Koloses


1

1 Ti Paulus, rasul-Na Isa Al Masih kalayan pangersa Allah, jeung ti Timoteus dulur urang. 2 Kahatur anggota-anggota jamaah Allah di Kolosa, nya eta dulur-dulur anu saratia ka Al Masih. Mugi marendak sih kurnia katut karahayuan ti Allah Nu jadi Rama urang. 3 Saban-saban mangnedakeun dulur-dulur, simkuring teu weleh muji sukur ka Allah, Rama Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih. 4 Lantaran simkuring nguping, yen dulur-dulur teh ariman ka Al Masih tur mikaheman ka umat kagungan Allah, 5 anu dumasar dina pangharepan kana hal anu geus disayagikeun pikeun aranjeun di sawarga. Ayana eta pangharepan teh, ku dulur- dulur geus kakuping ti beh ditu keneh, tina hal pangandika anu sajati, nya eta Injil anu geus ditepikeun ka dulur-dulur tea. 6 Eta Injil geus sumebar ka sakuliah dunya sarta geus mimiti katingal buah-buahna sarta kamekaranana. Ti barang dulur-dulur nguping sarta sanggeus enya-enya tarerang kana sih kurnia Allah anu sajati tea, buah-buahna sarta kamekaranana teh oge katingal. 7 Nu geus ngawulang ka dulur-dulur teh saderek Epapras, papada kaula anu dipikameumeut, abdi Al Masih anu satia pikeun dulur-dulur. 8 Nya ti anjeunna, simkuring terang kana kanyaah dulur-dulur teh, nya eta kanyaah anu asal ti Ruh tea. 9 Eta sababna, ti barang nguping kitu, teu petot-petot simkuring nya mangnedakeun sarta nyuhunkeun malar dulur-dulur dipaparin lantip pikir caang batin; maksudna, supaya dulur-dulur terang kana pangersa Allah, hirup sapuk jeung pangersa-Na, sarta tumut kana parentah-Na. 10 Sabab upama kitu, sagala usaha dulur-dulur teh, — boh dina widang naon bae — baris hade tur loba hasilna sarta baris wuwuh terang ka Allah. 11 Dipangnedakeun deuih, mugi ku kawasa Allah anu agung, dulur-dulur bisa tagen dina rupa-rupa cocoba kalawan sabar tawekal. 12 Lian ti eta, dulur-dulur oge, iasa maruji sukur ka Rama bari jeung bungah; rehna, Mantenna kersa maparin jalan supaya aranjeun layak meunang warisan anu geus dihancengkeun pikeun umat Allah di alam caang. 13 Urang teh, ku Mantenna, geus direbut tina pangaruh kawasa alam poek; dicandak ka jero karajaan Putra-Na nu kaasih. 14 Nya Anjeunna anu jadi panebus sarta anu nanggel dosa-dosa urang. 15 Al Masih teh, sanyataning gambaran Allah anu sipat gaib, anu dijungjung ngungkulan sakabeh ciciptan. 