertilu umat manusa paraeh. 19 Kasaktian eta kuda memang dina bangusna, jeung dina buntut-buntutna anu bangunna jiga oray haruluan, sarua ngaruksakna. 20 Manusa nu sakarina, anu teu paraeh ku eta bahla, tetep henteu euih-euih tina kalakuan masiatna. Angger bae nyararembah ka brahala, anu dijieunna tina emas, tina perak, tina parunggu, tina batu, jeung tina kai; nya jijieunan maranehna keneh: Arca anu teu nenjo teu ngadenge, jeung teu leumpang. 21 Angger bae maranehna resep maehan, resep sihir, resep rucah, sarta resep pulang-paling.



10

1 Ti dinya, simkuring ningal deui hiji malaikat anu gagah, turun ti sawarga. Eta malaikat teh diharudum ku mega; mastakana, dikukudung kuwung-kuwung; rarayna, gumebyar lir panonpoe; sampeanana, jeg pilar seuneu. 2 Pananganana, nyepeng gulungan kitab leutik beunang muka. Sampeanana, nu katuhu napak ka laut, nu kenca napak ka darat. 3 Eta malaikat ngagero handaruan, lir sada singa ngagaur, ditembalan ku tujuh guludug anu ngagulugur. 4 Sanggeus jempe, ku simkuring rek dituliskeun; tapi kaburu aya anu ngagentraan ti sawarga, ungelna: “Eta picatur tujuh guludug ulah dituliskeun. Kudu dirasiahkeun!” 5 Geus kitu, malaikat anu napak ka laut sarta napak ka darat tea, ngacungkeun panangan anu katuhu ka langit; 6 tuluy ngucapkeun sumpah demi Allah Nu jumeneng, anu ngadamel langit sapuratina, bumi sapuratina, jeung laut sapuratina: “Geus cunduk waktuna! 7 Engke, samangsa geus kadenge sangkakala anu baris ditiup ku malaikat nu katujuh, nya harita Allah seja ngabudalkeun rasiah putusan-putusana-Na, sakumaha anu geus diwartakeun ka paranabi, nya eta abdi-abdi Mantenna tea.” 8 Gentra nu tadi kadenge ti sawarga tea, ngagentraan deui ka simkuring: “Cokot ku maneh ka ditu gulungan kitab anu muka ti malaikat anu napak ka laut jeung ka darat!” 9 Tuluy simkuring indit, nyuhunkeun eta gulungan kitab ka eta malaikat. Ari saurna: “Heh tampanan, tuluy hakan! Eta gulungan kitab teh di jero beuteung mah rasana pait, tapi dina sungut amis asa madu!” 10 Eta gulungan kitab ku simkuring ditampanan, terus didahar. Enya dina sungut mah, amisna, asa madu; tapi barang geus di jero beuteung, pohara paitna. 11 Geus kitu, simkuring dipiwarang kieu: “Sakali deui, maneh kudu ngembarkeun pangandika Allah ka bangsa-bangsa nu loba, ka seler-seler bangsa anu basana rupa-rupa, jeung ka raja-raja!”



11

1 Ti dinya, simkuring dibere hiji tumbakan, jiga iteuk. Tuluy simkuring dipiwarang kieu: “Geura ukur Bait Suci katut mezbahna; terus itung jelema anu keur ngajalankeun ibadah di dinya. 2 Buruan luarna kudu diiwalkeun, ulah diukur; sabab geus diserenkeun ka anu teu nyarembah ka Allah, anu bakal ngidek-ngidek Kota Suci, opat puluh dua bulan lilana. 3 Kami baris ngutus dua saksi Kami, sina ngembarkeun pangandika bari marake karung, sarebu dua ratus genep puluh poe lilana.” 4 Eta dua saksi teh, — nya eta dua tangkal jetun jeung dua obor anu pernahna di payuneun Gustining sabumi alam tea — 5 sungutna, bisa ngabijilkeun seuneu pikeun ngahuru ka anu niat jail ka dirina. Ku sabab eta, sing saha bae anu jahat ka eta dua saksi, geus tangtu paeh kaduruk. 6 Maranehna barisaeun meundeutan langit, supaya salila maranehna ngajalankeun kawajiban ulah turun hujan. Maranehna oge barisaeun ngarobah cai jadi getih atawa ngagebug bumi ku rupa-rupa musibat, iraha bae niatna. 7 Sanggeus kawajibanana rengse, maranehna baris tarung jeung Sato anu bijil tina gorowong bumi sarta baris kasoran nepi ka tiwas duanana. 8 Mayitna baris ngajaloprak di jalan raya, dihiji nagara gede, nya eta nagara anu geus nyalibkeun Gusti Jungjunan maranehna. Ngaran samaran eta nagara: Sadumu atawa Mesir. 9 Mayit dua saksi teh didareugdeug ku jalma-jalma, — ti saban nagara, saban bangsa nu basana rupa-rupa, seler-seler bangsa — lilana tilu satengah poe; eta mayitna teh, ku eta jelema-jelema, henteu meunang dimakamkeun. 10 Ku sabab duanana geus paraeh, jalma sadunya aratoh, pararesta bari silih kiriman kagegelan; sabab eta dua nabi teh, pikeun maranehna mah, ngajadi hiji siksaan. 11 Sanggeus meunang tilu poe satengah, ku kersaning Allah, napasna eta dua saksi teh, arasup deui kana kurungan, terus hararudang deui. Nu narenjo eta kajadian teh, nepi sarieuneun. 12 Geus kitu, aya anu ngagentraan ti sawarga: “Hiap unggah!” Tuluy duanana arunggah ka sawarga dina hiji mega, dipalencrong ku musuh-musuhna. 13 Der, harita keneh aya lini gede teu kira-kira, nepi ka saperpuluh eta nagara ancur sarta anu paraeh nepi ka tujuh rebu urang. Anu harirup keneh pada katarajang baluas kabina-bina, seug masing-masing ngaku kana kaagungan Allah nu di sawarga. 14 Balai anu kadua geus liwat, balai anu katilu tereh nyusul! 15 Ti dinya, malaikat anu katujuh, niup sangkakalana: Harita keneh, di sawarga aya sora ngageder, nyarebut: “Alam dunya, ayeuna jadi purbaan Allah nu disembah ku urang katut Anjeunna anu geus diistrenan ku Mantenna, nya eta anu baris ngarajaan salalanggengna!” 16 Dua puluh opat sesepuh anu caralik dina tahta payuneun Allah, bruk sarujud; 17 tuluy bareng mariunjuk: “Nun Pangeran, Allah Nu Murba Wisesa, Anu jumeneng kiwari, anu jumeneng bihari! Sembah sewu-sewu sukur, Gusti ngasta kawasa rohaka, kiwari Gusti Nu nyakrawati. 18 Bangsa-bangsa anu henteu daraek sumembah, pada narembongkeun amarah. Nanging wawales ti Gusti parantos nitih ka wanci: Ngaragragkeun hukum ka nu paraeh, ngaganjar ka paraabdi, nabi-nabi sareng jalmi nu saruci, anu ngaraos gimir ku Gusti, boh nu aya harkat, boh nu tuna harkat. Ayeuna ninggang mangsana, ngabasmi maranehna, anu ngaruksak jagat buana.” 19 Sanggeus kitu, bray Bait Suci di sawarga muka. Peti Perjangjian Allah anu disimpen di dinya katembong. Kilat-kilat tingkerelep, guludug ngaguruh pating gulugur, dibarung ku lini jeung hujan es anu pohara hebatna.



