1 Petrus


1

1 Surat ti simkuring, Petrus, rasul-Na Isa Al Masih. Kahatur dulur-dulur anu keur ngalumbara di wilayah Pontus, Galata, Kapadokia, Asia, jeung Bitinia. 2 Dulur-dulur, anu geus kapilih numutkeun pangersana Allah, Rama; anu geus disucikeun ku Ruh Mantenna, dianutkeun ka Isa Al Masih anu ngaberesihan dulur-dulur, ku getih-Na. Mugi sing marendak rahmat rahayu. 3 Sagala puji kasembahkeun ka Allah, Rama Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih. Mantenna sakitu welas asih-Na, nya eta nepi ka hirup urang ku Mantenna dianyarkeun deui sarta dipaparin pangharepan; ku jalan Mantenna ngagugahkeun deui Isa Al Masih tina pupus-Na. 4 Ku sabab eta, urang baris narima warisan, — anu teu keuna ku ruksak, teu keuna ku cacad, tur moal aya sudana — nu geus disadiakeun di sawarga. 5 Nya pikeun urang, anu geus dituyun ku kakawasaan Allah; ku jalan iman sarta percaya. Urang baris dicandak kana kasalametan anu geus disayagikeun jeung baris katarima dina jaman ahir. 6 Hal eta, pohara matak bagjana; sanajan ayeuna mah dulur-dulur teh, keur sarusah nandangan rupa-rupa cocoba. Tapi eta teh moal lila. 7 Itung-itung keur diuji. Geuning emas oge, barang anu keuna ku ruksak, sok dibesot ku seuneu. Iman dulur-dulur oge nu leuwih mahal ti batan emas, kudu dibesot supaya tahan uji. Ku jalan kitu, dimana cunduk waktuna Isa Al Masih pinton salira, urang baris meunang kahormatan jeung kamulyaan. 8 Dulur-dulur can kungsi tepung jonghok jeung Anjeunna, tapi teu burung nyaah ka Anjeunna. Can kungsi patingal, tapi teu burung percaya ka Anjeunna. Tangtu baris karasa kumaha bungahna, — bagja taya pibasaeunana — 9 lantaran nu jadi udagan iman kapercayaan, nya eta kasalametan pikeun jiwa, geus katarima. 10 Nya kasalametan anu ieu, anu diarulik jeung ditalungtik ku nabi-nabi teh. Ieu sih kurnia Allah anu geus kapimilik ku dulur-dulur teh, ku aranjeunna geus kapeleng jeung geus disalaurkeun. 11 Sabab hal Al Masih, — baris nandangan sangsara sarta ahirna baris mulya — ku aranjeunna geus kauninga, ti samemehna, ku pituduh Ruh Al Masih ku anjeun. Ku aranjeunna terus dipaluruh, iraha jeung kumaha pijadieunana. 12 Ku Allah geus diuningakeun, yen anu keur dipaluruh teh lain keur aranjeunna, tapi nya pikeun aranjeun kiwari. Ayeuna dulur-dulur geus terang kana eta Injil amanat ti sawarga, ku karana Ruh Allah anu geus dilungsurkeun ti sawarga. Kana ieu perkara najan malaikat-malaikat oge harayangeun uninga. 13 Ku sabab eta, kudu sadia-sadia, kudu cegahan, sarta sing antek; nya ngarep-ngarep sih kurnia Allah, anu baris dipaparinkeun dina waktu Isa Al Masih nembongan, engke. 14 Lakuning hirup teh, kudu sing saperti barudak anu ngesto ka kolot. Ulah kabawa deui ku pangajak napsu, kawas nu enggeus-enggeus, basa eukeur buta tuli keneh. 15 Hirup teh kudu suci. Sabab Allah, anu geus nyaur ka dulur-dulur teh, suci kaayaana-Na. 16 Kudu sakumaha ceuk Kitab: “Maneh kudu suci sabab Kami teh suci.” 17 Lamun aranjeun nyambat ka Allah, kudu sakumaha ka Bapa. Mantenna tara pilih kasih. Nu adil ka saban jalma, numutkeun kalakuan jelemana masing-masing. Ku sabab eta, meungpeung eukeur di dunya masing tuhu ka Mantenna. 18 Dulur-dulur geus terang, yen nu matak bisa lesot tina hirup anu tanpa guna warisan karuhun teh, lain ditebus ku dunya barana anu sipatna owah gingsir, lain ku emas, atawa perak. 19 Panebusna teh mahal kabina-bina, nya eta: Getih Al Masih, anu dilambangkeun ku getih anak domba anu mulus tea. 20 Dipilihna Al Masih ku Allah teh, geus ti samemeh alam dunya dijadikeun. Ari nu matak dinyatakeuna-Na kakara dina jaman ahir kiwari, maksudna nya pikeun kapentingan aranjeun. 21 Ku jalan Anjeunna, dulur-dulur jadi percaya ka Allah, Anu geus ngagugahkeun Al Masih ti jero kubur bari terus dipaparin kamulyaan. Ku jalan kitu oge, ayeuna dulur-dulur teh jadi panteng, boh iman, boh pangharepan ka Allah. 22 Ayeuna dulur-dulur geus ngaberesihkeun diri, ku jalan anut kana kayaktian. Geus bisa ngamalkeun kanyaah ka sasama batur saiman. Lakonan terus kalawan saiklas-iklasna, heman asih ka pada batur. 23 Sabab ayeuna, dulur-dulur geus anyar, lir nu anyar dijurukeun. Lain lahir tina wiji nu keuna ku pati, tapi tina wiji anu hirup salalawasna, nya eta tina pangandika Allah anu sipatna hirup tur langgeng. 24 Karana: “Jalma mah ibarat jukut, harkatna lir kembang tegalan. Jukut perang, kembang ragragan. 25 Tapi pangandika Pangeran mah, tetep salalanggengna.” Ari anu disebut pangandika teh, nya eta Injil tea, anu geus diwawarkeun ka aranjeunna.



