2 Corinthians


1

1 Ti Paulus, rasul-Na Al Masih ku kersaning Allah, jeung ti Timoteus. Dumateng jamaah Allah di Korinta katut dulur-dulur saiman di wilayah Ahaya. 2 Mugia dulur-dulur ginanjar rahmat rahayu ti Rama, nya eta Allah jeung ti Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang. 3 Rebu-rebu nuhun ka lenggah Allah, Rama Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih; Rama anu henteu kendat-kendat miwelas, nya eta Allah sumbering panglipur. 4 Allah anu geus ngalilipur simkuring ti sagala rupa kasukeran teh, ngamaksud supaya eta panglipur-Na teh bisa keur ngabeberah sakur anu keur nandangan kasusah. 5 Sabab sakumaha simkuring, nu geus milu ngarandapan kabalangsakanana Al Masih, — nya ku karana Al Masih pisan — simkuring teu kurang narima panglipur ti Allah teh. 6 Mun simkuring balangsak, eta teh itung-itung pangbeberah jeung kasalametan pikeun aranjeun. Kitu oge, upama simkuring meunang panglipur, eta teh keur aranjeun oge; sangkan mun aranjeun nyorang sangsara kawas simkuring, aranjeun ge bisa tagen nandanganana. 7 Dina hal ieu, simkuring teu hamham deui. Ku sabab, aranjeun geus milu nandangan dina kasangsaraan simkuring; tangtu dina sual panglipur ti Allah ge. 8 Sing percaya dulur-dulur, pohara sangsarana simkuring di Asia Leutik teh, — jiga geus liwat ti mistina — nepi ka geus nyamarkeun hirup. 9 Malah simkuring teh, geus asa pasti kana pipaeheun. Tapi eta teh jadi pangajaran, yen urang ulah sok percaya teuing ka diri sorangan. Percaya teh kudu ka Allah, anu kawasa ngahirupkeun anu paeh. 10 Nya ngan ka Mantenna, urang kudu muntang teh. Mantenna geus nulungan simkuring, nya eta ngaleupaskeun simkuring tina baya pati. Saterusna ge, nya pitulung Mantenna keneh bae anu diarep-arep teh. 11 Doa ti aranjeun ge, pohara diarep-arepna. Meureun ari dikabul, lain simkuring bae anu baris narimana teh; anu mangnedakeunana oge, tangtu marilu kasinugrahaan. 12 Dina diri simkuring, aya anu karasana matak agul teh, nya eta dumeh simkuring ku Allah dikersakeun bisa campur gaul jeung masarakat kalawan jujur tur iklas; pangpangna dina campur gaul jeung aranjeun. Lain pedah simkuringna anu bisa, ieu mah estu berkah-Na Pangeran. 13 Ieu, anu dibaca ku aranjeun teh, henteu geseh ti nu saenyana. Kahayang mah muga sing kaharti kabeh, ulah ngan sawareh-sawareh kawas nu enggeus-enggeus. 14 Supaya dina poean sumpingna Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang, aranjeun agul ku simkuring, saperti simkuring ka aranjeun. 15 Ari simkuring mah yakin yen baris kitu. Eta sababna, pangna hayang tepung deui jeung aranjeun teh. Da bareto ge, niatna simkuring mah rek ka aranjeun heula; 16 ti dinya, simkuring rek terus ka Makedoni. Ti Makedoni, simkuring rek balik deui ka aranjeun, arek menta dianteur ka Yudea. 17 Jadi, kumaha? Simkuring teh lanca-linci kitu? Pedah simkuring geus jangji rek datang, tapi lebeng bae. 18 Demi Allah, simkuring taya niat lanca-linci. 19 Isa Al Masih, Putra Allah, anu dikenalkeun ku simkuring, Silpanus, jeung Timoteus ge, henteu lanca-linci. Di Anjeunna mah, mun ‘enya’ teh, ‘enya.’ 20 Sababna, nya Al Masih anu ngaenyakeun sakabeh jangji Allah teh. Eta pisan sababna, mun urang muji ka Allah, ana ngucapkeun ‘Amin’ teh kalawan nyambat jenengan Isa Al Masih. 21 Simkuring jeung aranjeun teh, ku Allah geus dikukuhkeun nepi ka babarengan jadi panganut Al Masih anu satia. Ari simkuring ku Mantenna diangkat, 22 jeung diterapan cap Mantenna tur dipaparin hiji pamanjer sajeroning hate, nya eta Ruh Mantenna. 23 Nu matak simkuring teu tulus ka Korinta teh lantaran karunya bae ka aranjeun. Allah nu langkung uninga jadi saksina. 24 Upama simkuring datang ge, taya maksud mapatahan tina sual kapercayaan sabab iman aranjeun geus sakitu kandelna. Maksud teh, taya lian ti seja ngabantu ngupayakeun pibagjaeun jeung pijamugaeun aranjeun.



2

1 Geus gilig seja ka dieu deui, malar ulah nguciwakeun deui. 2 Sabab upama aranjeun dikuciwakeun, saha deui atuh anu baris ngabeberah simkuring lian ti aranjeun keneh, anu geus dikuciwakeun ku simkuring. 3 Maksud nu matak nyuratan oge, supaya engke, mun simkuring datang, ulah disampakkeun ku budi haseum. Sabalikna, simkuring hayang dipapag ku kabungahan. Sabab yakin mun simkuring bungah, aranjeun oge moal teu bungah. 4 Waktu nulis surat nu ti heula tea, hate simkuring mah pohara nalangsana, nepi ka ragragan cipanon. Harita, simkuring teh, teu pisan-pisan rek nganyerikeun ka dulur-dulur; malah seja nembongkeun kanyaah anu taya papadana. 5 Sabalikna, mun aya nu nyieun pikanyerieun, balukarna lain ka simkuring bae, tapi ka aranjeun oge. Papadaning kitu, simkuring moal nyalah-nyalahkeun teuing ka nu kitu teh. 6 Jadi, mun aya anu kitu, weweleh bae ku sarerea. Ku dikitukeun ge, tangtu geus beurat karasana ku jelemana. 7 Jadi, sapantesna jelemana mah dihampura bae, dibeberah, ulah nepi ka kagegeringan bawaning ku nalangsa. 8 Kudu enya-enya dipikanyaahna teh! Kitu nasehat ti simkuring. 9 Nu matak nyuratan ge, maksud simkuring teh kitu, nya eta seja nguji aranjeun: Taat henteuna kana papatah. 10 Upama jelemana ku aranjeun dihampura, ku simkuring oge tangtu dihampura. Sabab upama aya anu kudu dihampura, geus tangtu simkuring ngahampura oge, eta teh lantaran ngingetkeun ka aranjeun jeung ku karana Al Masih. 11 Maksudna, supaya Setan ulah kungsi beubeunangan ti urang. Kapan urang, kabeh ge, geus apal kana tabeatna Setan teh. 12 Basa simkuring datang ka Troas rek nguarkeun Injil Al Masih, Gusti ge maparin jalan. 13 Tapi hate simkuring teh asa honcewang, lantaran henteu papanggih jeung Titus, dulur urang tea. Ku sabab kitu, sanggeus pamitan mah, kebat deui bae ngajugjug ka Makedoni. 14 Tapi sukur ka Allah anu teu petot-petot ngajaring, ngalantarankeun simkuring bisa hasil sarta unggul. Simkuring, ku Mantenna dianggo lir seuseungitan pikeun ngawanohkeun jenengan Al Masih ka mana-mana. 15 Memang ku Allah, simkuring teh, didamel seungiting Al Masih ku anjeun anu ngawangikeun jenengana-Na, boh ka jalma-jalma anu baris disalametkeun, boh ka nu baris dibinasakeun. 16 Pikeun anu baris dibinasakeun mah, kaambeuna matak paeh; sabalikna, pikeun anu baris disalametkeun mah, kaambeuna matak hurip. Saha anu sanggup ngajalankeun anu sarupa kitu? 17 Sabab simkuring mah sabatur-batur, henteu cara anu sejen-sejen nyiar kauntungan tina pangandika Allah. Ucap carita oge, sacerewelena ti nu ditimbalkeun ku Allah tea bae; kalawan hate anu beresih di hadirat-Na sarta ku karana iman ka Al Masih.



