1 Timotius


1

1 Ti Paulus, rasulna Isa Al Masih, — numutkeun pangersa Allah, Juru Salamet urang jeung Isa Al Masih, sumber pangharepan urang — 2 Dumateng Timoteus, anak teges bapa dina iman. Muga-muga hidep ginuluran rahmat, welas asih, sarta karahayuan ti Allah — Rama — jeung ti Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang. 3 Kahayang bapa mah hidep teh kudu aya di Epesus, sakumaha pamenta bapa basa keur arek ka Makedoni tea. Ari sababna, di ditu teh aya anu nyebar-nyebar pangajaran mahiwal. Perlu ku hidep dieureunkeun. 4 Teges-tegeskeun ka maranehna, geura leungitkeun kituh eta dongeng-dongeng nataan berendelan ngaran karuhun-karuhun anu sakitu panjangna teh; lantaran ngan ngondang pacekcokan wungkul, lain nungtun kana katartiban hirup anu ti Allah, anu kudu dibeunangkeun ku iman. 5 Bapa menta kieu teh seja ngahudang deui kanyaah anu bijil ti ati nu wening, kaluar tina pikiran nu mencrang, jeung tina iman anu iklas. 6 Geus loba anu naringgalkeun sipat kieu teh, kalah ka ngaradu omong anu teu uni. 7 Boro bae hararayang jadi guru Toret, ari heug kana omongan sorangan ge teu ngarti sarta kana sual nu dipadukeun teu nyaho. 8 Memang urang nyaho, Toret teh hade, asal dipake jeung samistina. 9 Papadaning kitu, kudu diingetkeun: Hukum Toret teh dijieunna lain keur jelema anu harade, tapi keur anu rerempak, keur penjahat, keur nu kupur jeung doraka, keur nu teu raresep kana nu suci atawa sual kabatinan, keur anu ngabinasa indung bapa, keur nu maehan, 10 keur tukang rucah jeung jinah, keur anu bangkawarah, keur culik, keur tukang ngajualan jelema, keur tukang bohong, keur saksi palsu, jeung saterusna deui, nya eta anu papalingpang jeung ajaran anu bener. 11 Ari ajaran anu bener teh dasarna mah, nya eta Injil nu nyaritakeun ka-Agungan jeung ka-Mulyaan Allah, nu dipercayakeun ka bapa sarta ku bapa keur diwawarkeun. 12 Bapa muji sukur ka Isa Al Masih, Juru Salamet urang, anu geus maparin kakuatan ka bapa. Muji sukur, reh ku Anjeunna dipercanten ngemban ieu papancen. 13 Padahal bapa teh, bareto mah, sakitu moyokna, ngahina, jeung nganiaya ka Anjeunna. Tapi Allah, anggur mikawelas ka bapa; ma'lum ku sabab bapa, bareto mah, teu percaya; jadi, teu nyaho yen kalakuan kitu teh salah. 14 Ku Allah, nu maha welas, bapa teh digunturan sih kurnia, iman, jeung kanyaah tina sumberna pisan, nya eta Isa Al Masih. 15 Picatur anu nyebutkeun yen: “Isa Al Masih sumping ka dunya pikeun nyalametkeun nu daroraka” teh, tetela benerna; bukti beunang dipercaya. Ti antara anu daroraka, nya bapa anu pangdoraka-dorakana. 16 Tapi malah nya ku sabab eta pisan, Allah miwelas-Na ka bapa teh. Isa Al Masih, ka bapa, geus mintonkeun kasabaran anu luar biasa; nepi ka ieu pangalaman bapa teh, dijadikeun conto ka sakabeh anu palercaya ka Anjeunna sapandeurieun bapa, nya eta anu pada ngarep-ngarep geusan meunangkeun hirup anu langgeng. 17 Kahormatan jeung kaagungan, kasanggakeun sapapaosna ka payuneun Raja nu langgeng, nu teu keuna ku binasa, jeung maha gaib, nya eta Allah Anu Tunggal! Amin. 18 Timoteus, anaking! Tugas anu ku bapa dipercayakeun ka hidep teh, sajalan jeung hiji nubuwat anu bareto diucapkeun ka hidep ngeunaan tugas hidep kiwari. 19 Puhit eta ucapan ti nubuwat teh ku sanubari hidep anu murni, supaya kuat iman kapercayaan hidep ngalakonan utamaning jurit. Aya sawatara jalma anu ngabarandel, nepi ka leungit iman kapercayaanana; 20 upamana bae Himenius jeung Aleksander. Maranehna ku bapa mah geus diserenkeun ka setan, sina maranehna teh karapok ngahinakeun Allah.



