Yohanes


1

1 Ti awal kadim keneh, Pangandika teh geus jumeneng. Eta Pangandika manunggal jeung Allah tur Pangandika teh nya Allah tea. 2 Manunggalna jeung Allah teh, ti awitna keneh. 3 Sakur jajadian alam, nya Anjeunna anu ngajadikeunana. Mun lain ku Anjeunna mah, sakur nu geus gumelar teh pamohalan aya. 4 Eta Pangandika teh, sumbering hirup; ari hirup tea jadi caang atawa papadangna umat manusa. 5 Caang teh, gumebyar di alam poek tur ku poek henteu kaungkulan pangawasana. 6 Jol bae, sumping hiji utusan Allah, Yahya jenenganana. 7 Sumpingna, pikeun jadi saksi nu baris nerangkeun saha eta Papadang teh, supaya ku lantaran anjeunna, eta Papadang teh dipercaya ku umat manusa. 8 Ari anjeunna mah, lain Caang tea; da anjeunna mah, sakadar utusan anu kudu nerangkeun saha eta Caang teh. 9 Tapi Caang anu sajatina mah, — nu nyaangan unggal jelema — nuju sumping ka alam dunya. 10 Anjeunna teh parantos aya di alam dunya, — kenging-Na ngajadikeun tea — tapi pangeusi dunya teh teu wawuheun. 11 Sumping-Na teh, nya ka nu jadi milik-Na ku anjeun, tapi ku umat-Na henteu ditarima. 12 Tapi sing saha anu daek narima sarta percaya ka Anjeunna, ku Allah dipaparinan hak jadi putra-Na. 13 Kituna teh, lain ku sabab turunan; lain oge ku jalan anu ilahar anu lumrah di manusa, tapi estu ku kakawasaan Allah bae. 14 Eta Pangandika teh geus mijalma, aya dina hirup kumbuh urang sarta ku urang kasaksian kamulyaana-Na, nya eta kamulyaan anu dinugrahakeun ku Ingkang Rama ka Putra Tunggal, nu sajati tur leber ku sih kurnia. 15 Ngeunaan Anjeunna, Yahya nerangkeun, “Tah ieu Anjeunna teh; anu cek kami: Engke, pandeurieun kami rek sumping Anjeunna anu aya-Na heulaeun kami; sabab jumenengna teh, samemeh kami gumelar. 16 Ku kajembaran manah-Na, urang sarerea geus kaseundeuhan sih kurnia anu taya wates wangenna. 17 Nabi Musa ka urang geus mere hukum Toret, ari Isa Al Masih mah, ngadatangkeun sih kurnia jeung kasayaktian. 18 Saurang ge, can aya anu geus nenjo Allah. Tapi ku Anjeunna, — anu jadi Putra Tunggal Allah, anu hirup-Na dina pangkonan Rama — Allah teh bakal dinyatakeun ka urang.” 19 Waktu Nabi Yahya ditaros ku utusan urang Yahudi di Yerusalem, nya eta panghulu-panghulu agung sarta urang Lewi, “Saha tea anjeunna teh?” 20 Ku Nabi Yahya diwaler sajujurna bae, saurna, “Kaula lain Al Masih!” 21 Pok deui nu naros teh, “Upami kitu, saha atuh? Naha Nabi Elias?” Walerna deui, “Lain.” 22 Pok deui nararos, “Saha tea atuh? Simkuring kudu mawa jawaban ka nu ngutus. Cobi, saha salira teh?” 23 Walerna, “Kami teh, nya eta soara anu cumeluk di alas kikisik kieu: ‘Geura lelempeng pijalaneun Pangeran,’ sakumaha pilahir Nabi Yesaya.” 24 Di antara eta utusan-utusan teh, aya sababaraha urang Parisi. 25 Aranjeunna mariksa kieu, “Naon margina atuh anjeun ngabaptis, padahal Al Masih, lain; Nabi Elias, lain; nabi anu keur didago-dago oge, lain!” 26 Ku Yahya diwaler, “Kaula mah ngabaptis oge ku cai; tapi di antara aranjeun teh, saenyana, geus aya Anu ku aranjeun teu kawawuhan; 27 nya nu sumping-Na teh, pandeurieun kaula tea. Muka tali tarumpahna oge, kaula mah henteu wani.” 28 Eta kajadian teh di daerah Betania, peuntaseun walungan Ciyordan, anu ku Nabi Yahya dianggo tempat ngabaptis tea. 29 Poe isukna, Nabi Yahya ningali Isa bade mendakan anjeunna; tuluy dituduhkeun, saurna, “Tarenjo tuh, Anak Domba Allah, anu kawasa mupus dosa alam dunya. 30 Nya Anjeunna nu dimaksud ku kami teh, anu cek kami, ‘Pandeurieun kami, tangtu sumping Anjeunna anu aya-Na heulaeun kami; sabab jumeneng-Na oge, samemeh kami gumelar.’ 31 Mimitina mah, kami oge henteu wawuh ka Anjeunna teh. Sanajan kitu, nu matak kami diutus jeung ngabaptis ku cai teh, supaya ngawawuhkeun Anjeunna ka bangsa Israil.” 32 Nabi Yahya masihan deui panaksen, saurna, “Kami geus nyaksian Ruh lungsur ti langit mangrupa manuk japati, eunteup kana salira-Na. 33 Tadina mah, kami can wawuh ka Anjeunna. Tapi Allah, anu nimbalan ka kami kudu ngabaptis ku cai, samemehna geus netelakeun ciciren-Na ka kami, timbalana-Na: ‘Samangsa- mangsa maneh nenjo aya Ruh lungsur terus eunteup ka hiji jelema, eta teh Anjeunna anu bakal ngabaptis ku Ruh Allah.’ 34 Geus katenjo eta teh ku kami. Ku sabab eta, ayeuna kami mere panaksen: Anjeunna teh Putra Allah.” 35 Isukna, Nabi Yahya ngadeg deui di tempat eta keneh bareng jeung dua muridna. 36 Waktu anjeunna ningali Isa ngalangkung, ngalahir, “Tuh, tenjo Anjeunna, nu diibaratkeun Anak Domba Allah tea!” 37 Kadengeeun ku muridna anu duaan, tuluy bae duanana nuturkeun Isa. 38 Isa nyoreang ka pungkur, anu naluturkeun teh dipariksa, “Nareangan naon?” Piunjukna, “Rabi (hartina Guru), dupi linggih di mana?” 39 Saur Isa ka maranehna, “Tuturkeun bae Kami, engke ge nyaho.” Maranehna tuluy naluturkeun; jadi bae nyarahoeun panglinggihana-Na sarta poe eta mah, maranehna ngendek heula di Anjeunna. Harita teh kira-kira pukul opat. 40 Salah saurang anu ngadenge pilahir Yahya anu terus nuturkeun Isa, nya eta Andreas, dulurna Simon Petrus. 