Markus


1

1 Ieu uaran Injil, nya eta bewara hal Isa Al Masih, Putra Allah. 2 Uaranana geus ti jaman Nabi Yesaya keneh, diserat dina kitabna, kieu: “Dawuhan Pangeran: Ieu utusan Kami. Ku Kami diutus ti heula, pikeun nyadiakeun jalan keur Hidep. 3 Aya nu cumeluk di tegal kikisik: ‘Sadiakeun jalan kanggo Pangeran; nya jalan anu lempeng!’ ” 4 Jol Nabi Yahya ka tegal kikisik, ngumumkeun baptisan sarta biantara, “Geura tarobat tina dosa, tuluy dibaptis, malar dihampura nya dosa ku Pangeran!” 5 Merul anu dararatang ngupingkeun biantarana; sanggeusna, disusul ku ngawakcakeun dosa. Eta jelema-jelema teh, asal ti sabudeureun Yudea jeung sakur nu di Yerusalem. Tuluy ku nabi dibaptis, di walungan Ciyordan. 6 Nabi Yahya teh anggoanana tina bulu onta; disabuk ku sabuk kulit. 7 Ari tuangna simeut jeung madu leuweung. Anjeunna ngumumkeun bewara kieu, “Sanggeus kami, engke, aya deui nu bakal sumping; Anjeunna mah leuwih agung tur kawasa. Ngudar tali tarumpah-Na ge, kami teu wani. 8 Kami ngabaptis maraneh teh, ku cai; ari Anjeunna mah, ku Ruh Allah.” 9 Heuleut teu lila, Isa oge, — ti Nasaret wewengkon Galilea — sumping ka Yahya. Terus ku nabi dibaptis di walungan Ciyordan. 10 Sanggeus hanjat ti cai, ngadak-ngadak brah bae langit beulah; terus aya nu turun siga japati, nya eta Ruh Allah; tuluy eta anu siga japati teh, eunteup ka Anjeunna. 11 Ngeng, ti awang-awang, aya sora kieu, “Hidep teh, Putra Kami, anu dipikanyaah sarta anu kamanah ku Kami!” 12 Geus kitu, Anjeunna digerakkeun ku Ruh Allah kedah angkat ka tegal kikisik: 13 Di tegal kikisik, — kenging opat puluh poe bari nadah gogoda Iblis — di antara sato galak tea, Anjeunna dilayanan ku malaikat-malaikat. 14 Sanggeusna Nabi Yahya ditangkep, Isa mulih deui ka Galilea sarta ngawitan ngayakeun hutbah-hutbah ngeunaan Injil ti Allah Nu Mahaagung. 15 Kieu hutbah-Na, “Kiwari teh, geus tepi ka wancina; ayeuna, geus meh datang mangsana Karajaan Allah baris ngadeg. Geura tarobat jeung kudu percaya ka Ieu Injil!” 16 Hiji mangsa, Anjeunna angkat mapay talaga Galilea. Anjeunna ningali palika, duaan, keur lintar; nu saurang ngaranna Simon, nu saurang deui dulurna, ngaranna Andreas. 17 Ku Anjeunna digentraan, “Hiap milu ka Kami; engke, maraneh, ku Kami diajar ngala jelema!” 18 Nu disaur teu talangke; cul heurapna ditinggalkeun, terus ngiring ka Anjeunna. 19 Anjeunna jengkar deui. Teu lila, beh deui palika, duaan; duanana anak Sebedeus, nu saurang ngaranna Yakobus, nu saurang deui Yahya, keur ngabenahan heurap dina parahu arek lintar. 20 Tuluy ku Isa, duanana, disaur diajak ngiring. Ieu oge, terus nurut; cul, bapana jeung kuli-kuli, ditinggalkeun ngiring ka Anjeunna. 21 Isa sarta murid-murid-Na, tepi ka hiji kota anu ngaran Kapernaum. 22 Dina poe Sabat, Anjeunna ngawulang di tempat ibadah. — Anu ngabarandungan piwulang-Na, kabeh mikahelok lantaran karasa bedana ti ahli-ahli Kitab, turug-turug karasa aya wibawa-Na — 23 Harita, di dinya, aya jelema anu kasurupan roh jahat ngagorowok, 24 “Rek naon Isa urang Nasaret datang ka urang? Arek ngabinasa? Urang nyaho, Anjeun teh Jelema suci, utusan Allah!” 25 Timbalan Isa ka eta roh jahat, “Repeh maneh, hayoh nyingkah ti eta jelema!” 26 Tuluy nu kasurupan teh ngagibrig, ari roh jahatna ngagero bari terus ingkah. 27 Saayana jelema di tempat ibadah bati arolohok, tuluy tingkucuwes, “Aneh, aneh! Geus puguh hutbah-Na barang anyar. Omongana-Na ge, gede pangaruhna; bisa dipake marentah ka roh-roh jahat, nepi ka narurut kitu.” 28 Eta kajadian teh, bejana, gancang pisan sumebar ka sakuliah wewengkon Galilea. 29 Tas ti tempat ibadah, Isa ngabujeng ka imah Simon jeung Andreas, katut Yakobus jeung Yahya. 30 Barang sumping, terus Anjeunna diwartosan, yen mitoha awewe ki Simon keur gering, muriang panas. 31 Ku Anjeunna ditingali, terus leungeunna dicepeng disina cengkat. Rep bae muriangna rerep, cageur ngadak-ngadak; malah mah, anjeunna teh bisa ngalalayanan ka tamuna. 32 Wanci sareupna, hul-hol urang dinya marawa nu garering jeung anu kasarurupan roh jahat. 33 Saayana urang dinya tumplek ka eta imah. 34 Ku Anjeunna nu garering teh dicageur-cageurkeun; ari nu kasarurupan, roh-roh jahatna diusir. Eta roh-roh jahat, kabeh ge, wawuheun ka Anjeunna; tapi eta roh-roh jahat, ku Anjeunna sama sakali teu dibere kasempetan ngomomg naon-naon. 35 Isukna, poek-poek keneh, Jungjunan geus angkat; angkatna teh, — nyalira bae — ka luareun kota, nya eta ka hiji tempat anu sepi. 36 Anjeunna, ku ki Simon sabatur-batur, ditareangan. 37 Sanggeus kapendak maranehna unjukan, “Jungjunan dipilarian ku sadaya.” 38 Ari waler-Na, “Mending urang terus ka kampung-kampung sakuriling ieu. Eta oge perlu didatangan. Maranehna oge perlu diwawaran Injil ku Kami. Sabab eta pisan perluna Kami datang ka alam dunya teh!” 39 Sanggeus ngalahir kitu, terus Anjeunna jengkar pikeun ngideran sakuliah tanah Galilea, hutbah di tempat-tempat ibadah, sarta ngusir setan-setan anu nyarurup ka manusa. 40 Kocap, aya nu katerap kasakit lepra datang ka Isa ngadeuheus. Brek sideku bari unjukan yen manehna hayang cageur. Piunjukna, “Saupami Jungjunan kersa, mung Jungjunan anu iasa nyageurkeun kasakit abdi.” 41 Jungjunan ngahelas manahna, tuluy nu lepra teh dicabak. “Heug, cageur!” timbalana-Na. 42 Les bae, kasakit leprana, leungit tanpa lebih; awakna jadi pulih beresih. 43 Ku Isa ditimbalan balik buru-buru bari dipesen, “Kade, ulah cacarita ka sasaha. 44 Tapi maneh, kudu nembongkeun eta awak maneh ka imam. Jaba ti eta, maneh ge kudu nyanggakeun kurban panarima, nurutkeun tetekon ti Nabi Musa, tandaning awak geus pulih beresih.” 45 Tapi sakitu diomat-omatanana ge, teu weleh cacarita ka ditu ka dieu nepi ka nyebar bejana ka mana-mana. Ku sabab eta, Isa teu iasa terang-terangan ka jero kota; atuh kapaksa Anjeunna teh di luar kota bae, di nu sepi-sepi. Tapi teu kalis ku kitu, nu daratang mah, angger bae merul ti mana-mana.



2

1 Isa mulih deui ka Kapernaum. Tuluy bejana sumebar, yen Anjeunna parantos aya di salah sahiji imah. 2 Jelema-jelema terus tamplok ka eta imah, pajejel ka luar-luar taya tempat anu kosong. 3 Sabot Anjeunna ngawulang, aya nu lumpuh digotong dina tandu ku opatan rek dibawa ka Anjeunna. 4 Tapi ku sabab sakitu padedetna, pakarepanana teu hasil. Tuluy maranehna make jalan ti luhur, nya eta ku jalan ngorowek hateup palebah Jungjunan calik. Geus kitu, si lumpuh teh diulur jeung tanduna. 5 Ku Jungjunan kauninga pisan, kumaha mantepna kayakinan maranehna ka Anjeunna. Lajeng ngalahir ka si lumpuh, saur-Na, “Anaking, dosa maneh dihampura.” 6 Di dinya oge, aya ahli-ahli Kitab; maranehna teh tinggerentes dina hatena, 7 “Naha ieu Jelema teh asa mapadani teuing ka Allah, wani-wani ngomong kitu? Manusa mah teu boga hak ngahampura dosa, euweuh nu bisa, ngan Allah anu wenang!” 8 Pipikiran maranehna, ku Jungjunan kauninga. Anjeunna sasauran, “Naha aranjeun kitu mamanahan? 9 Pikeun ieu anu lumpuh: Naha leuwih babari narima ucap nu nyebutkeun dosana dihampura, atawa leuwih babari dititah nangtung sina terus leumpang, tanduna sina dibawa? 10 Tapi ayeuna rek ditembongkeun, yen Putra Manusa teh di dunya memang boga hak ngahampura dosa.” 11 Geus kitu, nu lumpuh teh ditimbalan, “Parentah Kami: Nangtung maneh, eta tandu bawa balik!” 12 Nu lumpuh teh, — cengkat bari dipencrong ku sarerea — terus nangtung, tanduna diangkat, tuluy balik gagancangan. Anu nyaraksian bati bengong, tuluy maruji ka Pangeran. “Saumur-umur, kakara ayeuna, manggih kajadian anu sakieu ajaibna mah!” Kitu ngaromongna teh. 13 Ti dinya, Isa angkat deui ka sisi Talaga. Jelema-jelema tumplek deui, tuluy ku Anjeunna diwuruk. 14 Sarengsena, Anjeunna angkat deui mapay-mapay sisi Talaga. Beh, Anjeunna, ningali tukang Cuke; ngaranna Lewi bin Alpius, keur diuk di panyukean. Ku Anjeunna disaur, timbalana-Na, “Hayu milu!” Terus Lewi milu. 15 Waktu Isa tuang di manehna, loba tukang-tukang cuke; nya kitu deui jelema-jelema nu daroraka, marilu dahar, bareng jeung Anjeunna jeung murid-murid sabab nu ngariring teh loba. 16 Nenjo Isa tuang jeung nu karitu, ahli-ahli Kitab jeung urang Parisi ngaromong ka murid-murid, “Naha Anjeunna wet daek tuang bareng, nya jeung tukang-tukang cuke, nya jeung jelema-jelema nu daroraka?” 17 Ngaromongna ku Isa ge kadangu. Anjeunna ngalahir, “Nu cageur mah, teu butuheun ku doktor; nu butuheun doktor mah, nu garering. Kami datang teh lain rek nyaur anu balener, tapi rek nyaur anu doraka.” 18 Hiji mangsa, waktu murid-murid Nabi Yahya, nya kitu deui urang Parisi keur paruasa. Aya nu naranya ka Isa, “Murid-murid Yahya jeung urang Parisi paruasa. Ku naon murid-murid Anjeun mah tara paruasa?” 19 Ku Isa diwaler kieu, “Ari babaturan ki Panganten naha kudu puasa najan ki Panganten masih maturan keneh? Sapanjang ki Panganten maturan keneh mah, batur-baturna, teu kudu puasa. 20 Tapi ki Panganten teh bakal dibawa, nya harita maranehna bakal paruasa. 21 Moal aya, anu nambal baju heubeul ku lamak anyar. Sabab lamak nu anyar teh, matak leuwih soeh ka nu heubeul. Malah mah, soehna teh, jadi leuwih gede. 22 Oge moal aya anu nyimpen anggur anyar kana kantong kulit nu geus heubeul. Sabab kantong nu geus heubeul teh, tangtu bedah. Tungtungna mah, nya anggurna, nya wadahna kapiceun duanana. Anggur anyar, wadahna ge kudu nu anyar.” 23 Hiji mangsa, dina poe Sabat, Isa angkat. Angkatna ngalangkung pahumaan. Sabot laleumpang, murid-murid tingrarawel kana gandum, maretik sababaraha ranggeuy. 24 Ari cek urang Parisi teh, “Tingali eta tuang murid petak-petik! Kapan cek Toret ge, henteu kenging barang gawe dina poe Sabat!” 25 Isa ngawaler, “Na teu acan ngaos carios waktu raja Daud ngaraos butuh ku tutuangeun; nya waktos anjeunna sareng anak buahna lapar tea. 26 Ahirna, anjeunna lebet ka Bait Allah, nyandak roti haturkeuneun ka Allah. Harita, anu jadi Imam Agungna teh, Abyatar. Cek Toret: Anu meunang ngadahar haturkeuneun ka Allah teh, ngan ukur para imam; ari harita, wet dituang ku raja Daud jeung ku anak buahna.” 27 Saur Isa deui, “Sabat diayakeun teh gunana pikeun mangpa'at umat manusa. Jadi, lain manusa diayakeun pikeun Sabat. 28 Ku lantaran kitu, Putra Manusa teh jadi Jungjunanning Sabat oge.”