2

1 Nomer hiji bapa menta malar hidep mangnedakeun, mangdoakeun, mangnyuhunkeun, jeung mangnuhunkeun sakabeh jelema, 2 kapala-kapala nagara jeung anu nyarangking pamarentahan. Sambat, suhunkeun ka Allah, mugi-mugi urang bisa hirup ayem tengtrem tur bisa nekanan hirup saleh kalawan mulya. 3 Paneda kitu tangtu didangu ku Allah, Juru Salamet urang, 4 anu mikersa sangkan sakabeh jelema salamet jeung aranut kana kayaktian Mantenna. 5 Sabab pikeun datang ka Allah anu tunggal teh, jalanna oge tunggal, nya ngan ka manusa anu jenengan Isa Al Masih tea. 6 Anjeunna geus ngorbankeun salira jadi panebus, pikeun nebus sakabeh manusa. 7 Ieu amanat iman jeung kayaktian teh, kudu ditepikeun ka bangsa-bangsa luareun Yahudi. Guna kaperluan eta, bapa teh dijieun rasul sarta diutus pikeun ngaguruan maranehna. 8 Saterusna, kahayang bapa mah, jelema teh di mana bae oge kudu neneda. Kaom lalaki anu ngabdi ka Allah ari neneda kudu nadahkeun leungeun kalawan hate anu beresih, ulah aya geuneuk-maleukmeuk; ulah mawa unek-unek atawa ambek. 9 Ka kaom wanita, pamenta bapa mah barang pake teh kudu sarwa merenah. Dangdan sapantesna bae, anu sopan; ulah kaleuleuwihi: Buuk ulah dimodel-model; pakean teu kudu nu mararahal; ulah reuceum ku perhiasan, emas, inten, jeung sajabana. 10 Diri mah mending ge didangdanan ku tingkah laku anu hade, sakumaha layakna wanita anu ibadah. 11 Wanita mah, kudu diajar lungguh ampuh andalemi; 12 kudu pantrang mamatahan atawa marentah ka lalaki, jeung kudu sareh sumerah. 13 Sabab manusa anu pangheulana dipidamel ku Allah teh, nya eta Adam; geus kitu, kakara Hawa. 14 Anu beunang ku pangwujuk Iblis nepi ka ragragna kana dosa oge, nya eta wanita, lain lalaki. 15 Papadaning kitu, wanita oge, baris disalametkeun; ku sabab maranehna geus nyorang kanyeri dina ngajuru; jaba ti eta, maranehna ge kudu pengkuh iman, boga kanyaah, jeung laku-lampahna ge kudu basajan.



3

1 Aya kacapangan anu kacida keunana: “Hayang jadi pamingpin teh cita-cita nu kacida mulyana.” 2 Sabab pamingpin jamaah teh, teu meunang aya cacad celana: Kudu satia ka bojo, titih jeung rintih, daek nyaliksik diri, tartib, adab, akuan ka tatamu, ahli kana ngatik, 3 ulah nyandu kana inuman, teu meunang ketus haseum budi, kudu someah, daek akur daek ngakurkeun, tur ulah piduit. 4 Kudu bisa ngamudi rumah tanggana, bisa ngawarah tur dipikaajrih ku anak. 5 Upama ka rumah tangga sorangan ge, geus teu bisa ngamudi; atuh komo nungtun jamaah Allah, rek bisa ti mana? 6 Lebah dieu tetela, jalma anu kakara bus, jadi murid Gusti Jungjunan urang mah, teu meunang diangkat jadi pamingpin jamaah; bisi unggah adat, anu antukna kabendon sanasib jeung Iblis. 7 Di luareun jamaah oge, pamingpin mah, ngaranna teh kudu seungit, ulah aya anu bireuk; sangkan ulah meunang panangtang anu antukna bisa ngaleok kabawa setan. 8 Kitu deui, anu jaradi pangatik jamaah oge, kudu jelema anu diajenan, jujur, ulah pamabokan, ulah hawek; 9 batinna ge, kudu beresih jeung pageuh muhitna kana rasiah iman kapercayaan. 10 Memeh diangkat teh, aranjeunna, kudu dipaluruh heula. Mun geus tetela taya cacad kuciwana, kakara aranjeunna meunang mangku jabatan. 11 Bojona ge kudu hade tabeatna, ulah resep ngupat, jeung kudu jujur sagala laku-lampahna. 12 Pangatik jamaah teh, kudu caroge ti hiji bojo, kudu bisa nungtun anak bojo, kudu bisa nerapkeun pangwarah ka kulawarga. 13 Pangatik nu hade, pangaruhna ge baris hade tur bisa laluasa, waktu anjeunna nyarita perkara iman ka Isa Al Masih. 14 Ieu perkara ku bapa perlu ditulis ayeuna, najan bapa teh aya niat buru-buru manggihan hidep. 15 Maksudna, bisi bae, bapa elat datang; jadi, hidep geus terang kumaha kuduna hirupna parawarga Allah Anu jumeneng, Anu jadi pamageuh jeung dasaring kayaktian tea. 16 Teu hamham deui, rasiah kaimanan urang teh mutuh agungna: “Anjeunna, anu geus kersa ngalap rupa manusa, ku Ruh Allah geus dibuktikeun bener-Na, kasaksi ku paramalaikat, dimashurkeun ka saban bangsa, dipercaya ku nu araya di dunya, dijungjung kana kamulyaan.”