12

1 Geus kitu, di langit aya hiji totonde nu kacida ahengna. Aya hiji awewe anu papakeanana panonpoe; sukuna ngadampal bulan; sirahna make makuta dua belas bentang. 2 Eta awewe teh rek ngajuru sagebroleun, mani ngoceak awahing ku nyeri ngahaeutkeun kana gebrol. 3 Aya deui kaahengan sejen di langit: Aya naga anu kacida gedena, beureum burahay, huluna tujuh, tandukna sapuluh, jeung unggal huluna make makuta. 4 Buntutna dipake ngaranggeum sapertiluna bentang-bentang di langit, tuluy dibabetkeun ka bumi. Geus kitu, eta naga ngadangong hareupeun nu rek ngajuru; karepna rek nyapluk orok upama enggeus kaluar. 5 Brol, awewe teh ngajuru, orokna lalaki. Ieu orok teh bakal murba ku iteuk beusi ka sakabeh bangsa. Harita, dumadakan, orokna teh aya anu ngejatkeun ka Allah pikeun dibawa ka singgasana-Na. 6 Ari indungna mah, ngejat ka alas kikisik. Satuluyna, eta awewe teh matuh dihiji tempat: Kenging Allah nyayagikeun sarta bakal dibayuan didinya, pililaeunana sarebu dua ratus poe. 7 Geus kitu, di sawarga aya perang. Mikail jeung malaikat-malaikatna tarung ngayonan naga sawadya baladna. 8 Naga kasoran, teu bisa deui ngancik di sawarga. 9 Naga, si oray kahot, — anu ngaranna Iblis atawa Setan anu nyasabkeun saalam dunya — ditotogkeun ka bumi katut sawadya baladna. 10 Geus kitu, di sawarga aya sora anu ngaguruh, anu ngarucap: “Kasalametan kagungan Allah ayeuna enggeus gumelar. Allah geus mintonkeun kawasa-Na nawiskeun Mantenna Raja. Kitu oge Anjeunna, anu diistrenan ku Mantenna, geus mintonkeun yen nyangking pamarentahan. Tukang istori, anu beurang peuting gawena ngelak-ngelakkeun dulur-dulur urang ka Allah, geus dipiceun ti sawarga. 11 Dulur-dulur urang geus unggul, bisa ngelehkeun manehna, berkah getih-Na Anak Domba, jeung ku kayaktian anu diwawarkeunana, tur tarungna toh pati jiwa raga. 12 Ku sabab eta, sing gerah, eh sawarga, kitu deui aranjeun anu ngarancik di dinya! Balai maneh, bumi jeung laut! Iblis geus turun ka tempat maneh, ambekna kaliwat saking, dumeh ngarasa geus meh kasedek ku waktu.” 13 Barang Naga tea eling, yen geus ditotogkeun ka bumi; sebrut, eta naga, ngudag ka awewe anu ngajurukeun budak lalaki tea. 14 Tapi eta awewe teh, ku Allah dipaparin jangjang galudra; tuluy eta awewe disina hiber ka alas kikisik, urutna bareto: Meunang tilu taun satengah di dinya, dibayuan jeung dijaga tina ancaman Naga. 15 Ti dinya, Naga teh nyebrotkeun cai tina sungutna anu ngajadi walungan banjir; maksudna mah, sina ngalegleg ka awewe tea. 16 Tapi bumi nulungan ka eta awewe, wag calangap, walungan buatan Naga teh dicapluk. 17 Bawaning ku gemes ka eta awewe, leos, Naga teh indit: Arek nempuh kana sesa turunan eta awewe, nya eta jelema-jelema anu iman kana dawuhan Allah jeung nyarekel kana pertelaan Isa. 18 Tuluyna mah, Deg, Naga teh nangtung di sisi basisir.



13

1 Geus kitu, Jebul, ti laut hiji sato hanjat ka darat. Huluna tujuh, tandukna sapuluh; dina unggal-unggal tanduk aya makuta; ari huluna, masing-masing ditulisan hiji ngaran anu ngahina; 2 awakna, siga maung tutul; sukuna, siga suku biruang; bangusna, siga bangus singa. Seug ku Naga diserenan pangawasana, kapangkatanana, jeung kagagahanana. 3 Huluna, salahsahijina, aya raheutna bangun matak paeh, tapi bet bisa cageur deui. Saeusi dunya mani hookeun, seug sato teh ditaluturkeun. 4 Jelema-jelema kabeh muji ka Naga, anu geus mere kakawasaan ka eta sato; tuluy eta sato teh, disembah-sembah. Ceuk maranehna: “Saha nu bisa nandingan tur kuat ngalawan eta sato?” 5 Eta sato dibere kabisa kana susumbar, ngaburulakeun ucap-ucap jahat, opat puluh dua bulan lilana. 6 Seug mimiti nangtang ka Allah, nyacampah jenengana-Na, ngahina kana kasucian panglinggihana-Na, jeung ka sakur anu ngarancik di sawarga. 7 Jeung deui, eta sato teh, dibere idin merangan jeung ngelehkeun umat Allah; tur dibere kawasa oge pikeun ngajajah ka kaom-kaom, seler-seler bangsa, bangsa-bangsa, jeung basa-basa. 8 Jelema saalam dunya baris nyarembah ka dinya. Anu karitu teh, ngan ukur jelema-jelema anu ngaranna ti barang dunya dijadikeun geus henteu katuliskeun dina kitab hayat cangkingan Anak Domba anu dipeuncit tea. 9 Ku sabab eta, nu rumasa boga ceuli kudu ngadenge! 10 Anu pastina kudu kaboyong tangtu kaboyong; anu pastina dipaehan ku pedang, tangtu paeh ku pedang. Lebah dieu pentingna, jelema anu aribadah teh kudu tabah nyekel imanna. 11 Breh deui, aya sato anu kadua. Bijilna ti jero bumi. Ieu sato, boga dua tanduk anu bangunna siga tanduk anak domba jeung bisa ngomong kawas Naga tea. 12 Seug, eta sato, ngajalankeun sagala pangawasa sato anu kahiji di hareupeunana. Ieu sato teh ngalantarankeun bumi sakuliahna katut jelema-jelema anu ngeusianana, nyarembah ka sato anu kahiji, anu raheutna cageur deui tea. 13 Ieu sato anu kadua teh, nembongkeun kaahengan-kaahengan anu hebat ka manusa, malah bisa nyieun hujan seuneu ti langit. 14 Ku jalan nembongkeun kaahengan-kaahengan anu wenang dijalankeun dihareupeun sato anu kahiji, ieu sato teh, bisa nyasabkeun manusa-manusa anu ngarancik di bumi sarta marentah arca pikeun ngahormat sato anu huluna raheut cageur deui tea. 15 Tur eta sato teh boga pangawasa ngahirupkeun eta arca, nepi ka arcana bisa ngomong ngaragragkeun hukum pati ka anu embung nyembah. 16 Malah nyieun aturan anu keras pisan, yen sakabeh jelema gede leutik, anu beunghar anu miskin, nu merdika anu kumawula, kudu marake tanda dina leungeun katuhu jeung dina tarang. 17 Jelema anu teu boga eta tanda, — nya ngaran eta sato atawa angka perlambang ngaranna — henteu meunang barang beuli atawa barang jual. 18 Ieu teh siloka, jadi urang kudu lantip jeung surti. Anu surti mah, bisa nyaho kana angka bilanganana; sabab bilanganana teh, nuduhkeun ngaran hiji manusa. Angkana teh: Genep ratus genep puluh genep.



