2 Petrus


1

1 Surat ti simkuring, Simon Petrus, rasul anu eukeur kumawula ka Isa Al Masih. Kahatur dulur-dulur, anu ku karana adil-Na Allah jeung Juru Salamet urang, Isa Al Masih, geus ngamilik banda anu mulya saperti simkuring, nya eta iman kapercayaan. 2 Mugi-mugi aranjeun ginanjar rahmat rahayu, dumeh geus terang ka Allah jeung ka Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih. 3 Ku kawasaning Allah nu agung, urang geus dipaparin sakur nu perlu geusan hirup kalawan ibadah, nya eta ku lantaran diwanohkeun ka Nu geus nyaur ka urang, malar kamulyaan jeung kakawasaan Anjeunna tumerap ka urang. 4 Jangji-jangji Mantenna ka urang, anu agung tur luhur pangajina, geus tutas laksana. Ku kituna, — ku karana kudrat ilahi — aranjeun geus bisa ngejat tina pangaruh-pangaruh dunya anu ngaruksak. 5 Ku sabab eta, aranjeun kudu ihtiar sakuat-kuatna: iman deudeul ku kanyaahan; kanyaahan deudeul ku pangarti; 6 pangarti deudeul ku mawas diri; mawas diri deudeul ku kamantepan; 7 kamantepan deudeul ku ibadah; ibadah deudeul ku midulur pada batur; midulur pada batur deudeul ku nyaah ka sakumna jalma. 8 Upama sipat-sipat eta, geus kapimilik ku aranjeun. Tangtu wanoh ka Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang teh, baris beuki subur buah-buahna. 9 Sabalikna, saha bae nu teu ngabogaan sipat-sipat anu kasebut tadi mah, eta teh poekkeun. Manehna poho, yen dirina geus dilubarkeun tina dosa-dosa nu baheula. 10 Sabab eta, dulur-dulur kudu narekahan sakuat-kuatna, sangkan panyaur jeung pamilih Allah ka aranjeun teh ngajadi reugreug pageuh. Upama geus bisa kitu, pamohalan aranjeun tigedebug. 11 Aranjeun baris dipaparin kalangsaran asup ka Karajaan anu langgeng kagungan Gusti jeung Juru Salamet urang, Isa Al Masih. 12 Eta sababna, sanajan aranjeun geus tabah tur pengkuh madeg dina eta kayaktian, simkuring moal weleh-weleh ngelingan. 13 Sapanjang make keneh ieu raga awak, ngageuing ka aranjeun teh pikeun simkuring mah jadi hiji kawajiban. 14 Sabab simkuring geus terang ti Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang ku anjeun, yen ieu kurungan simkuring teh sakeudeung deui oge baris ruag. 15 Nu matak ayeuna simkuring teh tarekah, sangkan hal ieu ku dulur-dulur tetep ditungkus jeroning kalbu, sanajan simkuringna geus teu aya. 16 Dulur-dulur! Anu diwawarkeun ku simkuring teh lain dongeng jijieunan. Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih, anu baris rawuh deui teh memang mulya tanpa tanding. Simkuring sabatur-batur geus naringal sorangan kumaha kamulyaana-Na. 17 Kasaksian pisan caraning Anjeunna nampi kahormatan jeung kamulyaan ti Allah Rama, anu leuwih ditetelakeun deui ku gentra ti Anu Maha Mulya, ungelna: “Ieu Putra Kami! Kakasih Kami!” 18 Eta gentra ti sawarga teh, sidik pisan kadenge ku simkuring jeung dua batur anu nyarengan Anjeunna, disalahsahiji puncak gunung anu suci. 19 Sanggeus nyaksian eta, kayakinan simkuring sabatur-batur kana dawuhan Allah anu ditepikeun ku nabi-nabi teh, jadi beuki teguh. Ieu hal, perlu ku aranjeun diperhatikeun, lir neuteup cahaya palita anu nyaangan poekna peuting, ngadago cahaya bentang isuk anu moncorong jeroning ati, mapag datangna beurang. 20 Jeung kudu diingetkeun: Moal aya hiji nubuwat dina Kitab anu bisa dibuka pihartieunana ku uteuk pangarti manusa sorangan. 21 Sabab taya hiji nubuwat beubeunangan uteuk manusa. Nabi mah darma ngucapkeunana sarta ngucapkeunana ge salawasna kalawan pajenengan Allah; sabab kedalna teh, ku pangjurungna Ruh Allah.