41 Tuluy manehna nepungan heula Simon dulurna, pok cacarita, “Kuring mah geus papanggih jeung Al Masih.” 42 Tuluy Petrus dibawa ngadeuheus ka Isa. Manehna ku Isa diteuteup, tuluy saur-Na, “Ieu teh Simon, anak Yonas. Anjeun bakal dilandih Kepas (Kepas teh, nya Petrus tea nu hartina: Batu karang).” 43 Poe isukna, Isa mutuskeun angkat ka Galilea. Di dinya pendak jeung Pilipus, saur-Na, “Tuturkeun Kami!” 44 Pilipus teh asalna urang Betsaida, lemburna Andreas jeung Petrus. 45 Pilipus tepung jeung Natanael, pok nyarita, “Kuring mah geus papanggih jeung anu disebut-sebut ku Nabi Musa jeung nabi-nabi sejen dina Kitab Toret tea, jenenganana Isa, Putra Yusup ti Nasaret.” 46 Cek Natanael, “Wah, na aya kitu kira-kirana barang hade asal ti Nasaret?” 47 Jawab Pilipus, “Ayeuna mah hayu urang saksikeun bae!” Kakara oge Natanael datang, Isa geus ngalahir manten, saur-Na, “Tah ieu urang Israil tulen anu euweuh kuciwana teh.” 48 Pihatur Natanael, “Naha geuning uninga ka abdi?” Waler Isa, “Memeh maneh dicalukan ku Pilipus, ku Kami geus katenjo aya di handapeun tangkal kondang.” 49 Cek Natanael, “Rabi, Jungjunan teh Putra Allah, Raja urang Yahudi!” 50 Saur Isa, “Naha eta kayakinan anjeun teh lantaran cek Kami bieu maneh geus katenjo ku Kami handapeun tangkal kondang? Loba keneh anu leuwih aheng batan eta, geura engke oge kasaksian.” 51 Saur-Na deui, “Cek Kami, saenyana, maneh bakal nenjo langit muka jeung malaikat-malaikat turun unggah ka Kersa Putra Manusa.”



2

1 Tilu poe ti harita, di lembur Kana, Galilea, aya nu hajat nikahkeun. Ibu Isa angkat ka dinya; 2 Isa oge jeung murid-murid-Na diondang. 3 Barang nu hajat beakeun anggur, ibu-Na wawartos ka Isa, “Nu hajat teh seepeun anggur!” 4 Waler Isa, “Kedah dikumahakeun kitu ku Abdi, ibu? Teu acan waktosna ayeuna mah.” 5 Tapi ibu-Na marentah ka anu laladen, “Turutkeun engke saparentah-Na!” 6 Di dinya, aya genep buyung, biasana paranti wawasuh sakumaha tali paranti urang Yahudi, masing-masing bisa muat ti salapan nepi ka dua welas liter. 7 Tuluy Isa ngadawuh ka nu laladen, “Pinuhan buyung teh ku cai.” Tuluy buyung-buyungna, diareusian sapinuhna. 8 Isa ngadawuh deui, “Pek siukan, bawa ka ditu, ka nu mangku hajat.” Tuluy ku maranehna dianteurkeun. 9 Sanggeus ku nu mangku hajat diasaan, cai teh geus jadi anggur, teu nyahoeun asal-asalna mah. Tapi anu laladen, nya eta anu nyiukan tea mah nyarahoeun. Manehna tuluy manggil ki panganten, 10 pok nyarita, “Biasana nu disuguhkeun ti heula teh anggur nu raos nepi ka warareg, nembe anu kirang raos. Dupi ieu tibalik, nu raosna kaluar nembe ayeuna.” 11 Eta mujijat di lembur Kana, Galilea, mujijat Isa anu munggaran pisan, dianggo mintonkeun kamulyaana-Na. Ku hal eta, murid-murid-Na jadi mantep hatena percaya ka Anjeunna. 12 Ti dinya, Isa angkat ka kota Kapernaum disarengan ku ibu-Na, saderek-saderek-Na, jeung ku murid-murid-Na. Di Kapernaumna teu lami, ngan popoean bae. 13 Sanggeus deukeut kana hari raya Yahudi nu disebut “Paska,” Isa angkat ka Yerusalem. 14 Di emper Bait Suci ku Anjeunna ka sampak loba tukang dagang, nu dagang sapi, nu dagang domba, tukang japati, jeung tukang nukeur-nukeurkeun duit. 15 Anjeunna ngarara tali, ngadamel pecut. Tuluy anu daragang teh, kabeh, diusir sadagang-daganganana: Embe, domba, jeung sapi. Tukang nalukeur-nukeurkeun duit, duitna dibahe-bahekeun, mejana dijungkir-jungkirkeun. 16 Ka nu dagang japati, Isa sasauran, “Bawaan kabeh ka ditu, Panglinggihan Ama Kami, ulah dijarieun pasar.” 17 Murid-murid-Na, ras bae, inget kana ungelna Kitab Suci anu kieu, “Lantaran banget deudeuhna ka padaleman Anjeun, hate asa kaleleban.” 18 Urang Yahudi nangtang ngaralawan ka Isa, pokna, “Mana buktina hak Anjeuna nyieun tindakan kieu teh?” 19 Waler Isa, “Ruag ieu Bait Allah, di jero tilu poe ku Kami rek ditangtungkeun deui.” 20 Dijawab ku maranehna, “Opat puluh taun ngadegkeun ieu Bait Allah teh! Ari Anjeun sanggup ku tilu poe?” 21 Padahal, nu ku Isa disebut Bait Allah teh, maksudna mah salira-Na ku Anjeun. 22 Ngeunaan hal ieu, murid-murid-Na teh kakara aringeteun deui yen Isa geus pernah ngadawuh kitu, nya eta sanggeus Anjeunna hirup deui tina pupus-Na. Ku sabab eta, kakara maranehna percaya kana eusi Kitab Suci jeung ka eta dawuhan Isa tea. 23 Sabot Anjeunna di Yerusalem, — sapanjang hari raya Paska tea — loba nu jaradi percaya ka Jenengana-Na lantaran narenjo mujijat-mujijat damelana-Na. 24 Najan kitu maranehna ku Isa henteu didamel andelan; da kabeh ge, ku Anjeunna mah geus kauninga tabeatna teh. 25 Lian ti eta, Anjeunna ge teu butuh ku katerangan saha bae, tina hal kaayaan manusa mah. Sabab Anjeunna mah, geus uninga kana keretegna hate masing-masing.