4

1 Ruh Allah geus teges nerangkeun, yen dina jaman-jaman ka dieunakeun bakal loba anu murtad; maranehna teh, kagusur ka jalan sasar, kasarad ku roh-roh anu matak nyasabkeun jeung pangajaran setan-setan. 2 nya eta tukang-tukang tipu anu munapek, anu geus teu boga bebeneran sama sakali. 3 Ku maranehna, jelema-jelema dilarang kawin jeung sawatara kadaharan diharamkeun; padahal, eta kadaharan teh tunggal, ciciptan Pangeran; taya halanganana didahar ku anu palercaya ka Allah mah, asal dinuhunkeun heula dina paneda. 4 Da taya atuh, hiji oge, dadamelan Allah anu teu hade teh. Kadaharan mah, teu aya anu teu meunang didahar; asal ditarimakeun ku puji jeung sukur. 5 Lantaran kabeh oge enggeus jadi suci, disucikeun ku pangandika Allah jeung ku paneda tea. 6 Upama hidep sanggup negeskeun sual ieu, ka dulur-dulur urang nu saiman; nyata hidep teh berbudi, ciri abdining Isa Al Masih. Hidep pribadi kudu ngabayuan diri ku papakon-papakon kaimanan jeung ajaran anu waras, anu ku hidep kiwari eukeur dianut. 7 Kahade hidep teh, ulah kapincut ku dongeng-dongeng anu sipat tahayul. Anggur latih diri hidep kana ibadah. 8 Latihan badaniah gunana teh kawates. Sabalikna, ari latihan kana ibadah mah, gunana teh keur sagala-gala; sabab dieusi ku jangji pijamugaeun hirup, boh keur ayeuna, boh keur jagana. 9 Ieu teh saestu pisan wajib dipercaya jeung ditarima mutlak. 10 Naon sababna urang daek nyorang susah payah hese cape? Taya lian lantaran urang ngandel ka Allah, Juru Salametna sakabeh manusa, pangpangna sakur anu percaya ka Mantenna. 11 Pek sual ieu teh ku hidep parentahkeun jeung papatahkeun. 12 Sanajan hidep ngora keneh, tembongkeun yen hidep teu bisa disapelekeun. Ucapan, tingkah laku, kanyaah, iman, katut kamulusan hidep mugia sing matak jadi conto ka sakur anu saiman. 13 Sabot bapa acan datang, hidep kudu leukeun, boh dina maca Kitab Suci, boh dina mepelingan ka dulur-dulur sakapercayaan, boh dina pangajaran. 14 Kurnia ti Allah anu geus nyampak di diri hidep, ulah diteler-teler. Eta kurnia teh, asalna tina nubuwat; ku hidep geus katarima, waktu hidep ditumpangan panangan ku parakokolot, basa diistrenan tea. 15 Pake eta teh, lampahkeun, imankeun, malar hidep maju sarta kamajuanana katembong ku balarea. 16 Jaga diri hade-hade, sing ati-ati nya ngajar. Sing suhud sing junun ngalakonanana; sabab eta teh matak jamuga, boh keur hidep pribadi, boh keur batur anu balalener ngabandunganana ka hidep.