14

1 Geus kitu, breh, Anak Domba tea ngadeg di Gunung Sion. Eta Anak Domba teh disarengan ku saratus opat puluh opat rebu jelema, anu tarangna masing-masing ditulisan jenengan Anjeunna jeung jenengan Rama-Na. 2 Di sawarga kadenge aya anu ngaguruh, lir sada curug gede jeung sada gulugurna guludug. Ari sorana tinanding kacapi loba anu keur ditabeuh. 3 Jelema anu saratus opat puluh opat rebu tea nyanghareup ka singgasana, ka mahluk nu opat, jeung ka dua puluh opat sesepuh. Breng ngawihkeun hiji pupujian anyar. Anu bisa ngawihkeun eta pupujian teh, ngan maranehna wungkul, nya eta anu geus ditebus ti dunya. 4 Da maranehna mah, hirupna teh henteu ngotoran dirina ku awewe-awewe, suci kawas parawan. Maranehna ngingiring bae ka Anak Domba tea ka mana bae. Kabehna beunang nebus ti antara manusa, dijadikeun cikal-cikal anu pangheulana disanggakeun ka Allah jeung ka Anak Domba. 5 Maranehna mah, tara pisan ngucapkeun bohong, beresih taya kuciwana. 6 Breh deui, aya hiji malaikat keur ngalayang di angkasa, mawa Injil abadi, embarkeuneun ka pangeusi bumi: Ka sakabeh bangsa, seler-seler bangsa, kaom-kaom, jeung ka rupa-rupa basa. 7 Seug eta malaikat cumeluk: “Masingna gimir ku Allah! Agungkeun Mantenna! Sabab ayeuna, enggeus mangsana Mantenna nerapkeun hukum adil-Na. Geura sumembah ka Mantenna anu ngajadikeun langit, bumi, laut, jeung sakabeh sumber cai!” 8 Breh, aya deui hiji malaikat, nu kadua, nyusul bari cumeluk: “Geus tumpur! Geus tumpur Babul nagara gede, tukang ngaloloh bangsa-bangsa ku lampah kamasiatanana!” 9 Breh, aya hiji deui malaikat, nu katilu, nyusul anu kadua bari cumeluk: “Anu nyarembah ka sato jeung ka arcana, anu marake tandana dina tarang jeung leungeun, 10 bakal dicekok ku anggur bebendu Allah, keras teu dicampur ku nanaon! Anggur bebendu Allah geus dicicikeun kana lumur bebendu-Na! Maranehna baris disiksa ku seuneu walirang, disaksian ku malaikat-malaikat saruci jeung ku Anak Domba. 11 Haseup seuneu panyiksana, meledug salalanggengna. Nu nyarembah ka sato katut arcana, jeung anu marake tanda ngaranna, baris disiksa beurang peuting teu eureun-eureun!” 12 Ieu ngingetan ka anu aribadah, anu nurut kana timbalan Allah jeung satia ka Isa, supaya tigin dina imanna. 13 Geus kitu, simkuring digentraan ti sawarga, saur-Na: “Tuliskeun: Ti semet ayeuna, estu bagja anu paehna dina kamanunggalan jeung Gustina.” Diwaler ku Ruh: “Saestuna! Maranehna baris reureuh tina kacape; ganjaran tina buah-buah pagaweanana anu hade, tangtu baris katarima.” 14 Breh, aya mega bodas. Dina eta mega aya nu calik, mangrupi manusa. Mastaka-Na, nganggo makuta emas; panangana-Na, nyepeng arit seukeut. 15 Breh deui, aya hiji malaikat kaluar ti Bait Suci; tuluy eta malaikat cumeluk ka Nu calik dina mega bodas: “Sumangga pibuateun geura kawitan, babad ku arit. Bumi parantos asak, parantos waktosna dipibuatan!” 16 Anu calik dina mega ngababadkeun arit-Na, bumi mimiti dipibuatan. 17 Breh, aya hiji deui malaikat, anu kaluar ti Bait Suci di sawarga. Ieu oge mawa arit. 18 Aya keneh hiji deui malaikat anu purah ngajaga seuneu; eta malaikat teh, kaluar ti jero mezbah, cumeluk ka malaikat nu nyekel arit: “Arit andika geura gunakeun, pake mupu buah anggur, keureutan ranggeuyanana sabab geus arasak!” 19 Tuluy malaikat teh ngulangkeun aritna ka bumi, ngeureutan ranggeuyan anggur. Buah anggurna dialung-alungkeun kana bak pameresan anu gede pisan anu jadi perlambang bebendon Allah. 20 Anggur teh, diperes di luar kota; tapi barang diperes, nu kaluar tina pameresan teh getih, anu nepi ka jadi walungan getih: Panjangna tilu ratus kilometer, jerona sameter satengah.