3

1 Naha simkuring teh rek mimiti deui muji maneh? Atawa naha rek nurutan batur nembong-nembong surat tanda jasa ka aranjeun atawa ti aranjeun? 2 Surat tanda jasa simkuring mah, kapan aranjeun buktina, diukirna ge dina ati, tapi nyata sarta kaaji ku sarerea. 3 Tegesna mah, aranjeun teh surat-Na Al Masih anu dikirimkeun ku simkuring. Ditulisna lain ku mangsi, tapi ku Ruh Allah anu jumeneng. Lian ti eta, dituliskeunnana oge lain dina papan batu, tapi dina hate manusa. 4 Hatur nuhun, agungna, ka Al Masih; simkuring bisa iman ka Allah teh lantaran ku pitulung Anjeunna. 5 Simkuring rumasa teu boga pangabisa, boga soteh paparin ti Allah. 6 Nya ngan ku Allah, nu matak simkuring sanggup jadi abdi tina Perjangjian anu anyar oge. Eta Perjangjian teh, lain mangrupa tulisan, tapi Ruh. Anu mangrupa tulisan tea mah maehkeun, tapi ari Ruh mah ngahirupkeun. 7 Hukum (Toret), anu diukirna dina papan batu tea, ngancam ku hukuman pati. Tapi waktu diumumkeunana teh diiring ku cahaya kamulyaan, nepi ka urang Israil teu kadarugaeun neuteup kana raray Nabi Musa anu moncorong, padahal moncorongna ngan sakeudeung. Upama eta geus sakitu mulyana, 8 atuh anu tina Ruh mah komo leuwih mulya. 9 Lamun undang-undang anu ngandung hukuman geus sakitu mulyana, atuh komo deui undang-undang anu mawa manusa kana hal nu sabenerna, tangtu leuwih-leuwih mulyana. 10 Dibandingkeun jeung agungna kamulyaan anu ieu mah, anu bareto dianggap mulya teh, kasilep. 11 Upama eta anu sipatna teu lana tea ngandung kamulyaan, komo anu sipatna langgeng, tangtu leuwih mulyana. 12 Simkuring mah yakin pisan kana hal ieu. Ku sabab eta, nyaritakeunana oge henteu asa-asa. 13 Moal kawas Nabi Musa anu mindingan raray, sangkan sinar anu ngiles tina rarayna ulah kaciri ku urang Israil. 14 Ku sabab eta, urang Israil mah ana dipangmacakeun Kitab Perjangjian Lawas teh, tetep bae henteu ngarti-ngarti, sabab pipindingna nepi ka kiwari acan dibuka-buka. Eta pipinding kakara bisa muka, upama urang percaya ka Al Masih. 15 Sabab dipangmacakeun Kitab Nabi Musa ge, urang Israil mah, — nepi ka kiwari oge — tetep bae batinna teh kapindingan. 16 Sabalikna, pikeun jelema anu mantep ka Gusti mah, hal-hal anu matak mindingan teh tangtu leungit. 17 Ari Gusti teh nya eta Ruh tea. Di mana aya Ruh Gusti tangtu aya kamerdikaan, nya eta taya anu ngahalangan. 18 Ku sabab beungeut urang mah, geus teu kapindingan, kaayaan urang teh, ibarat eunteung anu ngagambarkeun kamulyaan Gusti. Tegesna urang teh dieunteupan ku kamulyaan Al Masih, beuki lila beuki mulya ku padamelan Gusti, nya Ruh tea.



