Galatia


1

1 Ti Paulus, — anu jadina rasul lain ku lantaran diangkat ku pada jalma, oge lain nurutkeun karep manusa, tapi lantaran ditimbalan ku Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang jeung ku Allah, Rama, anu parantos ngagugahkeun Isa ti alam kubur — 2 sarta ti sakabeh dulur saiman anu di darieu, ngahaturkeun salam ka sakabeh dulur saiman di Galata. 3 Mugi aranjeun sing marendak sih kurnia katut berkahna ti Allah, Rama; kitu deui, ti Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang, 4 anu geus ngorbankeun salira-Na tina sabab dosa urang, malar urang bisa bebas tina ieu pajamanan anu jahat, saluyu jeung pangersa Allah anu jumeneng Rama. 5 Ku kituna, urang teh wajib ngagungkeun Allah sapapaosna! Amin. 6 Teu sangka! Geuning babari pisan aranjeun teh mungkir ti Allah, — anu geus ngangken ka aranjeun ku sih piwelas-Na Al Masih — tuluy maruhit kana injil anu sejen. 7 Padahal sidik, yen teu aya deui Injil sejenna. Aya soteh sawatara jelema anu rek nyasabkeun aranjeun ku jalan ngarobah Injil Al Masih. 8 Sing saha anu ngawawarkeun injil nu mencog tina Injil anu geus diwawarkeun ku simkuring, sok sanajan simkuring sorangan, atawa malaikat ti sawarga pisan, sing ulah jamuga. 9 Bareto aranjeun geus diomat-omatan, ayeuna perlu diingetan deui: Sing saha anu ngaliarkeun injil anu mencog tina Injil wawaran simkuring, sing keuna ku la'nat jelemana. 10 Naha simkuring teh rek leuwih ngutamakeun karep manusa ti batan pangersa Allah? Naha rek nyiar pangajen ti manusa? Kitu peta mah, atuh, lain ge abdining Al Masih! 11 Tengetkeun, dulur-dulur! Injil anu diwawarkeun ku simkuring teh lain beunang ngarang jelema. 12 Simkuring narimana lain ti jelema, terangna oge lain beunang guguru ti jelema. Estu, Isa Al Masih ku anjeun anu nerangkeunana ka simkuring. 13 Aranjeun ge tangtu geus teu bireuk deui, simkuring teh, tadina mah kapan nyekel agama Yahudi. Tangtu tarerang, kumaha katelengesan simkuring enggoning nganiaya pikeun ngabasmi jamaah Allah. 14 Basa nyekel keneh agama Yahudi, — di antara babaturan sabangsa anu sapantar — dina elmu agama, simkuring teh pang nyongcolangna tur pang kukuhna kana adat tali paranti karuhun. 15 Tapi sihoreng, ti keur dikakandung keneh ku indung, simkuring teh ku Allah nu sipat murah geus dipilih geusan dijadikeun abdi-Na. 16 Mantenna kersa ngawanohkeun Putra-Na ka simkuring, supaya ku simkuring saterusna diwanohkeun deui ka bangsa-bangsa luareun bangsa Yahudi. Harita, simkuring sama sakali teu menta nasehat ti pada jalma; 17 rasul-rasul anu saheulaeun oge, nu araya di Yerusalem, teu kungsi ditepungan-tepungan acan. Ti dinya simkuring kencling bae indit ka tanah Arab, tuluy ka Damsik. 18 Sanggeus meunang tilu taun, kencling deui ka Yerusalem pikeun manggihan anu jenengan Petrus, hayang meunang laratan. Lima belas poe simkuring nganjrek di anjeunna. 19 Jeung rasul-rasul sejenna mah, iwal ti Yakobus, — saderek-Na Isa, Gusti Jungjunan urang — teu kungsi papanggih. 20 Ieu nu dicaritakeun teh, lain jijieunan. Allah ku Manten Saksina! 21 Ti Yerusalem, simkuring, laju deui ka daerah basisir di tanah Siria jeung Kilikia. 22 Sedengkeun jeung anggota-anggota jamaah di Yudea mah, simkuring teh teu kungsi wawawuhan heula. 23 Aranjeunna ukur ngadenge bejana bae, yen si tukang-nganiaya-jamaah teh, ayeuna mah geus malik ngawawarkeun kapercayaan anu tadina ku manehna rek dibasmi tea. 24 Aranjeunna maruji sukur ka Allah tina sabab simkuring geus dikersakeun babalik pikir.



