Filipi


1

1 Ti Paulus jeung Timoteus, abdi-abdi Isa Al Masih. Kahatur umat Allah di Pilipi, parapamingpin jamaah, katut parapangbantuna. 2 Pidu'a simkuring, mugi aranjeun sing sami marendak rahmat karahayuan ti Allah, — Rama urang — jeung ti Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang. 3 Saban inget ka dulur-dulur, simkuring teu weleh muji sukur ka Allah. 4 Jeung deui, saban-saban mangnedakeun dulur-dulur, simkuring teu petot gumbira; 5 dumeh dulur-dulur teh, geus ngabantu simkuring dina pangwawaran Injil, ti barang prak nepi ka ayeuna pisan. 6 Kalawan berkah Allah, ieu kawajiban teh ku dulur-dulur dilakonan kalawan lungsur-langsar. Simkuring yakin, yen ka hareupna oge, Mantenna baris nyarengan ka aranjeun nyacapkeun padamelana-Na nepi ka mangsa sumpingna Isa Al Masih. 7 Geus munasabah, mun simkuring tibelat ka dulur-dulur teh; sabab ieu hate simkuring teh, cumantel bae. Ngarasa papada dipaparin sih kurnia ku Allah, sanajan simkuring ayeuna keur dipanjara. Nya kitu keneh dina waktu ngabela jeung ngukuhkeun Injil di hareupeun pangadilan oge. 8 Allah anu langkung tingali, kumaha tibelatna simkuring ka dulur-dulur, kajurung ku asihna Isa Al Masih ku anjeun. 9 Pamenta simkuring, mugi dulur-dulur sing beuki gede kanyaah, sing beuki ngarti, jeung tambah lantip; 10 malar bisa milih-milih mana anu hade, 11 tur leubeut ku sipat-sipat anu sajati, ku berkahna padamelan Isa Al Masih, anu matak jadi puji jeung hormat ka Allah. 12 Supaya dulur-dulur terang: Sagala anu karandapan ku simkuring teh geus pohara ngabantuna kana sumebarna Injil. 13 Saeusi karaton prabu Rum, kitu deui anu lian-lianna, ayeuna mah geus tarerangeun yen pangna simkuring dipanjara teh lantaran percaya ka Al Masih. 14 Jaba ti kitu, ku lantaran simkuring dipanjara teh loba dulur-dulur saiman anu beuki teleb percayana ka Gusti Jungjunan urang, tur laludeung nepikeun dawuhan Allah. 15 Enya, di antara maranehna, aya anu ngawawarkeunana hal Al Masih teh kajurung ku sirik jeung niat ngalindih ka simkuring; tapi anu enya-enya iklas oge, loba. 16 Ari anu ariklas tea, kajurung ku ha'atna ka simkuring; dumeh karasaeun, yen pangna simkuring dipanjara teh lantaran ngabela Injil. 17 Ari nu sejenna mah, ngawawarkeun Al Masih teh, keur tujuan kapentingan sorangan; jaba ti eta, tekadna ge teu beresih. Maksudna mah, supaya simkuring anu keur dipanjara teh, beuki sangsara. 