4

1 Ku lantaran jabatan simkuring teh mutlak sih kurnia ti Allah, simkuring teu salempang kana naon-naon. 2 Kalakuan anu matak era, anu tadina dikilungan, geus dipiceun. Pangandika Allah, ku simkuring mah, moal diputer balik; rek diwawarkeun sakumaha mistina, kari gumantung kumaha jelemana anu rek narimana di payuneun Allah. 3 Upama tea mah, ieu Injil teh, masih keneh kapindingan, eta ngan pikeun jelema-jelema anu baris cilaka, 4 nya eta anu teu palercaya, anu pikirna geus lolong ku Iblis. Eta sababna, maranehna nepi ka teu awas kana cahaya Injil anu nyumiratkeun kamulyaan Al Masih, nu jadi kanyataan Allah. 5 Anu dimashurkeun ku simkuring teh lain diri sorangan, tapi Isa Al Masih anu jumeneng Gusti Jungjunan urang. Simkuring sabatur-batur mah, ngan saukur bujang aranjeun ku karana Isa. 6 Allah anu nimbalan: ‘Ti nu poek sing bijil caang’ tea, nyaangkeun hate simkuring, nepi ka awas kana kamulyaan Mantenna anu sumorot tina pameunteu Al Masih. 7 Simkuring mah, anu nyimpen eta rajabrana teh, ngan saukur ibarat wadah tina taneuh; sangkan kanyahoan yen kakawasaan anu mencar tina eta wadah teh istuning kakawasaan ti Allah, lain ti simkuring asalna. 8 Simkuring digencet ti saban pihak, tapi tara kasedekkeun. Sok pareng buntu akal, tapi tara nepi ka buntu kalakuan. 9 Sanajan dikaniaya, ku Mantenna tara dikantun. Sering kapeupeuh, tapi tara eleh. 10 Indit ka mana-mana ge, diri teh kudu nandang sangsara tina pupusna Isa, supaya Isa oge bisa nyata tina diri simkuring. 11 Sabab nya ku karana Isa, hirup simkuring sabatur-batur diserenkeun kana paeh, supaya jumenengna Isa teh nyata katara aya di sajeroning ieu diri anu sipatna teu langgeng tea. 12 Jadi, simkuring diancam ku ajal teh, sangkan aranjeun hirup. 13 Iman kapercayaan simkuring sabatur-batur saluyu jeung uni Kitab: ‘Kaula percaya, ku sabab eta wani nyaturkeun.’ Sabab simkuring oge wani cacarita teh lantaran percaya; 14 tur percaya yen Allah anu ngagugahkeun Isa, Gusti Jungjunan urang, — tina pupus-Na — tangtu ngahudangkeun urang bareng jeung Al Masih. Urang sarerea baris bareng ngadeuheus ka Mantenna. 15 Simkuring sabatur-batur nyorang kieu teh, malar beuki loba jelema anu narima sih piwelas Allah. Ku kituna, beuki loba jelema anu baris narimana, beuki loba oge anu ngucap sukur ngamulyakeun Pajenengana-Na. 16 Eta sababna, nu matak simkuring tara leutik hate teh. Keuna ku sangsara jeung nalangsa soteh raga badag, da ari batin mah, unggal ganti poe ge, dianyarkeun. 17 Kasangsaraan anu ayeuna, anu teu pira, eta teh pikeun ngahontal kaunggulan anu langgeng tur tanpa tanding. 18 Hal-hal anu geus puguh ngawujud mah moal rek dipikiran. Nu rek diimpleng teh, nya eta anu tacan ngawujud. Sabab anu geus aya wujudna mah moal lana ayana. Sabalikna, anu can katembong wujudna mah sipatna langgeng.



5

1 Urang hirup di dunya teh, lir ngancik dina hiji kurungan anu engkena diburak. Tapi simkuring terang yen di sawarga ku Allah teh, geus disayagian kurungan sejen anu sipatna langgeng, lain buatan manusa. 2 Dina kurungan anu ayeuna, hirup teh kumejot hayang geura ngancik kana kurungan anu ti sawarga tea. 3 Geus make anu eta mah urang teh moal bulucun. 4 Sapanjang make kurungan anu ayeuna mah, hirup urang teh eungap ku lobana kabeubeurat. Ku sabab urang hayang make nu anyar, ngan anu heubeul oge hayang ulah ucul. Malah anu sipatna keuna ku ajal teh hayang sina kakurung ku anu sipatna langgeng. 5 Tapi memang kitu, disayagikeunana ku Allah oge sarta tangtu dilaksanakeun. Tawisna apan urang ku Mantenna dipaparinan Ruh-Na. 6 Ku sabab eta, najan dina jasad nu ayeuna can bisa ngahiji jeung Gusti, ari hate mah reugreug; 7 ku lantaran simkuring mah percaya, sanajan eta hal teh, acan tembong. 8 Simkuring tetep yakin ka Anjeunna, rido ucul tina jasad anu ieu, asal bisa ngahiji jeung Gusti. 9 Ku sabab eta, boh di dieu boh di ditu anging sumeja tumut kana pangersa-Na bae. 10 Sabab urang kabeh, pasti kudu jonghok di pangadilan Al Masih — sakumaha kaayaan masing-masing — pikeun narima ganjaran satimpal jeung kalakuan hirupna, boh hade boh jahat. 11 Ku lantaran nyaho yen Allah wajib dipikagimir, simkuring ngajak ka sarerea, sangkan gimir oge ka Mantenna. Allah mah uningaeun kana kaayaan simkuring, atuh aranjeun ge sing enya-enya wanoh ka simkuring teh. 12 Tapi lain rek ngasongkeun maneh, ieu mah supaya aranjeun agul ku simkuring teh puguh dasarna. Ieu perlu, supaya aranjeun bisa nyanghareupan jalma-jalma anu leuwih agul ku nu sipat lahir, ti batan ku nu sipat batin. 13 Upama simkuring sok nepi ka siga nu leungit akal waras, eta taya lian ngan pikeun kamulyaan Allah. Sabalikna, keur kapentingan aranjeun mah akal simkuring teh walagri. 14 Kageuing ku asih-Na Al Masih, simkuring yakin yen geus aya hiji Manusa anu pupus keur kapentingan sarerea, anu kuduna paraeh. 15 Al Masih pupus ngagentosan manusa. Ku sabab eta, anu saralamet teh, hirupna ulah ngan keur kapentingan dirina sorangan bae, tapi kudu dipake pikeun ngabakti ka Al Masih. Anjeunna pupus, tapi geus digugahkeun deui pikeun kasalametan kabeh manusa. 16 Ku sabab eta, ti semet ayeuna simkuring moal nilik jelema tina kaayaan lahiriahna. Simkuring oge tadina mah nilik ka Al Masih teh tina kaayaan lahiriah-Na, tapi ayeuna mah geus henteu. 17 Saha-saha anu geus aya dina katunggalan jeung Al Masih, eta teh mahluk anyar; sipat heubeulna geus leungit kasilih ku anu anyar. 18 Eta teh kabeh oge padamelan Allah. Al Masih, ku Mantenna dijadikeun jalan ngahontal karapihan antara urang jeung salira-Na. Ari simkuring sapara kanca dipercanten ngawawarkeun eta karapihan. 19 Ku jalan Al Masih, pangeusi dunya teh, ku Allah diraketan deui tur dosa-dosana henteu dibalitungkeun. Nya simkuring, rasul-rasul, anu ku Mantenna dipercanten ngawawarkeun eta piwelas-Na teh. 20 Jadi, simkuring teh, — kitu deui rasul-rasul sejenna — nya geus kapilih jadi utusan-utusan Al Masih. Ku jalan ngutus simkuring sapara kanca, Allah teh sasat sumping ku anjeun ngelingan ka dulur-dulur. Lantaran jadi wawakil Al Masih, simkuring neda-neda, muga aranjeun daraek dirapihkeun deui jeung Allah. 21 Al Masih anu suci tina dosa, ku Allah geus dipinuhan ku dosa keur pisalameteun urang, supaya urang anu geus jadi satunggal jeung Al Masih bisa diangken bener ku Allah.