3

1 Aya hiji urang Parisi, pamingpin Agama Yahudi, ngarana Nikodemus. 2 Dina hiji peuting, anjeunna nepangan Isa, saurna, “Rabi (Guru) simkuring terang, yen Anjeun teh guru utusan Allah; margi anu sanes mah, moal aya nu tiasa nyieun mujijat-mujijat kitu, kajaba upami disarengan ku Allah.” 3 Waler Isa, “Kieu cek Kaula, upama urang henteu dijurukeun deui, pamohalan bisa ningal Karajaan nu diparentah ku Allah.” 4 Walon Nikodemus, “Kumaha abdi nu parantos sakieu kolotna tiasa dijurukeun deui? Naha tiasa lebet deui ka jero beuteung indung, teras dijurukeun deui?” 5 Waler Isa, “Masing percaya: Upama jelema henteu dijurukeun tina cai jeung Ruh, hamo teuing bisa asup ka Karajaan Allah. 6 Anu dijurukeunana ku manusa, sipat-sipatna, tangtu kumaha ilaharna manusa. Ari anu medalna tina Ruh, tangtu rohani sipatna. 7 Anjeun teu kudu heran, mun cek Kaula tadi kudu dijurukeun deui. 8 Ari Ruh teh, lir angin nu ngahiuk sakarepna. Ku anjeun kakuping sorana, tapi anjeun henteu terang ti mana asalna jeung ka mana losna. Anu dijurukeun tina Ruh oge, kaayaanana teh kawas kitu.” 9 Walon Nikodemus, “Teu kahartos eta tiasa kitu?” 10 Waler Isa, “Anjeun teh guruna bangsa Israil? Piraku henteu ngarti? 11 Nu diterangkeun ka anjeun teh, nya eta ngeunaan hal anu geus katingal ku Kami sorangan sarta nu geus kasaksian ku sorangan; tapi ku aranjeun mah, henteu katarima eta katerangan teh. 12 Lamun katerangan Kaula, tina hal dunya, ku anjeun geus teu dipercaya; geus komo lamun nyaritakeun perkara sawarga, tangtu kana moal percayana teh! 13 Ari jelema mah, acan aya anu geus indit sarta nyaho sawarga, iwal ti Putra Manusa anu terah asal ti dinya. 14 Jeung sakumaha oorayan tambaga tea, nu ku Musa geus ditanjeurkeun di sagara kikisik; kitu oge, Putra Manusa kudu dijungjung dikaluhurkeun, 15 supaya unggal jelema anu percaya ka Anjeunna ginanjar hirup abadi. 16 Sabab dunya teh, pohara nya diasihna ku Allah; nepi ka Putra Tunggal-Na oge dipasrahkeun, supaya sing saha anu percaya ka Anjeunna ulah nepi ka binasa; tapi sabalikna, bisa tinemu jeung hirup abadi. 17 Pangna Allah ngutus Putra-Na ka alam dunya teh, lain rek ngahukum, enyana mah rek nyalametkeun alam dunya ku parantaraan Putra-Na. 18 Saha bae anu percaya ka Anjeunna, moal dihukum; anu baris dihukum teh, anu embung percaya sabab henteu ngandel ka nu ngaran Putra Tunggal Allah tea. 19 Ari duduk hukumna kieu: Caang tea geus datang ka dunya, tapi manusa leuwih resep kana poek tibatan kana caang. Sabab kalakuanana nu jahat. 20 Munasabah, da tukang ngalampahkeun kajahatan mah, ijid kana caang teh sarta moal daek nyampeurkeun, supaya kajahatanana teu kaboker. 21 Sabalikna, anu kalakuanana bener mah, kana caang teh nyampeurkeun; ngarah jelas, yen kalakuanana teh sapuk jeung Pangersa Allah.” 22 Sanggeus kitu, Isa katut murid-murid angkat ka tanah Yudea sarta terus ngarereb di dinya bari ngabaptis. 23 Yahya oge ngabaptis, tempatna di Ainon deukeut lembur Salim. Sabab di dinya, loba cai tur loba jelema anu ka darinya harayangeun dibaptis; 24 da harita mah, Yahya teh acan dipanjara. 25 Pareng timbul pasalingsingan paham antara murid-murid Yahya jeung salah sahiji urang Yahudi, nya eta tina hal susuci. 26 Tuluy maranehna nepungan Nabi Yahya pokna, “Rabi, jalmi anu kapungkur sumping ka anjeun, nu kantos dicarioskeun tea, Anjeunna oge geuning ngabaptis di walungan Ciyordan palih peuntas; jalmi-jalmi ngabrul bae ka dinya sadayana.” 27 Waler Yahya, “Saha oge moal aya anu bisa narima naon-naon, lamun teu dipaparinan ti sawarga mah. 28 Maraneh pribadi bisa mere katerangan sabage saksi, yen kami geus ngomong kieu: Kami teh lain Al Masih, tapi anu diutus samemeh Anjeunna. 