3

1 Isa angkat ka tempat ibadah deui. Harita, di dinya teh aya nu kempreng. 2 Nu araya di dinya, aya nu hayang bisa nyalahkeun ka Isa. Kitu, nu matak sagala gerak-gerik Anjeunna, kacida diawaskeunana; sugan-sugan, Anjeunna, kagungan niat nyageurkeun dina poe Sabat. 3 Isa nimbalan ka eta nu kempreng teh, saur-Na, “Coba ka dieu ka hareup!” 4 Ti dinya, Anjeunna mariksa ka nu kumpul, “Naon anu ku Toret diidinan dipigawe dina poe Sabat? Kudu nulung atawa kudu nyilakakeun? Kudu numbu umur atawa megatkeun nyawa batur?” Nu kumpulan ngabaretem. 5 Mayunan anu baredegong kitu, manah-Na ngerik. Anu kumpul dipapay diteuteup bari bendu. Tuluy ngalahir ka nu kempreng tea, “Cik, jungjungkeun eta leungeun!” Barang dijungjungkeun, wet terus cageur. 6 Urang Parisi tinglaleos, medal sila, ti eta tempat ibadah. Langsung bae maranehna ngayakeun babadamian jeung parteyna Raja Herodes, neangan jalan pikeun nelasan Jungjunan. 7 Isa katut murid-murid jengkar ka Talaga Galilea, diiring balarea. 8 Aya nu ti Galilea, ti Yudea, ti Yerusalem, ti wewengkon Idumea, ti wewengkon peuntaseun Ciyordan, ti wewengkon nagri Tirus, jeung ti Sidon. Eta jelema rea naluturkeun teh lantaran maranehna panasan ku beja. 9 Sanggeus eta jelema-jelema ngumpul; jadi pohara lobana. Isa mundut ka murid-murid, supaya disayagikeun parahu, malar henteu kasedekkeun. 10 Pasedek-sedek teh lantaran Anjeunna sok nyageur-nyageurkeun tea. Atuh nu garering teh parebut paheula-heula nyabak Anjeunna. 11 Ari anu kasurupan roh jahat mah, barang ret ka Anjeunna teh tingrumpuyuk bari ngagero, “Anjeun teh Putra Allah!” 12 Tapi Isa ngalarang pisan, ka eta roh-roh jahat, nyaritakeun saha Anjeunna teh. 13 Geus kitu, Isa unggah ka pasir. Anjeunna nyauran sawatara urang anu cop kana manah-Na. 14 Sanggeusna kumpul, ku Anjeunna dipilih dua welas urang. Eta nu kapilih teh, disebatna Rasul. “Maraneh ku Kami dipilih, supaya marengan Kami salilana,” dawuhana-Na. 15 “Engke, maraneh, ku Kami diutus nepikeun Injil jeung dibere kakawasaan pikeun ngusir setan-setan.” 16 Ngaran-ngaran nu kapilih, nya eta: Simon anu katelah Petrus; Yakobus bin Sebedeus jeung Yahya, dulurna. 17 Ieu nu duaan ku Anjeunna disebatna “Boanerges,” hartina “Anakna guludug.” 18 Tuluyna: Andreas, Pilipus, Bartolomeus, Mateus, Tomas, Yakobus bin Alpius, Tadeus, Simon Selotes, 19 jeung Yudas Iskariot anu engkena ngahianat ka Jungjunanna. 20 Ti dinya, Isa lebet ka hiji imah. Breg deui jelema-jelema, nepi ka Anjeunna katut murid-murid teu kabujeng tuang-tuang acan. 21 Barang wargi-wargi-Na meunang beja, buru-buru nyarusulan rek dicandak mulih. Lantaran aya beja, cenah, Anjeunna teh geus kirang emutan. 22 Ari cek ahli-ahli Kitab mah, anu daratang ti Yerusalem, majar teh, “Kaasupan Beelsebul!” Jeung, “Bisaeun ngusir setan-setan teh lantaran ku kapala setan.” 23 Maranehna, ku Anjeunna sina kumpul; lajeng Anjeunna nyarios ku ibarat-ibarat, saur-Na, “Naha bisana Iblis ngusir Iblis? 24 Nagara anu pecah-belah tangtu moal tahan: 25 Rumah tangga anu pecah-belah tangtu baruntak. 26 Kitu keneh, lamun iblis pada iblis bentrok sarta pecah, karajaanana baris tamat. 27 Sabalikna, ka jelema gagah mah, saurang ge moal aya nu bisa asup ka imahna pikeun ngaringkid barang-barangna; lamun jelemana henteu dibarogod heula. 28 Tengetkeun ieu ucap Kami: Dosa per dosa manusa, katut omongan-omongan kotorna anu doraka, aya hampuraeunana. 29 Tapi jelema anu nganistakeun Ruh Allah mah, geus teu bisa dihampura sama sakali. Sabab dosana teh, geus jadi dosa anu langgeng.” 30 Jungjunan ngadawuh kitu teh, ka jelema-jelema anu nyebutkeun yen Anjeunna kaasupan roh jahat. 31 Ibu jeung saderek Isa, anu nyarusulan tea, geus tararepi. Tapi di laluar bae, teu bisa asup; jadi, ngan talatah supaya Anjeunna kaluar. 32 Ku nu dareukeut diukna ka Isa diunjukkeun, “Tuang ibu sumping sareng saderek-saderek, saurna hoyong nepangan.” 33 Isa ngawaler, “Saha kitu nu jadi indung jeung dulur-dulur Kami teh?” 34 Sasaurana-Na bari mencrong ka nu ngariung. Saur-Na deui, “Ieu indung jeung dulur-dulur Kami mah! 35 Nya eta, sing saha bae anu ta'at kana timbalan Allah. Tah, nu kitu indung Kami mah; nu kitu dulur-dulur Kami mah, boh awewe, boh lalaki.”



4

1 Hiji mangsa, Isa ngawulang deui di sisi Talaga Galilea. Nu kumpul kacida lobana, nepi ka Anjeunna kapaksa ngawulang-Na ngalih kana parahu, rada nengah. 2 Pangajarana-Na rupa-rupa, nganggo ibarat. Kieu dawuhana-Na, “Raregepkeun! 3 Aya hiji jelema indit tebar. 4 Waktu tebar, binihna, aya nu katebarkeun ka jalan; eta binih teh, beak ku manuk. 5 Aya oge binih anu katebarkeun kana tanah cadas, taneuhna keri. Ku sabab taneuhna ipis, binih teh tereh jadi. 6 Tapi barang kapanasan, binih nu kakara jadi teh alum, malah terus garing, da ngakarna henteu jero. 7 Sawarehna deui, aya nu katebarkeun kana rungkun cucuk. Cucukna ngagedean, binih tea mah boro-boro buahan, malah paeh kaelehkeun ku cucuk. 8 Ari binih anu meneran kana tanah nu hade mah, jadina teh alus naker, nepi ka baruahanana; hasilna, aya nu tilu puluh lipet, nu genep puluh lipet, jeung saratus lipet.” 9 “Ayeuna,” dawuhan Isa, “lamun enya baroga ceuli, pek geura raregepkeun.” 10 Sanggeus Isa nyalira, para pangiring jeung murid-murid nu dua welas ngadareuheusan. Maranehna menta diterangkeun maksudna eta carita. 11 Dawuhan Anjeunna, “Ka maraneh mah, rasiah Karajaan Allah teh diguar, dibuka. 12 Ka nu di luareun maraneh mah, dicaritakeunana teh ngan ku silokana bae, nepi ka maranehna mah: nenjo mah nenjo, tapi tetep teu awas; ngadenge mah ngadenge, tapi tetep teu ngarti, supaya teu babalik pikir sarta dihampura.” 13 Anjeunna mariksakeun, “Maraneh ge teu ngarti deuih? Ana kitu kumaha rek ngartina kana misil-misil sejenna? 14 Binih nu ditebarkeun teh, nya eta Sabda Allah. 15 Binih anu katebarkeun ka jalan, nya eta Sabda teh ditarimana ngan saliwat; harita kadenge, harita keneh dipupus ku Iblis; teu kungsi ngendek dina hatena. 16 Binih anu katebarkeun kana tanah cadas, nya eta Sabda teh gancang pisan ditarimana bari jeung gumbirana. 17 Tapi teu nepi ka ngakar kana hate, jadi bisa teu tahan. Ana datang dodoja atawa disusahkeun pedah daek nyekel Sabda tea, imanna luntur, kapercayaanana lebur. 18 Binih anu katebarkeun kana ruyuk cucuk, nya eta Sabda teh ditarima. 19 Tapi sajeroning kitu, jelemana, teu weleh dikukuntit ku karisi; tur kagoda ku haliah dunya jeung rupa-rupa kahayang napsu, nepi ka Sabda tea mah kagencet, teu nepi ka bisa ngabukti. 20 Panganggeusanana binih anu meneran kana taneuh anu lendo, nya eta Sabda teh didenge, ditarima, jeung diimankeun; hasilna kapetik buahna kaala, aya nu tilu puluh lipet, nu genep puluh lipet, jeung saratus lipet.” 21 Isa ngalahir deui, “Urang nyeungeut lampu teh, kapan lain rek dituruban ku baskom atawa diteundeun di kolong, tapi nya keur diteundeun di tempat parantina. 22 Naon bae anu disumput-sumput, awal ahir mah kanyahoan. Naon bae anu dirasiahkeun, awal ahir pasti kabuka. 23 Pake ceuli teh, pake ngadenge!” 24 Dawuhana-Na deui, “Ayeuna ieu perhatikeun: Ukuran anu ku maneh dipake ngukur batur, ku Pangeran baris dianggo ngukur deui ka maneh kalawan leuwih ti kitu. 25 Sabab sing saha anu geus boga, bakal ditambah. Sabalikna, nu teu boga naon-naon mah, milikna nu pang teu pirana ge, bakal dieuweuhkeun pisan.” 26 Dawuhana-Na deui, “Karajaan Allah teh lir binih nu ditebarkeun ku hiji jelema. 27 Geus kitu, peutingna mondok, beurangna hudang; binih jadi ku maneh. Eta jelema mah, teu nyahoeun kumaha petana binihna jadi. 28 Da anu ngalantarankeun jadina nepi ka buahan mah taneuh. Mimitina sirungan mentik, tuluy morontod ngagedean, bijil ranggeuyanana, beuki beuneur-beuki beuneur, nepi ka asak. 29 Eta anu melak teh sasadiaan, mun geus meujeuhna metik panen.” 30 Dawuhan Isa, “Ayeuna, Karajaan Allah teh urang upamakeun naon deui? Kumaha ngupamakeunana, supaya bisa diterangkeun? 31 Urang upamakeun bae siki sasawi, nya eta siki anu pangleutikna di antara sisikian. 32 Tapi lamun eta siki dipelakkeun, — ari geus jadi — di antara palawija mah, tangkalna teh panggedena; dahanna ge, nepi ka sok dipake tempat nyayang manuk.” Kitu cariosana-Na. 33 Geus baku ana nyarioskeun hal Karajaan Allah ka umum mah, Anjeunna nyarioskeunana teh sok nganggo upama bae; kawas bieu, diloyogkeun kana tahap pangarti maranehna. 34 Anjeunna mah, tara teu nganggo upama atawa ibarat-ibarat nyarioskeunana teh. Tapi di mana geus leupas ti balarea, ka murid-murid mah, eta ibarat-ibarat teh eces diterangkeun pihartieunana. 35 Poe eta keneh, sanggeus burit, Isa ngajak meuntas ka murid-murid, saur-Na, “Urang meuntas ka beulah ditu.” 36 Balarea dikantun, Anjeunna miheulaan kana parahu dituturkeun ku murid-murid; tuluy mareuntas bari dibaturan ku sababaraha parahu sejenna deui. 37 Gelebug aya angin ribut, talaga jadi motah, parahu meh-meh kalebuh kaasupan cai. 38 Harita, Isa nuju kulem di pungkur nganggo tilam. Geuwat digugahkeun. “Pa Guru!” Cek murid-murid. “Bade cicing bae urang bade cilaka teh?” 39 Isa enggal gugah, terus marentah ka angin, “Jep!” Marentah deui ka ombak, “Leler!” Jep bae angin sirep, kaayaan malik ayem kabina-bina. 40 Anjeunna ngadawuh ka murid-murid, “Naha wet geumpeuran teuing? Dikamanakeun eta iman teh?” 41 Ayeuna mah, murid-murid teh, sieunna jadi sieun ka Anjeunna. “Saha atuh nu saenyana ieu Guru urang teh? Bet digugu parentah-Na ku angin jeung ku ombak!” Pokna, ka pada batur.



5

1 Meuntasna geus nepi ka wewengkon tanah Gadara, peuntaseun Talaga Galilea. 2 Barang jut, Isa, tina parahu; prok, Anjeunna, amprok jeung hiji jelema anu datangna ti hiji pamakaman. 3 Eta teh jelema edan anu kasurupan roh jahat; cicingna ge di pamakaman bae. Eta jelema teh, geus teu bisa diurus, teu aya nu tahan, jeung taya tali atawa rante nu kuat dipake nyangcang manehna. 4 Sababaraha kali ditalikung make rante, tapi rantena pegat-pegat bae, malah beusi bangkol sukuna oge bisa dipingges-pinggeskeun. Bedasna luar biasa, taya nu sanggup ngahalang-halang deui! 5 Beurang peuting gawena ngaprak di pamakaman atawa di gunung-gunung, bari ceuceuleuweungan jeung nurihan maneh ku batu seukeut. 6 Harita, ti kajauhan keneh geus awaseun ka Isa; deregdeg manehna muru, brek sideku ka Anjeunna bari nyembah. 7 Tuluy ngagorowok, “Aduh Isa, Putra Allah Mahaagung! Bade dikumahakeun abdi teh? Demi Allah, ulah nyiksa!” 8 Sabab tadi Isa geus nimbalan kieu, “He roh jahat, ingkah maneh ti eta jelema!” 9 Isa terus mariksa, “Maneh saha ngaran?” Jawabna, “Legiun!” Sabab nu nyurupna teh, lobaan! 10 Tuluy anu nyebut ngaran Legiun teh, sasambat, menta supaya anu nyurupna, anu lobaan tea, ulah diusir ti daerah eta. 11 Teu jauh ti dinya, aya babi sabubuhan keur nyaratuan di lamping pasir. 12 Tuluy roh-roh jahat teh menta, “Ka itu bae atuh, widian nyurup ka babi-babi.” 13 Ku Anjeunna dirujukkan. Eta roh-roh jahat aringkah ti eta jelema, tuluy nyarurup ka babi-babi. Gerebeg babi nu sakitu lobana teh, kurang leuwih dua rebu, tingdurugdug lalumpatan ka gawir; terus eta babi-babi teh, bras-brus kana talaga, kabeh paraeh. 14 Jelema-jelema anu ngangon eta babi-babi tingbalecir, aya nu lumpat ka kota, aya nu ka kampung-kampung pikeun nyebarkeun beja. Anu dibarejaan riab harayang nyaho. 15 Ari gok jeung Isa, nyampak nu edan teh keur anteng diuk, geus barang pake, jeung ingetanana geus sehat. Tapi maranehna mah, sarieuneun keneh. 16 Sanggeus nyaraho buktina, tuluy hariweusweus ka nu sejen, nyaritakeun nu edan jeung babi-babi nu jaradi edan tea. 17 Ahirna, kabeh urang dinya rempug, maksa ka Isa supaya buru-buru ngantunkeun eta tempat. 18 Sanggeus Isa kana parahu, urut nu edan teh hayangeun milu. “Abdi ngiring,” pokna. 19 Tapi ku Isa diwagel, saur-Na, “Mending balik ka lembur. Pek, di ditu, caritakeun pitulung Pangeran anu sakitu anehna ka maneh, caritakeun kumaha rahman-rahim-Na ka maneh!” 20 Manehna nurut, tuluy indit ngider satanah Dekapolis (= Sapuluh Kota), nyaritakeun pitulung Isa. Anu ngadenge caritana, teu aya nu henteu ngarasa helok. 21 Isa meuntas deui ka peuntaseun eta talaga. Sasumpingna, jelema-jelema tumplek deui ka Anjeunna di sisi talaga. 22 Jol, saurang pangurus tempat ibadah; jenenganana Yairus. Sumping-sumping terus sujud ka Isa; 23 bari ngalengis mundut tulung, “Mugi sumping ka rorompok. Pun anak, awewe, udur repot. Hoyong dipangningalikeun sareng dipangnumpangankeun ku panangan Anjeun; nya supados katulungan sareng tiasa sehat deui!” 24 Isa rujuk, tuluy jengkar bareng bari diiring ku balarea anu pasesedek hayang deukeut ka Anjeunna. 25 Aya hiji awewe, geus dua welas taun katerap kasakit ngagetih. 26 Ka tabib geus sering, duit ge geus beak dipake tatamba. Tapi kasakitna teh, teu cageur-cageur; malah mah, tambah parna bae. 27 Barang ngadenge beja hal Isa, tuluy milu seselendep ka pungkureuna-Na. 28 “Rek nyabak tungtung jubah-Na bae aing mah, moal teu cageur!” Carekna ngomong sorangan. 29 Gap nyabak kana tungtung jubah. Set, ngagetihna, ngadadak eureun. Karasa jadi garenah, panyakit anu nyusahkeun teh geus cageur. 30 Bareng jeung eta, karaos ku Isa asa aya tanaga anu mencar tina salira-Na. Anjeunna luak-lieuk, lajeng mariksa, “Saha anu nyabak jubah Kami?” 31 Diwangsul ku murid-murid, “Naha nganggo mariksakeun anu nyabak? Tangtos da sakitu pasedek-sedekna.” 32 Tapi Isa tetep luak-lieuk, milarian jelemana. 33 Nu nyabak-Na ngarasa asa boga dosa; atuh pohara sieuneunana, bruk bae nyuuh kana sampeana-Na, tuluy ngaku sabenerna bari ngadegdeg. 34 Tapi Isa ngalahir, “Geus nyai! Sukur geus cageur mah. Eta teh ku sabab nyai boga iman. Heug, saterusna, sing cageur ti kajuwet teh.” 35 Sabot Anjeunna sasauran, jol aya jurungan ti bumi Pa Yairus, mawa beja, “Putra teh parantos pupus. Teu kedah ngarerepot deui ka Pa Guru.” 36 Tapi beja teh ku Isa henteu didangu. Anjeunna ngadawuh ka Pa Yairus, “Teu kedah rejag, sing yakin.” 37 Geus kitu, balarea ku Anjeunna diwagel teu meunang terus milu, iwal ti Petrus, Yakobus, jeung Yahya, dulurna tea. 38 Sasumpingna ka bumi Pa Yairus, nyampak nu keur careurik, tingrambisak, tingsalegruk, aya oge nu nepi ka aluk-alukan. 39 Tuluy Anjeunna lebet, nu keur careurik ditimbalan, “Ulah dipake nalangsa, parantos ulah narangis. Murangkalih teh lain maot, tapi keur sare!” 40 Tapi nya kitu, Anjeunna anggur disaleungseurikeun. Tuluy eta jelema-jelema teh, ku Anjeunna dipiwarang kalaluar; Anjeunna terus lebet ka kamar layon bareng jeung ibu ramana murangkalih jeung tilu murid-Na tea. 41 Ceg, leungeun layon teh, dicepeng; lajeng Anjeunna ngadawuh, “Talita Kumi,” hartina, “Gugah, nyai!” 42 Murangkalih terus ngulisik, cengkat, tuluy leuleumpangan. (Ari yuswana geus dua welas taun). — Atuh puguh bae matak kaget, matak bengong nu narenjo, hese dipercayana. 43 Tapi kabeh ge, ku Isa pohara diomat-omatanana, teu meunang ucah-aceh ka sasaha deui — Geus kitu, saur Isa, “Bere dahar, eta budak teh!”