6

1 Simkuring, anu ku Allah dipercanten ngabantu padamelana-Na, cumeluk; muga eta sih kurnia Allah teh, ku dulur-dulur ulah dibaekeun. 2 Kieu timbalana-Na: ‘Upama geus tepi ka wanci, maraneh tangtu dikabul ku Kami. Samangsa cunduk waktu rahayu, maraneh tangtu dirahayukeun.’ 3 Simkuring, lain rek ngabobodo, oge moal nyimpang tina papancen. 4 Sabalikna, dina sagala perkara, nembongkeun yen simkuring sapara kanca teh enya-enya abdi Allah. Ku jalan tetep tawekal, dina kasusah, dina bahaya, dina panjara, dina panyiksaan, 5 dina huru-hara, dina gawe beurat, dina kurang dahar, boh dina kurang mondok. 6 Eta kabeh, ku simkuring, disanghareupan kalawan tekad anu buleud dibarengan ku sipat waspada, sabar, sareh, bari nyuhunkeun pangdeudeul Ruh Allah dina kanyaah anu sajati. 7 Bari muntang kana kakawasaan Allah seja nyaturkeun kayaktian nurutkeun anu saenyana. Pikeun nyanghareupan lawan atawa pikeun ngabela diri, nu dipake pakarang nya eta kajujuran; 8 jujur narima pamuji, panghina, panghargaan, kitu deui upama disapirakeun. Memang sok dicap tukang tipu najan ngomongkeun perkara nu bener. 9 Sering disaha-saha sanajan geus pada wawuh. Geus dianggap paeh, sanajan hirup keneh. Sering keuna ku panyiksa, tapi tara nepi ka pegat nyawa. 10 Sareatna sangsara, tapi karasana sugema. Hirup malarat, tapi bisa ngabeungharkeun ka batur. Sareatna taya kaboga; tapi boga sagala rupa. 11 Dulur-dulur di Korinta! Simkuring geus nembrakkeun eusi hate sabalakana ka aranjeun. 12 Hate simkuring, estu laluasa narima ka aranjeun; sabalikna, hate aranjeun anu sesek, enggoning narima simkuring. 13 Cik atuh, hate aranjeun oge sing laluasa ka simkuring; sabab ka aranjeun teh, simkuring mah, geus asa ka anak. 14 Ulah deudeukeutan jeung jelema-jelema anu teu palercaya ka Allah. Sabab naon saruana kaadilan jeung kajahatan? Naon patalina caang jeung poek? 15 Na iraha, Al Masih satujuan jeung Iblis? Dina naon samilikna antara nu palercaya ka Allah jeung anu henteu? 16 Bisa kitu Bait Allah disajajarkeun jeung imah berhala? Kapan urang teh jadi bait suci-Na Allah anu jumeneng, sakumaha dawuhana-Na: ‘Kami rek ngancik di maranehna, marengan hirup kumbuhna. Kami anu baris jumeneng Allah nu disembah ku maranehna, ari maranehna jadi umat Kami.’ 17 Ku sabab kitu, dawuhan Pangeran: ‘Geura kaluar maraneh ti nu daroraka, ulah campur jeung jelema-jelema anu narajis. Tangtu maraneh ku Kami ditarima. 18 Sarta Kami baris jadi Rama maraneh. Maraneh baris diaku anak ku Kami, boh nu awewe, boh nu lalaki.’ Kitu timbalan Pangeran Nu Langkung Kawasa.



7

1 Ku lantaran geus meunang jangji anu kitu, urang kudu miceun sagala rereged lahir batin, supaya urang nyampurnakeun hirup suci sarta iasa kumureb ka Allah. 2 Muga aranjeun langsar hate ka simkuring. Sabab simkuring, can kungsi nyieun codeka ka saurang oge; kitu deuih, ngabobodo atawa ngarugikeun aranjeun. 3 Nyebut kieu teh lain keur maido; da tadi oge geus disebutkeun, yen simkuring sarerea ge kataji ku aranjeun sarta paeh hirup teh seja babarengan jeung aranjeun. 4 Najan babasaan poksang, hate simkuring mah agul ku aranjeun teh, nepi ka keur sangsara ge, simkuring teu weleh asa kaubaran jeung asa bungah. 5 Memang, basa kakara datang ka Makedoni tea mah, simkuring teh teu bisa reureuh da loba pikahariwangeun. Nu di luar parasea, nu di jero matak risi. 6 Tapi ku kersaning Allah anu mikawelas ka nu keur nandang karupekan, jol teh Titus datang; atuh simkuring teh mani pohara asa bungahna. 7 Nya bungah ku datangna, nya bungah lantaran anjeunna ku dulur-dulur geus disugemakeun. Turug-turug saurna, aranjeun mikatineung, mikamelang, jeung pohara ngadoakeunana ka simkuring; atuh kabungah simkuring teh tambah. 8 Jadi, simkuring nyuratan sakitu peurihna oge teu panasaran. Memang mimitina mah, simkuring teh saeutik ngahanjakalkeun, lantaran aranjeun teu wudu nalangsa ku surat simkuring teh. 9 Nu jadi kabungah simkuring ayeuna, lain ku dumeh aranjeun nalangsa, tapi ku sabab tina nalangsa tea aranjeun jadi eling. Eta kanalangsaan ku aranjeun dipake geusan babalik pikir, sapuk jeung pangersa Allah. Jadi, dina sual ieu aranjeun henteu dirugikeun ku simkuring teh. 10 Nalangsa anu sapuk jeung pangersa Allah mah, nungtun kana pertobat, matak jamuga sarta moal matak kaduhung. Sabalikna, nalangsa ku lantaran barang dunya mah, nungtun kana pipaeheun. 11 Pek geura tengetkeun, kanalangsaan anu sapuk jeung pangersa Allah mah, nungtun kana perih, matak eling kana diri, sadar kana kasalahan, nimbulkeun rasa ajrih, ngahudang pangharepan, sarta ngajak soson-soson kana kahadean! Tur bukti, yen dina sual-sual eta, aranjeun teh teu aya celana. 12 Ku sabab eta, simkuring nyuratan teh lain pedah di aranjeun aya nu nyieun teu adil atawa aya anu jadi korban kateuadilan. Maksud teh, pikeun nembongkeun ka payuneun Allah, kumaha satiana aranjeun ka simkuring. 13 Sabab nya ieu pisan anu matak teger kana hate simkuring teh. Simkuring teh, beuki tambah teger bae sabab kabungahanana Titus tea, anu ngarasa bagja dumeh ku aranjeun geus disugemakeun. 14 Jadi, teu hanjakal, mun simkuring geus ngagulkeun aranjeun ka Titus teh; sabab anu dicaritakeun ku simkuring teh, — kitu deui pamuji simkuring ka aranjeun di hareupeun Titus — memang akur jeung buktina. 15 Atuh katineung Titus ka aranjeun oge beuki tambah lantaran kagagas ku kahadean aranjeun, anu sakitu enya-enyana ngahormat ka anjeunna. 16 Simkuring bungah taya papadana, dumeh aranjeun enya-enya bisa diandelkeun dina sagala perkara.