15

1 Geus kitu, aya deui hiji totonde anu aheng, di langit: Agung sarta matak helok kabina-bina. Aya tujuh malaikat, mawa tujuh rupa balai anu panganggeusan, nya eta kanyataan anu panutup tina bebenduning Allah. 2 Breh, aya anu jiga laut kaca pagalo jeung seuneu. Jelema-jelema anu geus ngelehkeun sato, arcana, katut nu make cap angka-angka lambang tina ngaranna tea, narangtung di sisi eta laut kaca, nyarekel kacapi ti Allah. 3 Breng ngawihkeun pupujian Musa, — abdi Allah tea — jeung pupujiana-Na Anak Domba: “Nun Pangeran, Allah Nu Murba Wisesa, padamelan Gusti agung aheng teu aya bandingna! Nun Rajaning sadaya bangsa, jalan Gusti estu adil tur sayaktosna! 4 Saha anu teu gimir ku Gusti? Saha anu moal ngaku kaagungan Gusti? Anging Gusti Anu suci. Bangsa-bangsa sadayana baris darongkap sumembah, wireh padamelan Gusti anu adil, nyata kasaksi ku sadayana.” 5 Ti dinya, katingal Bait Suci nu di sawarga, muka; breh, anu aya di jerona katembong. 6 Tujuh malaikat anu mawa tujuh rupa balai, kalaluar ti Bait Suci; papakeanana ngeplak bodas jeung harerang; dadana, marake beulitan emas. 7 Salah sahiji mahluk nu opat tea, ngabagikeun tujuh pinggan emas, — anu dieusi ku bebenduning Allah Anu jumeneng salalanggengna — ka malaikat anu tujuh tea. 8 Geus kitu, Bait Suci teh pinuh ku haseup ku karana kaagungan jeung kakawasaan Allah. Teu aya saurang-urang acan anu bisa asup ka dinya: Samemeh balai anu tujuh rupa anu dicekel ku tujuh malaikat tea, dilaksanakeun kabeh.



16

1 Ti jero Bait Suci aya Nu ngagentra, handaruan; nimbalan ka malaikat anu tujuh tea: “Geura bral! Eusi tujuh pinggan bebendu Allah teh, tamplokkeun ka bumi!” 2 Bral, nu kahiji, indit; eusi pingganna, ditamplokkeun ka bumi. Seug jelema-jelema anu marake cap sato jeung nyarembah ka arcana tea, awakna pinuh ku bisul, nya jahat, nya nyeri kabina-bina. 3 Malaikat nu kadua, eusi pingganna, ditamplokkeun ka laut. Seug cai laut robah, badis getih jelema anu geus paeh. Tuluy mahluk-mahluk nu hirup di laut, kabeh, paraeh. 4 Malaikat nu katilu, eusi pingganna, ditamplokkeun ka walungan-walungan jeung sumber-sumber cai. Bruy caina ngajadi getih. 5 Malaikat anu nyangking cai, nyoara: “Nun Anu kalangkung nya suci! Gustining kiwari Gustining bihari! Hukum Gusti estu adil. 6 Parantos sawajarna tukang-tukang ngocorkeun getih umat Allah sareng nabi-nabi teh, ku Gusti diinuman deui getih!” 7 Tina mezbah oge bijil soara: “Saestuna, nun Allah Nu Murba Wisesa! Hukum Gusti adil tur sayakti!” 8 Malaikat nu kaopat, eusi pingganna, ditamplokkeun kana panonpoe. Sebret panonpoe ngaluarkeun panas luar biasa pikeun ngagarang manusa. 9 Seug jelema-jelema kagarang ku panonpoe, tuluy maranehna nyarumpahan ka Allah anu kagungan kawasa ngaragragkeun eta balai. Tapi manusa teh, teu aya euih-euihna: Ulah bon muji kana kaagungan Allah. 10 Malaikat anu kalima, eusi pingganna, ditamplokkeun kana tahta sato tea. Reup, wilayah kakawasaanana ngajadi poek sarta jelema-jelema katarajang ku nyeri anu kabina-bina, nepi ka pating pereket ngegelan letah sorangan. 11 Seug nyarumpahan ka Allah nu di sawarga lantaran aral ku kanyeri sarta awakna pinuh ku bisul tea: Tobat mah henteu! 12 Malaikat nu kagenep, eusi pingganna, ditamplokkeun ka hiji walungan gede, nya eta Ci Eprat. Set, eta Ci Eprat, saat ngoletrak sarta jadi pijalaneun raja-raja ti tatar wetan. 13 Seug tina sungut Naga, tina sungut sato, jeung tina sungut nabi palsuna aya tilu roh najis kaluar, bangunna jiga bangkong; 14 eta teh roh-roh setan, anu nyarieun kaahengan-kaahengan. Terus ngulayab ka sakuliah dunya, ngadatangan raja-raja, arek dibawa sakait kana hiji perang dina poe anu agung, Poening Pangeran Nu Murba Wisesa. 15 Mangka waspada! Kami datang mo kasangka-sangka, lir waktu datang bangsat. Untung sing saha nu nyaring terus; tur geus saged lengkep dangdanan, moal kaberedeg, kudu indit ditataranjang, jadi tongtonan batur. 16 Roh-roh najis tea, ngerid raja-raja ka hiji tempat anu ngaranna dina basa Ibrani: Armagedon. 17 Malaikat nu katujuh, eusi pingganna, ditamplokkeun ka awang-awang. Tina singgasana nu aya di Bait Suci, aya Anu ngagentra handaruan: “Geus laksana!” 18 Der, kilat pating burinyay, guludug pating gulugur, jeung aya lini anu teu kira-kira gedena. Ti sabarang manusa dijadikeun, can aya lini anu sakitu gedena. Panghebat-hebatna lini! 19 Nagara gede tea, nepi ka beulah tilu. Kabeh kota-kota anu teu baroga Allah, ancur lebur. Nagara Babul Raya teh, geus leungit tina emutan Allah. Nya harita, ku Mantenna digelekgek ku anggur bebendu-Na anu dibahekeun tina lumur wawales-Na. 20 Pulo-pulo leungit musna; gunung-gunung, kabeh, sirna. 21 Breg hujan es, — anu beuratna tiap-tiap keclak opat puluh kiloan — ngaburubut ti langit ninggangan ka manusa. Hujan es anu pohara ngabalaikeunana, nepi ka jelema-jelema teh nyarumpahan ka Allah.