6

1 Ti dinya Isa jengkar, mulih ka tempat asal-Na, diiring ku murid-murid. 2 Dina poe Sabat, Anjeunna ngawulang di tempat ibadah. Jamaah anu ngabarandungan Anjeunna pada ngarasa heran. Tuluy silih tanya, “Na boga pamanggih ti mana? Jeung pangabisa naon eta teh, wet bisaeun nyieun mujijat sagala? 3 Lain tukang kayu tea eta teh, anak Siti Maryam lanceuk ki Yakobus, Yoses, Yudas, jeung Simon? Adi-adina anu awewe oge lain di urang matuhna teh?” Tuluy maranehna jadi ngarasa teu resep sarta ahirna, Isa, ku maranehna ditampik. 4 Isa ngadawuh, “Nabi mah, di mana-mana diharagaan; ngan di lembur sorangan, di lingkungan kulawargana, atawa di tengah dulur-dulurna anu henteu teh.” 5 Di dinya mah, Anjeunna henteu kantos ngayakeun mujijat naon-naon; salian ti nyageurkeun sawatara urang anu garering ku jalan numpangkeun panangana-Na. 6 Isa jengkar deui, lebet kampung kaluar kampung bari ngawulang. 7 Geus kitu, Anjeunna ngempelkeun murid-murid-Na. Tuluy eta murid-murid teh, duaan-duaan, diutus bari dipaparin kawasa pikeun nundung roh-roh jahat. 8 Timbalana-Na, “Teu meunang mawa naon-naon, iwal ti iteuk: Teu meunang mawa roti atawa bekel, beubeur ulah dieusi ku duit, 9 meunang make tarumpah, tapi ulah mawa pisalin.” 10 Saur-Na deui, “Mun geus ditarima di hiji tempat, nganjrekna ge kudu di dinya bae, tepi ka waktuna kudu indit deui. 11 Upama hiji tempat embungeun narima, embungeun ngadenge ka maraneh; tinggalkeun bae, bari kejekkeun kekebul tina suku, pikeun bukti ka urang dinya.” 12 Bral murid-murid arindit, ngayakeun uar pangajak yen jelema-jelema kudu tarobat. 13 Lian ti eta, murid-murid teh oge ngusir roh-roh jahat jeung nyageurkeun anu garering ku jalan diolesan minyak. 14 Raja Herodes oge ngadangu hal ihwal Isa, kawantu jenengan Isa geus kamashur. Cek jalma rea mah, Anjeunna teh, Nabi Yahya nu hudang deui ti anu geus maraot; mana jadi sakitu kawasana. 15 Cek nu sawarehna deui mah, Anjeunna teh, Nabi Elias. Aya oge anu nyangka yen Anjeunna teh, nabi; nya kawas nabi-nabi nu baheula tea. 16 Ari saur raja Herodes mah, “Moal salah, eta teh, Yahya anu ku aing diteukteuk beuheungna tea; ayeuna, manehna hirup deui!” 17 Memang, Herodes anu miwarang nagkep Nabi Yahya teh; salian diborgol, anjeunna ge dijebloskeun ka panjara. Asalna mah, sang Raja teh nyandak Herodias, — geureuha Pilipus, saderekna — didamel prameswari; 18 ari ku Nabi Yahya, sang raja teh ditegor, saurna, “Nyandak geureuha saderek teh, haram hukumna.” 19 Herodias jadi neuteuli ka Nabi Yahya. Anjeunna teh, hoyong nelasan Nabi Yahya, tapi teu iasa. 20 Sabab raja Herodes, rada serab ku anjeunna; da Herodes mah uninga yen Yahya teh, jalmi bener tur suci; jadi, anjeunna ditangtayungan. Ana anjeunna ngadangukeun Yahya, manahna sok mandeg mayong, tapi resep ngabandungan kasauranana. 21 Tapi ahirna mah, Herodias teh mendak kasempetan oge. Eta kasempetan teh, nya eta waktu sang raja mestakeun ulang taunna sarta ngondangan para pembesar, perwira-perwira, jeung pepentol-pepentol tanah Yudea. 22 Harita, putrina Herodias majeng nyirimpi, nyukakeun sang raja jeung tamu-tamu. Sang raja ngalahir ka eta putri, saurna, “Pek, nyuhunkeun naon bae ka ama; engke, ku ama dipasihan.” 23 Malah sang raja sumpah, “Naon sakapalay nyai, najan sabeulah karajaan pisan, ku ama ditedunan.” 24 Murangkalih lebet heula, unjukan ka ibuna, “Naon anu kedah disuhunkeun?” Walon Herodias, “Nyuhunkeun sirah Yahya bae!” 25 Murangkalih kaluar deui, unjukan, “Nyuhunkeun sirah Yahya dina baki, nyuhunkeun ayeuna!” 26 Sang raja ngajenghok. Tapi ku sabab geus sumpah tea, tur payuneun tamu-tamuna, anjeunna teu iasa nolak. 27 Lajeng anjeunna marentah gulang-gulang sina nugel mastaka Yahya. Gulang-gulang terus indit, mastaka Yahya ditugel. 28 Mastakana dibakian, dipasrahkeun ka nyi putri; terus ku nyi putri dihaturkeun ka ibuna. 29 Sanggeus murid-murid Yahya tarerangeun, layonna dicandak, terus dikurebkeun. 30 Rasul-rasul utusan tea, geus baralik; tuluy maranehna ngadareuheus ka Isa, ngadadarkeun hasil pagawean jeung pangajaranana. 31 “Hayu sarerea urang neangan nu sepi, supaya bisa jongjon ngareureuh heula,” saur Isa ka maranehna. Sabab harita teh, keur loba pisan jelema balawiri, nepi ka teu kabujeng tuang-tuang acan. 32 Terus sarerea kana parahu, meuntas ka tempat anu mencil. 33 Tapi sabot kana parahu, katarenjoeun ku jelema-jelema jeung tujuanana teh geus kataksir. Tuluy anu ti kota-kota buru-buru nyarusul ka ditu, ku jalan darat; eta nu nyarusul teh, tepina ti heula. 34 Barang Isa lungsur ka darat, maranehna geus kumpul. Kacida lobana teh, matak ngahelas kana manah-Na; nya asa ningali domba anu euweuh pangangonna. Tuluy bae ku Anjeunna diwuruk rupa-rupa hal. 10:2, Mat. 9:36* 35 Sanggeus rada burit, murid-murid mihatur, “Jungjunan, parantos burit sareng di dieu teh tempat mencil. 36 Jalmi-jalmi teh sina mios bae, sina maleser tedaeun masing-masing di desa atanapi kampung anu caket-caket.” 37 Tapi saur Isa, “Ku maraneh bae suguhan.” Wangsul murid-murid, “Jadi, abdi-abdi kedah mios meser roti keur jalmi sakitu seueurna, ari artos mung aya dua ratus dinar?” 38 Saur Isa, “Aya sabaraha roti di maraneh? Cik, ilikan.” Sanggeus diilikan, “Roti kantun lima; lauk dua siki.” 39 Jalma-jalma teh ku Anjeunna dipiwarang dariuk, gugundukan dina jukut anu keur meujeuhna hejo. 40 Gek, maranehna darariuk gugundukan, aya nu saratus aya nu lima-lima puluh urang. 41 Sanggeus Anjeunna nyandak roti anu lima jeung laukna dua siki tea, Anjeunna tanggah ngucapkeun berkah. Terus rotina disemplekkan, tuluy dipaparinkeun ka murid-murid sina dibagikeun. Laukna oge dibagikeun ka kabehan. 42 Terus kabeh dalalahar nepi ka sareubeuhna. 43 Kaleuwihanana, beunang nyemplekkan tea, dikumpulkeun; meunang dua belas bakul pinuh, jaba kaleuwihan laukna. 44 Anu disuguh dahar, harita, aya lima rebu urang. 45 Geus kitu, murid-murid, ku Isa dipiwarang meuntas ti heula ka tanah Betsaida. Jelema-jelema ge dipiwarang baralik. 46 Sanggeus kabeh arindit, Anjeunna unggah ka luhur pasir bade ngadu'a. 47 Tengah peuting, murid-murid, geus aya di satengahing talaga; ari Anjeunna mah, di darat keneh, nyalira. 48 Anjeunna uninga yen murid-murid keur tihothat ngadayung lantaran angin ngadat; ku sabab eta, kira-kira dina pukul tilu janari, Anjeunna geus aya tapak kancang deukeut parahu murid-murid, semu rek ngalangkung. 49 Barang katenjo ku murid-murid, maranehna mani tingsareblak; cop bae ka jurig, tuluy tingkoceak, 50 da kabehanana narenjoeun, pohara sarieuneunana. Tapi ku Anjeunna digentraan, “Teger! Kami ieu teh, ulah sieun!” 51 Tuluy Anjeunna unggah kana parahu; jep bae, angin teh leler. Ari murid-murid ngan bengong jeung bingung bae anu aya. 52 Sakitu geus nenjo mujijat tina hal roti tea oge, weleh ku maranehna henteu diuji ku ati, bangun anu sabodo bae. 53 Ti dinya, kebat meuntasna; jol ka tanah Genesaret, tuluy balabuh. 54 Barang lungsur tina parahu, urang dinya jol-jol tenget bae ka Anjeunna. 55 Atuh tuluy bae, eta urang dinya teh lalumpatan ka jero kampung; ari balikna deui bari ngagotongan anu garering. Kitu bae, di mana-mana oge, lamun aya beja ngeunaan Anjeunna teh. 56 Angkat ka mana bae, ka desa-desa, ka kota-kota, atawa kampung-kampung, nu garering teh diteundeun di pasar-pasar, marenta diwidian nyabak kana tungtung jubah-Na wungkul. Sakur anu nyabak, terus bae calalageur.



7

1 Hiji mangsa aya rombongan urang Parisi jeung ahli-ahli Kitab ti Yerusalem nepungan Isa. 2 Kataringalieun ku aranjeunna yen murid-murid Anjeunna, anu sawarehna, dalaharna teh make leungeun najis, nya eta henteu sibanyo heula. 3 Urang Parisi mah, sakumaha lumrahna urang Yahudi; ari henteu ngumbah heula leungeun mah, aranjeunna teh tara waka dahar sabab gugon kana adat karuhun. 4 Tas ti pasar oge, aranjeunna mah tara waka dahar lamun acan ngumbah heula awak. Loba-loba deui adat titinggal karuhunna, kacida digumatikeunana; upamana bae, hal ngumbah cacangkir, kendi, jeung pakakas tina tambaga. 5 Kitu nu matak, harita, aranjeunna nyarios ka Isa, “Ari murid-murid Anjeun, hirupna teh, naha henteu nyekel ka adat tali paranti karuhun urang? Sabab dalaharna teh, make leungeun anu najis.” 6 Ari waler-Na, “Cocog sakumaha piwejang Nabi Yesaya, aranjeun teh, he jelema-jelema anu munapek! Kieu saurna: Ieu umat, biwirna ngagungkeun Kami; tapi batinna mah, mungkir ti Kami. 7 Ibadahna ka Kami teh cumah bae; sabab anu diajarkeunana teh, nya eta parentah manusa. 8 Aranjeun mopohokeun parentah Allah lantaran gugon ka adat istiadat manusa.” 9 Saur-Na deui ka aranjeunna, “Bisa pisan aranjeun mah ngalindih parentah Allah, malar bisa miara adat tali paranti karuhun sorangan. 10 Sabab saur Nabi Musa: Kudu hormat ka indung bapa! jeung: Sing saha anu ngagorengkeun bapa atawa indung, kudu paeh. 11 Ari cek aranjeun, mun jalma ka bapana atawa ka indungna ngomong: Naon-naon nu aya di kuring, nya eta anu tadina keur kaperluan bapa jeung ema; ayeuna, ku kuring parantos digunakeun pikeun kurban; — sembahkeuneun ka Pangeran — 12 nu kitu teh, ku aranjeun mah teu dijurung deui nedunan kawajibanana ka indung bapana. 13 Ku kituna, parentah Allah teh ku aranjeun henteu dianggap; da kukuh kana adat tali paranti karuhun bae. Loba-loba deui kalakuan aranjeun anu kawas kitu teh.” 14 Isa lajeng ngahiapkeun jalma rea sina kumpul, pok nyarios, “Ieu barandungan jeung lenyepan: 15 Sakur-sakur nu asal ti luar asup ka urang, teu aya nu matak najis. Tapi sakur-sakur anu kaluar ti urang, tah eta anu najis teh.” ( 16 Mun enya ceuli teh paranti ngadenge, masing enya-enya nya ngadenge!) 17 Sanggeus Anjeunna lebet ka hiji imah ngantunkeun jalma rea, murid-murid-Na mihatur hayang terang harti misil anu tadi. 18 Waler-Na, “Kutan maraneh oge henteu ngarti? Na enya maraneh teu nyaho, yen nu asal ti luar asupna ka urang teu matak najis? 19 Apan asupna teh, lain ka jero hate; tapi kana beuteung, anu tuluyna dipiceun ka jamban.” Ku hal ieu, ku Anjeunna dinyatakeun, yen kabeh kadaharan teu aya nu henteu halal. 20 Saur-Na deui, “Naon bae nu kaluar ti jelema, eta najis. 21 Sabab anu bijilna ti jero, nya eta ti jero hate, nimbulkeun rupa-rupa pikiran goreng, pacabulan, pamalingan, rajapati, 22 pajinahan, kahawekan, kajahatan, pacurangan, hawa napsu, pasirikan, parahulan, kasombongan, jeung kagejulan. 23 Ieu sipat-sipat kajahatan kabeh timbul ti jero jeung matak najis.” 24 Sanggeus sasauran, Isa angkat ti dinya, ka daerah Tirus. Anjeunna lebet ka hiji imah; ari kahoyong-Na mah ulah aya nu nganyahoankeun, tapi buktina teu bisa disumput-sumput. 25 Sabab teu lila, aya hiji ibu, anu anakna nu awewe diraksuk ku roh jahat meunang beja; tuluy manehna buru-buru datang, nyuuh kana sampeana-Na. 26 Eta ibu teh urang Yunani, bangsa Siropuniki; manehna aya panunuhun ka Isa, nya eta supaya roh jahat anu ngaganggu anakna diusir. 27 Tapi saur Isa ka manehna, “Keun, barudak heula sina sareubeuheun; sabab teu hade ngarebut roti anu pikeun barudak, terus dialungkeun ka anjing.” 28 Si ibu ngawangsul, “Leres kituna mah, Jungjunan. Nanging anjing oge, anu nagog di kolong meja, sok ngiring ngaletak remeh anu nyarikclikan ti leungeun barudak.” 29 Saur Isa ka eta ibu, “Ku sabab cek ibu, kitu; ayeuna mah, ibu geura mulang sabab setan teh geus ingkah ti anak.” 30 Eta ibu terus balik, kasampak anakna keur ngedeng di enggon, jeung setanna geus ingkah. 31 Isa jengkar ti daerah Tirus, ngalangkungan tanah Sidon, ngabujeng ka Talaga Galilea di tengah-tengah daerah Dekapolis. 32 Di dinya, aya jelema anu, nya torek, nya pireu dideuheuskeun ka Anjeunna menta ditumpangan panangan. 33 Eta jelema, ku Isa, dipisahkeun ti nu rea. Sanggeus paduduaan, ceuli nu torek teh dicolok ku remana; terus Anjeunna ngaludah bari tuluy nyabak kana letahna. 34 Bari tanggah, ningali ka langit, Anjeunna narik napas, tuluy nyaur, “Efata!” hartina “Udar!” 35 Plong bae, ceuli nu torek teh, ngemplong dibarung ku letahna udar tina tatali, nepi ka bisa ngomong bentes pisan. 36 Anu araya di dinya, ku Anjeunna, dipesen ulah rea omong. Tapi beuki dilarang, maranehna, beuki resep bae nyaritakeunana nepi ka nyebar ka mana-mana. 37 Maranehna bati bengong mikahelok bari ngaromong kieu, “Sagala damel-Na pitulung wungkul, nu torek disina bisa ngadenge, nu pireu disina bisa ngomong.”