18 Tapi da henteu matak aya pangaruhna; sabab ku kitu ku kieu oge, boh ku nu jujur boh ku anu pura-pura, buktina mah tetep Al Masih teh diwawarkeun. Jadi, simkuring mah bungah bae anu aya. 19 Bungahna teh, lantaran ngarasa yen ieu teh jadi pijalaneun simkuring kana kasalametan, berkah pidu'a ti dulur-dulur katut pangjaring-Na kawasa Ruh Isa Al Masih. 20 Tekad simkuring geus buleud, moal rek boga lampah anu matak ngawirangkeun. Nyarita rek tatag jeung satarabasna, seja ngamulyakeun Al Masih kalawan diri sakujur sakumaha sasari; malah ayeuna mah rek leuwih ti kitu, sanajan nepi ka kudu ngarandapan maot. 21 Da naon atuh ari hirup teh? Pikeun simkuring mah, hirup teh, nya eta Al Masih. Jadi, paeh teh mangrupa hiji kauntungan. 22 Tapi upama simkuring diparengkeun panjang umur sarta bisa migawe hal-hal anu penting, kumaha atuh pihadeeunana? Lebah dieu, simkuring teu bisa nangtukeun mana anu kudu dipilih! 23 Asa dibedol ka ditu ka dieu: Aya hayang geura los mulang ngahiji jeung Al Masih; sabab eta anu panghadena mah; 24 tapi aya oge hayang tetep keneh hirup, tina ngaraskeun ka dulur-dulur. 25 Panghadena, pikeun aranjeun mah, upama simkuring tetep hirup. Ku kituna, simkuring yakin, yen urang baris bisa keneh reureujeungan, nya eta pikeun nguatkeun iman jeung nambahan kabungah dulur-dulur. 26 Jadi, engke, di mana simkuring datang deui, dulur-dulur baris leuwih ngarasa reueusna ku simkuring teh sajeroning iman ka Isa Al Masih. 27 Utamana, ayeuna mah, hirup dulur-dulur teh sing saluyu jeung piwuruk Al Masih. Bisa bae simkuring datang, tangtu bakal kasaksian ku panon sorangan; atuh dina ayana halangan nepi ka teu bisa datang, hayang meunang bejana, yen dulur-dulur teh pengkuh sarta satekad enggoning ngimankeun Injil. 28 Ulah rentag ku nu jadi lawan. Sabab pikeun maranehna mah, eta teh, jadi tanda yen maranehna aya di pihak anu rugi. Tapi pikeun dulur-dulur mah, eta teh, tandaning diraksa ku Allah. 29 Sabab sih kurnia anu geus dipaparinkeun ka dulur-dulur teh, lain bae pikeun percaya ka Al Masih; tapi pikeun nandangan sangsara oge, tina lantaran iman ka Anjeunna. 30 Anu diperjuangkeun ku dulur-dulur jeung simkuring teh sarua. Kumaha simkuring memperjuangkeunana, bareto; kapan ku dulur-dulur ge, geus kasaksian. Tah ayeuna, dulur-dulur ge, meunang beja yen hal eta teh ku simkuring masih keneh diperjuangkeun.