8

1 Dulur-dulur, simkuring rek medar sih kurnia Allah ka umat-Na di Makedoni. 2 Maranehna teh nandang cocoba anu pohara beuratna, tapi bubudenna teh barerag bae; tur sakitu mariskinna oge, tapi maranehna garetol kana mere derma. 3 Tangtu, maranehna ngalakukeun kitu teh bari mereketkeun maneh. 4 Malah kalah ka mararenta, — keukeuh pisan — hayang milu ngabantu nyumbang-nyumbang ka sasama umat Gusti. 5 Teu nyana, nepi ka kitu! Lian ti sumerah ka Gusti, maranehna teh, — bari jeung kerna Allah — nawarkeun tanaga ka simkuring sapara kanca. 6 Atuh simkuring sapara kanca teh, ngadesek ka Titus sina neruskeun amal saleh anu bareto ku anjeunna dimimitian di aranjeun tea, supaya nepi ka hasil. 7 Ayeuna aranjeun teh geus jembar. Jembar iman, jembar basa, jembar pangarti, jembar pitulung, turug-turug jembar kanyaah ka simkuring sapara kanca. Muga-muga deuih sing jembar ku pangrojong kana eta usaha amal saleh. 8 Tapi ieu mah lain marentah. Ieu mah ngan nyaritakeun sumanget batur kana tutulung, malakmandar bisa ngahudangkeun sumanget aranjeun kana tutulung cara kitu. 9 Aranjeun geus ngarasa welas asih-Na Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih. Anjeunna anu sugih taya kakurang, dugi ka iklas nandang walurat ngabelaan aranjeun, supaya aranjeun jaradi sugih. 10 Tumali jeung eta, kieu timbangan simkuring, sugan katarima: Ngingetkeun eta usaha teh, — nya aranjeun anu pangheulana mikiran — geus dimimitian diusahakeun ti taun tukang keneh; 11 kumaha upama eta usaha teh, dijalankeun deui ayeuna nepi ka hasil tur sing suhud cara barang mimiti. Dipenta ridona, sakumaha bae ti nu geus aya. 12 Da anu bisa ditarima teh, tangtu ti anu rido jeung ti nu geus aya, lain ti nu tacan aya. 13 Dipentaan soteh, lain hartina kudu ngentengkeun batur bari sorangan seuseut-seuat. Ieu mah, malar aya kasaimbangan. 14 Kaleuwihan aranjeun teh, kudu dipake nalang ka maranehna nu keur teu baroga; supaya kaleuwihan maranehna oge, nalangan aranjeun. Mun kitu tangtu kasaimbangan teh aya. 15 Ieu luyu jeung Kitab: ‘Anu loba beubeunanganana ulah kaleuwihan, anu saeutik ulah kakurangan.’ 16 Sukur, Allah geus ngersakeun Titus geten ngabantu ka aranjeun cara simkuring. 17 Bawaning ku getenna, miangna ka aranjeun teh lain sakadar nyumponan pamenta simkuring, tapi bari jeung niatna sorangan. 18 Anjeunna dibaturan ku hiji dulur anu kapake ku jamaah dina ngawawarkeun Injil; 19 malah dipercaya pikeun ngabantu simkuring dina ieu usaha amal kahadean nu diurus ku simkuring, geusan kamulyaan salira Gusti jeung pikeun nandakeun karidoan simkuring. 20 Enggoning ngajalankeun ieu usaha tur ngurus duit sumbangan anu sakitu gedena, simkuring seja nyegah ulah nepi ka aya sangkaan teu hade ti batur. 21 Sabab hayang hade teh lain ngan di payuneun Allah bae, tapi oge di hareupeun sasama jalma. 22 Aya saurang deui anu bareng diutus teh, nya eta dulur simkuring anu geus sering dicoba sarta bukti kagetenanana; malah ka dieunakeun mah, beuki geten bae lantaran kataji ku aranjeun. 23 Ari Titus mah geus puguh deui kanca simkuring anu babarengan ngabantu ka aranjeun. Ari anu duaan deui, kabeh ge, wawakil jamaah sarta kamanah ku Al Masih. 24 Ku sabab eta, muga ditararima. Tembongkeun kanyaah aranjeun. Tembongkeun ka jamaat yen aranjeun beunang diandelkeun.



9

1 Perkara ngabantu ka sasama umat Allah, saenyana, aranjeun geus teu kudu dititah-titah. 2 Simkuring percaya yen hate aranjeun jembar. Ka urang Makedoni mah ku simkuring malah dibejakeun kieu: ‘Urang Ahaya mah, ti taun tukang keneh ge geus ngamimitian.’ Temahna maranehna kahudang sumangetna. 3 Nu matak simkuring ngirimkeun utusan teh, malar pangalem simkuring perkara aranjeun henteu gagal. Hayang supaya aranjeun enya-enya geus sadia-sadia sakumaha anu diomongkeun ku simkuring. 4 Sabab mun simkuring, jol ka dieu jeung sawatara urang Makedoni nyampak aranjeun can naon-naon, kapan tada teuing simkuring erana, nya kitu keneh aranjeun anu geus sakitu diugungna. 5 Eta sababna, memeh datang, sorangan teh ngajurungkeun heula batur sina muguhkeun sumbangan anu geus disanggupan ku aranjeun tea. Ngarah enya, eta sumbangan teh, beubeunangan ti anu nyarumbang, lain beunang duduk-dadak simkuring kokobet tina saku aranjeun. 6 Masing inget: Anu tandurna saeutik, dibuatna ge saeutik. Anu tandurna lega, dibuatna ge loba. 7 Kira-kira ku sorangan, rek nyumbang sabaraha-sabarahana mah; eta ge kudu iklas, ulah ngarasa dumeh dipaksa. Nu mere jeung suka lilah, tangtu diasih ku Allah. 8 Allah teh kawasa ngarijkian aranjeun medah-meduh, nepi ka sagala kaperluan aranjeun cukup tur laluasa sarta bisa ngabantu ku kahadean. 9 Sakumaha ceuk Kitab: ‘Mantenna maparin berkah, nyekapan ka nu mariskin; welas asih-Na, mayeng salalanggengna.’ 10 Mantenna Nu maparin binih keur nu tebar jeung maparin keur tedaeunana; tangtu ka aranjeun oge, Mantenna maparin binih. Tur binihna tangtu dikersakeun jadi, sangkan amal usaha aranjeun hasilna manglipet-lipet. 11 Mantenna baris ngersakeun aranjeun lubak-libuk, nepi ka bisa nulung mere ka nu lian. Sarta eta pitulung aranjeun teh, baris ngalantarankeun maranehna ngucap sukur ka Allah. 12 Sabab eta sumbangan teh, lain bae baris nulung ka umat Allah, tapi oge baris ngalantarankeun rea jalma ngarasa sukur taya papadana ka kersa Allah. 13 Ieu usaha amal kahadean teh geusan nembongkeun iman aranjeun, sangkan dulur-dulur urang ngamulyakeun ka Allah. Lian ti eta, oge pikeun nembongkeun, yen aranjeun tuhu kana pangajaran Al Masih; aranjeun boga hate anu mulya, dibuktikeun ku mitulung maranehna; kitu deui, ka nu sejen-sejenna. 14 Ku maranehna baris katembong, kumaha luar biasana pitulung Allah ka aranjeun sarta maranehna bakal kacida ngadoakeunana. 15 Puji jeung sukur ka lenggah Allah, anu kurnia-Na taya babandinganana.