16 Sabab sakabeh nu aya teh, nya ku Anjeunna dijadikeunana: Boh nu di langit atawa nu di bumi; boh nu nyata atawa nu sipat gaib; boh pangaruh-pangaruh atawa pangawasa anu sipat roh jeung raja-raja, atawa parapangawasa di satungkebing alam. Kabeh dijadikeunana teh ku Anjeunna sarta pikeun Anjeunna oge. 17 Anjeunna anu pangpunjulna sarta sakabeh anu aya teh nya ku lantaran Anjeunna. 18 Nya Anjeunna anu jadi kapala jamaah, lir sirahna awak. Anjeunna anu jadi huluwotan jamaah, nu pangheulana gugah ti alam maot. Eta sababna, Anjeunna dina sagala perkara jadi pangpunjulna. 19 Sabab Allah ku Manten anu kersa ngancik di salira-Na; 20 tuluy Salira-Na, ku Allah, didamel jalan pikeun ngadatangkeun karapihan antara Mantenna jeung sakur anu kumelip, boh nu di sawarga, boh nu di bumi. Ku jalan ngucurkeun getih-Na, dugi ka pupus, dina kayu salib. 21 Dulur-dulur oge, tadina mah, hirup teh jauh ti Allah; malah mah ngamusuh pisan, sakumaha bukti tina kalakuan aranjeun anu doraka. 22 Tapi ayeuna, aranjeun, ku Mantenna geus dicandak rapih deui; sabab geus ditebus ku Al Masih anu geus toh pati jiwa raga, malar dulur-dulur jadi suci, taya cacad kuciwana di payuneun Allah. 23 Ku sabab eta, masing pangger muntang kana kapercayaan jeung ulah leupas tina pangharepan anu diajarkeun ku Injil tea. Eta Injil teh geus sumebar ka sagala mahluk di kolong langit sarta simkuring, Paulus, geus dijadikeun abdi-Na. 24 Ayeuna simkuring teh bungah, dumeh geus diparengkeun nandangan sangsara enggoning ngabelaan aranjeun. Sabab hal eta teh, pikeun nyumponan naon anu jadi kakurangan dina kasangsaraan Al Masih, nya eta jamaah, salira-Na tea. 25 Kawajiban simkuring, nya kudu ngabdi ka jamaah. Ieu teh luyu jeung tugas anu geus dipaparinkeun Allah ka simkuring, nya eta pikeun ngawawarkeun pangandika-Na kalawan sagemblengna ka aranjeun. 26 Eta pangandika-Na anu geus mangabad-abad dirasiahkeun ka umat manusa teh, ayeuna, ku Mantenna geus ditembrakkeun ka umat-Na. 27 Mantenna seja mintonkeun, kumaha jembarna tur agungna eusi eta anu dirasiahkeun teh; nya anu kiwari geus kagurnitakeun ka sagala bangsa. Eusina eta rasiah teh, nya eta: Al Masih teh geus ngancik di diri aranjeun; Anjeunna anu jadi harepan aranjeun pikeun ngawaris kamulyaan anu langgeng. 28 Nya Al Masih eta pisan anu ku simkuring dimashurkeun teh, ku jalan mepelingan jeung ngawurukan saban jalma kalawan taya anu kaliwat. Maksudna, supaya hirup maranehanana jadi sampurna lantaran iman ka Al Masih. 29 Eta anu ku simkuring keur diusahakeun jeung ditarekahan teh, kalayan pitulung Anjeunna keneh anu kawasa maparin kakuatan ka simkuring.