2

1 Sakumaha baheula, umat Allah teh kadatangan ku nabi-nabi palsu. Kiwari, aranjeun ge baris kadatangan ulama-ulama palsu, anu ngasupkeun pangajaran-pangajaran teu uni nu balukarna matak nyilakakeun; lian ti eta, ulama-ulama palsu eta teh, nolak oge ka anu kudu dipi-Gusti, anu geus nebus maranehna. Tapi kalakuan maranehna teh, tangtu malindes ngabinasa ka maranehna keneh. 2 Sakitu garorengna, eta lampah, tapi baris loba jalma anu biluk bari terus ngagogoreng Jalan Kayaktian. 3 Bawaning ku rakus-rakusna nyiar kauntungan, eta ulama-ulama palsu teh moal euleum-euleum ngasong-ngasong dongeng anu teu aruni. Tapi hukumanana oge, keur maranehna teh, enggeus lila disampakkeun tur moal diengke-engke. 4 Allah henteu ngantep ka malaikat-malaikat anu barontak: Kabeh digebluskeun ka naraka; dibarogod di alam poek pikeun ngadago waktu Poe Pangadilan. 5 Allah ge henteu ngantep dunya purba, — dina jaman Enoh — tempat jelema-jelema nu marasiat nu ku Mantenna geus dibasmi ku caah gede tea; ngan Enoh jeung tujuh urang wungkul anu dirahayukeun; sabab Enoh mah, anggur ngajak supaya jelema-jelema anu marasiat teh tarobat. 6 Allah ge ngahukum kota Sadumu jeung Gomora; kadua kota eta, ku Mantenna dibasmi ku seuneu pikeun jadi conto ka hareupna: Kitu temahna, mungguh jalma nu doraka mah. 7 Anu dirahayukeun tina eta hukuman ngan Elut, jalma anu ibadah. Di eta nagara, Elut teu eureun-eureun asa kasiksa ku kalakuan-kalakuan urang dinya anu teu ngendahkeun hukum jeung ngan ngalajur napsu jahatna bae. 8 Ma'lum anjeunna hirup di masarakat anu siga kitu, unggal-unggal poe nyaksian kalakuan anu jarahat, teu araruni, nepi ka jiwa Elut kacida kasiksana. 9 Tina hal-hal anu bieu, tetela Pangeran teh uninga ka umat-Na anu kudu dilepaskeun tina kasukeranana sarta ngahukum ka jelema-jelema anu jahat; ku jalan ngagebluskeun maranehna ka jero tahanan pikeun ngadago Poe Pangadilan. 10 Mantenna pohara ngahukumna ka jelema anu ngumbar napsu jahat, anu ngumbar pangajak badani, jeung ngahina kana pamarentahan Allah. Eta ulama-ulama palsu teh kacida garumedena, nepi ka taya pisan hormatna ka Nu leuwih kawasa ti batan dirina, malah teu euleum-euleum ngagorengkeun teh. 11 Cacakan malaikat-malaikat anu jauh tangeh leuwih luhur jeung leuwih kawasa batan maranehna teh, teu warantuneun ngagogoreng maranehna di payuneun Allah. 12 Tapi eta ulama-ulama palsu tea, jelema soteh ukur ngaranna, ari kalakuanana mah teu beda ti sato anu henteu boga akal. Maranehna teh, bleg sato bae, nya ngan pikeun boroeun jeung paehaneun wungkul. Maranehna ngagorengkeun perkara nu teu kaharti ku akalna. Nya kalakuanana keneh bae anu bakal ngalantarankeun maranehna binasa lir sato alas teh. 13 Kajahatanana tangtu baris meunang pangwales. Kana ngumbar pangabeuki, makmak-mekmek sapanjang poe, geus ngabaju. Mutuh matak era, matak mawa cacad ku kalakuanana anu sasar mun pareng aranjeun dahar bareng jeung maranehna. 14 Matana giras, pinuh ku geter birahi, nya eta kana hirup rucah sarta taya seubeuhna migawe dosa. Tukang ngolo ka nu barodo. Hatena kebek ku tabeat hawek. Jelema-jelema sapaeun Pangeran! 15 Jalanna ngalalapruk, nepi ka maranehna teh sasab; nya tuluy bae nyokot jalan kawas anu dipake ku Balhum bin Beor anu sapongkol jeung musuh, pedah kagembang ku uang. 16 Tuh geuning, Balhum ge geus ditegor ku Allah. Kalde tutumpakanana ngadak-ngadak bisa ngomong kawas jelema, megeg kapalunganana eta nabi. 17 Eta ulama-ulama palsu teh, jeg hulu cai anu geus saat atawa kawas mega anu katebak ku angin barat. Pitempateunana teh, nya eta di nu poek mongkleng, nu geus disampakkeun ku Pangeran. 18 Sungutna lir lodong kosong harus ngelentrung. Lampah rucahna, dipake ngabibita batur anu kakara bae lilir tina kabiasaan-kabiasaan anu aeb. 19 Majar maneh bisa mere kamerdikaan, padahal soranganana jadi badegana napsu-napsu anu matak ngabinasa. Sabab sing saha anu kasoran, eta teh kudu kumawula ka anu ngelehkeunana. 20 Upama jelema anu geus ucul tina pangaruh-pangaruh dunya anu ngaruksak ku lantaran geus wanoh ka Isa Al Masih, — Gusti Jungjunan urang sarta Juru Salamet urang — heug kabeulit deui ku nu karitu; kaayaanana teh baris leuwih cilaka tibatan tadina. 21 Pikeun jelema anu kitu mah, saenyana leuwih hade ulah nyaho sama sakali kana jalan anu bener; tibatan nyaho, tapi balik deui nukangan parentah suci anu diwawarkeun ka manehna. 22 Jelema anu kitu, ninggang kana paribasa: “Anjing ngaletakan deui utahna, babi nu beunang ngamandian ancrub deui kana pangguyangan.”