8

1 Harita, di dinya oge, loba deui bae jelema. Tapi maranehna, geus teu baroga dahareun. Lajeng Isa nyaur murid-murid, saur-Na, 2 “Kami karunya ka ieu jelema-jelema anu sakitu lobana. Geus tilu poe, maranehna mimilu ka Kami; ayeuna, maranehna geus teu barogaeun dahareun. 3 Kami teu tega nitah balik lapar. Tangtu engke pada kalempohan sabab loba anu jarauh lemburna.” 4 Wangsul murid-murid, “Kumaha bade nyuguhanana, margi ieu tempat teh mencil pisan.” 5 Isa mariksa, “Ari di maraneh aya sabaraha roti?” Wangsulna, “Tujuh siki.” 6 Ku Anjeunna, jelema-jelema teh, dipiwarang dariuk dina taneuh. Roti anu tujuh ku Anjeunna dicandak, terus muji sukur; geus kitu, eta roti ku Anjeunna disemplekkan, terus dipaparinkeun ka murid-murid sina dibagikeun. 7 Jaba ti eta, aya oge lauk sababaraha siki; sanggeus Anjeunna muji sukur deui, laukna dibagikeun. 8 Tuluy jelema-jelema teh dalalahar saseubeuhna. Potongan-potongan roti, leuwihna, dikumpulkeun: Meunang tujuh bakul. 9 Anu dalahar teh, kira-kira aya opat rebu urang. Geus kitu, ku Isa dijurung marulang. 10 Ari Anjeunna, unggah kana parahu jeung murid-murid, ngabujeng ka daerah Dalmanuta. 11 Jol urang Parisi, tuluy soal jawab jeung Isa. Aranjeunna menta ka Isa supaya ngabijilkeun hiji tanda ti sawarga; maksudna, seja ngadoja ka Anjeunna. 12 Anjeunna rumahuh jeroning manah, tuluy saur-Na, “Ieu jelema-jelema jaman kiwari marenta tanda? Cek Kami, maraneh, umat kiwari ku Kami moal dibere tanda!” 13 Anjeunna terus angkat ti dinya, unggah deui kana parahu terus meuntas. 14 Waktu unggah kana parahu, murid-murid poho mawa roti, ngan mawa hiji. 15 Ari Isa lajeng nyaur, mepelingan, saur-Na, “Masing awas, ati-ati, kana ragi urang Parisi jeung ragi Herodes.” (Ragi di dieu hartina: kamunapekan). 16 Murid-murid malalikir terus ngomong pada batur, “Kitu nyariosna teh lantaran urang teu boga roti.” 17 Kadangu ku Isa, pok sasauran, “Naha ngaromongkeun teu boga roti? Kutan can paham, can ngarti keneh? Geus paeheun pikir? 18 Boga panon lain dipake nenjo, boga ceuli lain dipake ngadenge. Na geus paroho 19 waktu Kami nyemplekkan roti, anu lima siki tea, didahar ku lima rebu urang, sabaraha bakul leuwihna beunang maraneh ngumpulkeun?” Wangsulna, “Dua belas bakul.” 20 “Jeung anu tujuh siki, disuguhkeun ka opat rebu urang, sabaraha bakul sesana?” Wangsulna, “Tujuh bakul.” 21 Saur-Na deui, “Can ngarti keneh bae?” 22 Satuluyna, Isa sumping ka kampung Betsaida jeung murid-murid. Di dinya, aya nu lolong, tuluy dideuheuskeun ka Anjeunna, nyuhunkeun supaya dipangrampakeun. 23 Ku Anjeunna dicepeng leungeunna, ditungtun dicandak ka luareun kampung. Terus panonna ku Anjeunna diludahan bari dirampa, pok dipariksa, “Geus aya nu katenjo?” 24 Nu lolong nyeueung ka hareup, tuluy ngawangsul, “Ningal jalmi, rupina keur leuleumpangan, mung katingalna sapertos tatangkalan.” 25 Panonna ku Isa dirampa deui; bray bae, ayeuna mah beunta enyaan, tetenjoanana awas jeung cekas. 26 Ku Anjeunna dipiwarang balik, ngan saur-Na, “Ulah ka kampung itu deui!” 27 Isa samurid-murid angkat ka kampung-kampung saputereun tanah Kesarea Pilipi. Di tengah jalan mariksa ka murid-murid, saur-Na, “Ari cek jalma rea, ieu Kami saha?” 28 Wangsulna, “Aya nu nyebatkeun Nabi Yahya, aya nu nyebatkeun Nabi Elias, aya oge anu nyebatkeun salah sawios nabi.” 29 Anjeunna mariksa deui, “Ari cek maraneh, Kami saha?” Petrus ngawangsul, “Cek abdi mah, Al Masih!” 30 Murid-murid, ku Anjeunna, diomat-omatan teu meunang rea carita saha Anjeunna. 31 Geus kitu, Isa wawangsit ka maranehna; saur-Na Putra Manusa teh misti nandang sangsara anu pohara; tur Anjeunna teh baris ditampik ku parakokolot, ku imam-imam kapala, jeung ku ahli-ahli Kitab; terus Anjeunna teh bakal ditelasan, tapi bakal gugah deui sanggeus tilu poe. 32 Sasaurana-Na teh, terang-terangan pisan. Ku Petrus dikenyang ka sisi, manehna mihatur maksudna ngemutan. 33 Tapi Anjeunna malik, ningali ka murid-murid sejen, terus nyeuseul ka Petrus, saur-Na, “Nyingkah, Iblis! Maneh mikir teh lain kana pangersaning Allah, tapi kana kahayang jelema!” 34 Ti dinya, jalma rea ku Anjeunna dihiapkeun, kitu deui murid-murid, sina kumpul, lajeng sasauran, “Saha-saha anu arek ngiring Kami, kudu nyegah kahayang napsuna, kudu manggul salibna, sarta anut ka Kami. 35 Sabab saha-saha anu rek nyalametkeun nyawana, bakal kaleungitan nyawa; sabalikna, anu kaleungitan nyawa demi Kami jeung demi Injil, pinasti bakal salamet. 36 Naon gunana meunangkeun saalam dunya, tapi nyawana leungit? 37 Naon anu bisa dipake gaganti nyawana? 38 Sabab sing saha anu era ngaku Kami sarta era kana pangajaran Kami di kalangan umat kiwari anu teu satia tur doraka; Putra Manusa oge kitu, — di mana geus datang kalawan kamulyaan Rama-Na bari diiring ku para malaikat suci — bakal era ngaku ka jelema anu kitu.”



9

1 Saur-Na deui, “Kalawan saenyana, cek Kami ka maraneh: Di antara anu ayeuna araya di dieu, aya anu moal waka paeh samemeh nyaraksian datangna Karajaan Allah anu dibarengan ku kakawasaan.” 2 Heuleut genep poe, ti harita, Isa unggah ka hiji gunung anu luhur. Anjeunna nyandak Petrus, Yakobus jeung Yahya. Di gunungna, ngan aranjeunna bae. Dak dumadak, ku maranehna katenjo Isa salin rupi; 3 panganggo-Na bodas gumebyar, di dunya moal aya anu bisa nyieun bodas kawas kitu. 4 Breh deui katembong aya Nabi Elias jeung Nabi Musa, cacarios jeung Isa. 5 Pok, Petrus mihatur, “Rabi, kalintang asa bagjana abdi-abdi di dieu teh. Abdi bade mangdamelkeun saung, hiji kangge Jungjunan, hiji kangge Nabi Musa, hiji deui kangge Nabi Elias.” 6 Ngomongna asal ngomong bae, pangpangna pikeun ngabangbalerkeun kasieun. 7 Sabot kitu, aya mega anu ngiuhan ka Aranjeunna. Tina eta mega aya sora, “Nya ieu Putra Kami anu dipikanyaah. Masing anut ka Anjeunna.” 8 Sabot maranehna tingtareuteup keneh, teu kanyahoan deui yen geus teu aya sasaha, iwal ti Isa nyalira. 9 Sabot marudun ti gunung, maranehna ku Isa diwawantian sina ulah rea carita tina hal papanggihanana tadi, samemeh Putra Manusa gugah deui ti anu geus maraot. 10 Pamundut Isa ku maranehna disanggupan, bari terus nyoalkeun kecap “gugah deui ti anu geus maraot” pada batur. 11 Pok malihatur kieu, “Naon margina ahli-ahli Kitab nyaurkeun yen Nabi Elias kedah sumping ti heula?” 12 Waler Isa, “Enya, Nabi Elias baris sumping ti heula, pikeun ngomean sakur nu perlu. Tapi anu tumali jeung Putra Manusa kumaha? Apan hal eta oge geus aya tulisanana, yen Anjeunna bakal nandang sangsara anu pohara sarta dihinakeun. 13 Tapi, cek Kami ka maraneh: Saenyana Nabi Elias teh geus sumping, tapi jelema-jelema nyieun sakarep-karep bae ka anjeunna teh; eta teh, cocog, sakumaha anu geus dituliskeun ngeunaan hal anjeunna.” 14 Sanggeus Isa sumping jeung muridna anu tiluan tea, kasampak eta murid-murid anu lianna keur digembrong ku jalma rea; tur aya sababaraha urang ahli Kitab anu keur nyual ka maranehna. 15 Jalma rea nenjo Anjeunna sumping teh bangun bengong, terus buru-buru marapagkeun. 16 Ku Anjeunna dipariksa, “Aya perkara naon jeung itu?” 17 Pok nu saurang mihatur, “Guru, abdi teh ngabantun pun anak ka dieu. Pun anak teh diganggu ku roh jahat dugi ka jadi pireu. 18 Unggal diganggu, pun anak teh dugi ka tibabaranting, sungutna ngabudah, huntuna tikekereket, sareng eta awakna jeger. Parantos nyuhunkeun ka Tuang murid, supados roh jahatna diusir, nanging henteu tariasaeun.” 19 Saur Isa ka maranehna, “Beu, maraneh teh umat anu teu boga iman! Kudu sabaraha lilana Kami aya di maraneh teh? Nepi ka mana Kami kudu sabar ka maraneh? Bawa budakna ka dieu!” 20 Tuluy eta budak teh, dibawa ka Anjeunna. Barang roh jahatna nenjo ka Isa, budak teh digubag-gabig terus tibeubeut kana taneuh, ngagorentel, jeung sungutna teh ngabudah. 21 Isa mariksa ka bapana, “Geus lila kituna?” Wangsulna, “Ti aalit. 22 Sering pisan, pun anak teh, disered kana seuneu atanapi ka cai bade dibinasa. Kitu nu mawi, manawi Anjeun iasa; abdi teh neda dipihawatos, tulungan.” 23 Waler Isa, “Cek maneh mun Kami bisa? Euweuh barang mustahil pikeun anu percaya mah!” 24 Bapa budak gancang ngalengis, “Kantenan, abdi percanten. Bilih bae abdi teu percanten, nyuhunkeun piwelas-Na bae!” 25 Barang ku Anjeunna katingali jelema-jelema beuki loba anu ngangseg ngadareukeutan; Anjeunna nimbalan ka roh jahat tea, bengis pisan, saur-Na, “Eh, roh jahat anu nyababkeun ieu budak pireu jeung torek, ingkah maneh ti eta budak; ulah ganggu-ganggu deui!” 26 Gancang eta roh jahat teh kaluar bari ngoceak jeung ngagubag-gabig eta budak nemen pisan. Katembongna, eta budak teh, lir paeh bae; nepi ka cek jelema-jelema teh, geus paeh. 27 Tuluy eta budak teh, ku Isa dicepeng leungeunna, dihudangkeun; terus bae manehna hudang sorangan. 28 Sanggeus Anjeunna ngan kari jeung murid-murid bae di imah, murid-murid haturan, “Naon margina abdi-abdi teu tiasa ngusir eta roh?” 29 Waler Isa, “Bangsa kitu mah bisana diusir ngan ku paneda.” 30 Isa katut murid-murid jengkar ti dinya, ngalangkungan Galilea: Nya da Anjeunna hoyong ulah kanyahoan ku saha bae. 31 Sabab Anjeunna bade wawangsit ka murid-murid. Kieu saur-Na, “Putra Manusa teh, bakal diselehkeun kana genggeman manusa; terus ku maranehna Anjeunna bakal dipaehan; tapi sanggeus tilu poe ti wates dipaehan, Anjeunna baris hudang deui.” 32 Teu kaharti ku murid-murid mah kasaurana-Na teh, tapi teu wani naranyakeun. 33 Isa jeung murid-murid sumping ka kota Kapernaum. Sanggeus araya di bumi, Anjeunna mariksa ka murid-murid, “Ngaromongkeun naon tadi di jalan?” 34 Murid-murid ngabaretem sabab tadi teh, maranehna, cekcok marebutkeun saha nu unggul di antara maranehna. 35 Gek, Anjeunna linggih, murid-murid sina kumpul; terus Anjeunna sasauran, “Anu hayang ti heula, kudu daek jadi pangpandeurina jeung jadi pelayan batur-batur.” 36 Tuluy Anjeunna nyandak hiji budak leutik, ditangtungkeun di tengah; terus eta budak, ku Anjeunna dirangkul. Saurna ka murid-murid, 37 “Saha-saha bae anu nampa budak, pantar ieu, demi Kami; eta teh nampa Kami. Saha-saha nu nampa Kami, lain nampa Kami; tapi nampi Anjeunna, nya eta anu ngutus Kami tea.” 38 Pok, Yahya mihatur, “Pa Guru, abdi-abdi kantos ningal aya jalmi anu sanes ti barisan urang, nanging ngusir setan kalayan nyebat Tuang jenengan. Ku abdi-abdi, manehna, dicarek; da sanes ti barisan urang tea.” 39 Saur Isa, “Ulah dicarek! Sabab moal aya jelemana, anu tas nyieun mujijat demi ngaran Kami terus ngagogoreng Kami. 40 Anu ka urang henteu ngalawan mah, tandaning aya di barisan urang. 41 Kami ngabejaan: Saenyana sing saha anu mere nginum ka maneh, najan ngan sacangkir, ku sabab nyahoeun yen maneh panganut Al Masih; tinangtu manehna meunang ganjaran.” 42 “Saha-saha anu ngalantarankeun pecatna iman salah sahiji ti barudak leutik anu percayana ka Kami kawas ieu; leuwih hade, mun eta jelema dibangbaluhan beuheungna ku batu panggilingan, terus dibalangkeun ka laut. 43 Jeung bisi bae, salah sahiji ti leungeun nu maraneh tea ngalantarankeun pecatna iman; teukteuk bae! Sabab leuwih hade buntung, tapi maraneh asup ka alam hirup; tinimbang leungeun walagri, tapi maraneh dibalangkeun ka naraka, kana seuneu nu teu pareum-pareum tea ( 44 di dinya mah, bilatungna teh, teu paeh-paeh jeung seuneuna ge, teu pareum-pareum.) 45 Bisi bae, salah sahiji ti suku nu maraneh tea ngalantarankeun pecatna iman; teukteuk bae! Sabab leuwih hade pincang, tapi maraneh asup ka alam hirup; ti batan suku walagri, tapi maraneh dibalangkeun ka naraka ( 46 di dinya mah, bilatungna teh, henteu paeh-paeh jeung seuneuna ge, teu pareum-pareum.) 47 Bisi bae, salah sahiji ti panon nu maraneh ngalantarankeun pecatna iman; cokel bae! Sabab leuwih hade panon kences, tapi maraneh asup ka Karajaan Allah; tinimbang ngabogaan panon dua, tapi maraneh dibalangkeun ka naraka, 48 anu bilatung bangkena teu paeh-paeh jeung seuneuna ge teu pareum-pareum. 49 Sabab unggal-unggal jalma, bakal diuyahan ku seuneu. 50 Uyah teh alus; tapi upama eta uyah geus jadi tiis tawar, naon deui anu bisa mulihkeun rasa asinna? Jadi, dina diri maraneh teh kudu aya uyahna; jaba ti eta, jeung pada batur, hirup teh, kudu akur.”