2

1 Kalakuan-kalakuan anu goreng, tipu daya, palacidra, hiri dengki, jeung upat pitenah geura piceun. 2 Kudu hirup lir anu kakara dijurukeun, digedekeun jeung dihirupan ku cisusu anu murni, nya eta cisusu anu rohani. 3 Kudu kitu ari enya mah ngarasa kana kasaean Gusti. 4 Kudu muntang ka Anjeunna. Anjeunna saibarat hiji batu hirup. Ku manusa dipiceun, ku Allah mah malah dianggo tur dibere pangaji. 5 Aranjeun pribadi, kudu jaradi lir batu hirup nu digunakeun keur ngadegna bait suci rohani; ambeh aranjeun ngajadi hiji imamat anu suci, anu baku kana ngahaturkeun kurban rohani anu kamanah ku Allah lantaran Isa Al Masih. 6 Sabab dina Kitab kaungel: “Hiji batu anu gede pangajina, ku Kami geus dipilih, dijadikeun batu juru adegan di Sion. Anu percaya ka dinya (ka Anjeunna), moal kawiwirangan.” 7 Keur aranjeun anu percaya ka eta batu hirup teh, gede pangajina. Ari keur anu henteu percaya, ungelna Kitab teh kieu: “Batu anu dipiceun ku juru adegan, geus dijieun batu juru. Maranehna baris titajong, ngudupruk kana eta batu cadas.” 8 Maranehna, anu henteu palercaya tea, memang titajong; da geus kitu nasibna. 9 Sabalikna, aranjeun mah turunan anu kapilih, ngagem hak imam karajaan, jadi bangsa anu suci, umat Allah ku manten, anu geus ditangtukeun geusan nguarkeun padamelan-padamelan Mantenna anu aragung, nya eta anu nyaur dulur-dulur: Kaluar ti alam poek geusan asup kana cahaya Mantenna anu aheng. Tit. 2:14* 10 Asalna, dulur-dulur teh lain umat Allah, ayeuna jadi kagungana-Na. Anu tadina sepi ku piwelas Allah, kiwari henteu kendat dipiwelas dipiasih. 11 Paramitra! Hirup di dunya teh ukur ngumbara. Kudu nyegah kahayang jasmani anu salawasna patonggong-tonggong jeung pangajak jiwa. 12 Sing ati-ati hirup di tengah bangsa deungeun. Kudu jadi conto tuladaneun; kudu tembong ka sakur nu ngagorengkeun yen dulur-dulur teh estuning jelema hade, supaya maranehna daek teu daek baris ngagungkeun ka Allah di mana urang geus dilayad ku Mantenna. 13 Ka nu nyepeng pamarentahan, demi Allah, masing ngesto, boh ka prabu anu nyepeng kakawasaan pangluhurna, 14 boh ka pamarentah-pamarentah daerah anu dikawasakeun ngahukum nu salah jeung ngaganjar ka nu bener. 15 Aranjeun dipundut kitu ku Allah, supaya jelema-jelema anu paralung kabekem sungutna ku kalakuan aranjeun anu hade. 16 Kudu boga jiwa merdeka, tapi kamerdekaanana ulah salah dipakena. Ulah dipake keur nyimbutan kama'siatan. Sabalikna, kamerdekaan teh kudu dipake pikeun kumureb ka Allah. 17 Unggal jalma kudu diajenan; sing ha'at ka dudulur; sing gimir ka Allah jeung sing hormat ka Pamingpin Nagara. 18 Anu eukeur kumawula masing ngesto jeung ajrih ka dunungan, boh dunungan bageur, boh rewel jeung bengis. 19 Upama aranjeun, — lantaran aya karumasaan ka Pangeran — kuat ku lara anu asalna lain tina kasalahan sorangan, tangtu ku Mantenna dipaparin rahmat. 20 Ari sabar ku pameupeuh lantaran balukar tina kasalahan sorangan mah, naon pujieunana? Sabalikna, upama nyorang lara teh ku lantaran milampah anu hade, — tur sabar nandanganana — tangtu aya pahlana ti Allah. 21 Aranjeun nu matak disaur ku Mantenna teh, nya keur eta tujuanana. Al Masih ku anjeun nandang sangsara teh lantaran dosana manusa. Anjeunna geus maparin conto anu kudu ditulad ku aranjeun. 22 Tara teh teuing Anjeunna mah midamel dosa atawa cidra. 23 Ana aya anu nyapa, tara kersaeun malik nyapa. Diteungteuinganan oge, tara kersaeun ngancam, estu sumerah ka Allah anu nyepeng hukum adil. 24 Dosa-dosa urang ku Anjeunna ditanggel nyalira dina salib-Na, malar urang dipaehkeun tina dosa sarta dihirupkeun dina kayaktian. Tatu-tatu salira-Na geus ngajadikeun dulur-dulur waras waluya. 25 Bareto, dulur-dulur teh lir domba anu kasarung; ayeuna enggeus kapanggih, balik ka Gusti Panuyun, anu ngaraksa jeung ngariksa hirup aranjeun.