2

1 Heuleut opat belas taun ti harita, simkuring, Barnabas, jeung Titus, tiluan, ka Yerusalem deui. 2 Ka ditu teh lantaran meunang pituduh ti Allah. Dina hiji riungan jeung rasul-rasul anu parenting tea, simkuring medar pangalaman nginjilan bangsa-bangsa sejen. Hal ieu pikeun mastikeun, yen sakur anu eukeur jeung anu enggeus dipigawe ku simkuring teh, teu mubadir atawa nyalahan. 3 Dalah batur sorangan oge anu ngaranna Titus, urang Yunani tea, ku simkuring henteu diwajibkeun disunat, 4 sanajan sawatara dulur-dulur ngadongsok supaya manehna disunat. Sihoreng, anu ngariribut teh jelema-jelema Masihi keneh, tapi anu ngan ngaranna wungkul; maranehna teh nyulusup rek nalungtik rasiah kamerdikaan umat Al Masih. Karepna mah, urang teh rek dijieun kawula deui. 5 Tapi simkuring teu mundur, supaya kayaktian Injil tetep weuteuh pikeun aranjeun. 6 Tapi ari jelema-jelema anu kaasup penting tea (saenyana pikeun simkuring, jelema mah najan tadina sakumaha pentingna oge taya bedana; da Allah mah, tara nilik kana harkat), ahir-ahirna mah, aranjeunna teu ngaraos kaabotan naon-naon ka simkuring teh. 7 Malah sabalikna, kahartoseun, nya yen kawajiban simkuring teh nginjilan nu lain bangsa Yahudi; sakumaha Petrus sakanca-kancana anu kapapancenan nginjilan urang Yahudi. 8 Sabab sakumaha Petrus, ku Allah, dikawasakeun nginjilan bangsa Yahudi; simkuring ge, geus dikawasakeun ku Mantenna teh jadi rasul anu baris nginjilan bangsa-bangsa sejen. 9 Ahirna mah, ku Yakobus, Petrus, jeung Yahya, — anu kasarebat jaradi pamingpin jamaah — diangken yen Allah parantos maparin tugas husus ka simkuring. Aranjeunna sasalaman ka simkuring jeung Barnabas tandaning geus aya kasaluyuan: Simkuring nginjilan bangsa-bangsa sejen, aranjeunna nginjilan urang Yahudi. 10 Pamundut ti aranjeunna ngan sarupa, nya eta supaya simkuring oge inget ka anggota-anggota cepengan aranjeunna anu mariskin; nya memang, da hal eta mah, ku simkuring teh geus diusahakeun satekah polah. 11 Tapi waktu Petrus di Antioki, ku simkuring kapaksa diweweleh, bongan lepat. 12 Harita anjeunna teh keur ngiring riungan tuang; berjamaah bareng jeung dulur-dulur ti golongan anu teu disunat. Teu lila, aya sababaraha urang utusanana Yakobus daratang. Ngadak-ngadak Petrus pindah calikna mencilkeun maneh, sieun dinaha-naha ku eta anu arumangkeuh jadi pahlawan-pahlawan sunat tea. 13 Nepi ka dulur-dulur urang Yahudi anu sejenna, jadi sarua munapekna jeung anjeunna. Malah Barnabas pisan oge kabawakeun. 14 Ku sabab peta kitu teh, tetela papalimpang jeung eusining Injil; tuluy bae ku simkuring, harita keneh sarta di hareupeun umum, Petrus diweweleh. Ceuk simkuring: “Anjeun teh urang Yahudi, nanging hirup anjeun niron-niron adat bangsa sejen, henteu nurutkeun tali paranti bangsa Yahudi. Atuh pimanaeun rek tiasa maksa nerapkeun tatakrama hirup Yahudi ka anu sanes bangsa Yahudi! ” 15 Memang, da simkuring mah tulen bangsa Yahudi, lain bangsa nu aya di luareun Toret; anu ku bangsa Yahudi umumna mah, nya disebut bangsa doraka tea. 16 Tapi papadaning kitu, simkuring ge terang, yen pangna manusa diangken bener ku Allah teh lantaran anut ka Isa Al Masih, lain dumeh nurut kana Toret. Jadi, simkuring oge pangna diangken bener ku Allah teh nya ku lantaran anut ka Isa Al Masih, lain ku dumeh nurut kana Toret. Ceuk Kitab oge: Euweuh jelema anu diangken bener ku Allah ku lantaran nurut kana Toret. 17 Ceuk urang Yahudi mah, nu hayang diangken bener ku Allah ku jalan anut ka Al Masih teh dosa; da ceuk maranehna mah, eta teh ngalanggar Toret. Tah upama enya kitu, naha eta teh Al Masih anu jadi sabab? Teu pisan-pisan! 18 Anu jadi dosa tea mah, nya eta: Lamun sajeroning hayang diangken bener ku Allah teh ku jalan ngalakonan deui Toret anu ku simkuring geus dipiceun tea. 19 Ku sabab simkuring ayeuna mah geus kawengku ku hukum anyar, atuh tina hukum Toret mah simkuring teh geus sirna; da simkuring mah geus masrahkeun hirup ka Allah ku lantaran geus milu digantung jeung Al Masih. 20 Ku kituna, anu hirup di simkuring teh geus lain simkuring sorangan deui, tapi saenyana mah Al Masih anu ngancik di jero diri simkuring. Hirup simkuring anu kiwari teh, estu ku karana iman ka Nu jumeneng Putra Allah, anu geus mikaasih sarta ngorbankeun salira-Na nalangan simkuring. 21 Eta sih piwelas-Na ku simkuring, tangtu moal ditolak. Sabab upama urang bisa salamet kulantaran hukum Toret, atuh pangorbanan Al Masih dugi ka pupusna teh, mubadir bae!