17

1 Hiji ti antara tujuh malaikat anu nyarangking pinggan balai tea, nyampeurkeun ka simkuring, bari saurna: “Ka dieu! Urang nenjo hukuman anu baris dikeunakeun ka awewe ratuning palacuran, nya eta nagara gede anu di sisi walungan gede tea. 2 Raja-raja sakuliah jagat, kabeh, geus lalacur jeung manehna. Jelema saalam dunya ge, geus marabok ku anggur palacuranana.” 3 Geus kitu, lelembutan simkuring dibawa ku malaikat ka alas kikisik. Di dinya, aya hiji awewe keur diuk numpakan hiji sato anu beureum euceuy, anu pinuh ku tulisan ngaran-ngaran anu sipatna ngahina. Satona, huluna tujuh tandukna sapuluh. 4 Warna papakean eta awewe, wungu jeung beureum euceuy, pinuh ku perhiasan emas, permata, jeung mutiara. Leungeunna nyekel mangkok emas, pinuh ku rereged kamasiatanana. 5 Dina tarangna aya tulisan rasiah, anu pihartieunana: “Babul Raya, indung ungkluk, sarta bibit rurujiting bumi.” 6 Manehna keur mabok ku getih umat Allah jeung ku getih jelema-jelema anu sumpah satia ka Al Masih. Simkuring ngarasa heran kabina-bina. 7 Saur malaikat ka simkuring, “Naha andika heran? Ku kaula rek dibejakeun rasiahna eta awewe; kitu deui sato tutumpakanana, anu huluna tujuh tandukna sapuluh. 8 Eta sato anu katenjo, bareto teh hirup, tapi ayeuna mah geus ngiles. Tapi engke, eta sato, baris muncul deui, — ti jero guha tea — sarta baris binasa ku polahna. Jalma-jalma pangeusi bumi, anu ti barang dunya mimiti dijadikeun ngaranna teu dicatet dina kitab Kahirupan, bakal hareraneun nenjo eta sato. Sabab eta sato anu geus ngiles teh, bet muncul deui. 9 Hal eta teh, bisana kaharti ngan ku nu lantip jeung surti. Huluna anu tujuh teh, hartina, tujuh gunung pangancikan eta awewe jeung nuduhkeun tujuh raja. 10 Nu lima diantarana geus tijungkel, nu kagenep jeneng keneh, ari nu katujuh acan aya; tapi mun geus aya, jenengna moal lila. 11 Ari eta sato anu asal aya, tapi tuluy ngiles teh, nya eta perlambang raja nu kadalapan anu milu ka golongan anu tujuhan tea sarta eta oge baris binasa. 12 Ari hartina sapuluh tanduk, nuduhkeun sapuluh raja nu acan jeneng. Engkena baris bareng jeung sato tea jaradi raja, tapi lilana ngan sajam. 13 Tujuan ieu sapuluh raja, ngan sarupa, nya eta rek nyerenkeun kakawasaan jeung wewenangna ka sato tea. 14 Maranehna bakal merangan Anak Domba. Tapi nu unggul mah, Anak Domba tea katut parapanganut-Na nu satia; sabab Anjeunna teh, Gustining sagala gusti, Rajaning sagala raja.” 15 Saurna deui ka simkuring, “Walungan-walungan anu ayeuna katenjo, anu jadi tempat awewe palacuran tea, nuduhkeun bangsa-bangsa, rayat murba, kaom-kaom, katut basana masing-masing. 16 Eta awewe, baris dipikaijid ku tanduk anu sapuluh jeung ku satona; sagala kakayaanana dijabel, awakna ditaranjangan, dagingna diharakan, terus diduruk ku seuneu tepi ka beak. 17 Sabab hate maranehna, ku Allah dikersakeun boga maksud anu sarua pikeun ngalaksanakeun tujuan Mantenna, nya eta disina nyerenkeun karajaan eta awewe ka sato tea, nepi ka pangandika Allah bukti laksana. 18 Ari eta awewe, hartina, nuduhkeun nagara gede tea, anu marentah raja-raja saalam buana.”



18

1 Sanggeus eta, breh aya malaikat sejen, turun ti sawarga; ieu malaikat teh, gagah perkosa. Cahaya kamulyaanana, sumirat ka sajagat buana. 2 Tuluy eta malaikat cumeluk handaruan: “Geus rugrug! Babul nu sohor teh geus rugrug! Geus jadi panonoban setan-setan, tempat nyilib roh-roh najis, tempat kumbuh manuk-manuk nu gareuleuh piijideun. 3 Sabab geus nyekok bangsa-bangsa ku anggur kamasiatanana anu pohara ngaruksakna. Raja-raja di saalam dunya geus marilu lacur ka dinya. Napsuna nu taya kaseubeuhanana geus ngabeungharkeun ka parasudagar!” 4 Geus kitu, aya deui sora sejen anu datangna ti sawarga: “He umat Kami, geura kaluar ti dinya, ulah kabaud kana dosana, bisi kabawa cilaka. 5 Sabab dosana geus sundul ka sawarga, kajahatanana hamo diantep ku Allah. 6 Geura bales sakumaha kalakuanana ka maraneh. Bales dua kalieun. Eusian lumurna ku anggur anu kerasna dua kalieun ti anggur anu ku eta arek dicekokkeun ka maraneh. 7 Siksa sarta nalangsakeun, satimpal jeung kamulyaan kasenanganana tadina. Sabab ceuk pangrasana: ‘Tenjo ieu aing ratu! Aing lain randa. Aing moal pernah nyaho disusah!’ 8 Ku sabab eta, balaina geus nuturkeun, wawalesna rek disapoekeun, diragragan panyakit, kalaraan jeung kalaparan. Dirina ge bakal diduruk, dihakan seuneu; nandakeun yen Pangeran, Allah, — anu mutus perkarana — Mahaperkosa!” 9 Raja-raja sabuana, anu geus kapincut ku dayaning napsuna eta awewe nepi ka lacur jeung manehna, baris midangdam aluk-alukan, nyeungceurikan kota anu eukeur ngabulak-bulak ku seuneu, haseupna pating peledug. 10 Maranehna narenjokeun ti kaanggangan sabab gimir ku eta balai. Aromongna: “Nya pohara! Babul nu sohor nu tohaga! Ngan ukur sajam, andika tumpes sapisan!” 11 Parasudagar sadunya kabeh marilu ngaheruk, lantaran moal bisa dagang deui jeung manehna. 12 Barang-barang dagangan nu aya di dinya geus hamo aya nu meuli deui: emas, perak, inten, mutiara, lawon lenen, lawon wungu, sutra, sakelat, barang-barang tina kai, tina gading, tina kayu kelas satu, tina parunggu, tina beusi, tina marmer, 13 kayu manis, bungbu-bungbu, seuseungitan, menyan, emur, anggur, minyak, tipung, gandum, sapi, domba, kuda, kareta, budak-budak beulian, malah nyawa manusa pisan. 14 Ceuk eta parasudagar: “Barang-barang kahasilan anu dipicangcam ku anjeun, ayeuna kabeh geus musna. Nu aralus nu arendah sarta sakitu lobana, ayeuna kabeh geus sirna, hamo kapimilik deui!” 15 Ari sudagar-sudagar anu geus baleunghar ku bati dagang jeung eta kota, ukur nareuteup ti kajauhan; lantaran gimir ku balai, nu nyorang ka eta kota. 16 Aromongna deui: “Nya pohara! Cilaka kabina-bina eta kota anu sakitu gedena! Urut midang saban poe ku pakean nu harade, tina lenen, lawon wungu reujeung sakelat, jeung reuceum ku perhiasan emas inten jeung mutiara! 17 Kakayaan sakitu lobana ayeuna di jero sajam ledis beresih pisan!” Nangkoda-nangkoda, pagawe-pagawe kapal, kalasi-kalasi, kitu deui anu pakasabanana di laut, 18 tingkoceak ti kajauhan barang narenjo eta kota keur ngagegedur kahuruan, haseupna mulek ka awang-awang. Aromongna: “Eta kota euweuh nu mapakan!” 19 Seug maranehna ngawurkeun lebu kana sirah bari micangcam: “Lebar temen ku eta kota! Nasibna matak ginggiapeun! Urut sakitu ngabeungharkeunana ka parajuragan kapal ku barang-barangna anu aralus, ayeuna geus tumpes di jero sajam!” 20 He sawarga, kitu deui umat Allah, rasul-rasul jeung paranabi! Masing barungah! Tukang nyiksa aranjeun, ayeuna ku Allah enggeus dihukum! 21 Ti dinya, hiji malaikat ngangkat batu gede naker, sagede batu panggilingan; tuluy eta batu, ku malaikat teh dibalangkeun ka laut, bari cumeluk: “Kieu petana maneh, Babul Raya, baris dibalangkeun, moal katenjo-tenjo deui ku manusa. 22 Sora kacapi, sora kawih, sora suling jeung tarompet, di maneh geus hamo kadenge deui. Geus moal aya deui pagawe, moal aya deui sora panggilingan! 23 Moal nenjo-nenjo deui sinar lampu. Moal kadenge deui gerendengna panganten anyar. Sudagar-sudagar maneh anu pangjegud-jegudna di sakuliah bumi, kitu deui rayat maneh sagemblengna, ku maneh enggeus disihir nepi ka salalasar!” 24 Eta kota teh geus ngajagal nabi-nabi, paraumat Allah, jeung parasahid lianna.