10

1 Ti dinya, Isa jengkar deui ka daerah Yudea jeung daerah peuntaseun walungan Ciyordan. Di dinya oge, loba pisan jelema nu daratang ka Anjeunna sarta saperti biasana, Anjeunna maparin piwuruk. 2 Urang-urang Parisi oge daratang; maksudna, rek ngadoja ka Anjeunna, nanya kieu, “Ari salaki meunang nyerahkeun bojona?” 3 Tapi ku Anjeunna diwaler kieu, “Parentah Nabi Musa ka aranjeun, kumaha?” 4 Walonna, “Nabi Musa ngidinan nyerahkeun, tapi kudu make surat talak.” 5 Saur Isa, “Nabi Musa netepkeun eta parentah ka aranjeun teh, lantaran aranjeun baredegong. 6 Sabab barang mimiti alam dunya, Allah ngadamel jelema lalaki jeung awewe. 7 Ku sabab kitu, lalaki teh, kudu incah ti indung bapa terus ngahiji jeung pamajikanana; 8 nepi ka duanana ngajadi sadaging. 9 Kitu, nu matak naon-naon anu geus dihijikeun ku Allah, ulah dipisahkeun ku manusa.” 10 Sanggeus araya di bumi, murid-murid mihatur ka Anjeunna, nanyakeun hal ngeunaan lalaki jeung awewe tea. 11 Ari saur-Na, “Saha-saha anu nyerahkeun pamajikanana, tuluy kawin ka awewe sejen; imah-imah jeung pamajikan anu ieu teh, lampah jinah. 12 Kitu deui, lamun awewe ninggalkeun salakina, terus kawin ka lalaki sejen; imah-imah jeung salakina nu ieu teh, lampah jinah.” 13 Ti dinya, jul-jol anu ngadareuheuskeun barudak leutik ka Anjeunna, menta dipangrampakeun; tapi ku murid-murid mah, maranehna teh dicarekan. 14 Sanggeus kauninga ku Isa, eta murid-murid-Na teh, diseuseul Anjeunna, saur-Na, “Ingkeun, eta barudak teh sina ka Kami ulah dihalang-halang. Sabab jelema anu saperti eta barudak, nu boga Karajaan Allah teh. 15 Cek Kami, ka maraneh: Saenyana pisan, saha-saha anu henteu mapagkeun Karajaan Allah lir budak leutik, pamohalan asup ka dinya.” 16 Tuluy barudak teh, ku Anjeunna dirangkul bari ditumpangan panangan sarta diberkahan. 17 Waktu Isa nembe jengkar neraskeun perjalanan, aya anu lumpat mendakan Anjeunna; terus eta jelema deku payuneuna-Na, pok mihatur, “Pa Guru anu berbudi, abdi teh hoyong tinemu sareng hirup anu langgeng, kedah kumaha?” 18 Waler Isa, “Naha wet nyebut berbudi ka Kami? Saurang ge teu aya anu berbudi, anging Allah bae. 19 Anjeun oge tangtu nyaho parentah-parentah Allah: Ulah maehan, ulah jinah, ulah maling, ulah mere panaksen palsu, ulah macikeuh hak batur, jeung kudu hormat ka bapa ka indung!” 20 Eta jelema ngawangsul, pokna, “Pak Guru, eta sadayana parantos dilakonan ti ngongora.” 21 Tapi ku Isa diteuteup, semu nu welas; pok, Anjeunna ngalahir, “Ngan sarupa kurangna teh: Bral balik heula, jual kabeh kakayaan, duitna dermakeun ka nu mariskin, ambeh anjeun meunangkeun banda sawarga; terus anjeun balik deui ka dieu, ngiring Kami.” 22 Meunang waleran kitu, eta jelema mani melenguk; terus anjeunna mulang bari jeung semu ngungun; da kacida lobana, bandana teh. 23 Isa neuteup ka murid-murid-Na, nu aya di sakuriling-Na; lajeng Anjeunna ngalahir, “Hese pisan jelema jegud asup ka Karajaan Allah teh.” 24 Murid-murid-Na, arolohok ngadenge pilahir-Na teh. Tapi Anjeunna ngalahir deui, “Barudak, kacida banggana nya asup ka Karajaan Allah teh. 25 Babari keneh onta nyeplos kana liang jarum, ti batan jelema jegud asup ka Karajaan Allah.” 26 Murid-murid jadi gehger, ngaromong pada baturna, “Lamun kitu, saha nu baris salamet atuh?” 27 Sanggeus neuteup, Isa ngalahir ka maranehna, “Cek manusa mah, eta teh mustahil; tapi henteu, pikeun Allah mah. Sagala rupa oge, pikeun Allah mah, euweuh anu mustahil.” 28 Pok, Petrus mihatur, “Abdi-abdi parantos cul naon-naon, teras ngiring ka Jungjunan!” 29 Waler Isa, “Nah, cek Kami: Unggal-unggal jelema anu cul imah-tangga, cul dulur lalaki dulur awewe, cul indung cul bapa, cul anak cul pakaya, demi Kami jeung demi Injil, 30 ti ayeuna keneh, eta jelema bakal nampa saratus tikel: Imah, dulur awewe dulur lalaki, indung, anak, pakaya, sanajan kituna teh bari teu luput nandangan rupa-rupa panganiayaan; kitu deui, dina jaman ka hareupna, tinangtu bakal ginanjar hirup nu langgeng. 31 Tapi anu geus ti hareula loba nu bakal datang pangpandeurina; kitu deui anu pangpandeurina, bakal jadi pangheulana.” 32 Isa jeung murid-murid geus di tengah jalan ka Yerusalem; ari Isa, angkatna, di beulah hareup. Murid-murid ngarasa honcewang, kitu deui nu sejen-sejenna anu ngiring ka Anjeunna; maranehna ge, pada ngarasa salempang. Isa nyaur deui murid-murid, nyaurkeun nu bakal tumiba kana salira-Na. 33 Saur-Na, “Ayeuna urang teh arek ka Yerusalem. Di dinya, Putra Manusa bakal diselehkeun ka imam-imam kapala jeung ahli-ahli Kitab. Terus ku maranehna, Anjeunna teh bakal diragragan hukum paeh. Jaba ti eta, maranehna ge bakal nyelehkeun Anjeunna ka bangsa anu teu wawuh ka Allah. 34 Anjeunna oge bakal dipoyok, dihina, dicariduhan, jeung dirangketan; geus kitu, kakara Anjeunna teh dipaehan; saterusna, sanggeus tilu poe ti harita, Anjeunna bakal hudang deui.” 35 Ti dinya, Yakobus jeung Yahya, anak Sebedeus tea, ngadeukeutan ka Anjeunna terus mihatur, “Pa Guru, abdi gaduh panuhun, mugi didangu.” 36 Waler-Na, “Aya kahayang naon?” 37 Pihaturna, “Widian, engke, abdi-abdi dina kamulyaan Pa Guru sina diuk di kiwaeun sareng di tengeneun.” 38 Tapi saur Isa, “Maraneh teu nyaho ka nu dipenta. Sanggup maraneh nginum lumur nu ku Kami kudu diinum? Sanggup dibaptis ku baptisan anu diwajibkeun ka Kami?” (“Nginum lumur” maksudna: nandangan sangsara). 39 Maranehna ngajawab, “Sanggem.” Saur Isa, “Puguh kitu tea mah, maraneh memang bakal nginum lumur nu ku Kami kudu diinum jeung dibaptis ku baptisan anu diwajibkeun ka Kami. 40 Tapi hal tempat di kenca jeung katuhueun Kami, Kami teu boga hak ngidinan. Eta mah, rek dibikeunna ngan ka jelema-jelema anu geus ditangtukeun bae.” 41 Murid-murid, nu sapuluh urang deui, jadi arambekkeun ka Yakobus jeung Yahya. 42 Tapi ku Isa disauran, “Maraneh nyaho, yen anu disarebut pamarentah bangsa teh, marentah ka rayatna keras pisan; kitu deui pembesar-pembesarna, ka rayat teh kacida kerasna. 43 Maraneh jeung maraneh mah ulah kitu. Sing saha nu hayang punjul kudu laladen ka babaturan. 44 Sing saha nu hayang jadi pepentol, kudu jadi gandek sarerea. 45 Sabab Putra Manusa oge, datang teh, lain hayang dilalayanan; tapi seja ngalalayanan jeung seja ngorbankeun pati, pikeun nebus jalma rea.” 46 Isa jeung murid-murid-Na cunduk ka kota Yeriko. Sanggeus kaluar ti Yeriko, bari diiring ku murid-murid jeung jalma rea sejenna, mendak jelema lolong anu sok jajaluk; ngaranna Bartimeus, anak Timeus; manehna teh keur andiprek sisi jalan. 47 Sanggeus manehna nyahoeun yen Isa, urang Nasaret tea, ngalangkung; tuluy bae gera-gero, “Nun Isa, Putra Daud, sing hawatos ka abdi!” 48 Dicarek oge ku nu rea anggur beuki tarik gera-gerona, “Nun Putra Daud, sing hawatos ka abdi!” 49 Anjeunna reg liren, saur-Na, “Sina ka dieu!” Tuluy eta nu lolong teh disina datang. Cek nu neangna, “Sing mantep hate teh, hiap, itu Anjeunna nyaur.” 50 Sot jubahna, tuluy manehna buru-buru nyampeurkeun ka Isa. 51 Ku Anjeunna dipariksa, “Hayang dikumahakeun ku Kami teh?” Wangsulna, “Rabuni (hartina: Guru), abdi teh hoyong tiasa ningal!” 52 Saur Isa, “Heug, iman kapercayaan maneh geus nulung!” Dadak sakala, harita keneh, manehna bisa nenjo; tuluy manehna milu ngiring Anjeunna



11

1 Isa katut murid-murid-Na geus cunduk ka hiji tempat deukeut Betania jeung Betpage di suku Gunung Jetun, teu jauh deui ti Yerusalem. Anjeunna miwarang dua murid, 2 saur-Na, “Teruskeun ka kampung itu. Sa-supna ka dinya, engke, maraneh bakal manggih kalde keur dicangcang. Eta kalde teh ngora keneh jeung can aya anu numpakan. 3 Leupaskeun cangcangna, tuluy bawa ka dieu. Lamun aya anu negor, bejakeun: Diperlukeun ku Jungjunan, engke ge, dipulangkeun deui.” 4 Dua murid arindit. Sa-supna ka dinya, maranehna manggihan eta kalde keur dicangcang di buruan hiji imah di sisi jalan. Tuluy cangcangna diudaran ku maranehna. 5 Jelema-jelema anu keur narangtung di dinya, negor, “Rek dibawa ka mana?” Ku nu duaan tea, dijawab sakumaha papatah Isa. 6 Anu negor henteu ngoretkeun. 7 Terus eta kalde ditungtun, dibawa ka Isa; — eta tonggong kalde teh geus meunang nilaman ku baju masing-masing — tuluy ku Anjeunna ditunggangan. 8 Jelema-jelema, loba anu ngalamparkeun papakeanana di jalan; ari anu sawarehna deui, ngalamparkeun dangdaunan anu saleger beunang ngala ti tegalan. 9 Anu ngiring, beulah hareup jeung beulah tukang ger cumeluk, “Hosana! (hartina kira-kira: Dirgahayu). Wilujeng Anu sumping ngemban jenengan Pangeran! 10 Wilujeng karajaan karuhun urang, karajaan Daud. Hosana di manggung!” 11 Isa lebet ka jero kota Yerusalem. Terus Anjeunna lebet ka jero Bait Suci bari rarat-reret mariksa kaayaanana. Tapi ku sabab harita teh, geus burit; ti dinya, Anjeunna kaluar deui, mulih-Na ka Betania, diiring ku murid dua belas. 12 Poe isukna, sanggeusna Isa samurid-murid-Na jengkar ti Betania, Anjeunna teh lapar. 13 Ti kajauhan, Anjeunna ningali aya tangkal kondang keur meujeuhna gomplok daun. Lajeng dicaketan, panggalihna, sugan ayaan. Tapi Anjeunna teu mendak naon-naon, salian ti daun wungkul. Sabab can usumna buahan. 14 Pok, Anjeunna ngalahir ka eta tangkal kondang, “Moal aya deui jelema anu baris ngadahar buah maneh sapapanjangna.” Ku murid-murid oge sidik kadarenge. 15 Sasumpingna Isa jeung murid-murid ka Yerusalem, langsung lebet ka Bait Allah. Jelema-jelema anu keur jualmeuli di emperna ku Anjeunna diusir. 16 Meja-meja tukang nalukeurkeun duit jeung bangku-bangku tukang japati, dibalik-balikkeun; anu sejenna ge dilarang, nya eta teu meunang balawiri bari ngakutan dagangan di emper Bait Allah. 17 Terus Anjeunna ngawurukan, saur-Na, “Lain nyaraho, yen kauni dina Kitab Suci: Bait Kami bakal kaceluk tempat sembahyang sagala bangsa? Naha ku maraneh dijieun guha begal?” 18 Barang eta kajadian kauninga ku imam-imam kapala jeung ahli-ahli Kitab, aranjeunna badami hayang ngabinasa ka Isa; bawaning ku risi sabab aranjeunna ningali rayat, kabeh, katarik ku pangajaran Anjeunna. 19 Barang geus meh peuting, Anjeunna jeung murid-murid kaluar ti jero kota. 20 Isukna, isuk-isuk keneh, waktu Isa jeung murid-murid ngalangkung ka urut kamari, kasampak tangkal kondang teh geus garing ka akar-akarna. 21 Pok, Petrus unjukan, — pedah ingeteun keneh kana halna kamari — “Rabi, tingali, tangkal kondang anu kamari disapa teh dugi ka garing kitu.” 22 Anjeunna ngawaler, “Nu matak ge sing percaya ka Allah. 23 Kami mere nyaho: Saenyana, saha bae anu dina hatena boga kayakinan, — henteu hamham, yen saucapna pasti ngajadi — mun manehna nitah ka ieu gunung sina ngeser terus ngagejebur ka laut, pinasti tinekanan. 24 Ku sabab eta, Kami ngabejaan deui: Naon bae anu ku maraneh dipenta disambat ka Pangeran, asal percaya yen saenyana mah ku maneh geus katarima, tinangtu dipaparinkeun. 25 Jeung lamun arek sembahyang, bisi boga kateungeunah ka batur, maraneh kudu ngahampura heula manehna, supaya kasalahan maraneh dihampura ku Rama nu di sawarga. 26 Sabab mun maraneh taya hampura, Rama maraneh nu di sawarga oge moal kersaeun ngahampura dosa maraneh.” 27 Isa katut murid-murid-Na sumping ka Yerusalem deui. Waktu Anjeunna keur ngalangkung di palataran Bait Allah, disalampeurkeun ku imam-imam kapala, ahli-ahli Kitab jeung parakokolot. 28 Aranjeunna mariksa kieu, “Boga hak naon Anjeun nyieun sarupa kitu? Dikawasakeun ku saha Anjeun kikituan teh?” 29 Ku Isa diwaler, “Kaula rek nanya heula. Lamun kajawab, ku Kaula tangtu disebut hak naon anu dipake ku Kaula: 30 Ari baptisan Nabi Yahya ti sawarga atawa ti manusa?” 31 Aranjeunna tinggerendeng heula, salaurna, “Disebutkeun asal ti sawarga, tangtu ditanya ku naon teu dipercaya. 32 Tapi piraku kudu disebutkeun asal ti manusa mah!” Teu warantuneun nyebutkeun kitu mah, sieuneun ku rayat. Sabab rayat mah, kabeh ge, nganggap Yahya teh nabi. 33 Tungtungna, ngawalonna teh, “Duka teuing!” Waler Isa, “Kaula ge moal nerangkeun, make hak naon Kaula nyieun hal-hal anu sarupa kitu.”