3

1 Istri-istri kudu ngesto ka salaki. Malakmandar, upama nu jadi salaki henteu tigin kana dawuhan Allah, bisa eling teu karana ucap pangajak, 2 tapi lantaran kageuing ku laku lampah nu suci katut iman aranjeun ka Pangeran. 3 Perhiasan anu utama teh lain hiasan lahiriah, lain gelung anu model, lain emas anu rimbil dina awak, sarta lain pakean anu aralus. 4 Nu utama mah, kalemesan budi; eta anu jadi kageulisan ati teh, anu moal luntur ku usum moal suda ku mangsa, turta luhur pangajina dina soca Allah. 5 Istri-istri suci, baheula, oge maridangna teh nya kitu pisan, nya eta: Ngarep-ngarep ka Allah sarta ngesto ka caroge. 6 Kudu nyonto ka Sarah anu sakitu gumustina ka Ibrahim, ngabasakeunana oge dunungan ka caroge teh. Aranjeun teh ayeuna geus jadi putra-putra Sarah. Kitu soteh upama hade tata hade hate, tur henteu jejerih enggoning ngalakonan kawajiban. 7 Sabalikna, kaom lalaki ge, kudu hade ka pamajikan. Wanita teh kaom nu lemah, anu kudu diajenan, sarta dijadikeun batur hirup sauyunan ti sih kurnia hirup. Supaya du'a aranjeun teh, teu kahalangan. kana paneda. 8 Cindekna, kabeh masing sapaham, silih pikaheman, silih hadean, sarta silih eledan. 9 Anu jail ulah dibales ku jail; nu nyarekan oge, ulah dibales. Anggur doakeun sing meunang berkah. Sabab pangna aranjeun disaur ku Allah teh, nya geusan narima berkah-Na. 10 Ceuk Kitab oge: “Sing saha nu hayang senang hirupna, jeung hayang mulus jamuga, kudu ngajaga letahna, tong dipake ngucap jahat, atawa linyok jeung bohong. 11 Nu goreng singkahan, nu hade tedunan. Siar karapihan, udag karuntutan. 12 Sabab Pangeran salawasna tumeuteup ka jalma nu hade lampah, kersaeun ngadangu panyambatna. Sabalikna, ka anu goreng lampahna mah, Mantenna teu mirosea. 13 Saha anu rek tega goreng ka aranjeun, upama aranjeun sorangan nyieun kahadean? 14 Upama kudu-kudu teuing nandangan lara pedah iman ka Pangeran, malah bagja. Teu kudu gimir ka nu dipikagimir ku maranehna jeung ulah rempan. 15 Sabalikna, kudu tetep ngagungkeun Al Masih dina jero hate maraneh; sabab Anjeunna teh, Gusti Jungjunan urang. Upama aya nu hayang meunang katerangan tina hal anu jadi pangharepan umat Gusti, salawasna kudu daek nerangkeun kalawan hade basana hade tatana, 16 dibarung ku hate anu beresih. Ku jalan kitu, anu tadi niat moyok dumeh aranjeun anut ka Al Masih teh, malik era ku omonganana sorangan. 17 Ti batan teu jamuga lantaran ku lampah goreng, mending keneh nandang lara lantaran hade lampah. 18 Kapan Al Masih oge pupus-Na teh lantaran dosa urang. Anjeunna nu tanpa dosa, pupus ku karana dosa-dosa manusa, supaya manusa bisa disanggakeun ka Allah. Al Masih teh, raga badag-Na mah beunang dipaehan, tapi mungguhing Ruh-Na mah tetep kawasa. 19 Ruh Anjeunna tetep unggul sarta dina kaunggulana-Na tea, Anjeunna mawa warta ka jiwa-jiwa anu keur dikungkung di alam kubur; 20 eta teh, jiwana jelema-jelema anu daroraka keur jaman Enoh, anu ku Allah geus sakitu lilana disabaran nalika Enoh ngadamel kapal tea. Harita ngan saeutik pisan jiwa-jiwa anu disalametkeun tina caah sadunya teh, nya eta ngan dalapan urang. 21 Eta caah, ayeuna mah dilambangkeun kana baptisan, anu ngalantarankeun aranjeun jadi salamet. Eta lambang anu mangrupa banyu baptisan, lain keur meresihan kokotor awak; tapi pikeun nyuhunkeun kaweningan budi, ka kersa Pangeran ku hikmat gugah-Na Al Masih, 22 anu geus munggah ka sawarga jeung jumeneng di tengeneun Allah; paramalaikat, parakawasa, kitu deui roh-roh anu wisesa taraluk ka Anjeunna.