3

1 Ku barodona aranjeun, urang Galata! Aranjeun teh kasasarkeun ku saha, atuh? Kapan sakitu ecesna simkuring nerangkeun ngeunaan hal Isa Al Masih anu geus disalibkeun teh. 2 Cik ieu jawab: Aranjeun nepi ka bisa diancikan ku Ruh Allah teh, naha pedah nurut kana parentah Toret atawa ku sabab percaya kana wawaran Injil? 3 Aya ku kituna teuing bararodo teh! Aranjeun teh geus ngamimitian hirup nu alus, nya nurutkeun panuyun Ruh tea; naha ari ahirna, bet, aranjeun teh, rek balik deui nurutkeun sakumaha adat tabeat manusa! 4 Naha rek disina percumah bae eta pangalaman aranjeun anu sakitu matak balangsakna teh? Asa piraku teuing! 5 Allah, ka aranjeun, geus maparinkeun Ruh-Na kalawan taya wates wangenna tur loba pisan mujijat-Na anu geus dipidamel di lingkungan aranjeun. Naha eta teh pedah aranjeun tuhu kana Toret atawa lantaran aranjeun percaya kana eusina Injil? 6 Sing inget ka Nabi Ibrahim, kumaha Ungeling Kitab Suci ngeunaan Ajeunna: “Ibrahim, disebat jelema bener teh, lantaran anjeunna percaya ka Mantenna.” 7 Jadi, sing saha anu percaya ka Allah, eta kaasup turunan Ibrahim. 8 Dina Kitab Suci geus ti anggalna keneh ditetelakeun, yen sakur anu percaya, najan bangsa sejen oge baris diangken bener. Eta sababna, ti anggalna keneh oge uaran Injil teh ku Kitab Suci geus ditepikeun ka Ibrahim. Ungelna kieu: “Ku lantaran maneh, sakabeh bangsa baris kaberkahan.” 9 Tegesna, sakur anu keur hirupna percaya kawas Ibrahim, tinangtu meunang berkah. 10 Sabalikna, anu ngarepkeun salamet ku nedunan hukum Toret mah, hirupna teh kaancam ku hukuman. Sabab cek Kitab Suci ge kieu: “Pasti kahukum, jelema anu henteu enya-enya ngimankeun sakabeh parentah hukum Toret.” 11 Tetela, yen ku lantaran Toret mah teu aya pisan jelema anu diangken bener ku Allah. Sabab ceuk Kitab Suci: “Jelema anu diangken bener ku Allah ku lantaran iman kapercayaan, tangtu hirup.” 12 Antara Toret jeung iman kapercayaan teh taya pisan patalina, sabab ceuk Toret mah: Hirup teh, gumantung kana amal pagawean anu luyu jeung ungel Toret. 13 Urang, ku Al Masih, geus dibebaskeun tina panyapa hukum Toret; nya ku jalan Al Masih ku anjeun nandangan eta panyapa pikeun nalangan urang. Sabab geus kaungel kieu: “Sing saha anu digantung dina salib, eta teh jalma kasapa!” 14 Pangna Isa Al Masih disalib teh, nya eta pikeun bangsa-bangsa anu lain Yahudi oge milu kaauban berkah anu dipaparinkeun ka Ibrahim tea. Upama urang percaya kana hal ieu, Ruh anu dijangjikeun Allah teh tangtu katarima. 