3

1 Paramitra! Geus dua kali jeung ieu, simkuring nyuratan teh. Eusina mah, sarua maksudna, nya eta tarekah seja mepelingan aranjeun. 2 Malakmandar aranjeun areling terus kana pilahir nabi-nabi baheula nu saruci; kitu deui, kana timbalan Gusti Jungjunan urang sarta Juru Salamet, anu ditepikeun ku rasul-rasul anu daratang ka aranjeun. 3 Anu kudu pohara diingetkeunana teh, nya eta: Dina mangsa-mangsa jaman ahir, bakal aya tukang-tukang nyacampah anu ngaberung. Maranehna bakal nyarieun lulucon anu eusina ngahina ka urang, basana: 4 “Baruk, eta teh enggeus jangji arek datang deui? Ari ayeuna eukeur ka mana heula? Geuning ti sapesna karuhun urang, kaayaan teh angger keneh bae, dunya ngadeg ti baheula henteu robah-robah.” 5 Maranehna ngahaja mopohokeun sajarah, yen baheula, sanggeus Allah ngandika, jleg langit jeung bumi ngajadi. 6 Mopohokeun, yen bumi anu asal tina cai jeung ku cai; geus dibasmi ku cai oge, nya eta waktu aya caah sadunya tea. 7 Mopohokeun, yen langit jeung bumi anu kiwari teh, oge dicawiskeun keur parab seuneu, sakumaha Pangandika Allah; ngan sabot ngadago wancina, nya eta Poean jelema-jelema anu daroraka dipariksa jeung ditibanan hukuman. 8 Paramitra masing inget! Mungguh di Pangeran mah, sapoe jeung sarebu taun teh teu beda. Da pikeun Mantenna mah, sarua bae. 9 Pangeran mah, kana ngalaksanakeun jangji teh, tara talangke cara ceuk sangkaan jelema. Nu saenyana mah, Mantenna, sabar-Na kalangkung-langkung ka aranjeun teh; dumeh kahoyong-Na mah, ulah aya saurang ge anu cilaka; sabalikna, kahoyong-Na mah, kabeh teh tarobat tina dosa-dosana. 10 Demi Wanci pisumpingeuna-Na Gusti Jungjunan urang teh, hamo kataksir iraha, cara urang teu bisa naksir wanci pidatangeunana bangsat. Dina Wanci eta, langit baris ngiles sirna; sorana ngagulugur, unsur-unsur jagat raya lebur ku seuneu; kitu deui, bumi katut sagala eusina baris musna kaduruk. 11 Jadi, ku sabab kabeh baris lebur ku jalan kitu; atuh hirup aranjeun teh kudu pohara suci kalawan takwana, 12 bari sing manteng dina ngarep-ngarep jeung bajuang pikeun pisumpingeunna-Na eta Poean Gusti. Dina poe eta, langit lebur ku seuneu sarta unsur-unsur jagat buana ajur ku panas. 13 Tapi mungguhing urang mah, pan pageuh ngarep-ngarep kana jangji Pangeran, Anu ngajangjikeun langit anyar jeung bumi anyar, pangancikan anu dicita-cita ku urang, anu diereh ku kaadilan. 14 Sabab eta, dulur-dulur! Sajeroning nganti-nganti, aranjeun teh kudu bajuang; sangkan aranjeun, kasondongna ku Allah teh, ulah aya dina kaayaan cacad atawa nguciwakeun, malar bisa reureujeungan jeung Mantenna kalawan santosana. 15 Kasabaran Pangeran ka urang teh, hartina Mantenna maparin tempo sangkan urang salamet; sakumaha anu geus disaurkeun ku Paulus, mitra simkuring, dina suratna ka aranjeun, dulur-dulur. Anjeunna nyebatkeun kitu teh lantaran kenging hikmat kapinteran ti Allah. 16 Dina surat-suratna, unggal-unggal oge anjeunna tara luput, kudu bae nyarioskeun ieu perkara. Surat-surat anjeunna sok dieusi ku sababaraha hal anu muskil, matak hese kahartina. Ku jelema-jelema anu kurang pangarti tur kurang pengkuh imanna mah, hal eta, dihartikeunana teh sok diputerbalikkeun, nepi ka matakkeun maranehna cilaka: Nya cara kana tulisan-tulisan Kitab sejenna bae, maranehna, mun ngahartikeun teh sok diputerbalikkeun. 17 Tapi mungguh aranjeun mah, ti samemehna oge, geus terang kana hal eta teh. Kari waspadana bae, malar ulah kasered ku anu salalasar, — nya eta jalma-jalma nu teu tara'at kana hukum — bisi matak poho kana cecekelan. 18 Anggur sing leuwih rajin ngagunakeun bakat jeung pangarti kurnia ti Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang, sarta Juru Salamet urang tea. Pikeun Anjeunna bae, kamulyaan teh, ti ayeuna dugi salalanggengna.



AMAZING GRACE BIBLE INSTITUTE