12

1 Lajeng Isa ngadawuh nganggo misil, kieu, “Aya hiji jelema muka kebon anggur, kebonna dipager sakurilingna. Terus manehna nyieun bak pameresanana jeung saung ranggon pikeun tempat jaga. Sanggeus beres, kebon teh, ku manehna disewakeun ka sababaraha urang sina digarap; ari manehna mah, bral bae nyaba ka nagara sejen. 2 Barang geus meujeuhna panen, manehna nitahan salah saurang bujangna sina nagih sewaan bagi hasil ka nu ngagararap kebonna tea. 3 Tapi si bujang teh bet dicarerek jeung ditareunggeulan, tuluy diusir disina balik lengoh. 4 Nu boga kebon nitahan saurang bujang sejenna. Titahan nu ieu mah, malah ditareunggeulan sirahna mani balancunur, jaba disurakan diera-era, jeung dinyenyeri. 5 Nu boga kebon nitahan saurang deui; nu ieu ge, nya kitu; malah mah, nepi ka dipaehanana pisan. Loba deui nu dititahan teh, tapi kabeh oge ngan ngadon diteunggeulan atawa dipaehan pisan. 6 Ayeuna anu bisa dititah nagih teh kari saurang, nya eta anak kameumeutna. Nya ahirna mah, anakna ge kapaksa dititah nagihan ka nu nyarewa kebon tea; cek pikirna: Ku anak aing mah, meureun sarieuneun. 7 Tapi nu nyarewa teh, anggur sakait rek maraehan; pokna teh, ‘Kabeneran ieu mah ahli warisna pisan; urang paehan bae sakalian, warisanana keur urang.’ 8 Tuluy anak nu boga kebon teh, ditewak terus dipaehan; mayitna dibalangkeun ka luareun kebon anggur.” 9 “Tah ayeuna,” dawuhan Jungjunan, “kira-kirana nu boga kebon teh rek kumaha? Tangtu datang mawa balad, nu nyarewa kebon teh tangtu ditumpes. Ari kebonna dipasrahkeun ka panggarap nu sejen. 10 Naha maraneh acan maca nu kieu unina: Batu nu geus dipiceun ku tukang tembok teh, geus dijieun batu juru. 11 Kitu mungguhing Pangeran mah, sedeng cek urang mah eta teh aneh.” 12 Sanggeus kitu, maranehna nareangan akal, supaya Jungjunan bisa ditangkep; lantaran karasaeun, yen eta misil teh nyindiran aranjeunna. Tapi ku lantaran risi ku jelema rea, tuluy bae tinglaleos, ngantunkeun Jungjunan. 13 Aya deui urang Parisi jeung anggota parteyna Raja Herodes anu diutus ka Isa, sina mere sual pikeun nyiar-nyiar kasalahan Jungjunan. 14 Sadatangna, pok naranya kieu, “Guru, simkuring terang, Anjeun teh jujur sareng henteu aya nu dipikasieun; sabab Anjeun mah sanes pangarahan, estu seja ngawulang perkara jalan-jalanna hirup anu dipikarido ku Pangeran. Hoyong terang: Ari urang kedah mayar pajeg ka Prabu atanapi henteu? Naha eta teh wajib atanapi henteu?” 15 Tapi Isa uningaeun kana niat palsuna, lajeng Anjeunna ngawaler, “Naha aranjeun teh bet ngadoja ka Kami? Cik mana duitna, Kami ngilikan.” 16 Song duitna teh, ku maranehna, disanggakeun. Lajeng Isa mariksakeun, “Gambar saha jeung ngaran saha anu aya dina duit ieu teh?” “Gambar sareng jenengan Prabu tea,” walonanana. 17 Dawuhan Isa, “Tah geuning! Ari kagungan Prabu mah, atuh kudu disanggakeun deui ka Prabu; kagungan Allah kitu deuih, kudu ka Gusti Allah disanggakeunana teh!” Meunang waleran kitu teh, maranehna bati bengong nu aya. 18 Geus kitu, jol deuih urang Saduki, nya eta golongan anu teu percaya kana poe kiamat, tuluy naros, 19 “Guru, parantos aya katangtosan ti Nabi Musa kieu: Upama aya hiji jelema nu boga dulur lalaki, heug manehna maot ninggalkeun pamajikan bari teu gaduh anak; si pamajikanana teh, kedah dikawin ku nu jadi adina, supaya lanceukna aya turunanana. 20 Cariosna, aya tujuh lalaki padudulur; anu cikalna teh gaduh bojo; geletuk teh, manehna maot bari teu gaduh anak. 21 Bojona ditikah ku adina. Nanging adina oge maot deuih kalawan teu boga anak. Teras ditikah ku nu katilu. 22 Nu katilu oge sami, kitu keneh. Kitu sareng kitu bae saterasna teh, dugi ka nu katujuh sadayana teu garaduh turunan. Panungtunganana, awewena oge maot deuih. 23 Dupi dina poe kiamat saparantos maranehna harirup deui, jadi pamajikan saha eta awewe teh? Margi parantos kapibojo ku tujuhanana.” 24 Lajeng Isa ngawaler, “Sasab eta pikiran aranjeun teh; ku lantaran aranjeun can ngarti kana eusining Kitab Suci jeung kana kakawasaan Gusti Allah. 25 Di alam kiamat mah, sanggeus nu maraot harirup deui, jelema teh geus moal nikah jeung moal ditikahkeun; lantaran kaayaan hirupna, geus sarua jeung kaayaan malaikat di sawarga. 26 Naha acan tarerang kitu, yen nu maraot teh baris harirup deui? Kapan aya dina kitab Nabi Musa basa anjeunna ningali rungkun cucuk nu ngagedur hurung. Harita Pangeran ngadawuh ka anjeunna, ‘Kami teh Allah nu disembah ku Ibrahim, Allah nu disembah ku Ishak, jeung Allah nu disembah ku Yakub.’ 27 Tetela atuh, yen Gusti Allah teh, Allah nu disembah ku sakur jelema nu hirup, lain Allah nu disembah ku jelema-jelema nu geus paraeh. Naha pikiran aranjeun teh nepi ka sasab kitu!” 28 Aya hiji ahli Toret anu milu ngadengekeun sual jawab Isa jeung urang Saduki. Ku manehna karasaeun, yen waleran Isa teh keuna pisan. Tuluy manehna tumaros kieu, “Dupi Hukum Toret anu mana anu pangpentingna?” 29 Dawuhan Isa, “Hukum Toret anu pangpentingna teh, nya eta: Regepkeun he urang Israil. Allah nu disembah ku urang teh, nya eta Nu Mahatunggal tea. 30 Maraneh teh kudu nyaah ka Pangeran, — Allah nu disembah ku maneh — masing tepi kana ati, parat kana jiwa, sabudi akal, sarta satekah polah. 31 Hukum anu kadua nya eta: Kudu nyaah ka sasama saperti ka diri. Euweuh deui hukum Toret anu leuwih penting batan eta dua anu kasebut bieu.” 32 Ahli Toret unjukan deui, “Sae pisan, leres pisan! Leres eta nu didawuhkeun teh. Leres, Mantenna teh Nu Mahatunggal tea; henteu aya deui nu sanesna, iwal ti Mantenna. 33 Saleresna, nyaah ka Pangeran teh kedah tepi kana ati, parat kana jiwa, sabudi akal, satekah polah bari dibarengan ku nyaah ka sasama saperti ka diri; da nu kitu teh langkung utami tibatan sagala rupi kurban, boh nu mangrupi kurban nu diduruk boh kurban nu dipeuncit.” 34 Isa tingali yen walonan eta ahli Kitab teh pohara iklasna, lajeng ngadawuh, “Anjeun teh teu jauh deui ti Karajaan Allah!” Ti semet harita mah, henteu aya saurang-urang acan anu wanieun deui nyual ka Jungjunan. 35 Waktu keur ngawulang di Bait Allah, Isa ngadawuh, “Naha kumaha ahli Toret teh nepi ka nganggap yen Al Masih teh Putra Daud. 36 Daud ku anjeun ku pituduh Ruh Allah geus ngalahir kieu: Pangeran parantos ngadawuh ka Jungjunan kaula kieu: ‘Geura calik katuhueun Kami, nepi ka musuh-musuh teh ku Kami dijieun titincakan Anjeun.’ 37 Ku sabab Daud ku anjeun nyebutna teh Jungjunan, atuh mustahil anu disebut Jungjunan teh putrana.” Balarea anu ngadarengekeun piwulang-Na harita ngarasa kacida katarikna ku piwulang Anjeunna. 38 Salajengna Jungjunan maparin nasehat, “Kade, sing ati-ati, di mana maraneh nyanghareupan ahli-ahli Toret anu gawena resep jalang-jeleng di pasar marake jubah panjang ngarah dihalormat; 39 jeung ari di tempat-tempat pangibadahan, diukna teh di nu panghareupna; di nu hajat-hajat ge nya kitu, milihna teh tempat anu terhormat bae. 40 Padahal maranehna teh, saenyana mah, tukang ngarayah harta banda randa-randa sarta kalakuanana teh dipindingan ku do'a anu pararanjang. Hukuman keur maranehna, pasti bakal leuwih beurat.” 41 Hiji mangsa, Isa linggih mayunan peti duit derma. Ti dinya, Anjeunna ningalikeun pepetaan jelema-jelema anu ngarasupan peti derma tea. Loba nu galede ngasupanana teh, nya eta anu baleunghar tea. 42 Teu lila, jol hiji randa miskin ngasupkeun recehan tambaga dua. 43 Isa nyaur ka murid-murid-Na, lajeng ngadawuh, “Cek Kami mah: Duit anu diasupkeun ku randa nu bieu teh, leuwih berharga batan ti nu sejen. 44 Sababna, nu lian-lianna mah, marerena teh lantaran duitna geus leuwih ti cukup. Ari nyi randa miskin tea mah, memang ngan boga sakitu-kituna; jadi, nu didermakeun teh, saayana tina napakahna.”