10

1 Simkuring, Paulus, dipajarkeun teh, rajeun wani ari jauh; ari adu hareupan mah, teu wani kitu kieu. Demi Al Masih anu lemes panggalih-Na, simkuring seja ngelingan ka aranjeun: 2 Kahade, ulah ngajak simkuring keras ana adu hareupan. Ulah maksa simkuring kudu ngaweweleh jelema-jelema anu nuding yen ieu usaha simkuring teh, keur nyocokan pangabutuh jasmani. 3 Memang simkuring oge jalma lumrah, nya eta tina daging jeung getih; tapi bajuangna simkuring teh, lain katarik ku pangabutuh jasmani. 4 Pakarang anu dipake ku simkuring, lain buatan manusa; tapi kakawasaan Allah, anu sanggup ngancurkeun benteng-benteng, numpes akal-ekol palsu, 5 sanggup ngabedah tiap-tiap hahalang anu mendetan usaha jalma pikeun nyaho saha Allah teh. Sanggup ngaboyong sagala pikiran jeung angen-angen manusa sina aranut ka Al Masih. 6 Upama aranjeun enggeus kabeh tunduk ka Al Masih, simkuring sapara kanca geus sadia baris ngahukum ka sakur anu mungpang. 7 Ari aranjeun nilik jelema teh tina lahirna bae? Sing saha anu boga angkeuh jadi milik-Na Al Masih, kudu nalek maneh bari mikir, yen simkuring sapara kanca ge, kagungan Al Masih cara manehna. 8 Malah simkuring mah, najan rek agul-agul oge pantes; sabab simkuring, ku Gusti geus dipercaya pikeun ngolah aranjeun: Dipiwarang ngolah, lain dipiwarang ngancurkeun! 9 Surat-surat simkuring oge, ulah disangka nyingsieunan wungkul. 10 Bisa jadi, aya anu ngomongkeun kieu: ‘Surat-suratna mah, Paulus teh, memang ngareusi jeung aranteb. Tapi ari geus adu hareupan mah, teu pira jeung nyaritana ge, teu pati bisa.’ 11 Ka anu karitu, — ku aranjeun ge, engke kanyahoan — yen simkuring teh heunteu beda, boh dina surat, boh pahareup- hareup. 12 Tapi simkuring mah, moal nurutan atawa nandingan jalma-jalma anu sok ngagul-ngagul maneh, anu ngukur dirina ku ukuran sorangan, jeung anu nandingkeun maneh kana dirina sorangan. Sabab jalma kitu teh, tetela bodo balilu! 13 Simkuring mah, agul ge moal liwat wates: Moal kaluar ti jero lingkungan anu diwates ku Allah kaasup daerah aranjeun. 14 Simkuring ngawawarkeun Injil Al Masih ka aranjeun teh, henteu ngaronjat-ronjatkeun maneh; — kawas nu sieun teu nepi bae — sabab aranjeun, teu burung kahontal. 15 Di tempat-tempat anu geus dipigawe ku batur, paliyas simkuring rek agul-agul. Tapi di tempat cekelan sorangan, nya eta di aranjeun, — mun gawe simkuring mekarkeun iman aranjeun tea, geus hasil — simkuring pantes mun miharep leuwih dihargaan deui ku aranjeun teh. 16 Upama iman aranjeun geus hirup hurip, tangtu simkuring bisa neruskeun gawe ngawawarkeun Injil ka tempat-tempat anu leuwih jauh, nya eta anu can digarap ku batur; da simkuring mah, embung agul ku pagawean batur. 17 Ceuk Kitab oge: ‘Mun aya nu niat seja ngagungkeun, ngagungkeunana teh kudu ka Pangeran.’ 18 Jalma anu pujieun mah, lain anu sok muji maneh, tapi anu kapuji ku Pangeran.