2

1 Perlu ku simkuring diterangkeun, yen kacida hese-belekena usaha pikeun dulur-dulur teh; kitu deui, usaha pikeun urang Laodikea jeung anu sejen-sejenna anu tacan kungsi patepung jonghok jeung simkuring. 2 Nu dipalar ku simkuring teh, supaya maranehna taleger jeung tetep satunggal silih pikanyaah tur sugih ku pangarti, rebo ku kanyaho tina hal rasiahna kasalametan ti Allah, tegesna Al Masih tea. 3 Sabab nya Anjeunna, anu jadi sumber kawijaksanaan jeung pangaweruh anu sajati teh. 4 Simkuring nerangkeun teh, supaya dulur-dulur ulah katipu ku omong pangoloan. 5 Simkuring gede hate ningal dulur-dulur pengkuh nya iman ka Al Masih. Sabab paanggang soteh, sacara lahir; mungguhing batin mah, simkuring teh, teu weleh deukeut jeung aranjeun teh. 6 Ku dulur-dulur geus diaku yen Al Masih teh Panutan. Heug hirup teh sing sapuk sareng pangersa Anjeunna. 7 Masing ngakar sarta pageuh nya muntang ka Anjeunna, dibarung ku hate anu leber ku panarima. 8 Kahade, ulah kabengbat ku elmu anu kosong-molongpong tur matak sasab, nya anu ngakarna lain ka Al Masih tea; tapi kana elmu titinggal karuhun jeung pangaruh kakuatan alam anu gaib. 9 Padahal sajatining kamulyaan Allah teh, nya di salira Al Masih ngajirimna; 10 ku lantaran iman ka Anjeunna dulur-dulur bisa kawaris hirup anu sajati teh. Anjeunna ngungkulan sakabeh kakuatan jeung sakabeh pangawasa lianna anu aya di satangkaraking jagat. 11 Nu manunggal jeung Anjeunna teh, geus narima sunat. Lain sunat nu ilahar nu ngeunaan badan jasmani, tapi sunat ti Al Masih, nya eta sunat anu ngalantarankeun aranjeun leupas tina pangaruh napsu diri anu jahat. 12 Ku jalan narima baptisan, dulur-dulur teh geus milu dimakamkeun bareng jeung Anjeunna. Nya kitu deui, aranjeun oge baris diharudangkeun sarta hirup bareng jeung Anjeunna; lantaran aranjeun, percaya kana kakawasaan Allah anu parantos ngagugahkeun Anjeunna tea. 13 Bareto, lantaran hirup sasar, nuturkeun adat jelema-jelema anu teu palercaya ka Allah. Dulur-dulur teh, sasatna mah, geus paeh. Tapi ayeuna, aranjeun, ku Allah geus dihirupkeun deui bareng jeung Al Masih. Dosa-dosa urang kabeh geus dihampura. 14 Hutang urang teh, — anu sarat-saratna pohara matak rugi tur kacida ngabeuratkeunana — surat perjangjianana, geus dicoret. Malah geus dimusnakeun, dipaku dina salib. 15 Al Masih teh geus unggul, ngelehkeun sakumna pamarentahan katut pangawasa si jahat. Nya harita dina salib, maranehna, ku Anjeunna dijadikeun tongtonan balarea tandaning kaunggulan Anjeunna. 16 Ku sabab eta, tong sieun dicawad tina perkara kadaharan jeung inuman, tina pasal pesta-pesta taunan, atawa mestakeun mimiti tembongna bulan atawa poe Sabat. 17 Eta kabeh, ukur kalangkangna nu baris datang engke; da ari anu sajatina mah, nya Al Masih. 18 Oge ulah beunang kagebrag ku jelema-jelema anu sok pura-pura ngalaip-laip dirina, anu nyarembahna ka malaikat-malaikat, umangkeuh kaseundeuhan tetenjoan nu garaib, sarta ngagul-ngagul hasil pamikirna sorangan bari jeung teu puguh sabab-musababna. 19 Ari ka Al Masih, anu jadi Kapala, geus tara nolih. Al Masih teh, kapan saibarat sirah, nya anu ngatur sakujur awak tea; nu matak awak teh jadi weweg, ngahiji, lantaran katunjang ku tulang-tulang sandi jeung kasimpay ku urat, supaya dina kamekaranana tumuwuh tumut kana pangersa Allah. 20 Dulur-dulur teh, kapan sasatna mah geus paeh babarengan jeung Al Masih sarta geus leupas tina pangaruh roh-roh anu ngawasaan alam. Naha atuh masih keneh taluk kana rupa-rupa cegahan hukum Toret, kayaning: 21 Teu meunang nyabak anu, teu meunang ngadahar anu, atawa ulah paantel jeung anu! 22 Eta mah, kabeh oge, ngan ukur ngeunaan barang anu keuna ku beak wungkul. Ukur nurut kana parentah jeung pangajaran manusa. 23 Sanajan dibarung ku nyembah ka malaikat, nganista-nista diri jeung ngisat awak oge, supaya katembongna enya-enya ngajalankeun ibadah; da taya gunana pisan atuh. Malah anggur matak ngangsonan napsu anu matak doraka bae.