15 Dulur-dulur, ngeunaan wasiat Allah tea, urang nyokot conto tina hirup sapopoe. Hiji wasiat anu geus disahkeun, ku sing saha bae ge moal bisa dibatalkeun atawa ditambahan eusina. 16 Jangji Allah anu ditujukeun ka Ibrahim, nujul oge ka salah saurang turunan anjeunna. Sing tenget, lain ka sakabeh turunan anjeunna, tapi ka salah saurang turunan anjeunna. Jadi, ngan saurang, henteu kabeh. Eta anu saurang teh, nya eta Al Masih. 17 Anu dimaksud ku simkuring teh kieu: Allah maparin wasiat anu pamohalan bisa dibatalkeun atawa leungit kakuatanana ku hukum Toret. Sabab Toret mah, medalna teh pandeuri, kaheuleutan opat ratus tilu puluh taun. 18 Ari sih kurnia Allah gumantung kana Toret mah, atuh di luareun perjangjian Allah. Padahal geus tetela, Allah maparinkeun sih kurnia-Na ka Ibrahim teh, estu pikeun ngalaksanakeun Wasiat Mantenna. 19 Lamun kitu, naon atuh gunana Hukum Toret? Toret mah pikeun ngalengkepan undang-undang lantaran lobana palanggaran; sipatna ngan keur saheulaanan, memeh turunan anu dijangjikeun tea gumelar. Toret diturunkeunana ku malaikat-malaikat; ditepikeunana ka hiji wawakil. 20 Anu diwakilanana, tangtu lain jelema saurang. Sedeng Allah teh hiji. 21 Lamun kitu, meureun Toret teh jadi patonggong-tonggong jeung jangji Allah tea? Sama sakali henteu! Upama Toret kawasa mere hirup ka manusa; atuh, anu hayang diangken bener ku Allah teh geus cukup ku nedunan parentah Toret. 22 Tapi Kitab Suci nerangkeun, yen sakumna umat manusa teh hirupna dikungkung ku kawasa dosa, supaya sakur anu percaya sarta iman ka Al Masih bisa dipaparin wasiat nu geus dijangjikeun tea. 23 Sajeroning iman acan digelarkeun mah, hirup urang teh kawengku ku Toret sarta aya dina kungkunganana, nepi ka eta iman tea medal. 24 Ku sabab eta, Toret teh ngan mangrupa hiji pituduh wungkul; nya anu nungtun urang ka Al Masih tea; tapi ku lantaran percaya tea, saenyana mah, urang bisa diangken bener ku Allah teh. 25 Kiwari, iman teh geus aya di urang; ku kituna, urang teh geus teu kawengku ku anu nungtun tea. 26 Ku sabab percaya ka Isa Al Masih, urang teh ayeuna dijadikeun putra-putra Allah. 27 Sabab aranjeun, sakur anu dibaptis, — anu geus manunggal jeung Al Masih tea — geus kaancikan sipat-sipat Al Masih. 28 Dina sual ieu mah, teu aya bedana deui, boh urang Yahudi, boh urang Yunani, boh nu kumawula, boh jalma merdika, boh lalaki, atawa awewe; kabeh ge geus sabeungkeutan ku lantaran iman ka Isa Al Masih. 29 Upama urang geus jadi kagungan Al Masih, urang oge kaasup turunan Ibrahim, ahli waris anu boga hak narima warisan sakumaha jangji Allah tea.