19

1 Geus kitu, di sawarga aya sora mani ngageder, sora pupujian jalma loba, pokna: “Muji sukur ka Allah! Haturkeun ka Mantenna: Kawilujengan, kamulyaan jeung kakawasaan. 2 Putusan Mantenna adil saestu. Indung palacuran, anu jahat ngaruksak buana, tur geus maehan abdi-abdi Mantenna, ayeuna enggeus dihukum. 3 Muji sukur ka Allah! Nagarana geus dihuru, haseupna meledug salawasna. 4 Dua puluh opat sesepuh jeung mahluk nu opat tea nyarembah ka Allah, anu linggih dina singgasana bari nyarebut: “Amin! Muji sukur ka Allah!” 5 Tina singgasana bijil soara: “Sanggakeun puji ka Allah nu disembah ku urang, he sadaya abdi-Na anu gimir ka Mantenna, gede leutik!” 6 Der sora ngageder deui, lir sada gumuruhna banjir sarta sadana gugur ngagulugur. Unina: “Muji sukur ka Allah! Pangeran, Allah nu disembah ku urang, Nu Murba Wisesa, jumeneng Raja. 7 Hayu urang suka bungah sarta muji ka Mantenna. Sabab ayeuna, poe rendenganana anu ngagem gelar Anak Domba. Panganten istri geus didangdosan, 8 sarta geus dipaparin sangkan nganggo lenen bodas lemes cahayaan.” [Lawon lenen bodas lambang kaibadahan umat Allah]. 9 Malaikat tea sasauran ka simkuring, “Tulis: Estu bagja anu diondang kana ieu pesta rendengan Anu ngagem gelar Anak Domba!” Saurna deui, “Ieu teh saestuna dawuhan Allah!” 10 Brek, simkuring deku seja nyembah ka anjeunna. Tapi saurna, “Ulah kitu! Kaula ge sarua, ngabdi keneh, — sasama andika sarta sasama dulur-dulur andika, nya eta sakur anu nyarekel pertelaan Isa — ngan Allah anu wajib disembah. Sabab pertelaan Isa teh, jadi sumber ilhamna nabi-nabi.” 11 Geus kitu, simkuring ningal sawarga muka. Torojol hiji kuda bodas, ditunggangan ku Nu jenengan Satuhu-Saestu, anu adil dina tarung tur adil dina ngahukum. 12 Socana moncorong, lir seuneu hurung; mastaka-Na nganggo makuta, rea pisan. Dina mastaka-Na aya tulisan hiji jenengan, taya nu wawuh lian ti Anjeunna. 13 Panganggo-Na beunang nyelep ku getih; gelarana-Na: Pangandika Allah. 14 Anjeunna diiring ku sawadya balad sawarga tararumpak kuda bodas, papakeanana lenen bodas ngeplak. 15 Tina baham-Na bijil pedang seukeut kabina-bina, pikeun nyabetan sakabeh jelema anu teu dipiboga ku Allah. Jelema-jelema anu karitu, ku Anjeunna baris dikeprik ku iteuk beusi, digiring jeung digebruskeun kana pameresan, bak bebenduning Allah Anu Murba Wisesa. 16 Dina jubah jeung pingping-Na aya gelaran anu unina: “Rajaning sagala raja, Gustining sakabeh gusti.” 17 Breh deui, simkuring ningal hiji malaikat, nangtung dina panonpoe. Tuluy eta malaikat cumeluk ka manuk-manuk, anu keur halaliber di langit. Sorana handaruan: 18 “Ka darieu kumpul kana pesta Allah! Loba hakaneun, daging raja-raja, daging jendral-jendral, daging prajurit-prajurit, daging kuda jeung nu tarumpakna, daging sakabeh jelema, daging jelema merdika, daging jelema nu kumawula, nu gede nu leutik!” 19 Geus kitu, katembong sato tea; eta sato bareng jeung raja-raja saalam dunya katut sawadya baladna, geus ngahiji arek perang ngayonan Anu tunggang kuda bodas sawadya balad. 20 Tapi sato teh kacerek, kitu deui nabina anu palsu, anu geus ngalantarankeun jelema salalasar daraek dicap ku eta sato jeung nyembah kana arcana. Duanana digubruskeun hirup-hirup kana lautan seuneu walirang anu hurung ngagedur. 21 Ari anu lian-lianna paraeh disabetan ku pedang anu bijil tina baham Nu tunggang kuda bodas tea. Manuk-manuk sarareubeuh ku bangke-bangke.