4

1 Al Masih teh geus nandangan sangsara badaniah. Aranjeun kudu eling kana hal eta, malar meunang kakuatan. Sabab anu nandangan sangsara badaniah ku karana iman, eta teh geus taya patalina deui jeung dosa. 2 Ti semet ayeuna ka hareup, sesa umur teh ulah dipake kumawula ka hawa napsu, tapi kudu dipake ngesto ka Allah. 3 Lesotkeun kabiasaan ngumbar karep, nya eta anu jadi kabiasaanana jelema-jelema anu teu percaya ka Allah. Bareto ge geus sareubeuh hirup sakama-kama, borak-borak, rucah, mabok-mabok, jeung nyembah ka brahala-brahala teh! 4 Jelema anu teu nyembah ka Allah mah, ayeuna tangtu bae heraneun; ku sabab aranjeun henteu milu deui guyang dina kolomberan anu sakitu rujitna; tuluy bae maranehna mah ngagogoreng. 5 Tapi kalakuan maranehna nu kitu teh, baris aya balitunganana jeung Mantenna; Allah anu saged nibankeun hukum adil, boh ka nu harirup, kitu deui ka nu geus paraeh. 6 Pangna anu geus maraot oge diwawaran Injil teh, supaya maranehna, ana geus paraeh sakumaha galibna manusa tea, bisa tetep hirup sasarengan jeung Allah nu jumeneng. 7 Sagala perkara geus tereh kana wekasan. Nu matak kudu cegahan, kudu eling pikir, malar bisa husu neneda. 8 Utamana pisan mah, kudu enya-enya silih pikanyaah. Sabab najan alah sakumaha salahna oge, ari ku kanyaah mah kasilep. 9 Kudu daek katumpangan batur bari ulah ngarasula. 10 Rejeki nu katarima, ku sing saha bae, kudu dipake keur silih tulungan; eta nandakeun yen aranjeun teh jadi pangurus anu hade dina makihikeun rupa-rupa berkah ti Allah. 11 Anu osok hutbah, anu dihutbahkeun teh kudu dawuhan-dawuhan Allah. Anu ngalakonan papancen jamaah, kudu rumasa yen kuat soteh, ngalampahkeunana, estu ngan ku karana pangdeudeulna kawasa Allah. Ku jalan kitu, dina sagala rupa perkara, Allah baris dimulyakeun ku karana Isa Al Masih. Nya Mantenna Nu kagungan kahormatan sarta kakawasaan, salalanggengna. Amin. 12 Paramitra! Ulah kaget ku siksaanana cocoba, najan karasana teh kaliwatan beuratna. 13 Malah beuki banget, eta sangsara — saperti anu kalakon ku Al Masih — kudu beuki dipake bungah. Tangtu engke karasa sukana, anu taya babandinganana, di mana Al Masih geus pinton kamulyaan. 14 Kudu ngarasa bagja mun aya anu ngahina pedah aranjeun anut ka Al Masih. Sabab eta teh, tandaning Ruh Agung, nya eta Ruh Allah geus ngancik di diri aranjeun. 15 Kahade timbulna sangsara teh, ulah ku lantaran salah sorangan; upamana bae lantaran maehan, maling, jahat, atawa hianat ka batur. 16 Sabalikna, upama sangsara teh lantaran anut ka Al Masih, teu kudu era; malah kudu muji sukur ka Allah, dumeh aranjeun kaasup umat Al Masih. 17 Kiwari enggeus wancina pangadilan teh dimimitian. Anu diheulakeun teh nya eta ngadilan warga-warga umat Allah ku manten. Upama dimimitianana ti urang heula mah, beu, sakumaha teuing pibalukareunana ka jelema-jelema anu teu percaya kana Injil pangwawaran ti Allah! 18 Cacakan jelema hade geus seuseut salamet, mana komo jalma nu dosa doraka, kumaha pitemaheunana? 19 Ku sabab eta, anu sangsara ku karana nohonan pangersa Allah teh, sing sumerah ka Mantenna, — Allah Anu murbeng alam tur satuhu — sumerah ku jalan lampah nu hade.