2

1 Ku sabab dina kamanunggalan jeung Al Masih teh aya pepeling, aya panglipur ti asih-Na, aya apingan Ruh, aya silih asih, sarta silih pikanyaah; 2 sabab eta, dulur-dulur, sampurnakeun kabungah simkuring teh, ku jalan sing sahate, sapikir, sakanyaah, sajiwa, sarta sing sauyunan. 3 Ulah pakia-kia atawa pagirang-girang tampian; anggur kudu handap asor, mandang batur leuwih luhur harkatna. 4 Ulah ngan inget kana kaperluan sorangan bae, kaperluan batur oge kudu diperhatikeun. 5 Aranjeun kudu miboga sipat eta, sakumaha Al Masih tea. 6 Kapan Al Masih teh, ari wujud-Na mah, salira Allah; tapi sanajan kitu, Anjeunna henteu kamagungan. 7 Eta kaagungana-Na teh, anggur dianggo kumawula; Anjeunna ngajadi saharkat jeung manusa, nyorang hirup sakumaha manusa ilahar. 8 Estuning ngalaipkeun Anjeun, ta'at-Na, tug nepi ka pupus: Paragat nyawa disalib. 9 Nu matak ku Allah, Anjeunna teh, dijungjung pangluhurna sarta dipaparin gelaran pangpunjulna, 10 nepi ka sakabeh nu di sawarga, nu di bumi, jeung nu di alam kubur sarujud ka Anjeunna anu ngagem jenengan Isa. 11 Kabeh baris ngaku: “Isa Al Masih teh Gusti Panutan,” pikeun kamulyaan Allah anu jumeneng Rama. 12 Nu enggeus-enggeus mah, dulur-dulur teh, teu weleh satia. Kitu teh, ulah ngan keur di hareupeun simkuring wungkul; tapi komo ayeuna, keur urang pajauh kieu, sing leuwih-leuwih. Jaba ti eta, sampurnakeun naon nu geus jadi milik aranjeun teh, - kasalametan tea - kalawan sing hormat ka Pangeran. 13 Lantaran nya Mantenna anu barangdamel nyarengan ka dulur-dulur, nepi ka karep jeung kalakuan aranjeun bisa sapuk jeung pangersa-Na. 14 Enggoning ngalampahkeun kawajiban ulah bari kukulutus jeung pahiri-hiri. 15 Sing kuat ku dodoja, ulah galideur, tandaning enya jaradi putra Allah, anu taya kuciwana. Hirup di masarakat nu jahat sarta doraka, aranjeun teh kudu jadi saibarat bentang-bentang anu tingkaretip di langit. 16 Jadi, aranjeun kudu pageuh muntang kana Pangandika tea, anu maparin hirup kalawan huripna. Mun heug kitu, mana teuing sugemana simkuring engke dina mangsana Al Masih sumping, dumeh beunang usaha hese cape teh henteu mubadir. 17 Sanajan simkuring kudu nepi ka ngocorkeun getih jadi kurban marganing iman kayakinan dulur-dulur, simkuring estuning rido. Mugia, eta karidoan simkuring teh, sing jadi matak bungah ka aranjeun. 18 Ku kituna, aranjeun oge sing rido, supaya simkuring oge bisa milu bungah. 19 Lantaran yakin yen Isa, Gusti Jungjunan urang, baris marengkeun; niat simkuring teh, buru-buru bisa ngutus Timoteus ka aranjeun; pangpangna hayang buru-buru terang kumaha kaayaan dulur-dulur. 20 Kakara simkuring mah manggih jelema anu totomplokan nyaahna ka simkuring, tur sakitu gede kamelangna ka dulur-dulur. 21 Da lumrahna mah, jelema-jelema teh, ngan ukur mentingkeun dirina bae; boro-boro ngesto ka Al Masih. 22 Kapan ari Timoteus mah, ku dulur-dulur oge, geus kanyahoan kabelaanana. Simkuring jeung anjeunna teh, dina ngawawarkeun Injil, lir bapa jeung anak. 23 Saberesna urusan simkuring, anjeunna baris gancang-gancang diutus. 24 Simkuring sorangan hayang bisa tereh-tereh ngalongok aranjeun. Mugia Gusti kersa marengkeun. 25 Ku timbangan simkuring, Epaproditus rek buru-buru dijurung mulang deui. Anjeunna teh, nya jadi sobat, nya jadi pangdeudeul, nya kanca saperjuangan, anu ku dulur-dulur diutus sina maturan jeung ngentengkeun karepotan simkuring. 26 Anjeunna oge, hayangeun geura-geura bral mah; cenah, karunya ka dulur-dulur anu mikamelang, dumeh meunang beja yen anjeunna gering. 27 Enya, payah geringna teh. Sukur Allah mikawelas, lain ka anjeunna bae, tapi ka simkuring oge, nepi ka simkuring teu kungsi meunang kasusah leuwih beurat. 28 Eta sababna, anjeunna sina buru-buru mulang teh. Ari geus tepung mah, aranjeun bungah, simkuring bungah. 29 Heug, bageakeun eta dulur saiman teh. Jelema kawas anjeunna mah, kabeh oge, pantes dihormat samistina. 30 Bawaning ku satia ngalampahkeun tugas ti Al Masih, meh bae anjeunna tiwas; kituna teh, enggoning ngabantu simkuring pikeun nyuluran aranjeun tea.