4

1 Simkuring perlu nerangkeun: Sanajan geus jadi ahli waris, tapi ari can cukup umur mah, teu beda kaayaanana ti badega. 2 Memeh cunduk kana waktu anu geus ditangtukeun ku bapana, urusanana dikawasakeun ka walina. 3 Urang oge nya kitu keneh. Samemeh jiwa sawawa mah, kageugeuh ku rupa-rupa kapercayaan kana kakawasaan anu ngatur dunya. 4 Tapi sanggeus cunduk kana waktuna, Allah ngutus Putra-Na, nu dilahirkeun ku salah saurang wanoja sarta kaereh ku hukum Toret. 5 Anjeunna diutus teh, nya pikeun nebus sakur anu kabawah ku hukum Toret tea, supaya bisa diangkat jaradi putra-Na. 6 Buktina yen urang jadi putra-Na teh, nya eta hate urang geus kawidian diancikan ku Ruh Putra-Na, Nu nyambat kieu ka Allah: “Ama, nun Ama!” 7 Ayeuna dulur-dulur teh geus lain kawula deui, tapi geus jaradi putra Allah, ahli-ahli waris Allah. Wajib urang muji sukur. 8 Basa can terang ka Allah mah, dulur-dulur nyembah teh sama sakali lain ka Allah. 9 Tapi sanggeus tarerang ka Allah mah, atawa leuwih hade, mun disebut sanggeus diangken ku Allah; naha aranjeun teh, bet, baralik deui kana kakuatan alam anu taya kawasana? Naha rek kumawula deui ka anu karitu? 10 Make aya poe-poe, bulan-bulan, waktu-waktu, jeung taun anu kacida dimumule sarta dipusti-pustina ku aranjeun! 11 Estu, eta teh, matak salempang; boa-boa sakabeh usaha simkuring pikeun aranjeun teh, mubadir bae. 12 Kahayang mah, dulur-dulur sing kawas simkuring; da simkuring oge geus jadi sarua jeung aranjeun. Aranjeun teh can kungsi neungteuinganan. 13 Tangtu aranjeun ge aringet keneh, kumaha asalna simkuring nginjilan ka aranjeun teh, nya eta lantaran simkuring katarajang panyakit. 14 Awak simkuring ruksak ku panyakit, tapi ditarima sarta diaku ku aranjeun kalawan taya semu-semu jejereged atawa geuleuh; sabalikna tea, nya aranjeun teh dagdag-degdeg pikeun ngabageakeun simkuring kawas ka utusan Allah, malah kawas ka Isa Al Masih ku anjeun. 15 Tur kituna teh bari jeung ngarasa bagja. Kumaha ari ayeuna masih keneh kitu? Harita mah, cek wiwilanganana, mun heug nepi ka kudu nyokel panon keur kaperluan simkuring, aranjeun mo burung iklas. 16 Ayeuna pedah simkuring ngomong satarabasna, naha rek diaranggap musuh? 17 Jelema-jelema anu dicaritakeun ku simkuring teh, memang pohara geten tulatenna ka aranjeun. Tapi tekadna taya nu jujur. Saenyana mah, maranehna teh rek misahkeun aranjeun ti simkuring; nya rek narik aranjeun, supaya biluk ka maranehna. 18 Geten tulaten teh alus, asal jujur. Malah kudu salawasna kitu, ulah ngan ari keur katungkulan ku simkuring bae. 19 Anaking! Sapanjang Al Masih acan breh ngajanggelek dina hirup aranjeun, simkuring teu weleh paur, lir paurna nu rek ngajuru. 20 Simkuring hayang geura-geura pajonghok, hayang cacarita beda ti ayeuna. Pohara salempangna simkuring, ku aranjeun teh. 21 Pedah dulur kawas nu resep kabawah ku Toret, simkuring hayang nyaho: Sok digugu atawa henteu parentahna? 22 Cek Kitab, Ibrahim kagungan putra dua, nu saurang ti abdina nu awewe, nu saurang deui ti geureuhana, turunan jalma merdika. 23 Putra ti abdina, nu awewe, dilahirkeunana ku jalan anu lumrah bae; sabalikna, putra ti geureuha, turunan merdika mah, dilahirkeunana teh asal tina kawasaning jangji Allah. 24 Ieu teh, ngandung harti anu jero. Istri anu dua eta teh, ngupamakeun dua perjangjian Allah. Nu saurang, nu ngaran Hajar, asal ti Gunung Sinai; anu anak-anakna baris jadi jalma-jalma kumawula. 25 Hajar teh ngupamakeun Gunung Sinai, anu pernahna di tanah Arab; jadi, hal eta teh perlambang Yerusalem kiwari, anu hirupna saanak-anak kumawula. 26 Geureuhana, nya nu saurang deui tea; anjeunna teh, wanita golongan jalma merdika, hal eta teh perlambang Yerusalem ti kalanggengan, anu mawa kamerdikaan. Urang ngindung teh ka dinya. 27 Sabab kieu cek Kitab: “Eh, nu gabug, nu teu boga anak, sing suka bungah. Eh, nu can ngarasa nyerina ngajuru, masing gerah. Sabab awewe anu nunggelis teh, anak-baranahanana bakal leuwih ti batan awewe anu baroga salaki.” 28 Aranjeun oge kawas Isak bae, dulur-dulur, nya eta anak tina perjangjian Allah. 29 Tapi teu beda ti baheula, kiwari ge kitu: Anu diyugakeunana ku jalan lumrah teh, bet, nganiaya ka nu diyugakeunana ku karana kawasa Ruh Allah. 30 Padahal, kumaha cek Kitab Suci? Kieu: “Eta badega awewe katut anakna sina ingkah. Sabab anak ti manehna mah, moal dijieun ahli waris kawas anak ti wanita anu merdika.” 31 Ku kituna dulur-dulur, urang teh lain turunan nu asal ti wanita anu kumawula. Urang mah, turunan nu asal ti wanita golongan jalma merdika.