13

1 Waktu Isa kaluar ti Bait Allah, aya murid nu unjukan, “Guru cobi itu tingali, adegan-adegan teh mani sakitu agrengna, batu-batuna sakitu tohagana.” 2 Isa ngawaler, “Kutan teh maneh ngawas-ngawas ka adegan-adegan eta? Kami rek ngabejaan ka maneh: Engke mah, moal aya hiji batu anu bakal tetep dina tempatna; kabeh oge bakal diruntuhkeun.” 3 Waktu Isa nuju nyalira linggih di luhur Gunung Jetun mayun ka Bait Allah, Petrus, Yakobus, Yahya, jeung Andreas nararos ka Anjeunna, 4 “Hoyong diwartosan, dupi anu tadi disaurkeun teh, iraha bakal kajadianana sareng naon cicirenna?” 5 Lajeng Isa ngadawuh kieu, “Maraneh sing ati-ati, ulah nepi ka beunang katipu. 6 Rea nu bakal datang ngaku-ngaku ngaran Kami, akon-akon: ‘Kami teh Al Masih;’ sarta loba pisan anu bakal katipu ku maranehanana. 7 Jeung deui, lamun maraneh ngadenge geunjleungna peperangan atawa ngadenge beja hal peperangan, teu kudu reuwas-reuwas. Eta mah, kabeh oge, memang geus kuduna kitu; tapi sanajan kitu kaayaanana ge, acan nepi kana ahir jaman mah. 8 Sabab bangsa-bangsa bakal silih perangan, nya kitu keneh nagara jeung nagara silih tarajang; jeung deui, di sababaraha tempat bakal aya lini jeung bahaya kalaparan. Eta kabeh, ngan ukur kakara mimiti kasangsaraan, ngadago jaman anyar. 9 Sing caringcing! Maraneh tangtu bakal diserenkeun ka Majelis Agama sarta bakal disiksa di jero tempat-tempat pangibadahan. Jeung deui, maraneh ge bakal diserenkeun ka para pangagung jeung ka raja-raja ku lantaran Kami, nya pikeun jadi saksi ka maranehna. 10 Sabab Injil teh, kudu ditepikeun ka sakabeh bangsa-bangsa. 11 Jeung deui, lamun maraneh digiring dijagragkeun ka pangadilan, teu kudu bingung ku picaritaeun. Pokkeun bae sakumaha kereteg hate dina waktu harita. Sabab anu bakal cacarita teh lain maraneh, tapi Ruh Allah. 12 Dulur jeung dulur bakal silih dakwakeun, supaya dipaehan; nya kitu oge, bapa ka anak. Nu jaradi anak bakal ngabarontak ka nu jadi kolotna, malah nepi ka wani maehan pisan. 13 Maraneh bakal dipikageuleuh ku sarerea tina lantaran Kami. Tapi ari anu tarahan uji nepi ka panungtungan mah, bakal salamet.” 14 “Samangsa maraneh nyaraksian kana kajadian Musibat nu matak ngerik tea tur kajadianana teh lain di nu samistina (ieu mugi diperhatoskeun ku para maos), nu keur araya di tanah Yudea kudu nyaringkah ngungsi ka pagunungan. 15 Sing saha nu harita aya di loteng imahna, poma ulah asup heula ka imah nyokot bawaeun; 16 anu keur aya di huma, ulah make balik heula pikeun nyokot papakean. 17 Tada teuing bae sangsarana sakur anu keur kakandungan atawa anu keur orokan. 18 Kudu neneda ka Allah, supaya kajadianana teh ulah dina usum tiris. 19 Sabab nya harita, datangna katunggaraan nu panghebat-hebatna teh. Sabab ti barang langit jeung bumi diciptakeun ku Gusti Allah, musibat kawas kitu mah, kakara harita ayana teh; ka hareupna ge moal aya deui. 20 Lamun heug ku Gusti Allah waktuna teu dikurangan, pasti moal aya anu bisa lolos. Tapi demi jelema-jelema nu geus kapilih ku Mantenna, musibat teh waktuna bakal disingget. 21 Lamun dina waktu harita, aya nu ngomong ka maraneh, ‘Tah ieu Al Masih teh,’ atawa ‘Tuh itu Al Masih teh,’ poma ulah dipercaya! 22 Sababna, dina waktu eta teh bakal maruncul boh al masih-al masih palsu, boh nabi-nabi palsu; maranehna ge bakal ngayakeun tanda-tanda aheng. Maksudna mah, teu aya lian, iwal ti mun bisa mah rek nyasabkeun jalma-jalma anu geus kapilih ku Gusti Allah tea. 23 Jadi, maraneh kudu awas jeung waspada! Maraneh geus dipepelingan ku Kami ti samemehna keneh.” 24 “Sanggeus katunggaraan tea liwat, panonpoe moal cahayaan jeung bulan oge moal caang; 25 bentang-bentang bakal ragragan ti langit; kakuatan-kakuatan nu ngatur sagala nu aya di langit bakal genjlong. 26 Nya harita pisan, jelema-jelema bakal nyaksian rawuh-Na Putra Manusa dina mega pinuh ku kakawasaan jeung kamulyaan. 27 Lajeng Putra Manusa teh baris nimbalan para malaikat, supaya ngumpulkeun sakur anu geus kapilih tea, — nu ti kaler, ti kidul, ti wetan, jeung ti kulon — ti tungtung bumi nepi ka tungtung deui. 28 Geura ngareunteung kana kaayaan tangkal kondang. Lamun dahanna geus mimiti ngandung cai jeung geus mimiti sirungan; eta geus teu bireuk deui, tandaning geus deukeut kana halodo. 29 Tah, nya kitu keneh, lamun engke maraneh nyaksian kajadian-kajadian anu ka sebut tadi tea. Eta teh, nyirikeun yen waktuna enggeus deukeut, geus nampeu pisan! 30 Kami ngabejaan ka maraneh: Jelema-jelema nu hirup kiwari moal waka tumpur samemeh naon nu kasebut bieu kajadian. 31 Langit jeung bumi bakal euweuh, tapi ucap-ucapan Kami mah moal. 32 Tapi ari iraha-irahana mah, boh poena, boh waktuna moal aya anu nyaho; dalah para malaikat anu di sawarga henteu tarerangeun; kitu keneh Putra Manusa; anging Allah, Rama, anu uninga.” 33 “Masing nyaring jeung caringcing! Sabab maraneh, moal nyaho iraha waktuna. 34 Hal eta sarua bae jeung anu rek nyaba jauh. Kapan samemeh ninggalkeun imah teh, tangtu manehna metakeun heula bujang-bujangna pikeun tugasna masing-masing. Purah jaga panto ge kitu, diparentahkeun supaya enya-enya ngajagana teh. 35 Ku sabab eta, maraneh oge kudu enya-enya caringcing teh; sabab maraneh teh moal nyaho kana pibalikeunana nu boga imah, naha sore, naha tengah peuting, janari, atawa subuh. 36 Supaya dina waktu nu boga imah datang, maraneh ulah nepi ka kasampak keur sarare. 37 Ieu anu ku Kami dibejakeun ka maraneh teh, keur ka sarerea oge. Kabeh kudu nyaring jeung caringcing!”



14

1 Pidua poeeun deui kana Hari Raya Paska jeung Pesta Roti teu diragian, imam-imam kapala jeung ahli-ahli Toret nyiar akal, sangkan bisa newak jeung nelasan Isa ku tipu daya. 2 Cek maranehna, “Alusna mah, dilampahkeunana teh ulah dina waktu perayaan, bisi rayat jadi heboh.” 3 Hiji mangsa, Isa aya di wewengkon Betani, di imahna ki Simon Kusta. Waktu Anjeunna nuju tuang, jol aya awewe ngadeuheusan; eta awewe teh mawa minyak seungit, sapeles, nu kacida mahalna. Sanggeus cocokna dibuka, tuluy dikocrot-kocrot ka Isa, kana rambut-Na. 4 Ti antara nu araya di dinya, aya sababaraha urang nu ngarasa keuheul; maranehna tinggerendeng pada batur, pokna, “Nanaonan minyak seungit samahal-mahal bet dihambur-hambur kitu; 5 mun dijual mah, bisa payu kana leuwih ti tilu ratus dinar; duitna, meureun bisa dipake nulung pakir miskin.” Si awewe teh pada ngagalendengan. 6 Tapi Isa ngalahir kieu, “Ari maraneh bet aropenan teuing. Keun bae, da eta teh keur nembongkeun kahadean ka Kami. 7 Ari pakir miskin mah, salawasna ge, aya bae dina hirup kumbuh teh. Ari enya-enya maraneh niat mere mah, iraha-iraha ge bisa. Sedengkeun Kami mah, moal salawasna babarengan jeung maraneh teh. 8 Manehna nepi ka bisa migawe kieu teh, estuning geus sabisa-bisa. Awak Kami ku manehna diseungitan, ieu teh mere tanda yen Kami moal lila deui oge dimakamkeun. 9 Rek dijelaskeun bae ku Kami: Engke, di mana bae Injil diwawarkeun, lampahna ieu awewe teh tangtu milu kasebut-sebut; manehna baris tetep kapieling.” 10 Ti dinya, Yudas Iskariot, salah saurang murid nu dua belas tea, ngaleos; manehna indit teh, pikeun nepungan para imam-imam kapala tea, nya eta rek nyelehkeun Isa. 11 Ngadenge Yudas nyanggupan kitu, imam-imam kapala teh pohara aratoheunana, nepi ka jarangji rek mere duit. Ti harita, Yudas teh henteu weleh neangan kasempetan rek nyelehkeun Isa tea. 12 Dina poe Hari Raya Roti teu diragian anu kahiji, nya eta waktuna meuncit domba Paska, murid-murid arunjukan, “Dupi kangge Jamuan Paska teh palay di mana disayagikeunana?” 13 Lajeng Isa ngutus murid, duaan. Dawuhana-Na, “Maraneh kudu ka kota. Engke, di ditu, tangtu tepung jeung hiji lalaki nu mawa kendi cai. Ku maraneh tuturkeun, nepi ka asup ka imahna. 14 Bejakeun kieu ka nu boga imah, ‘Kawiatan saur ku Ama Guru, saur-Na: Kamar mana pikeun Kami ngariung Jamuan Paska jeung murid-murid teh?’ 15 Engke, ku manehna dituduhan hiji kamar gede di loteng. Parabot pikeun kaperluan Jamuan Paska ge, geus lengkep sadia. Pek sayagikeun di dinya sagala kaperluan keur urang teh.” 16 Bral, murid nu duaan teh, arindit. Barang nepi ka kota, sakur nu tadi didawuhkeun ku Isa teh cocog jeung buktina. Atuh tuluy bae maranehanana nyayagikeun pikeun tuang kangge Hari Raya Paska tea. 17 Peutingna, Isa katut dua belas murid-murid sumping. 18 Waktu ngariung dalahar, Isa ngadawuh kieu, “Ku Kami teh aya nu rek diwakcakeun ka maraneh: Salah saurang ti antara maraneh teh, aya nu boga niat nyelehkeun Kami; jelemana ge, ayeuna aya di dieu, milu ngariung.” 19 Atuh murid-murid teh kacida naralangsana. Pok arunjukan ka Jungjunanna, “Naha abdi kitu?” 20 Isa ngawaler, “Salah saurang ti maraneh anu dua belas tea, nya eta anu engke bareng jeung Kami nyocolkeun roti kana pinggan. 21 Memang bener, da geus kuduna, Putra Manusa teh nyorang jalan sakumaha nu geus dituliskeun dina Kitab Suci; tapi kacida cilakana eta nu hianatna teh. Pikeun manehna mah, saenyana, mending oge teu kungsi gelar ka dunya.” 22 Sabot dalahar, Isa nyandak roti. Saparantos muji sukur, eta roti ku Anjeunna disemplekan, dibagikeun ka murid-murid-Na bari ngadawuh kieu, “Tampanan, ieu teh daging Kami.” 23 Geus kitu, Anjeunna nyandak lumur anggur. Saparantos ngucap sukur, eta lumur ku Anjeunna diasongkeun ka murid-murid-Na; rot, sarerea gentenan ngarinum. 24 Anjeunna ngadawuh deui, “Ieu teh getih Kami anu geus dipastikeun kudu ngucur keur mangpa'at jalma rea sarta keur tanda bukti ngukuhkeun jangji Pangeran. 25 Jeung Kami ngabejaan, yen ti semet ieu, Kami teh moal rek nginum-nginum deui ci anggur anu kieu mah. Nu ku Kami rek diinum engke mah di Karajaan Allah nya eta anggur anyar, lamun geus cunduk waktuna.” 26 Sanggeusna ngalagukeun hiji pupujian, Isa jeung murid-murid budalan, tuluy ngajugjug ka hiji gunung nu katelah Gunung Jetun. 27 Lajeng Isa ngadawuh ka murid-murid, “Engke, iman kapercayaan maraneh ka Kami, tangtu kaganggu; sabab dina Kitab aya dawuhan Allah anu kieu, ‘Sang Pangangon teh bakal ditelasan ku Pangeran, ari domba-dombana bakal pabalencar.’ 28 Tapi engke, sanggeus Kami dihirupkeun deui ku Pangeran, Kami bakal indit ka tanah Galilea miheulaan maraneh.” 29 Pok, Petrus unjukan, “Sanaos anu sanes-sanes goncang imanna, abdi mah moal dugi ka kitu.” 30 Diwaler ku Isa, “Terus terang bae Kami mah: Peuting ieu keneh pisan, memeh hayam kongkorongok dua kali, maneh teh tilu kali ngangles ngaku teu wawuh ka Kami.” 31 Tapi Petrus keukeuh ngabantah, walonna, “Najan dongkap ka kedah paeh bareng sareng Anjeun oge, moal; abdi mah, moal dugi ka ngangles ka Anjeun teh.” Murid-murid nu lianna oge, kitu deuih ngaromongna teh. 32 Ti dinya, Isa samurid-murid sumping ka hiji tempat nu ngaranna Getsemane. Anjeunna ngadawuh ka murid-murid, “Sabot Kami neneda, maraneh tunggu di dieu.” 33 Tapi Petrus, Yakobus, jeung Yahya mah dicandak sina nyarengan. Harita, Anjeunna teh ngaraos pohara sieunna sareng keueungna. 34 Lajeng ngadawuh, “Kami teh asa ku nalangsa-nalangsa teuing, mani asa geus deukeut ka ajal rarasaan teh. Tungguan ku maraneh di dieu bari karemit.” 35 Isa majeng saeutik deui, lajeng bluk bae nyuuh kana taneuh sasambat ka Pangeran, mundut supados ulah dugi ka kedah nyorang waktu sangsara anu sakitu hebatna. 36 Kieu panyambat-Na: “Nun Allah, Rama; upami tiasa mah, — da dipayuneun Ama teu aya barang anu mustahil — mugi Ama kersa nyandak ieu lumur kasangsaraan, sing tebih ti abdi. Nanging teu pisan-pisan bade ngalalangkungan, mung pangersa Ama anu kedah laksana!” 37 Ti dinya, Anjeunna neang murid anu tiluan. Kasampak tiluanana keur sarare. Anjeunna ngadawuh ka Petrus, “Simon! Sare maneh teh? Mani henteu sanggup nyaring sajam-jam acan? 38 Nyararing atuh bari neneda, supaya ulah keuna ku cocoba; ari kahayang mah gede maneh teh, ngan badan nu kawalahan.” 39 Ti dinya, Anjeunna angkat deui ka tempat neneda nu tadi. Paneda-Na sami cara tadi keneh. 40 Ana ku Anjeunna diteang deui teh, kasampak geus tinglalenggut bae, awahing teu kuat nahan pitunduheun. Atuh dipariksa teh teu ngajawab naon-naon. 41 Katilu kalina Anjeunna neang, lajeng ngalahir, “Rek jarongjon sarare bae maraneh teh? Meujeuhna atuh ayeuna mah harudang. Waktuna geus cunduk. Saksian ku maraneh, Putra Manusa teh bakal diselehkeun kana genggeman jelema-jelema jahat. 42 Geura harudang, urang ingkah ti dieu. Tuh, nu hianat ka Kami geus datang.” 43 Nembe oge tutup Jungjunan nyariosna; torojol bae, Yudas, salah saurang murid Isa anu dua welas tea, datang. Manehna mawa sarombongan jelema, — titahan imam-imam kapala, ahli-ahli Kitab, jeung Sesepuh-sesepuh tea — anu marawa pedang jeung pepentung. 44 Si penghianat teh, ka gorombolanana, geus mere isarat kieu, “Anu kudu ditangkep jeung diboyong ku urang teh, nya eta Jelema nu ku kuring dirangkul.” 45 Barang nepi ka dinya, manehna nyirilik nyampeurkeun Anjeunna. “Mama Guru!” Pokna teh, bari seug Isa dirangkul. 46 Kerewek Jungjunan ditangkep pada nyerek. 47 Salah saurang murid Jungjunan anu aya di dinya, mesat pedang; tuluy keplas, pedangna nigas ceuli gandekna Imam Agung nepi ka rampung. 48 Isa ngadawuh ka nu rek narangkep, “Na Kami teh rampog kitu, nepi ka dibawakeun pedang jeung pepentung? 49 Padahal, unggal poe oge, Kami teh aya bae di maraneh. Kapan sok kutbah di Bait Allah! Geuning Kami tara digaranggu ku maraneh. Heug bae; sabab ungelna Kitab Suci mah kudu bukti.” 50 Ari murid-murid-Na mah pada kalabur, naringgalkeun Anjeunna. 51 Harita teh, aya budak ngora anu nuturkeun ka Anjeunna, ngan ukur make kaen lenden salapis anu diharudumkeun. 52 Barang rek ditangkep, porosot, harudumna diporosotkeun; ari manehna nerejel, tuluy kabur bari sataranjang. 53 Ti dinya, Isa digiring ka Imam Agung. Imam-imam kapala, Sesepuh-sesepuh, jeung ahli Kitab kabeh geus karumpul di dinya. 54 Ari Petrus nuturkeuna-Na ti kajauhan bae, nepi ka pakarangan Imam Agung. Gek, manehna milu diuk, ngariung jeung pangawal-pangawal milu siduru. 55 Imam-imam kapala, malah Mahkamah Agama pisan, pada neangan akal pikeun ngabuktikeun kalepatan Isa, supaya Anjeunna bisa ditibanan hukuman pati; tapi weleh henteu manggih. 56 Ari saksi-saksi palsu mah, loba; maranehna teh, nyoba-nyoba ngadakwa Anjeunna; tapi dakwaanana, hiji oge, euweuh anu cocog. 57 Srog, aya nu maju sababaraha saksi palsu. Dakwaanana kieu, 58 “Abdi-abdi kantos nguping, yen ieu jelema teh kungsi susumbar kieu: Ieu Bait Suci nu beunang nyieun jelema tea, ku Kami teh rek diruntuhkeun sarta di jero tilu poe, Kami rek ngadegkeun Bait Suci anyar anu lain bubuatan manusa.” 59 Tapi dakwaan maranehna oge, kawas ti heula-heula bae, nya eta euweuh kasaluyuanana. 60 Neut Imam Agung ngadeg, lajeng mariksa ka Jungjunan, “Kumaha, eta dakwaan-dakwaan teh rek dijawab atawa moal?” 61 Tapi Isa mindel, teu kersa ngawaler. Pok, eta Imam Agung mariksa deui, “Ari Maneh teh enya Al Masih, Putra Nu Agung?” 62 Waler Isa, “Leres. Engke tangtu kasaksian ku anjeun, Putra Manusa teh calik di tengeneun nu Maha Kawasa sarta baris sumping deui medal tina mega di langit.” 63 Wek bae, Imam Agung teh, nyoehkeun anggoanana; lajeng ngalahir, “Keur naon make saksi sagala ayeuna mah? 64 Tah bieu kadarangu, ieu jelema teh sakitu ngahinana ka Gusti Allah! Kumaha timbangan para saderek sadaya?” Dewan Pangadilan sapamendak: “Isa kudu di hukum mati.” 65 Geus kitu mah, Anjeunna teh pada nyariduhan. Aya oge anu nungkup kana socana bari nonjok, tuluy nanya, “Lamun enya nabi, teguh, saha yeuh anu neunggeul?” Ka pangawal-pangawal ge pipilueun, nareunggeulan ka Anjeunna teh. 66 Harita, Petrus ge aya di dinya, di pakarangan ruang sidang. Teu lila, aya awewe kaluar, pagawena Imam Agung tea. 67 Katenjoeun ku manehna, Petrus keur siduru. Bari neges-neges beungeut Petrus, pok ngomong, “Anjeun oge sok mimilu bae ka Isa urang Nasaret tea.” 68 Tapi Petrus mungkir, pokna, “Kumaha? Asa teu kaharti ngomong teh!” Ngajawabna teh bari ngaleos ka emper. 69 Di dieu ge, katenjoeun deui bae ku awewe nu bieu teh. Tuluy eta awewe teh, ngomong ka nu araya di dinya, “Tah, jelema eta teh murid Isa!” 70 Petrus mungkir deui bae. Teu lila, nu lian-lianna oge ngomong ka Petrus, pokna, “Moal salah anjeun oge batur-Na, da sidik urang Galilea!” 71 Ayeuna mah, Petrus teh nepi ka susumpahan mungkirna teh, pokna, “Demi Allah. Teu wawuh, ceuk kuring ge, teu wawuh ka eta Jelema teh!” 72 Tutup Petrus ngomongna, kadenge hayam kongkorongok deui, kadua kalina. Ras bae, Petrus inget kana dawuhan Isa, “Samemeh hayam kongkorongok dua kali, maneh geus tilu kali mungkir, ngaku teu wawuh ka Kami.” Ti dinya mah, segruk bae, Petrus ceurik ngagukguk bawaning ku nalangsa.