29 Panganten awewe teh hakna panganten lalaki; tapi sabage sobat ki panganten anu ngarendeng jeung ngabandungan di dinya, milu mikayungyun ku sora ki panganten. Eta teh, pikeun kami mah, geus mangrupa kabagjaan tur nepi ka jucungna pisan ayeuna mah. 30 Anjeunna mah geus kuduna beuki unggul, kami anu kudu beuki asor. 31 Anu asal ti sawarga, tangtu ngungkulan ka kabeh; anu asal ti dunya, tangtu kaasup warga ieu dunya sarta cacaritana tangtu ku basa duniawi. Anu asal ti sawarga, tangtu bae pangunggulna. 32 Anjeunna maparin katerangan tina sagala rupa anu geus kabandungan jeung kadangu ku anjeun, tapi panyaksi-Na euweuh nu daek narima. 33 Saha-saha nu daek narima kana panyaksi-Na, tangtu ngarasa yen Allah teh saestu. 34 Pangna Anjeunna diutus ku Allah teh, geus tangtu pikeun nepikeun dawuhana-Na. Sabab Anjeunna, ku Allah geus dianugrahan Ruh Mantenna tanpa wangenan. 35 Rama nu mikaasih ka Putra geus masrahkeun sakabeh perkara ka Anjeunna. 36 Anu percaya ka eta Putra, tangtu tinemu jeung hirup langgeng. Tapi anu henteu anut ka Putra mah, moal papanggih jeung hirup; sabalikna, pinasti nandangan hukuman Allah.”



4

1 Barang Jungjunan urang uninga, yen urang-urang Parisi nyarahoeun Anjeunna geus ngabaptis leuwih loba sarta kenging murid leuwih loba batan Yahya, 2 — padahal anu ngabaptisna mah murid-murid-Na, lain Isa ku anjeun —, 3 Anjeunna tuluy angkat deui bae ka Galilea, ngantunkeun Yudea. 4 Ari jalanna kudu nyorang daerah Samaria. 5 Angkat-Na geus nepi ka kota Sikar di daerah Samaria, teu jauh ti tanah milik Yakub anu diwariskeun ka Yusup, putrana. 6 Di dinya, aya hiji sumur anu katelah sumur Yakub. Ku bawaning ngaraos cape urut angkat sakitu tebihna; gek, Isa calik sisi eta sumur. Harita teh kira-kira pukul dua welas beurang. 7 Jol wae, aya awewe urang Samaria rek ngala cai. Ku Isa dipundutan, saur-Na, “Cik menta cai, hayang nginum!” 8 Ari murid-murid mah teu araya, da keur ka kota meuli dahareun. 9 Eta wanita ngawangsul, “Naha mundut ngaleueut ka abdi urang Samaria? Kapan Anjeun teh urang Yahudi!” (Urang Yahudi mah cadu cacampuran jeung urang Samaria). 10 Waler Isa, “Lamun Nyai terang mah kana nugraha ti Allah, jeung wawuh ka nu menta nginum, tangtu Nyai anu menta nginum teh ka Kami, tur tangtu dibere cai cikahuripan.” 11 Jawab eta awewe, “Timana Anjeun iasa masihan cai cikahuripan? Teu nyandak timba-timba acan, mangkaning jero pisan ieu sumur teh. 12 Naha Anjeun teh langkung punjul ti Yakub karuhun abdi, nu ngawakapkeun ieu sumur ka urang dieu? Yakub ku anjeun sapala putra ngaleueutna teh di dieu, kitu deui ingon-ingonna.” 13 Waler Isa, “Nginum tina sumur ieu mah bakal halabhab deui; 14 tapi cai nu rek dibikeun ku Kami mah, moal matak halabhab-halabhab deui sapapanjangna oge. Sabab cai pamere Kami mah, bakal ngajadi cinyusu di jero diri nu nginumna; anu moal saat-saat nepi ka hirup di kalanggengan oge.” 15 Cek eta awewe, “Mangga atuh pasihkeun ayeuna, supados abdi ulah halabhab-halabhab deui sareng teu kedah nimba-nimba deui ti dieu.” 16 Saur Isa, “Teang heula salaki, sina ka dieu.” 17 Tembalna, “Teu gaduh salaki abdi mah.” Saur Isa deui, “Bener, Nyai memang teu boga salaki. 18 Tapi Nyai geus lima kali boga salaki. Nu ayeuna mah lain salaki. Pangakuan Nyai bener.” 19 Tembalna, “Jungjunan, moal lepat, yakin yen Jungjunan teh nabi! 20 Karuhun abdi ngalakonan ibadahna di dieu, di gunung; nanging sanggem urang Yahudi mah, kedah di Yerusalem.” 21 Saur Isa, “Sing percaya ka Kami, engke mah ngabakti ka Allah teh di gunung ieu lain, di Yerusalem lain. 22 Urang dieu mah, nyarembahna teh kana sesembahan anu asing, ari Kami mah wawuh saha Anu disembah teh. Sabab kasalametan mah, jalanna ti bangsa Yahudi. 