5

1 Saterusna, hidep oge, ari negor ka nu enggeus karolot mah, ulah keras-keras; jadi, sing cara ka bapa. 2 Ari ka sasama budak ngora, sing cara ka dulur. Kitu deuih, ari ka wanita-wanita anu geus kolot, sing kawas ka indung. Tuluy ari ka paramojang, sing kawas ka lanceuk atawa adi kalawan hate anu jujur. 3 Ka randa-randa, anu enya randa, masing hormat. 4 Sabalikna, upama randa-randa eta teh, boga anak atawa incu; eta anak incuna teh, sing sina rumawat, minangka pamales budi ka indung bapa atawa nini akina. Eta teh, sapuk pisan jeung pangersa Allah. 5 Upama randa, anu enya randana tea geus tinggal nyorangan pisan, kudu sina muntang ka Allah neda piwelas-Na; da Mantenna nu baris mitulung teh jeung ngajaring beurang peuting. 6 Sabalikna, randa anu resep kana senang-senang jeung sakama-kama, najan hirup keneh oge, beunang disebutkeun geus paeh. 7 Bejaan kudu ngajaga tingkah laku, ulah nyieun picelaeun. 8 Sing saha bae oge anu tambelar ka kaom kulawargana, komo ka anggota rumah tanggana sorangan; eta teh ngaranna murtad, leuwih goreng ti batan anu henteu boga iman. 9 Randa anu umurna acan genep puluh taun, ulah waka diasupkeun kana daptar. Dina geus meujeuhna diasupkeun kana daptar ge, kudu nyumponan heula sarat: Bogana salaki ngan sakali; 10 kalakuanana kaceluk hade; alus rumawatna ka anak; akuan ka tatamu; daek mangumbahkeun suku sasama umat Allah; lian ti eta, manehna oge daek nalang ka nu susah. Cindekna, kumureb kana sagala gawe anu harade. 11 Randa-randa anu ngarora keneh mah, ulah diasupkeun kana daptar. Bisi, maranehna, katarik hayang kawin deui; — heug bae embung ngalakonan deui kawajiban ti Al Masih — 12 eta hartina ingkar tina jangji seja satia ka Anjeunna. 13 Atawa sok unjung-anjang ngadon ngobrol miceunan waktu, pipilueun kana urusan batur, sarta ngobrolkeun nu teu parantes. 14 Alusna, randa-randa nu ngarora keneh mah, heug karawin deui bae: Sina baroga anak jeung ngurus rumah tangga; malar anu jaradi lawan teh, ulah boga upatkeuneun ti urang. 15 Da aya randa-randa anu ingkar tina jalan anu bener, terus ngapruk kana jalan setan. 16 Kitu deuih, upama dina hiji kulawarga aya randana. Eta kulawarga teh, boga kawajiban ngabayuan anggotana anu geus randa tea. Jadi, ulah nepi ngarerepot jamaah; sangkan jamaah bisa laluasa ngabayuan randa-randa, anu enya-enya perlu dibantu hirupna. 17 Kokolot anu hade ngokolotanana, kudu diajenan dua kali lipet. Komo lamun anjeunna getol hutbah jeung ngawuruk mah. 18 Sabab ceuk Kitab oge: “Munding anu keur dipake, ulah diborongsongan; ” jeung: “Nu digawe wajib meunang upah. ” 19 Hidep ulah guguan ka anu ngadukeun kokolot, kajaba lamun pangaduanana kuat saksi, nya eta aya dua atawa tilu jalma. 20 Anu tetela salah, bolekerkeun bae dosana sina kanyahoan ku sarerea, sangkan anu sejen oge sarieuneun. 21 Bapa meredih ka hidep: Demi Allah, demi Isa Al Masih, jeung malaikat-malaikat anu kapilih; jalankeun ieu katangtuan teh ka nu karitu, tong asa-asa jeung ulah beurat sabeulah. 22 Jaba ti kitu, hidep ulah gampang-gampang numpangkeun leungeun, ngangkat jalma geusan nyekel papancen jamaah. Ulah kabaud ku jelema anu doraka. Jaga diri hidep sangkan tetep mulus. 23 Nginget hidep teh, sakitu ririwitna; bapa nganasehatan, sangkan hidep nginum anggur oge, barang saregot mah; jadi, ulah ngan nginum cai wungkul. Eta teh perlu, keur ngalembutkeun kadaharan dina padaharan. 24 Mungguh kasalahan jalma teh, aya anu ujug-ujug breh katohyan, — siga anu miheulaan lumpat arek ngadakwa ka pangadilan — aya oge anu kabukana sanggeus kalilanakeun. 25 Lampah hade ge, kitu; aya anu breh harita keneh, aya nu henteu; tapi kabeh oge, mo burung nembrak.