15

1 Isuk-isuk keneh pisan, imam-imam kapala, Sesepuh-sesepuh, ahli-ahli Kitab, jeung sakumna anggota Mahkamah Agama geus buleud mupakatna. Tuluy Isa dirante, dibawa pikeun dipasrahkeun ka Gupernur Pilatus. 2 Pilatus mariksa ka Jungjunan, “Anjeun teh raja urang Yahudi?” Waler Jungjunan, “Sakumaha kasauran anjeun.” 3 Eta imam-imam kapala ge, ngadakwakeun Anjeunna; panudingna teh mani rupa-rupa pisan. 4 Pilatus mariksa deui ka Isa, “Kumaha, bade ngabantah? Rea pisan tudinganana ka Anjeun!” 5 Isa tetep mindel, — teu kersa ngawaler deui — nepi ka Gupernur ngaraos heran. 6 Jaman eta geus biasa, unggal-unggal Hari Raya Paska sok aya sakitan anu dibebaskeun, nu mana bae nurutkeun usulan rayat. 7 Harita, di jero panjara aya sakitan pemberontak, ngaranna Barabas; dibuina bareng jeung pemberontak-pemberontak sejenna anu milu barontak sarta geus maehan jelema. 8 Harita, rayat geus mimiti meredih, supaya eta kabiasaan teh dijalankeun. 9 Waler Pilatus, “Maraneh teh rek menta ieu, Raja urang Yahudi, supaya bebas?” 10 Ku anjeunna ge geus kauninga, naon sababna pangna imam-imam kapala nepi ka nyerenkeun Isa ka anjeunna teh. Lantaranana mah, taya lian, nya eta sirik jeung dengki. 11 Tapi rayat geus diojok-ojok ku maranehna teh, nya eta sina milih Barabas tea. 12 Sakali deui Pilatus mariksa ka rayat, “Ari ieu, anu ku maraneh disebut Raja urang Yahudi, kumaha?” 13 Rayat tingcorowok, “Hukum! Gantung!” 14 Pilatus mariksa deui, “Tapi naon kajahatana-Na?” Rayat beuki tarik tingcorowokna, “Gantung, hukum gantung!” 15 Pilatus nedunan pamenta rayat, supaya rayat sugema. Geus kitu, Barabas dibebaskeun; ari Isa, sanggeus ku anjeunna dihukum rangket, tuluy diserenkeun sina disalib. 16 Geus kitu Isa digiring ku serdadu-serdadu ka istana Gupernuran, tempat pangadilan. Anggota pasukan sina kumpul kabeh ka dinya. 17 Isa ku serdadu-serdadu dianggoan jubah wungu, terus diterapan mamakutaan tina cucuk. 18 Ti dinya serdadu-serdadu teh pura-pura ngahormat, “Salam ka Raja urang Yahudi!” 19 Geus kitu buk-bek nareunggeulan ku panggebug kana mastaka-Na, bari jeung nyariduhan. Tuluy pura-pura darareku, nyarembah. 20 Ti dinya, Isa dibawa ka luar rek disalibkeun. 21 Sabot kitu, lar aya jelema ngaliwat anu kakara datang ti luar kota; eta jelema teh ngaranna Simon, urang Kirena, bapana Alexander jeung Rupus. Tuluy manehna dipaksa sina mangmanggulkeun tihang salib Isa. 22 Geus kitu, kebat, Anjeunna dibawa ka hiji tempat anu ngaran Golgota (hartina: Tempat Tangkorek). 23 Sanggeus nepi, Jungjunan diasongan anggur nu dicampuran ku emur sina dileueut, tapi ku Isa ditolak. 24 Tuluy Anjeunna teh dipaku kana tihang salib. Anggoana-Na dilotrekeun dibagi-bagi. 25 Isa disalib teh, pukul salapan. 26 Pangdakwa anu netelakeun kalepatana-Na, — pangna nepi ka disalib — dijieun merek dipasang dina salib-Na, unina: “Raja urang Yahudi.” 27 Aya duaan deui nu digantung bareng jeung Anjeunna teh; duanana rampog, saurang tengeneun, saurang kiwaeuna-Na. [ 28 Nya harita ngabuktina ayat Kitab Suci anu unina kieu: “Anjeunna disaruakeun jeung panjahat.”] 29 Jelema-jelema anu lalar liwat, tingtaruding bari gogodeg, “Geuning Maneh teh, anu majar rek ngaruag Bait Suci tea bari sasanggupanan rek ngadegkeunana deui di jero tilu poe! 30 Turun atuh tina panggantungan, bebaskeun diri teh!” 31 Imam-imam kapala jeung ahli-ahli Kitab oge ngararejek deuih jeung pada saihwanna, “Ari ka batur bisa tutulung; ari ka diri-Na sorangan mah, teu bisa nanaon. 32 Keun, eta Al Masih, raja urang Yahudi teh sina turun tina panggantungan, supaya katenjo ku urang, meureun urang teh percaya.” Malah panjahat nu bareng digantung tea ge, make pipilueun deuih, ngajejeleh ka Anjeunna teh. 33 Barang geus tengah poe, sakuliah wewengkon eta reup bae jadi poek ngadak-ngadak; lilana ti pukul dua belas nepi ka pukul tilu. 34 Dina pukul tilu, Isa ngajerit, sasambat, “Eloi, Eloi, lama sabakhtani?” Hartina: “Ya Allah, Jungjunan Simabdi, ku naon Abdi teh dikantun kieu?” 35 Sababaraha jelema anu keur narangtung di dinya, anu ngadenge sasambat-Na, ngaromong kieu, “Tah dengekeun, keur nyambat Nabi Elias!” 36 Aya nu gura-giru nyokot sepon dianclomkeun kana anggur beunang ngahaseuman, sanggeus ditiir ku tuturus, tuluy disodorkeun kana lambey Jungjunan sina diseuseup, bari ngomong, “Keun, hayang nyaho enya henteuna Nabi Elias sumping nurunkeun Manehna tina panggantungana-Na!” 37 Isa ngajerit sakali deui, lajeng masrahkeun nyawa-Na. 38 Sawaktu jeung eta, berewek, reregan Bait Suci soeh dadak sakala, bedah ti luhur ka handap. 39 Komandan pasukan pangawal, anu nangtungna hareupeun tihang salib, pok bae ngucap, “Tetela, ieu Jelema teh, Putra Allah!” 40 Rada anggang ti dinya, aya sababaraha wanita. Eta para wanita teh, di antarana, Maryam Magdalena, Siti Maryam — ibu rai-rai Isa nu ngaran Yakobus jeung Yoses — sarta Salome. 41 Eta wanita-wanita, kabeh ge, jelema-jelema anu sok mimilu jeung ngabantu ka Isa, keur Anjeunna aya di Galilea. Rea deui wanita-wanita sejenna ti Yerusalem, anu daratangna ka dinya, sawaktu reujeung Isa. 42 Wanci geus sareupna, aya nu sumping, jenenganana Yusup urang Arimatea. Anjeunna teh, anggota terhormat ti Mahkamah Agama, anu sami nganti-nganti ngadegna Karajaan Allah. Poe eta teh, poe Panyadiaan; hartina, sapoe memeh poe Sabat. 43 Ku sabab eta, kalayan teuneung ludeung anjeunna ngadeuheus ka Gupernur Pilatus pikeun mundut layon Isa. 44 Diwartosan Isa parantos pupus teh, Gupernur dugi ka ngarenjag heran; lajeng anjeunna manggil Kapala Pasukan, mariksakeun enya henteuna Isa geus pupus. 45 Sanggeus kenging katerangan ti Kapala Pasukan, Yusup ku anjeun diwidian nyandak layon. 46 Yusup teh, geus ngagaleuh boeh. Sanggeus diturunkeun tina tihang salib, layon teh terus bae dibungkus ku boeh; tuluy eta layon dikurebkeun di hiji makam, anu dijieunna dibobok dina gunung batu; geus kitu, lawang guha pajaratana-Na, ditutup ku batu gede. 47 Waktu ngurebkeunana, Maryam Magdalena jeung Maryam, — ibuna Yoses — milu nyaraksian.



16

1 Sabada poe Sabat, Maryam Magdalena, Maryam, — ibu Yakobus — jeung Salome mareuli minyak seungit; nya pikeun bawaeun ka makam Isa tea; maksudna mah, rek nyeungitan layon-Na. 2 Arinditna ka makam teh poe Minggu, isuk-isuk keneh, barang meletek panonpoe. 3 Sajeroning laleumpang silih tanya, “Saha engke anu manggulingkeun batu tutup makam?” 4 Tapi batu tutup makam teh, anu sakitu gedena, kasampak geus aya anu ngagulingkeun. 5 Barang asup, katingal aya hiji jelema ngora; eta jelema anu dijubah bodas teh, keur calik di beulah katuhu. Atuh kacida rareuwaseunana. 6 Tapi nu keur calik teh ngalahir, kieu saurna, “Ulah rareuwas. Ibu-ibu teh rek ngalayad Isa, urang Nasaret, anu disalib tea? Geus teu aya di dieu, geus gugah deui. Tah geuning kari urutna. 7 Ayeuna mah, anggur buru-buru bejakeun ka murid-murid Anjeunna, oge ka Petrus. Bejakeun, Anjeunna teh geus ti payun angkat ka Galilea. Engke oge, ku aranjeun kasampak di ditu, sakumaha dawuhana-Na tea.” 8 Nu tiluan gagancangan kalaluar ti jero pajaratan, tuluy lalumpatan bawaning ku sieun jeung baluas. Ku sieun-sieunna, nepi ka teu bisa nyarita naon-naon ka sasaha ge. Amanat malaikat tea ditepikeun ka Petrus sabatur-batur, ringkes bae. Ti harita mah, eta amanat Suci tur abadi teh, nya eta tina hal kasalametan anu salanggengna; diembarkeunana ku Isa ku Anjeun nu dikawasakeun ka murid-murid-Na, ti masrik tepi ka magrib. 9 Sanggeus Jungjunan tanghi, hirup deui; poe Mingguna, isuk-isuk, nu ku Anjeunna mimiti ditembongan teh, nya eta Maryam Magdalena. Jungjunan kantos ngusir tujuh setan ti manehna. 10 Tuluy Maryam Magdalena bebeja ka sakur nu sok ngingiring ka Jungjunan, anu keur pada sedih prihatin. 11 Tapi beja yen Isa parantos tanghi, — hirup deui — jeung nembongan ka Maryam Magdalena teh, ku maranehna sama sakali teu diandel. 12 Terus Isa nembongan deui ka dua murid nu keur aya di satengahing jalan ka luar kota, nembonganana teh geus salin rupa. 13 Murid-murid nu duaan teh baralik deui sarta terus bebeja ka nu sejen. Tapi ieu oge, henteu dipalercaya ku batur-baturna teh. 14 Panungtunganana, Jungjunan nembongan teh ka murid-murid sabelasanana waktu maranehna keur dalahar. Ku Jungjunan diweweleh ku sabab teu baroga iman; turug-turug, keukeuh embung ngandel ka batur anu geus nyaksian sorangan, yen enya Jungjunan teh hirup deui. 15 Saterusna, Anjeunna ngadawuh, “Maraneh ku Kami rek diutus. Jugjug sakuliah dunya, embarkeun Injil ka umat sakumna. 16 Bagja salamet sing saha nu percaya kana eta uaran sarta dibaptis; sabalikna, cilaka anu embung percaya sabab baris dihukum. 17 Golongan nu percaya bakal kaancikan ku kakawasaan gaib: Bisa ngusir setan-setan ku nyambat jenengan Kami, bisa ngomong basa-basa ajaib nu araneh. 18 Maranehna bakal wani newak oray matih, moal nepi ka binasa sanajan nginum racun keras; ana leungeunna dipake nyabak nu gering, nu gering teh terus cageur.” 19 Tamat ngadawuh ka murid-murid, Isa, Gusti Jungjunan urang, lajeng dicandak mi'rad ka sawarga, linggih di tengeneun Gusti Allah. 20 Murid-murid bral arindit, seja nguarkeun Injil ka suklakna ka siklukna. Sajeroning ngajalankeun tugasna, maranehna dituyun ku Pangeran nu maparin pangdeudeul ku rupi-rupi tanda ajaib; eta teh pikeun bukti, yen nu diuarkeun ku murid-murid teh perkara anu sajatina.



AMAZING GRACE BIBLE INSTITUTE