20

1 Breh deui, aya hiji malaikat kaluar ti sawarga, mawa konci hiji guha anu jero kabina-bina, jeung ngajingjing rante gede. 2 Geus kitu, eta malaikat newak Naga tea, si oray kahot, — anu saenyana mah Iblis atawa tukang merdaya — terus dirante pikeun sarebu tauneun. 3 Naga digebruskeun kana jero guha sarta lawang guhana dikonci terus disegel, sangkan eta Naga teu bisa nyasabkeun ka manusa sajero jaman sarebu taun. Mun geus tutup jaman eta, Naga dikencarkeun deui sakeudeung. 4 Breh deui, simkuring ningal tahta-tahta katut anu nyaralikanana. Aranjeunna dipaparin hak ngaragragkeun hukum. Lian ti eta, simkuring ningal nyawa jelema-jelema anu diteukteuk beuheungna, dumeh tigin kana pertelaan Al Masih jeung kana amanat pangandika Allah; — arembung nyembah ka sato jeung arcana, arembung narima cap dina tarang jeung leungeunna — Maranehna harirup deui, pada jadi raja bareng jeung Al Masih dina jaman sarebu taun. 5 Salian ti maranehna mah, harudangna teh engke, nya eta sabada beak jaman anu sarebu taun tea. Ieu hudang ti nu maraot nu kahiji. 6 Nya bagja nya suci sakur anu hudang dina mangsa hudang kahiji; sabab geus pasti, moal ngarasa Paeh kadua. Kabeh baris jaradi imam-imam Allah jeung imam-imam Al Masih, tur bareng jeung Anjeunna ngarajaan dina jaman nu sarebu taun. 7 Sanggeus liwat jaman nu sarebu taun tea, Iblis baris dikencarkeun tina tempat tahanan, 8 tuluy ngagoda bangsa-bangsa sakuliah dunya anu disebut Gog jeung Magog dikeprik kana perang, lobana tanding keusik di basisir. 9 Mani nakleuk sajajagat, ningker pakemahan paraperjurit Allah, ngepung eta kota anu ku Allah didama-dama. Tapi sabot kitu, kaburu ger hujan seuneu ti langit, maranehna beak ditumpes. 10 Ari Iblis anu ngagodana digebruskeun kana lautan seuneu walirang. Di dinya geus nyampak sato tea katut nabi palsuna anu geus digebruskeun ti heula, bareng disiksa beurang peuting salalanggengna. 11 Ti dinya simkuring ningal hiji singgasana gede, warnana bodas sarta aya nu nyalikan. Bumi jeung langit ngejat kabur ti dinya, leungit musna geus sirna ti tempatna. 12 Breh deui, simkuring ningal jelema-jelema anu geus paraeh, gede leutik, keur narangtung dipayuneun singgasana. Di dinya, loba pisan kitab meunang mukaan jeung aya deui hiji Kitab anu harita dibuka, nya eta Kitab Kahirupan. Nu geus paraeh teh, diragragan hukuman anu satimpal jeung lampahna masing-masing sakumaha anu geus dicatet dina kitab-kitab tea. 13 Nu paraeh di laut, kitu deui anu ti tempat lianna hararudang tina paehna, terus diragragan hukuman anu satimpal. 14 Geus kitu, Paeh katut karajaanana digebruskeun ka lautan seuneu. (Ieu lautan seuneu ngaranna: Paeh kadua). 15 Nya kitu deui, sakur anu ngaranna henteu dicatet dina Kitab Kahirupan, kabeh digebruskeun ka eta lautan seuneu.



21

1 Geus kitu, simkuring ningal aya langit anyar jeung bumi anyar. Ari langit jeung bumi nu heubeul mah, geus musna. 2 Breh deui, aya Kota Suci, nya eta Yerusalem anyar keur diturunkeun ti sawarga ku Allah. Geus saged sapuratina, lir panganten awewe anu midang keur panganten lalaki. 3 Ti lebah singgasana aya anu sasauran: “Kiwari Bait Allah geus ngadeg di tempat manusa. Di dinya Allah baris linggih salalawasna nyarengan manusa, anu geus diangkat jadi umat-Na. 4 Cipanonna dipupus ku Mantenna. Paeh, kasedih, kapeurih, kanyeri, geus hamo aya deui. Sagala nu heubeul geus liwat.” 5 Nu linggih dina singgasana ngadawuh: “Kabeh ku Kami geus dianyarkeun!” Geus kitu, nimbalan ka simkuring: “Tuliskeun! Sabab dawuhan Kami teh saestuna pisan, layak dipercaya.” 6 Ngadawuh deui: “Kami teh Alif jeung Ya: Nu Awal jeung Nu Ahir. Sakur nu halabhab, ku Kami dibere nginum tina Cinyusu Kahirupan, teu kudu mayar. 7 Sakur nu unggul, eta jadi putra Kami; ari Kami, Allah anu disembah ku maranehna. Kitu ganjaranana. 8 Sabalikna, anu lemah imanna, anu henteu satia, anu masiat, nu maehan, anu rucah, tukang sihir, nu nyembah ka brahala, jeung tukang bohong ganjaranana teh, nya eta lautan seuneu walirang; tah eta, Paeh kadua teh.” 9 Salah sahiji ti malaikat nu nyarangking tujuh pinggan balai anu panutup tea, ngajak ka simkuring, saurna, “Hayu! Urang nenjo panganten istri geureuha-Na Anu ngagem gelaran Anak Domba tea.” 10 Ti dinya, simkuring dibawa ku pangawasa Ruh ka hiji puncak gunung anu luhur kabina-bina. Breh ebreh Yerusalem anyar, nya eta Kota Suci anu diturunkeun ku Allah ti sawarga. 11 Endah taya papadana; ngempur mancur ku kamulyaan Allah; gilang-gumilang, lir mata berlian jeung permata yaspis; ngeclong mencrang, lir kaca kristal. 12 Kutana, nya kandel nya luhur, make dua belas lawang anu dikawal ku dua belas malaikat. Unggal tarang lawang aya tulisanana, ngaran dua belas kaom Israil. 13 Unggal pongpokna tilu-tilu lawang: Tilu di wetan, tilu di kidul, tilu di kaler, sarta tilu di kulon. 14 Pademen kuta, ngadegna dina dua belas batu anu diukir ku jenengan dua belas rasul-Na Anak Domba. 15 Malaikat nu ngajak ka simkuring tea, mawa hiji tumbakan emas, pikeun ngukur eta kota katut lawang-lawang jeung kutana. 16 Bangun eta kota pasagi bener, ka panjangna ka rubakna sarua. Sanggeus ku malaikat diukur, panjangna aya dua belas rebu istadi (sarebu lima ratus mil); rubakna jeung luhurna oge sakitu. 17 Ari luhur kutana aya saratus opat puluh opat asta. Ukuran anu dipake ku eta malaikat, sarua jeung ukuran di manusa. 18 Kutana tina inten yaspis. Kotana tina emas duket anu ngagenclang. 19 Pademen tempat ngadegna, dihias ku rupa-rupa batu anu marulya. Batu pademen anu kahiji tina yaspis; nu kadua tina nilem; nu katilu tina kalsedon; nu kaopat tina jambrut; 20 nu kalima tina angkik; nu kagenep tina yakut; nu katujuh tina krisolit; nu kadalapan tina beril; nu kasalapan tina ratna campaka; nu kasapuluh tina krisopras; nu kasabelas tina hiyakin; 21 nu kadua belas tina kucubung. Ari lawang-lawangna dua belasanana tina mutiara, hiji lawang tina hiji mutiara. Jalan-jalanna tina emas duket, herang lumenggang. 22 Di dinya, teu aya Bait Suci; sabab Nu jadi Bait Sucina, nya Allah ku manten, — Nu Maha Kawasa — jeung Anak Domba. 23 Tur teu perlu panonpoe atawa bulan sabab geus caang ku kamulyaan Allah. Ari Anak Domba, ibarat lampuna. 24 Bangsa-bangsa bakal kacaangan ku eta kota, raja-rajana bakal daratang ka dinya bari marawa pangbakti. 25 Lawang-lawangna sapapanjangna tara meundeut-meundeut; sabab di dinya mah, teu aya peuting. 26 Bangsa-bangsa daratang marawa rupa-rupa anu marulya. 27 Najan kitu, eta kota moal kaasupan ku nu sipat najis, nu goreng lampahna, atawa ku tukang bohong. Sabab anu baris ka darinya teh, ngan anu ngaranna aya dina Kitab Kahirupan nu dicangking ku Anak Domba tea.