11

1 Muga aranjeun teh, ulah kurang-kurang, ngama'lum ka simkuring anu bodo. 2 Simkuring osok timburuan ka aranjeun teh, bawaning ku nyaah, nya eta kanyaah anu asalna ti Allah. Sabab aranjeun disanggakeun ka Al Masih teh, ibarat lanjang anu geus dipapacangankeun. 3 Kainggis teh, sieun bisi aranjeun kagoda ku nu sejen; heug udar kasatiaan aranjeun ka Al Masih teh, kawas Hawa anu kaosol ku Si Oray pelit tea. 4 Da geuning aranjeun mah jongjon bae, sakitu aya anu uar-uar magar aya Al Masih sejen, aya Ruh sejen, sarta aya Injil sejen anu beda ti nu dikabarkeun ku simkuring. 5 Sanajan kitu, simkuring mah henteu asa leuwih handap ti eta rasul-rasul anu magar laluhung teh. 6 Bener, yen simkuring mah lain ahli nyarita, tapi ari pangarti mah boga. Hal ieu, unggal aya kasempetan, ku simkuring sok teu kendat ditetelakeun ka aranjeun. 7 Enggoning ngabarkeun Injil Allah ka aranjeun, tara teh teuing simkuring menta buruhan. Kaperluan sorangan mah dipandeurikeun bae, mentingkeun heula aranjeun. Cik, naha salah ari kitu? 8 Pikeun nyumponan ongkos-ongkos supaya bisa terus baranggawe di aranjeun, simkuring dibelaan ngurihit ka jamaah-jamaah sejen menta disumbang. 9 Salila di aranjeun, najan sakumaha butuhna ku duit, can sakali simkuring ngurihit ka aranjeun. Kabeh pangabutuh geus dicukup ku dulur-dulur anu daratang ti Makedoni. Kalah ka kumaha ge, aranjeun mah moal dibeungbeuratan. Ieu pamadegan simkuring teh keur saterusna. 10 Lebah dieu simkuring agul. Demi kayaktian Al Masih anu aya di diri simkuring, ieu rasa agul teh, di sakuliah Ahaya hamo aya anu bisa mupus. 11 Naha simkuring ngomong kitu? Na pedah teu nyaah ka aranjeun? Puguh bae nyaah mah, Allah ge langkung tingali. 12 Simkuring rek angger kitu, geusan nyegah hal-hal anu bisa dijieun gara-gara ku tukang nyieun gara-gara: Anu akon-akon magar maranehna oge sarua boga jabatan kawas jabatan simkuring. 13 Eta, nu karitu teh, rasul-rasul titiron rek macikeuh, nyamur-nyamur rasul-Na Al Masih. 14 Teu aneh, ma'lum Iblis oge osok niron-niron malaikat sajati. 15 Atuh teu aneh deuih, lamun bawahanana oge nyalalamur jadi abdi-abdi kayaktian teh. Tapi moal teu aya balukarna ka maranehna, satimpal jeung kalakuanana. 16 Sakali deui, muga simkuring ulah dianggap Si Bodo. Tapi ari kapaksa-kapaksa teuing mah, dianggap kitu ge, teu naon-naon. Asal bae tetep kaaku ku aranjeun, sangkan bisa keneh ngagulkeun aranjeun saeutik-eutikeun. 17 Puguh bae, ieu mah lain ucapan panganut Al Masih. Ieu mah ucapan simkuring, Si Bodo anu agul ku kabodoanana. 18 Sabab loba jalma anu aragul ku sual-sual sipat lahir; jadi, naon salahna, upama simkuring nurutan? 19 Bongan aranjeun anu palinter daek dikutiplak ku nu barodo! 20 Buktina sakitu diutuh-etah, diperes, dipacikeuh, diangkuhan, jeung ditalipak ku nu karitu, aranjeun mah jongjon bae. 21 Era-era ge rek waleh, simkuring sapara kanca mah pimanaeun kuat dikitu-kitu! Rumasa teu kaopan. Sabalikna, mun aya anu wani agul-agul, — ceuk pikiran simkuring anu bodo — simkuring oge wani agul-agul mah? 22 Ari maranehna teh urang Ibrani? Simkuring oge urang Ibrani. Ari maranehna teh urang Israil? Simkuring oge urang Israil. Ari maranehna teh turunan Ibrahim? Simkuring ge turunan Ibrahim. 23 Ari maranehna teh abdi-abdi Al Masih? Komo simkuring mah! Rek nyombong ge, simkuring mah pantes. Sabab ngabdi ka Anjeunna teh, estu tohtohan, nya eta nepi ka dipanjara, disiksa, sarta mindeng mehmehan ajal. 24 Dirangketan ku urang Yahudi ge, mani lima rintakan: Masing-masing opat puluh kali ngarangket kurang hiji. 25 Diteunggeulan ku gegendir, tilu rintakan. Dibaledogan ku batu sakali. Cilaka di laut lantaran kapal kalebuh, tilu kali. Kungsi sakali, awak ngangkleung di laut sapoe sapeuting. 26 Sajeroning luluntaan, simkuring mindeng dipegat bahaya: Bahaya di walungan, bahaya dibegal, bahaya ti bangsa sorangan kitu deui ti bangsa deungeun, bahaya di kota, di alas kikisik, di laut, kitu deui bahaya ti jelema-jelema anu pura-pura midulur. 27 Simkuring ge, mindeng kudu banting tulang, carang mondok, mindeng lapar, halabhab, sering teu manggih dahar, mindeng kabulusan, tur teu boga papakean anu bener. 28 Mana ripuh ku urusan-urusan sapopoe, — anu ku simkuring teu kudu dicaturkeun deui — mana melang ka jamaah-jamaah! 29 Upama aya nu nandang apes; naha kitu simkuring teu milu apes? Naha kitu hate simkuring tara remuk ku kasedih, upama aya dulur anu tigubrag kana dosa? 30 Lamun simkuring rek agul, agul teh ku perkara-perkara anu tumali jeung kahengkeran sorangan. 31 Enyaan, simkuring teu bohong. Allah, — Ramana Isa, Gusti Jungjunan urang, sembaheun salalawasna — uninga yen ieu lain akon-akon. 32 Basa keur di Damsik, simkuring teh rek ditangkep ku gupernur di dinya, bawahan raja Aretas. Kota dikepung jeung dijaga sakurilingna. 33 Tapi berekah, simkuring teh aya anu nulungan. Simkuring diulur dina karanjang ti luhur kuta; ku jalan eta, simkuring teh bisa salamet, henteu kacerek.