23 Tapi tangtu cunduk waktu datang mangsa, — malah ayeuna ge geus mimiti —, umat anu tulen ibadah teh, nya eta anu nyembah ka Rama kalawan roh jeung kayaktian. Kudu kitu, ngabakti nurutkeun pangersa Allah mah. 24 Ari Allah teh sipat Ruh, jadi babakti ka Anjeunna ge ngalampahkeunana kudu kalawan roh jeung kayaktian.” 25 Diwalon ku eta awewe, “Abdi ge terang, yen engke rek aya nu sumping, nya eta Al Masih tea. Upami Anjeunna parantos sumping, sagala rupi perkawis tangtos ku Anjeunna diterangkeun.” 26 Saur Isa, “Kapan ieu Al Masih teh, nya anu ayeuna keur cacarita.” 27 Sabot kitu murid-murid daratang; kacida hareraneunana nenjo Guruna keur sasauran jeung awewe teh; tapi saurang oge, teu aya nu wani naros: Nuju mundut naon? atawa: Nuju nyarioskeun naon? 28 Ari awewe tea, cul buyung terus indit ka kota, hariweusweus ka batur-baturna; 29 “Leuh, aya jelema wet nyahoeun kana sagala lampah kuring! Boa-boa Al Masih tea! Hayu urang ka ditu!” 30 Bral bae arindit manggihan Anjeunna. 31 Sajeroning kitu, murid-murid ngahaturkeun tuangeun, pokna, “Rabi mangga geura tuang.” 32 Tapi waler-Na, “Geus boga dahareun mah. Tapi maraneh mah, acan nyaho kana rupana.” 33 Murid-murid silih tanya pada batur, “Aya nu ngintunan kitu?” 34 Saur Isa, “Kadaharan Kami mah, nya eta: Ngalampahkeun pangersa Anjeunna, Anu ngutus ka Kami jeung nganggeuskeun padamelana-Na. 35 Opat bulan deui ge dibuat, lain kitu cek maraneh? Geura tuh, pasawahan sakitu legana! Parena geus karoneng, meujeuhna dipibuatan. 36 Malah nu kudu dibuatna ge geus narima buruhanana, tinggal ngumpulkeun beubeunanganana, pibekeleun hirup di kalanggengan, supaya boh nu melak boh nu dibuat sarua suka bungahna. 37 Sabab bener cek kacapangan: ‘Aya nu kudu melak, aya nu kudu ngala.’ 38 Nya maraneh ku Kami dititah ngalana, da melakna mah geus nitah nu sejen; maraneh nu wajib metik hasilna.” 39 Ku caritaan awewe nu tadi tea, anu nyebutkeun, “Anjeunna uningaeun kana kabeh lampah kuring;” ahirna, loba urang Samaria anu percaya ka Isa. 40 Sanggeus pada terang, ku maranehna Anjeunna diandeg; sarta Anjeunna ngarereb heula dua poe di maranehna. 41 Sanggeus ngadarenge kasaurana-Na, beuki loba bae urang Samaria anu percaya ka Anjeunna. 42 Ceuk maranehna ka awewe tea, “Urang oge percaya ayeuna mah, tapi lain ku carita maneh bae; sabab ayeuna mah, geus ngadenge sorangan. Yakin urang oge, Anjeunna teh tetela Juru Salametna alam dunya.” 43 Sanggeus dua poe tea, Isa angkat deui ti dinya ngabujeng ka Galilea, 44 sabab Isa ku anjeun kungsi nyaurkeun, yen di lemburna sorangan mah nabi teh tara dihargaan. 45 Sasumping-Na di Galilea, Anjeunna pada ngabageakeun. Sabab urang dinya, geus kungsi nyaraksian sakur anu ku Anjeunna dipidamel di Yerusalem, waktu maranehna keur milu kana pesta di dinya. 46 Ti dinya Isa mulih deui ka lembur Kana (Galilea), tempat Anjeunna ngadamel cai jadi anggur tea. Di dinya, aya hiji pagawe karaton; anakna teh keur gering di Kapernaum. 47 Barang ngadenge beja yen Isa geus mulih ti Yudea ka Galilea, teras bae nepungan, menta tulung supaya Anjeunna kersa sumping nyageurkeun anakna nu geus samar kana menyat deui. 48 Saur Isa ka manehna, “Maraneh moal percaya, lamun henteu nenjo tanda-tanda jeung mujijat-mujijat mah!” 49 Wangsul pagawe karaton, “Jungjunan, mugi sumping, meungpeung pun anak teu acan maot!” 50 Saur Isa, “Geura mulang, anak anjeun hirup!” Eta jelema percaya pisan kana dawuhana-Na, tuluy balik. 51 Di jalan keneh manehna papapag jeung bujang-bujangna, anu ngabejaan yen anakna geus cageur. 52 Ka bujangna ditanyakeun pukul sabaraha mimiti cageurna. Dijawab, “Kamari, tabuh satu siang panasna rerep.” 53 Bapa budak teh ingeteun yen wanci eta pisan Isa ngadawuh-Na, “Anak anjeun hirup.” Geus kitu mah, manehna — kitu deui kulawargana — jadi percaya ka Isa. 54 Eta kajadian teh, tanda mujijat kadua — di Kana — anu dipidamel ku Isa, samulih-Na ti Yudea ka Galilea tea.