22

1 Geus kitu, malaikat teh nuduhkeun walungan kahirupan, anu matak hirup hurip; caina ngenclong ngagenclang, lir kaca kristal; sirahna, tina singgasana Allah jeung tina singgasana Anak Domba; 2 Ngocorna, ngaliwatan tengah-tengah kota; di sisina, kenca katuhu, aya tangkal; eta teh tangkal kahirupan, anu buahanana saban bulan, nya eta sataun dua belas kali; daunna, bisa mere kacageran. 3 Di eta kota, geus moal aya deui anu kudu meunang la'nat ti Allah. Warga-wargana ngabaraktina ka Mantenna, 4 bisa ningal ka Mantenna sarta dina tarang masing-masing aya jenengan Allah. 5 Di dinya, geus taya peuting; teu perlu lampu atawa panonpoe; sabab geus caang ku kamulyaan Pangeran, Allah nu disembah ku urang. Kabeh wargana ngalalatur, — saperti raja-raja — pikeun salalanggengna. 6 Saur malaikat tea ka simkuring: “Ieu dawuhan teh saestuna pisan, layak dipercaya. Pangeran, — Allah anu maparin nyawa hirup ka nabi-nabi — ngutus malaikat-malaikat-Na pikeun ngumumkeun ka abdi-abdi-Na, nya eta sakur anu baris kajadian sakeudeung deui.” 7 Mangka waspada! Kami tereh datang. Bagja pikeun jelema anu percaya kana nubuwat-nubuwat anu ditulis dina ieu Kitab! Kitu dawuhan Isa. 8 Eta kabeh, kadenge jeung katingal ku simkuring. Tutas ngadenge jeung ningal eta sakabeh; brek, simkuring sideku ka eta malaikat, seja nyembah ka anjeunna. 9 Tapi saurna, “Ulah kitu! Kaula oge sarua ngabdi, sasama andika sarta sasamana nabi-nabi, nya eta sakur anu iman kana eusi ieu Kitab. Ngan Allah anu wajib disembah!” 10 Saurna deui, “Nubuwatan-nubuwatan dina ieu Kitab, ulah dirasiahkeun sabab kabeh oge, geus meh kajadian. 11 Sing saha nu lampahna jahat, mangka tetep dina jahatna; nu kotor mangka tetep kotorna; sing saha nu hade, mangka tetep hadena; nu suci mangka tetep sucina.” 12 “Sing waspada! Kami tereh datang, mawa ganjaran pikeun sakabeh, satimpal jeung lampah masing-masing. 13 Kami teh Alif jeung Ya: Nu Awal jeung Nu Ahir!” Kitu dawuhan Isa. 14 Bagja pikeun jelema anu pamakena rapih beresih; manehna boga hak ngadahar buah tangkal kahirupan jeung meunang asup ka eta kota liwat lawang-lawangna. 15 Sabalikna, anjing-anjing jarian: Tukang-tukang sihir, tukang rucah, tukang maehan, tukang nyembah brahala, tukang wadul omong jeung lampah, harirupna, di luareun eta kota. 16 “Kami Isa, geus ngutus malaikat Kami ka maneh, nya eta pikeun ngembarkeun ieu perkara di jamaah Kami. Kami sirung turunan Daud; Kami, Bentang Timur nu moncorong.” 17 Ruh jeung panganten istri tea unjukan: “Nun sumangga, geura rawuh!” Kitu deui sakur anu ngadenge ieu hal, kudu ngucap: “Sumangga, rawuh!” Saha bae nu halabhab, ka darieu. Sakur anu harayang nginum, pek geura ngarinum cikahuripan. 18 Simkuring, Yahya, seja ngomat-ngomatan pisan ka sing saha bae anu ngadenge nubuwatan tina ieu Kitab: Ulah rek nambahan unina ieu Kitab; sabab tangtu ku Allah ditambah hukumanana, ku balai-balai anu ditulis di jerona. 19 Sabalikna deui, sing saha anu ngurangan uni ieu Kitab, ku Allah baris dicabut hakna; manehna moal dibere bagian tina tangkal kahirupan jeung teu meunang asup ka Kota Suci. 20 Anjeunna, Anu nyingkabkeun ieu sakabeh, ngadawuh: “Saestuna pisan. Kami tereh datang!” Leres pisan satimbalan. Sumangga rawuh nun Gusti! 21 Mugi-mugi sih kurnia Isa, Gusti Jungjunan urang, ginuluran ka dulur-dulur. Amin!



AMAZING GRACE BIBLE INSTITUTE