3

1 Dulur-dulur, kapan aranjeun teh geus dihirupkeun deui bareng jeung Al Masih. Atuh geus kuduna aranjeun mikiran hal-hal kasawargaan, nya tempat panglinggihan Al Masih tea, anu calikna teh tengeneun Allah. 2 Implengkeun angen-angen teh kana hal kasawargaan, ulah kana hal-hal anu asal ti dunya keneh. 3 Dulur-dulur teh, sasatna mah, geus paeh; ari hirup aranjeun geus ngancik buni jeung Al Masih di Allah. 4 Di mana Al Masih, — anu jadi hirup urang tea — nganyatakeun salira-Na ka umum; dina waktu eta oge, dulur-dulur baris nganyatakeun diri sarta baris kaauban ku kamulyaana-Na. 5 Ku sabab eta, geura eureunan eta kalakuan aranjeun anu nurutkeun perbawa hawa dunya teh. Ulah rucah, jinah ma'siat, goreng hate, jeung sarakah. Sarakah teh, kaasup nyembah ka brahala keneh. 6 Kalakuan anu kitu, tangtu baris dihukum ku Allah. 7 Tah hirup dulur-dulur oge, ka tukang-tukang mah kitu, teu uni. 8 Ayeuna, geura piceun eta kalakuan teh, ulah sok ngumbar amarah, ngunek-ngunek, supu-sapa jeung ngumbar sungut. 9 Jeung ulah sok silih bohongan deuih! 10 Pribadi aranjeun anu heubeul teh, anu teu uni, kapan geus dipiceun, geus diganti ku kapribadian anu anyar. Tegesna mah, geus jadi manusa anyar, supaya bisa nyusul pangaweruh anu sajati; tur salawasna dina kaayaan anyar sakumaha gambaran Anu Nyiptana. 11 Di alam hirup anyar mah, sual-sual urang Yunani, urang Yahudi, nu disunat, nu teu disunat, urang Barbar, urang Tartar, nu kumawula, nu merdika teh geus moal aya deui; sabab kabeh, geus jadi kagungan Al Masih. 12 Dulur-dulur teh, umat anu geus kapilih jeung diasih ku Allah. Kudu karunyaan, sing boga rasrasan, rendah hate, someah darehdeh, tur sabar. 13 Kudu silih eledan jeung silih hampura pada batur. Ngahampura teh wajib, kapan Gusti oge ngahampura ka dulur-dulur. 14 Pangpangna mah, urang teh kudu silih pikanyaah. Sabab eta teh, jadi simpayna kasatunggalan. 15 Mugi, dulur-dulur, ku Gusti dipaparinan reugreug hate. Kapan pangna dulur-dulur disaur teh, supaya ngajadi satunggal, ngawangun hiji badan. Lebah dieu, urang teh wajib muji sukur. 16 Piwulang Al Masih, anu sakitu matak jembarna teh, sing nepi ka ngancik dina ati sanubari. Kudu silih papatahan, silih elingan kalawan hate anu lantip. Sanggakeun ka Allah puji tina Zabur, pupujian, jeung kidung-kidung rohani sejenna dibarengan ku pinuh rasa panarima jeung sukur. 17 Ucap lampah, salawasna, kudu kalawan asmana Isa, Gusti Jungjunan urang, sarta ulah tinggal ti muji sukur ka Allah nu kersa jumeneng Rama, kulantaran Anjeunna. 18 Aranjeun, parawanita anu rumah tangga, masing ngesto ka salaki. Sabab eta teh, kawajiban umat Al Masih. 19 Aranjeun, nu jaradi salaki, kudu nyaah ka pamajikan jeung ulah nganyenyeri. 20 Maraneh barudak, dina sagala rupa masing nurut ka kolot. Budak anu nurut ka kolot teh, ku Gusti dipikanyaah. 21 Aranjeun anu jadi kolot, ulah sok cempadan teuing ka anak, bisi matak tinggar kalongeun. 22 Aranjeun anu keur kumawula, satungtung hirup mah, dina sagala hal kudu ngesto ka dunungan. Nurut teh, ulah ngan keur hareupeun wungkul, nya ngarah kapake tea. Nurut teh, kudu saiklas-iklasna kalawan sieun ku Pangeran. 23 Lampahkeun sagala pagawean sing enya-enya, kawas digawe pikeun Al Masih ku anjeun, lain keur manusa. 24 Sing yakin, yen Gusti anu baris ngaganjarna teh; sakumaha anu geus ditangtukeun ku Anjeunna. Sabab dunungan anu sajati pikeun aranjeun mah, nya Al Masih. 25 Sing saha bae anu lampahna jahat, tangtu meunang hukuman. Pangeran mah, moal rek pilih bulu.