5

1 Teu lila ti harita, dina poean hari raya urang Yahudi, Isa angkat ka Yerusalem. 2 Deukeut panto gapura, nu katelah “Panto Gapura Domba,” aya kulah pamandian. Eta kulah, — anu tepasna aya lima tea — ngaran dina basa Ibranina “Betesda.” 3 Kabehanana, dipinuhan ku nu garering: nu lolong, nu deog, jeung nu lumpuh. Kabeh keur ngadago-dago oyag na cai kulah tea. 4 Sabab sawaktu-waktu, ka dinya, sok lungsur malaikat Pangeran pikeun ngoyagkeun cai kulah. Anu pangheulana ancrub, — sanggeus caina dioyagkeun ku malaikat — boga panyakit kumaha oge sok terus cageur. 5 Harita, aya saurang anu geringna geus tilu puluh dalapan taun. 6 Ku Isa katingali keur ngagoler. Ku sabab geus uninga yen kaayaan kituna teh geus lila, tuluy mariksa, saur-Na ka manehna, “Maneh hayang cageur?” 7 Jawabna, “Jungjunan, abdi teh teu aya nu ngancrubkeun waktos cai kulah oyag. Nembe oge kumarayap, geus kapiheulaan ku nu sanes.” 8 Ti dinya, Isa ngadawuh, “Geura hudang, panggul enggon ngedengna, tuluy leumpang!” 9 Dadak sakala manehna cageur; heug enggon ngedengna dipanggul, tuluy leumpang. Harita teh poe Sabat. 10 Puguh bae nu kakara cageur teh ku urang Yahudi digeunggeureuhkeun, “Hey, ieu teh poe Sabat, teu meunang punggal-panggul!” 11 Ari jawabna, “Da dipiwarang ku Itu, anu nyageurkeun panyakit abdi, saur-Na: Panggul enggon ngedeng maneh, terus indit!” 12 Cek nu naranya, “Saha jelemana nu nitah maneh manggul eta enggon ngedeng jeung nitah indit teh?” 13 Tapi manehna, teu nyahoeun saha-sahana mah; sabab Isa, terus nyulumun ka tengah jalma rea nu ngagimbung di dinya. 14 Teu kungsi lila, Anjeunna papendak jeung manehna di jero Bait Allah; lajeng Anjeunna ngadawuh, “Ayeuna maneh geus cageur; ulah nyieun dosa deui, supaya ulah pinanggih jeung anu leuwih mahala.” 15 Sanggeus balik, manehna bebeja ka urang Yahudi yen nu geus nyageurkeunana teh, nya eta Isa. 16 Ku sabab eta, urang-urang Yahudi nareangan jalan rek nganiaya ka Anjeunna, pedah geus ngalampahkeun pagawean dina poe Sabat. 17 Tapi saur Isa ka manehna, “Ama Kami barang damelna teh teu aya kendatna; tug, nepi ka ayeuna. Jadi, Kami oge kitu, dina barang gawe teh.” 18 Ku sabab eta, urang-urang Yahudi teh tambah nyongkab, satekah polah hayang maehan ka Anjeunna. Lantaran cek maranehna teh, jaba Isa teu tolih kana poe Sabat, oge geus nerangkeun yen Allah teh Rama-Na, mapadani ka Allah. 19 Ku Isa diwaler kieu, “Cek Kami ka maraneh: Putra moal bisa migawe naon-naon ku pokalna sorangan, upama henteu nenjo heula padamelan Rama. Anu dipigawe ku Putra, kabeh oge, sakur anu dipidamel ku Rama. 20 Sabab Rama teh asih ka Putra, jeung mintonkeun ka Anjeunna sakur anu geus dipidamel. Malah ka Putra teh, Rama bakal mintonkeun padamelan-padamelan anu leuwih agung batan nu enggeus-enggeus nepi ka maraneh bakal ngarasa helok. 21 Sabab sakumaha Rama iasa ngahudangkeun jeung ngahirupkeun anu geus maraot, Putra oge bisa ngahirupkeun nurutkeun pangersa-Na. 22 Rama ku anjeun, moal ngahukum saha-saha. Sabab kalungguhan Hakim geus dikawasakeun ka Putra, 23 supaya jelema-jelema kabeh ajrih ka Putra, cara ajrih ka Rama. Sing saha anu henteu hormat ka Putra, saenyana mah henteu hormat ka Rama anu ngutus. 24 Cek Kaula ka aranjeun: Saha-saha anu nurut kana omongan Kami jeung percaya ka Anu ngutus ka Kami, bakal tinemu jeung hirup anu langgeng tur moal milu kahukum sabab geus pindah ti alam maot ka alam hirup. 25 Cek Kaula ka aranjeun: Engke aya mangsana, malah mimiti ti ayeuna, nu geus paraeh teh bakal ngadarenge gentra Putra Allah. Sing saha anu nurut, tinangtu hirup. 26 Sabab sakumaha Rama anu nyepeng hirup, Putra oge dikawasakeun nyekel hirup. 27 Lian ti eta, Rama ge geus masrahkeun kakawasaan pikeun jadi hakim ka Putra; sabab Anjeunna, Putra Manusa teh. 28 Hal eta, ku aranjeun henteu kudu dipikaheran. Sabab pidatangeun mangsa, anu keur sumare di alam kubur, kabeh bakal ngadarenge kana gentra-Na. 29 Sakur nu keur hirupna bener, harudangna ti alam kubur teh bakal terus kana hirup nu langgeng. Anu tadina hirupna jahat mah, dina mangsa harudang ti alam kubur teh, geus disampakkeun hukuman. 30 Kami sorangan henteu kawasa nangtukeun naon-naon. Hukuman anu ditibankeun ku Kami teh, saluyu jeung sakumaha timbalana-Na. Timbangan Kami bakal adil, lain ngarah puas sorangan, tapi numutkeun pamundut Nu ngutus ka Kami. 31 Lamun hal ihwal Kami, diterangkeunana ku Kami sorangan, can puguh anu sabenerna. 32 Anu nerangkeun hal ihwal Kami teh, anu sejen sarta Kami nyaho yen katerangana-Na ngeunaan Kami teh saestu. 