6

1 Anu hirup di bawah pasangan, tegesna nu kumawula, kudu boga anggapan yen dununganana teh jalma nu wajib dihormat. Eta teh wajib hukumna, malar nu lian ulah meunang jalan geusan moyok kana pajenengan Allah jeung rukun ibadah urang. 2 Wurukkeun eta teh ku hidep. 3 Sing saha anu ngajar tojaiah, boh jeung timbalan nu saestu — nya eta anu ti Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih — boh jeung nu rukun ibadah urang; 4 tetela nu kitu teh jalma guminter, padahal taya kanyaho. Kikituanana wungkul keur pipaseaeun, nyieun padengkian, pacekcokan, upat-sinuat, timburu, 5 jeung papaduan anu manjang antara jelema-jelema anu geus leungiteun akal sehat jeung anu geus leungit bebeneran, anu nyangka yen ibadah teh bisa dipake jalan cari untung. 6 Memang, lamun dibarengan ku katumarimaan mah, ibadah teh, bisa mere kauntungan anu luar biasa. 7 Sabab urang gumelar ka dunya teh teu mawa naon-naon, oge ana mulang moal bisa mawa naon-naon. 8 Ku bisa dahar jeung make ge, urang teh geus kudu ngarasa untung. 9 Sabab kapincut ku kabeungharan teh, matak mawa kana sasar; lian ti eta, oge matak karanggeum ku angen-angen anu nya minculak, nya nyilakakeun; anu antukna mah, tigebrus kana kabinasaan. 10 Sabab watek pidunya atawa piduit teh, mangrupakeun akar sagala kajahatan. Sababaraha jalma oge, aya anu geus cul iman ku sabab katungkulkeun ku nyiar duit tea; da antukna mah, maranehna teh nganyenyeri hate sorangan. 11 Hidep mah da jalma anu percaya ka Allah, kudu baid ka nu karitu teh. Anggur masing adil, jujur, ibadah, kuat iman, nyaahan, tahan uji, sarta someah. 12 Prung geura tarung; pek balap ngamalkeun kayaktian di medan iman. Hontal hirup langgeng nu jadi pahlana. Hidep disaur ku Allah teh, — ku jalan ngikrarkeun pangaku kapercayaan di hareupeun saksi-saksi tea — nya geusan eta tujuanana! 13 Di payuneun Allah — nu maparin hirup kana saniskara — sarta di payuneun Al Masih, — anu geus mintonkeun panyaksen sakitu sampurnana ka Pontius Pilatus — hidep, ku bapa ayeuna dipentes: 14 Jalankeun ieu parentah sajujur-jujurna, sing ulah aya kuciwana, nepi ka datang Poening sumpingna Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih. 15 Sumpingna geus pasti dina wanci-Na, kalayan timbalan pangjurung Allah, Maha Kawasa Nu tunggal, Rajaning sagala raja, Gustining sakabeh gusti; 16 tur anging Mantenna nyalira anu tan kenang pati, anu ngancik sajeroning cahaya anu teu bisa katembus. Taya hiji jalma anu kungsi nenjo Mantenna, taya hiji jalma nu baris nenjo Mantenna. Kahormatan, kakawasaan anu langgeng, kasanggakeun ka Mantenna. Amin. 17 Anu baleunghar ku hidep kudu diwawantian, supaya ulah adigung; ulah neundeun harepan kana barang anu taya katangtuanana, nya eta kabeungharan upamana. Ngaharep mah kudu ka Allah, anu kawasa maparin sagala kani'matan. 18 Titah ku hidep, sina maranehna hade laku, sing sugih ku amal asih, amal saleh, sarta mere maweh; 19 itung-itung nyengcelengan kahadean; teangeun keur jaman engke, nya eta pikeun dasar hirup anu kiwari eukeur disungsi. 20 Timoteus, anaking! Rawatan pangajaran anu geus kacangking ku hidep teh masing apik. Jauhan omongan-omongan anu teu aruni sarta pangajaran gapong taya pulunganeunana, anu dipajarkeun teh “elmu” tea. 21 Teu wudu aya, sabab sababaraha anggota teh geus nganut ka eta elmu, nepi ka ingkar tina iman kapercayaan. Mugia hidep katut dulur-dulur mendak berkah Allah.



AMAZING GRACE BIBLE INSTITUTE