5

1 Urang teh geus ditebus ku Al Masih, supaya jadi jelema merdika. Pageuhan eta kamerdikaan ti Al Masih teh, ulah beunang dijieun deui budak beulian! 2 Simkuring, Paulus, ngingetan: Lamun aranjeun kudu disunatan keneh mah, atuh euweuh hartina Al Masih pikeun aranjeun teh! 3 Sakali deui, sing inget: Sing saha anu disunatan, wajib tunduk kana sakabeh hukum Toret. 4 Hayang jadi jelema bener ku jalan tunduk kana Toret mah atuh leupas ti Al Masih, pegat tina sih kurnia Allah. 5 Kapan bisa ngaharep diangken bener teh, ngan ku pitulungna Ruh sarta ku karana iman. 6 Sabab manunggal jeung Al Masih mah, disunatan atawa teu disunatan oge taya bedana. Nu penting mah darmaning iman anu kajurung ku rasaning kanyaah. 7 Sakitu suhudna aranjeun bareto mah nyorang jalan anu bener teh. Ku naon henteu diteruskeun? Saha anu ngarobahna? 8 Robahna kalakuan aranjeun kitu teh, lain ku kersaning Allah anu geus nyaur aranjeun tea. 9 Cek babasan: “Ragi saeutik matak beukah saadonan.” 10 Simkuring yakin, dumeh aranjeun papada sa-Gusti baris sapikiran jeung simkuring. Saha bae anu ngarobah aranjeun jadi kitu, tangtu kabendon ku Allah! 11 Jeung deui, dulur-dulur, upama simkuring ngajarkeun yen disunat teh wajib hukumna, piraku simkuring teh tetep diarah-arah rek dikaniaya ku maranehna? Lamun enya kitu, atuh pangajaran simkuring ngeunaan salib teh moal diaranggap tatajongan deui ku maranehna! 12 Hadena mah, maranehna, nu sok ngahasud ka aranjeun teh, sina ngabiri dirina sorangan bae! 13 Kapan aranjeun mah, dulur-dulur, geus disaur ka alam merdika. Cik, eta kamerdikaan teh ulah dipake nyimbutan lampah doraka. Anggur pake silih tulungan bari silih pikaheman. 14 Kapan parentah Toret oge, kabehanana, geus kawengku ku hiji timbalan anu unina: “Kudu nyaah ka batur lir ka awak sorangan.” 15 Ari silih cakar atawa silih reweg kawas sato mah, ahirna mah matak silih legleg. Kahade, sing waspada! 16 Ku sabab eta, hirup teh kudu nurutkeun Ruh, supaya ulah kaereh ku pangajak napsu. 17 Ari pangajak napsu teh, salawasna ge, ngalawan bae kana pangersana Ruh. Kitu deui Ruh, nya ngalawan oge kana pangajak napsu teh. Duanana silih lawan, temahna aranjeun hamo bisa ngalampahkeun naon-naon, sakumaha cita-cita. 18 Tapi upama aranjeun pasrah kana panuyun Ruh, moal keuna ku hukum Toret. 19 Buah-buahna pangajak napsu teh nya eta: Rucah, jinah, ngalajur napsu, 20 muja brahala, ngelmu sihir, mumusuhan, pasea, sirik-pidik, panasan, mentingkeun maneh, resep ribut, ngabengkahkeun, 21 hiri dengki, resep mabok, sukan-sukan balakecrakan, jeung salian ti eta. Sakumaha anu enggeus-enggeus, simkuring ayeuna ngelingan sakali deui: Sing saha anu lampahna kitu, hamo meunang tempat di Karajaan Allah. 22 Ari buah-buah padamelan Ruh, nya eta: Nyaahan, gumbira, tengtrem hate, sabar, karunyaan, hade lampah, satia, 23 darehdeh, kuat mengkek napsu. Kabeh oge taya anu patonggong-tonggong jeung hukum. 24 Saha bae anu geus anut ka Al Masih, sagala napsu jahatna katut angen-angenna nu goreng teh, geus paeh digantung dina salib. 25 Upama urang hirup teh ku pangawasa Ruh, atuh kudu nurut kana panuyun Ruh. 26 Kahade, ulah malar kahormatan tanpa guna, ulah silih kakalakeun, sarta ulah silih dengkian.