33 Aranjeun geus ngajurungan utusan ka Yahya sarta anjeunna geus mere katerangan ngeunaan hal anu sayaktina; 34 saenyana, Kaula mah henteu butuh ku panyaksen ti jelema; Kaula nerangkeun soteh supaya aranjeun tinemu jeung kasalametan. 35 Anjeunna ibarat lampu anu hurung caang. Tapi eta lampu teh, ku aranjeun mah, ngan dipake keur sajongjongan wungkul. 36 Tapi Kaula boga katerangan anu leuwih penting batan panyaksen Yahya, nya eta anu mangrupa papancen anu ku Rama dipasrahkeun supaya ku Kaula dilampahkeun ayeuna. Eta wujudna nu jadi saksi Kaula teh, nu nerangkeun yen Kaula teh bener diutus ku Rama. 37 Rama anu ngutus ka Kaula tea, Saksi Kaula teh. Aranjeun acan ngadarenge Gentra-Na, acan nyaraho kana jirim-Na, 38 jeung dawuhana-Na henteu ngancik di jero hate. Sabab aranjeun, henteu percaya ka Nu geus diutus ku Mantenna. 39 Kitab-kitab Suci ku aranjeun diarulik, bari umangkeuh yen ku jalan kitu teh bakal bisa tinemu jeung hirup nu langgeng. Tapi sanajan eta Kitab-kitab Suci geus muat katerangan-katerangan tina hal ihwal Kaula, 40 aranjeun tetep embung datang ka Kaula malar bisa tinemu jeung hirup tea. 41 Kaula henteu hayang dihormat ku manusa. 42 Tapi kaula, wawuh pisan ka aranjeun; hate aranjeun teh teu boga kanyaah ka Allah. 43 Kaula datang ngagem jenengan Ama Kaula, tapi ku aranjeun henteu ditarima; ari nu sejen, — anu datangna mawa ngaran sorangan — ku aranjeun malah ditarima. 44 Kumaha aranjeun bisa percaya sabab anu dipamrih teh panghormat ti papada manusa, lain panghargaan anu asal ti Allah nu Tunggal. 45 Ulah disangka Kaula nu rek ngadakwa aranjeun, engke, di payuneun Rama. Nu baris ngadakwa aranjeun mah Nabi Musa, nya eta Nabi nu jadi gunung pananggeuhan aranjeun. 46 Padahal, lamun aranjeun percaya ka Musa, ka Kaula oge tangtu percaya. Sabab anjeunna, geus nyeratkeun hal ihwal Kaula. 47 Tapi lamun aranjeun henteu percaya kana hal anu geus diseratkeun ku Musa, kumaha rek bisa percaya kana katerangan Kaula?”



6

1 Ti dinya Isa angkat meuntas talaga Galilea, nu disebut oge talaga Tiberias. 2 Loba pisan jelema anu naluturkeun Anjeunna. Sabab maranehna, geus nenjo kana mujijat-mujijat-Na, nya eta waktu Anjeunna nyageurkeun nu garering. 3 Di peuntas, Anjeunna unggah ka gunung kersa ngareureuh jeung murid-murid. 4 Harita teh, geus meh Paska, nya eta hari rayana urang Yahudi tea. 5 Ningali anu naluturkeun sakitu ngabrulna, Anjeunna sasauran ka Pilipus, “Di mana urang bisa meuli roti keur nyuguhan maranehna?” 6 Sasauran kitu soteh rek ngadoja wungkul, da geus uninga kudu kumaha-kumahana mah. 7 Walon Pilipus, “Roti dua ratus dinareun oge moal cekap kangge jalmi sakieu seueurna mah, sanaos saeutik sewang.” 8 Pok, murid sejenna anu ngaran Andreas, — dulurna Simon Petrus — mihatur: 9 “Aya budak ngabantun roti lima siki sareng lauk dua siki; nanging bade cekap ti mana, jalmi sakieu seueurna?” 10 Saur Isa, “Eta jelema-jelema teh, sina dariuk heula bae.” Di dinya teh, tempatna genah, loba jukutna. Eta jelema-jelema teh, gek bae, dariuk; lobana, kira-kira lima rebu urang. 11 Tuluy roti nu bieu teh, ku Isa dicandak. Sanggeus muji sukur, rotina dibagikeun ka nu dariuk. Kitu oge laukna, dibagi-bagikeun sacukupna. 12 Sanggeus sareubeuheun, Isa ngadawuh ka murid-murid, “Kumpulkeun kaleuwihanana, ulah aya nu kapiceun!” 13 Tuluy kaleuwihanana teh dikumpulkeun, meunang dua welas bakul. 14 Nenjo mujijat nu sakitu ahengna, jalma-jalma ngaromong, “Tetela, Anjeunna teh Nabi nu keur diarep-arep tea, lumungsur-Na, di alam dunya!” 15 Ku sabab Isa uninga, yen maranehna teh, tangtu bakal maraksa supaya kersa jadi raja; Anjeunna angkat, nyingsalkeun anjeun, nyalira bae ka tempat beh tonggohna deui. 16 Wanci sareupna, murid-murid Isa ka talaga deui, tuluy meuntas ngagunakeun parahu, 17 pikeun ngajugjug kota Kapernaum. Barang geus reupreupan poek, Isa acan bae sumping. 18 Dumadakan laut jadi motah lantaran gede angin. 19 Sanggeus balayarna kira-kira tilu mil, beh bae katingal ku murid-murid-Na, Isa angkat tapak kancang dina cai nyaketan parahu. Maranehna teh, kacida sarieuneunana. 20 Tapi Anjeunna ngadawuh ka maranehna, “Ieu teh Kami, ulah sarieun.” 21 Kakara oge Anjeunna rek diunggahkeun ku murid-murid kana parahu; parahu teh geus nepi manten ka nu dijugjug. 