5

1 Ka parakokolot jamaah, simkuring seja mere wawadi, dumeh simkuring oge jadi kokolot saperti aranjeun. Simkuring teh nyaksian pisan, kumaha sangsarana Al Masih teh; tur simkuring oge baris kacandak mulya, lamun kamulyaan Anjeunna geus dinyatakeun. 2 Urus sing bener domba-domba Allah dina cangkingan aranjeun teh. Ngurusna ulah jeung asa kapaksa, kudu jeung iklas, luyu jeung pamundut Allah. Ulah ku dumeh pandang buruh, tapi ku dumeh ngarasa yen eta teh kawajiban. 3 Kahade ulah boga pikir kawasa marentah sakahayang ka maranehna anu dipercayakeun ka aranjeun, anggur kudu mere tuladan. 4 Di mana Gusti, Pangangon Agung, sumping; aranjeun baris diganjar makuta, anu cahayana moal suda-suda. 5 Ari aranjeun anu ngarora! Sing ngesto ka nu leuwih kolot. Kitu deui jeung papada saumur kudu silih rendah. Sabab: “Ka jelema nu gumede, Allah teh cua manah-Na. Sabalikna, ka jelema nu daek rendah, Allah maparin berekah.” 6 Di bawah panalingaan Allah Anu ngagem kawasa, maraneh kudu ngalaipkeun diri; supaya di mana waktuna cunduk, maraneh ku Mantenna dijungjung. 7 Sagala kasusah maraneh unjukkeun ka Mantenna, geus tangtu Mantenna kersa nulungan. 8 Sing caringcing taki-taki. Musuh maraneh, si Iblis, guar-gaur cara maung eukeur neangan rewegeun! 9 Lawan manehna ku kapengkuhan iman. Maraneh oge terang yen dulur-dulur anu lianna, di sakuliah bumi, sarua bae pada nandangan sangsara sarupa kitu. 10 Tapi di mana sangsara geus liwat, — lantaran sangsara teh moal sabaraha lilana — maraneh baris disampurnakeun, dipaparin katangguhan, dipulihkeun tanaga ngajadi rosa kabina-bina ku Allah ku manten. Allah teh sumber sagala kurnia, anu geus nyaur maraneh, supaya ku karana Al Masih, maraneh, bisa milu kana kamulyaan Mantenna anu langgeng. 11 Nya Mantenna anu kagungan kakawasaan teh, salalanggengna. Amin. 12 Ieu surat pondok bae. Dipangnuliskeun ku saderek Silwanus, hiji dulur anu ceuk pangrasa simkuring mah pohara pengkuh imanna. Maksudna teh, taya lian ti seja mere kayakinan jeung panyaksen; yen hal ieu teh, saestuna sih kurnia Allah. Sing pageuh nya muntang ka dinya. 13 Dulur-dulur, jamaah di Babul, ngahaturkeun salam; kitu deui anak simkuring, Markus. Maraneh masing silih boro ku kasono, silih rangkul ku pangjurung. 14 Mugi-mugi, kum sakabeh dulur-dulur anu saiman anut ka Al Masih, sami-sami mendak rahmat rahayu.



AMAZING GRACE BIBLE INSTITUTE