3

1 Cindekna mah, dulur-dulur, heug sing barungah dina kamanunggalan jeung Gusti. (3-1b) Simkuring teu hoream malikan papatah anu bareto, anu baris pisalameteun mah. 2 Kahade sing ati-ati, loba anjing jahat, nya eta jelema-jelema tukang sunat palsu. 3 Da urang mah geus narima sunat anu sajati. Urang mah ibadah ka Allah teh kalawan panuyun Ruh Allah. Urang mah muntang ka Al Masih, lain kana ciri lahir. 4 Simkuring sorangan, upama tea mah rek ngandel ka anu kararitu, kacida munasabahna; malah leuwih munasabah, ti batan batur. 5 Lantaran keur simkuring umur dalapan poe ge, geus disunatan; tur turunan Israil ti kaom Binyamin; urang Ibrani asli; ta'atna kana hukum Toret, simkuring teh ti madhab Parisi; 6 malah simkuring mah, kacida sumangetna dina nganiaya jamaah Al Masih; kitu deui dina nyumponan hukum Toret, simkuring mah taya cawadeunana. 7 Tapi sanggeus simkuring raket ngahiji jeung Al Masih, eta kabeh teh, anu tadina disangka nguntungkeun, sihoreng ngan ngarugikeun. 8 Malah lain eta bae. Sanggeus terang yen Isa Al Masih, — Gusti Jungjunan simkuring — estu mulya tanpa tanding; hal-hal sejenna mah, asa taya pangajina pisan; anu karitu mah geus dipiceun, — da ngan ukur runtah — malar diri bisa kapimilik ku Al Masih; 9 bisana manunggal jeung Anjeunna teh, lain ku tarekah sorangan, — nya eta ku jalan ta'at kana hukum Toret — tapi ku lantaran percaya ka Al Masih. Nya ku lantaran percaya tea, simkuring ku Allah diangken jelema bener teh. 10 Taya deui cita-cita simkuring, jaba ti hayang enya-enya wanoh ka Anjeunna, bisa ngarasakeun hikmat mujijat gugah-Na ti nu maraot, ancrub kana kasangsaraana-Na, sarta dina nyorang ajal oge, hayang kawas Anjeunna; 11 kalawan pangarep-ngarep, yen simkuring bisa hudang deui ti nu maraot. 12 Simkuring henteu boga angkeuhan geus hasil atawa geus sampurna. Tapi simkuring rek enya-enya ngudag eta tujuan, nepi ka beunangna. Sabab eta pisan anu ditugaskeun ku Isa Al Masih, nalika simkuring disaur ku Anjeunna teh. 13 Dulur-dulur, simkuring henteu boga angkeuh geus bisa ngahontal eta cita-cita. Kieu nu enya mah: Nu geus kaliwat teh dipopohokeun, sateka-teka rek ngudag pikahareupeun. 14 Ngudag teh junun ka anu jadi tujuan, ngalap pahla ti sawarga, numutkeun panyaur Allah ku karana Isa Al Masih. 15 Sarerea ge, anu jiwana sawawa mah, kudu kitu tekad teh. Dina ayana salah saurang di aranjeun anu beda pamanggihna, tangtu ku Allah dipaparinan terang. 16 Ku kitu ku kieu, tetep kudu junun ka anu jadi tujuan. 17 Tuturkeun hirup simkuring, bari awaskeun batur nu hirupna nurutkeun conto ti simkuring sabatur-batur. 18 Simkuring geus sering mepelingan aranjeun; ayeuna ge kitu, seja mepelingan deui bari jeung ceurik balilihan, yen loba pisan jelema anu milih jalan hirup anu sejen, jadi musuh-musuh Al Masih anu disalib. 19 Nu karitu lampahna teh, pasti cilaka; da nu dilulugukeun teh ngan eusi beuteung bae; nu dipuhit ngan kagorengan wungkul; nu dipikiran ngan hal-hal kadunyaan. 20 Tapi ari urang mah, warga-warga sawarga; ti dinya oge urang nganti-nganti sumpingna Juru Salamet teh, tegesna Isa Al Masih. 21 Anjeunna baris ngarobah kaayaan diri urang anu kacida hinana, ngajadi sarua jeung salira-Na anu mulya, anu pangawasa-Na geus bisa ngungkulan saniskara.