6

1 Dulur-dulur, upama aya jelema anu kaperegok migawe anu teu bener; ku aranjeun teh, anu ariman keneh, kudu dipapatahan sing sareh; bari aranjeun sorangan ngajaga diri, bisi keuna ku gogoda. 2 Aranjeun teh, enggoning nedunan patokan ti Al Masih, kudu silih tulungan sarta silih sundang babawaan jeung pada batur. 3 Jalma anu ieu aing, padahal taya naon-naonna, sasat ngabobodo maneh. 4 Masing-masing kudu naliti laku lampahna pribadi. Dina karasa yen hade, rarasakeun ku sorangan bae, teu kudu dibanding-banding jeung kalakuan batur. 5 Sabab unggal jalma, boga pasualan masing-masing. 6 Anu rumasa yen geus meunang pangajaran tina hal dawuhan Allah, kudu boga pamulang tarima nu hade ka nu ngajarna. 7 Kahade, ulah boga pikir yen Allah beunang dibobodo. Naon anu dipelak ku urang, eta nu baris kapetik. 8 Lamun urang pepelakan dina hawa napsu, anu baris kapetik teh, tangtu anu temahna matak paeh jeung binasa. Sabalikna, lamun pepelakan dina Ruh, anu baris kapetikna teh, nya eta hirup anu langgeng. 9 Ulah bosen-bosen melak kahadean mah; sabab eta pepelakan urang teh, dina waktuna, pasti kapetik hasilna upama urangna teu lanca-linci. 10 Ku sabab eta, ka saha-saha ge sing sabisa-bisa nyieun kahadean, komo ka batur nu saiman mah. 11 Tengetkeun nu aksarana baradag! Eta teh beunang nulis simkuring sorangan! 12 Jalma-jalma anu ngudukeun aranjeun disunatan teh, — kabeh oge — ngan ukur jalma-jalma nu hayang kapuji, malar ulah milu dikaniaya ku tina lantaran salib Al Masih. 13 Maranehna teh, sanajan disarunatan oge, hirupna mah teu tuhu kana hukum Toret. Maranehna mamaksa ka aranjeun ngudukeun disunatan teh, nya hayang kapuji tea, yen maranehna geus bisa ngeunakeun eta ciri lahir ka aranjeun. 14 Moal aya anu rek dipake agul ku simkuring mah, iwal ti salib Isa Al Masih anu jadi lantaran dunya teh pikeun simkuring mah geus paeh digantung; kitu deui, simkuring pikeun dunya. 15 Jadi, boh disunatan boh henteu, sarua taya hartina. Tapi anu penting mah, nya eta sual geus ngajadi mahluk anu dianyarkeun deui. 16 Mugia sakabeh, sakur anu hirupna nurutkeun ieu patokan, kitu deui urang Israil, umat kagungan Allah dipaparinan rahmat jeung karahayuan. 17 Ti semet ayeuna, hayang teh, aranjeun ulah ngarurudet deui simkuring ku rupa-rupa kasusah. Lantaran enggoning kumawula teh, diri simkuring mah geus pinuh ku ceda-ceda tatuna salira Al Masih. 18 Dulur-dulur, mugi-mugi Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih, maparinkeun sih kurnia-Na ka aranjeun, lahir batin. Amin.



AMAZING GRACE BIBLE INSTITUTE