12

1 Da saenyana mah, simkuring agul teh taya untungna. Sanajan kitu, simkuring baris nyaritakeun tetenjoan sarta wahyu ti Gusti. 2 Opat belas taun ka tukang, simkuring diparengkeun ningal salahsaurang ti umat Al Masih anu diangkat ka langit katilu. Ningal teh duka jeung raga badag, duka henteu; anging Allah anu uninga. 3 Simkuring ningal (duka jeung raga badag duka henteu anging Allah anu uninga): 4 Eta jalma ngadadak diangkat ka Pirdus, terus ngadenge hiji pangandika luar biasa, anu moal katurutan ku basa manusa. 5 Simkuring agul teh ku lantaran eta jelema. Ari diri sorangan mah, naon atuh agulkeuneunana, lian ti kahengkeran mah. 6 Tapi upama rek agul ge, naon salahna; da ieu anu dicaritakeun teh, saenyana. Tapi moal, — moal agul — bisi aya anu nyangka yen simkuring teh jelema luhung, nepi ka mencog tina panenjona, beda tina dedengeanana. 7 Ngan supaya ulah kungsi kamagungan, pedah simkuring geus meunang eta wahyu anu sakitu luar biasana, simkuring teh dibere hiji cucuk di jero awak anu nimbulkeun kalara. Saenyana, eta teh utusan Iblis supaya simkuring ulah agul! 8 Simkuring geus sasambat ka Gusti, nepi ka tilu kali, neda ucul tina eta kalaraan. 9 Tapi ku Gusti diwaler kieu: ‘Kurang kumaha Kami nyaah ka maneh? Sing tahan, sabab kakuatan teh sampurnana ku ayana kahengkeran.’ Eta sababna, simkuring agul ku kahengkeran sorangan teh, sangkan kakawasaan Al Masih manjing sajeroning diri. 10 Jadi, simkuring rido narima kahengkeran, dihina-hina, disangsara, dikaniaya, dipeupeurih, demi keur kamulyaan Al Masih. Ku lantaran rumasa hengker, iman simkuring jadi kuat. 11 Simkuring jadi bodo kieu teh, ku lantaran aranjeun nu maksana. Benerna mah, hargaan simkuring teh ku aranjeun. Sabab dina sagala rupa oge, simkuring teh teu eleh geleng ku eta rasul-rasul anu magar laluhung teh. 12 Ciri yen simkuring rasul kapan kanyahoan ku aranjeun oge, dibuktikeun ku tanda-tanda, mujijat-mujijat, jeung rupa-rupa kawasa. 13 Dibanding jeung jamaah-jamaah sejen, cik iraha aranjeun teh rajeun ku simkuring disingsalkeun, iwal ti tara dipentaan pangabutuh? Bisi ieu karasana teu adil mah, hampura bae! 14 Geus rek katilu kalina ieu, simkuring niat nganjang ka aranjeun teh. Lain arek barangpenta. Nu diboro-boro teh aranjeun, lain pangabogana. Anak mah, memang teu wajib ngipayahan kolot, tapi kolot anu wajib ngipayahan anak. 15 Ku kituna, pikeun aranjeun mah ulah bon harta banda, nyawa oge moal diowelkeun. Tah nepi ka kitu, kanyaah simkuring ka aranjeun teh. Sageuy nu asih rek dipulang sengit mah! 16 Tapi sakitu simkuring tara ngabeungbeuratan, ku aranjeun kalah ka dipajarkeun rek macikeuh, arek meres lelemesan. 17 Cik iraha simkuring, — ku salahsaurang ti utusan-utusan nu dikirim ka aranjeun — kungsi narik kauntungan ti aranjeun? 18 Nyebut kitu teh, pedah bae simkuring geus ngutus Titus jeung baturna, saurang, sina ka aranjeun. Kungsi kitu Titus narik kauntungan ti aranjeun? Lain sarua tekad jeung caraning hirup anjeunna jeung simkuring? 19 Geus lila pisan aranjeun nyangka simkuring jeung Titus hayang meunang sorangan teh, nya? Salah eta teh, dulur-dulur! Demi Allah, demi Al Masih: Nu diseja ku simkuring teh, taya lian ti hayang ngahudangkeun iman aranjeun! 20 Simkuring rempan bisi engke ana urang tepung masing-masing beda anggapan: Aranjeun sulaya tina kahayang simkuring, simkuring sulaya tina kahayang aranjeun. Sieun matak jadi cekcok, hiri dengki, amarah, masing-masing hayang bener sorangan, tingkecewis silih upat, silih omongkeun, silih angkuhan, sarta kusut ribut. 21 Inggis bisi jol teh simkuring diparengkeun apes ku Gusti Pangeran. Tada teuing ngerikna hate, mangkarunyakeun ka jalma-jalma anu ti bareto nepi ka ayeuna daroraka keneh bae, can tarobat tina kalakuanana anu kalotor, rarucah, jeung ngalajur napsu.



13

1 Geus rek katilu kalina ieu, simkuring niat nganjang deui teh. Ceuk Kitab: Hiji perkara kakara sah lamun kasaksian ku duaan atawa tiluan. 2 Basa simkuring nganjang kadua kalina, jelema-jelema anu ngalalampahkeun dosa teh, — kitu deui nu sejen-sejenna salian ti eta — ku simkuring geus diwawadian. Ayeuna oge, sajeroning pajauh keneh rek diwawadian deui. Sabab engke mah mun nganjang deui, saha bae ge nu salah mah moal aya anu dihampura deui. 3 Ku aranjeun baris kanyahoan yen simkuring enya-enya ngemban timbalan Al Masih. Baris karasa yen mayunan aranjeun teh, Al Masih moal nembongkeun kalemahan, tangtu nembongkeun kakawasaan. 4 Bareto, beunang disalib soteh bawaning ku diapeskeun. Tapi ku kawasaning Allah, ayeuna, Al Masih teh jumeneng. Simkuring sapara kanca oge, milu apes ka Anjeunna; tapi ku kawasaning Allah bakal hirup bareng jeung Anjeunna, supaya aranjeun oge mareunang mangpa'atna. 5 Pek pariksa diri, na aranjeun teh boga iman kapercayaan atawa henteu? Yakin atawa henteu yen aranjeun teh disarengan ku Isa Al Masih? Lamun teu yakin, tetela aranjeun moal tahan uji. 6 Mungguh simkuring mah, sabatur-batur, taya nu mungkir ti Gusti. 7 Mugi-mugi Allah ngersakeun aranjeun ulah nepi ka nyieun kasalahan. Lain dumeh simkuring hayang katangar tahan uji, ieu mah hayang supaya aranjeun hararade kalakuan, najan simkuring katembongna siga henteu tahan uji. 8 Teu kaduga simkuring mah ngalawan kana kayaktian teh, kaduga soteh ngalampahkeunana. 9 Sanajan hengker, ari aranjeun kuat mah simkuring bungah. Dipangnedakeun pisan malar aranjeun bisa ngahontal kasampurnaan. 10 Pangna simkuring nyuratan ti anggalna, malar ari geus jol datang ka aranjeun ulah kungsi ngagunakeun kakerasan. Sabab dipaparin wewenang ku Gusti oge, lain pikeun ngaruntagkeun, tapi pikeun ngomean hirup aranjeun. 11 Dulur-dulur! Sakieu bae heula. Sabisa-bisa usahakeun ngahontal kasampurnaan tea. Masing akur pada batur sarta hirup masing repeh-rapih. Mugi-mugi Allah nu jadi sumbering asih jeung asaling karapihan, nyarengan hirup aranjeun. 12 Sing silih ajenan jeung silih doakeun. Aya salam ti sakumna dulur-dulur anu saiman. 13 Mugi-mugi aranjeun ginanjar sih kurnia Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang, mendak welas asihing Allah, di jero katunggalan Ruh Allah.



AMAZING GRACE BIBLE INSTITUTE