4

1 Ku sabab eta, dulur-dulur, — nu jadi kanyaah reujeung katineung; nu jadi makuta jeung puseur kabungahan simkuring — sing pengkuh ka Gusti. 2 Ka Nyi Eodia jeung Nyi Sintika, simkuring mere pepeling: Sing sahate jeung sapikiran, nya ngesto ka Gusti! 3 Ka saderek Sunsugos, ki sobat anu bumela, simkuring meredih: Muga ieu dua wanita teh dibantu. Maranehna geus enya- enya ngabantu ka simkuring ngamashurkeun Injil, — bareng jeung saderek Klemen katut batur-batur simkuring lianna — anu ngaran-ngaranna geus kacatetkeun dina Kitab Kahirupan. 4 Dulur-dulur, sing ngarasa bagja salilana dina kamanunggalan jeung Gusti! Sakali deui, cek simkuring: Sing ngarasa bagja! 5 Kasarehan aranjeun ge, keun sina katembong ku unggal jelema. Gusti Jungjunan urang teh tereh sumping. 6 Ulah aya kasalempang di aranjeun mah. Sagala anu jadi pangabutuh aranjeun, unjukkeun bae ka Allah ku paneda dibarung ku muji sukur. 7 Dina kamanunggalan aranjeun jeung Isa Al Masih, tangtu sih kurnia-Na, — anu moal kahontal ku akal — baris nengtremkeun jiwa aranjeun. 8 Cindekna, dulur-dulur, kudu bisa milih-milih: Mana nu bener, nu mulya, nu adil, nu suci, nu picontoeun sarta kaajen, anu hade tur pujieun. 9 Jalankeun sagala piwuruk katut conto-conto ti simkuring, boh anu mangrupa nasehat, boh nu mangrupa kalakuan. Upama kitu, Allah nu jadi tangkaling karahayuan, tangtu nyarengan ka aranjeun. 10 Simkuring pohara asa bagjana, da ayeuna mah geus karasa gedena katineung aranjeun ka simkuring teh. Memang, ti beh ditu keneh oge, geus gede kamelang dulur-dulur ka simkuring teh; ngan nya kitu, bareto mah, aranjeun acan aya kasempetan pikeun ngabuktikeunana. 11 Tapi simkuring nyarita kieu teh, lain pedah bareto ngarasa kakurangan; da simkuring mah, hirup teh, geus biasa cukup ku saaya-aya. 12 Simkuring mah, geus teu bireuk deui kana ngalaman kekerehet atawa lubak-libuk teh. 13 Hirup nu kumaha bae oge, simkuring mah kuat nandanganana. Tangtu eta teh lantaran dikuatkeun ku Anjeunna. 14 Papadaning kitu, hade oge eta pangdeudeul ti dulur-dulur teh; eta hartina, yen aranjeun teh geus milu nyorang lara balangsakna simkuring. 15 Aranjeun, saderek-saderek di Pilipi, tangtu aringet keneh basa simkuring miang ti Makedoni rek mimiti ngawawarkeun Injil tea; kapan anu pohara bumelana ka simkuring teh ngan aranjeun. Hiji-hijina jamaah anu daek sapapait samamanis enggoning ngabayuan keur kahirupan simkuring. 16 Sabab ti keur di Tesalonika keneh oge, dulur-dulur teh nepi ka dua kali ngiriman, mantu-mantu pangabutuh simkuring. 17 Saenyana, teu pisan-pisan simkuring malar pamere ti dulur-dulur. Ari nu dipalar teh, mugi eta kahadean aranjeun sing ngadatangkeun pahla pikeun kajembaran hirup aranjeun. 18 Sakabeh pangabutuh simkuring, ayeuna mah, ku dulur-dulur geus dicumponan, malah leuwih ti kitu. Turug-turug ku kiriman aranjeun anu ditepikeun ku Epaproditus, simkuring nepi ka lubak-libuk. Eta pitulung aranjeun teh, di payuneun Allah, tangtu mangrupa hiji kurban anu seungit, kamanah, tur matak kayungyun. 19 Allah anu ku simkuring disembah baris nyumponan sakabeh pangabutuh dulur-dulur, numutkeun kasugihana-Na karana kamulyaan dina kamanunggalan aranjeun jeung Isa Al Masih. 20 Sagala puji ka sanggakeun ka Allah anu jadi Rama urang, sapapaosna. Amin. 21 Pangnepikeun salam simkuring ka sakur anu percaya ka Isa Al Masih. Dulur-dulur anu babarengan jeung simkuring ge, ngahaturkeun salam ka aranjeun. 22 Kitu deui umat Al Masih sejenna, pangpangna anu darines di karaton sang prabu. 23 Sih kurnia Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang, nyarengan ka dulur-dulur sadaya.



AMAZING GRACE BIBLE INSTITUTE