4

1 Aranjeun anu jadi dunungan, masing adil, masing jujur ka anu jadi bujang; lantaran aranjeun oge, sarua keur kumawula ka Dunungan anu linggih di sawarga. 2 Sing manteng dina paneda, sing caringcing, sarta kudu muji sukur ka Pangeran. 3 Pangnedakeun deuih simkuring, mugi ku Allah diparengkeun bisa ngawawarkeun Injil-Na, medarkeun rasiah hal Al Masih, anu jadi sabab pangna simkuring ayeuna dipanjara. 4 Pangnedakeun, supaya simkuring wani nyaritakeunana kalawan satarabasna, sakumaha mistina. 5 Dina nyanghareupan golongan anu teu palercaya, aranjeun kudu lantip. Satungtung aya keneh waktu mah, aranjeun kudu enya-enya digawe teh. 6 Nyarita kudu hade tur lantip, supaya bisa mere jawaban anu merenah ka saha bae oge. 7 Hal kaayaan simkuring baris ditepikeun ka aranjeun ku saderek Tihikus, pangbantu anu satia tur rajin ngabantuan enggoning ngalampahkeun tugas ti Gusti; nya jelema pikanyaaheun tea. 8 Anjeunna dijurung nepungan teh, supaya dulur-dulur terang kana kaayaan simkuring. Jaba ti eta, geusan ngareugreugkeun hate aranjeun ongkoh. 9 Datangna teh, anjeunna baris dibarengan ku Onesimus, anu sarua rajinna jeung matak pikanyaaheunana; nya asal teh, kapan ti dulur-dulur keneh. Aranjeunna baris nyaritakeun sagala rupa anu kajadian di dieu. 10 Aya salam ti Aristarkus anu bareng dipanjara jeung simkuring. Oge ti saderek Markus, alona saderek Barnabas tea. Ari hal-ihwal anjeunna mah, dulur-dulur oge geus dipopoyanan. Muga ku dulur-dulur diaku sing hade. 24* 11 Aya deuih salam ti Isa tea, anu katelah Yustus. Ti antara urang Masihi Yahudi mah, ngan ieu bae anu tiluan anu marilu baranggawe jeung simkuring pikeun karajaan Allah teh. 12 Oge salam ti Epapras, abdina Isa Al Masih, nya anu asal ti dulur-dulur keneh. Anjeunna kacida neda-nedana ka Allah, nyuhunkeun supaya iman dulur-dulur dipengkuhkeun, dipaparin kasadaran pikeun tumut ka pangersa Allah. 13 Simkuring terang pisan, kumaha soson-sosonna anjeunna digawe pikeun aranjeun; kitu deui, pikeun dulur-dulur saiman di Laodikea jeung di Herapolis. 14 Sobat simkuring, tabib Lukas sarta saderek Demas ngahaturkeun salam. 15 Pangnepikeun salam ti simkuring, ka dulur-dulur di Laodikea jeung ka saderek Nimpa katut dulur-dulur anu sok karumpulan di imahna. 16 Upama ieu surat geus dibaca di aranjeun, ihtiarkeun supaya dibaca deuih di hareupeun jamaah Laodikea. Kitu deui, surat anu ditujulkeun pikeun jamaah Laodikea oge hade ku dulur-dulur dibaraca. 17 Pangnepikeun ka Arsipus: Omat, sing junun ngalampahkeun tugas ti Gusti teh. 18 Salam sono simkuring, Paulus. Kalimah ieu mah ditulis ku simkuring sorangan. Masing inget, simkuring teh keur dipanjara. Mugi sadayana marendak sih kurnia ti Allah.



AMAZING GRACE BIBLE INSTITUTE