3 Yohanes


1

1 Surat ti simkuring, kokolot jamaah. Kahatur saderek Gayus, kanyaah simkuring dina bebeneran. 2 Paneda simkuring, mugi saderek tetep sehat walafiat lahir batin. 3 Aya wartos ti dulur-dulur anu daratang ka simkuring, yen saderek pohara pageuhna kana bebeneran: Sakumaha aranjeun geus nohonan pamentana kayaktian. 4 Pikeun simkuring mah, taya deui anu matak leuwih bungah, lian ti upama ngadenge nu jadi anak aya dina jalan anu bener. 5 Kumaha pageuhna saderek kana kayaktian, tembong, nya eta basa kadatangan ku dulur-dulur saiman anu can wawuh tea; kapan ku saderek teh pohara diuruskeunana. 6 Tah perkara eta, anu dicaritakeun ku dulur-dulur di dieu teh, di jamaah. Kacida hadena, manawi saderek kersa deuih ngabantu maranehna pikeun neruskeun perjalanana ku jalan ngabantu mangusahakeun pibekeleunana. Asal bae, hal eta teh, kamanah ku Pangeran. 7 Sabab maranehna, laleumpangna teh keur nohonan kawajiban ti Al Masih tur ti anu henteu saiman mah, pamohalan meunang pitulung. 8 Nya urang anu wajib ngabantu maranehna; eta teh, tandaning urang milu digawe babarengan nyebarkeun kayaktian. 9 Simkuring geus ngirim surat pondok ka jamaah. Tapi jelema anu ngaran Diopretes teu resepeun, dumeh manehna hayang jadi pamingpin. 10 Engke, upama simkuring ka dinya, kalakuanana rek dibolekerkeun. Gawena, ka ditu ka dieu, ngan ngomongkeun bae simkuring sarta omonganana, mani nyararugak. Teu anggeus ku sakitu bae sabab ka dulur-dulur anu anyar datang oge, mani embung narima. Aya anu arek narima ge, ku manehna dihalang-halang; malah antukna dikaluarkeun pisan ti jamaah! 11 Lain turutaneun, nu goreng kitu mah. Wajib ditiru soteh, lamun alus. Jelema nu hade lampah memang asal ti Allah. Ari goreng lampah mah kalakuan jelema anu can nyaho ka Allah. 12 Tapi nu saurang deui, — anu ngaran Demetrius — eta mah ku itu ku ieu pada ngaluskeun tur memang bener bukti yen manehna jelema hade. Manehna mah, ku simkuring oge diaku pisan. Saderek tangtu percaya kana benerna ieu omongan simkuring. 13 Rea keneh picaritaeun simkuring teh, tapi moal ku jalan surat. 14 Engke bae ari urang geus tepung, pahareup-hareup; hal eta, urang omongkeun. Sabab simkuring, geus aya niat hayang buru-buru nepungan. 15 Mugi saderek marendak kawilujengan. Aya salam ti sobat-sobat anjeun. Pangnepikeun oge salam simkuring ka sakabeh sobat-sobat sarta kawawuhan-kawawuhan.



AMAZING GRACE BIBLE INSTITUTE