22 Poe isukna, jelema-jelema ngagimbung keneh di peuntas ditu. Sabab ti kamarina keneh, ku maranehna geus katangen yen parahu nu balabuh di dinya ngan hiji. Lian ti eta, maranehna ge nyarahoeun, yen waktu murid-murid arindit teh henteu di barengan ku Isa. 23 Sabot kitu, jul-jol parahu ti Tiberias ka dinya, teu jauh ti tempat maranehna disuguhan roti beunang ngaberkahan Jungjunan tea. 24 Sanggeus tetela yen Isa, kitu deui murid-murid-Na teu aya di dinya; cat, sarerea teh, kana parahu ngajugjug Kapernaum rek nareangan Isa. 25 Isa kapendak ku maranehna di peuntaseun talaga. Pok arunjukan, “Rabi, iraha sumping ka dieu?” 26 Saur Isa, “Kami nyaho, maraneh nareangan Kami teh lain pedah ngarasa katarik ku tanda-tanda mujijat ti Kami; tapi saenya-enyana mah, tina lantaran beuteung maraneh geus seubeuh ku roti tea. 27 Pek digarawe, tapi ulah ngan ukur malar dahareun nu gampang buruk wungkul; nu kudu disiar teh, kadaharan anu bisa awet; nu bisa dibawa ka hirup di kalanggengan, nya eta anu baris dibikeun ka maraneh ku Putra Manusa. Sabab Putra Manusa teh, geus dikawasakeun ku Allah, Rama, kalawan sah.” 28 Pihatur maranehna, “Naon anu kedah dilakonan, anu sapagodos sareng Pangersa Allah?” 29 Saur Isa, “Nu wajib dilakonan teh, nya eta: maraneh kudu percaya ka Anu geus diutus ku Allah.” 30 Cek maranehna, “Naon tawisna ti Anjeun ka abdi sadaya, supados percaya ka Anjeun? Saleresna naon padamelan Anjeun teh? 31 Waktos karuhun abdi nyorang tegal kikisik, kadaharanana teh roti ‘manna.’ Dina Kitab Suci oge ditulis: Maranehna dibere dahar roti ti sawarga.” 32 Saur Isa deui, “Cek Kami, anu mere roti ti sawarga ka maraneh teh lain Musa, tapi anu saenya-enyana mah Ama Kami. 33 Roti paparin Allah teh, nya eta roti nu ti sawarga tea, anu mere hirup-hurip ka alam dunya.” 34 Wangsulanana, “Jungjunan, mugi sing saterasna eta roti teh dipaparinkeun ka abdi-abdi.” 35 Saur Isa, “Kapan Kami nu jadi roti sumberna hirup teh. Sing saha anu datang ka Kami, moal nyorang lapar-lapar deui; kitu deui anu percaya ka Kami, moal halabhab-halabhab deui. 36 Tapi ku Kami geus diterangkeun, yen sanajan geus papanggih jeung Kami, maraneh tetep henteu percaya. 37 Sakabeh nu dipaparinkeun ku Rama ka Kami, tangtu katarima ku Kami sarta sing saha anu datang ka Kami, ku Kami moal ditampik. 38 Kami datang ti sawarga teh lain rek ngayunkeun karep sorangan, tapi rek ngalampahkeun Pangersa Ama anu ngutus Kami. 39 Pangersa-Na Nu ngutus teh, nya eta supaya sakur nu geus dipaparinkeun ka Kami ulah aya nu leungit; sabalikna, malar engke, — dina ahir jaman — ku Kami baris diharudangkeun deui. 40 Jadi, pangersa Ama Kami teh, nya eta supaya unggal-unggal jelema anu geus wawuh jeung Putra tur percaya ka Anjeunna, tinemu jeung hirup anu langgeng; lian ti eta, ku Kami maranehna baris dihirupkeun deui dina ahir jaman.” 41 Urang Yahudi, tuluy kukulutus ngaromongkeun Anjeunna; — pedah Isa nyaurkeun kieu, “Kami teh, roti nu diturunkeun ti sawarga” — 42 Aromongna, “Eta teh lain Isa tea, anak Yusup? Urang nyaho indung bapa-Na. Kari-kari wani umaku turun ti sawarga?” 43 Maranehna ku Isa di waler, “Ulah ngaromel. 44 Moal aya anu bisa datang ka Kami lamun henteu dikersakeun ku Ama anu ngutus Kami. Anu datang ka Kami, tangtu ku Kami baris dihudangkeun dina ahir jaman. 45 Aya ayatna dina Kitab nabi-nabi, kieu: Maranehna kabeh bakal diwuruk ku Allah. Unggal-unggal jelema anu geus ngadenge tur nurut kana piwuruk Rama tangtu datang ka Kami. 46 Tapi lain hartina aya jelema nu geus nenjo Rama. Nu geus nenjo Rama mah, ngan Anjeunna bae anu asalna ti Allah. 47 Cek Kami: Sing saha anu enya-enya percayana, bakal ginanjar hirup nu langgeng. 48 Kami teh nu jadi roti sumbering hirup. 49 Karuhun aranjeun, waktu keur di tegal keusik, geus ngadalahar manna. Maranehna geus teu araya di kieuna. 50 Sakur anu ngadahar ieu roti, anu turun ti sawarga, moal keuna ku paeh. 51 Nya Kami nu jadi roti sumberna hirup teh, nu turun ti sawarga. Sakur anu ngadaharna, bakal hirup salalawasna sarta eta roti teh, — nya daging Kami — nu rek dibikeun pikeun ngahirupan alam dunya.” 52 Urang-urang Yahudi parea-rea omong jeung pada baturna, pokna, “Kumaha petana, manehna bisa mere dagingna supaya didahar ku urang!” 53 Dawuhan Isa, “Cek Kami, lamun aranjeun henteu ngadahar daging Putra Manusa sarta henteu nginum getih-Na, diri aranjeun moal kaancikan ku hirup. 54 Sing saha nu ngadahar daging Kami jeung nginum getih Kami, bakal ngamilik hirup nu langgeng sarta dina ahir jaman ku Kami bakal dihudangkeun. 55 Sabab daging Kami teh sajatining kadaharan, getih Kami sajatining inuman. 56 Anu ngadahar daging Kami jeung nginum getih Kami bakal manunggal jeung Kami. Kami ge kitu, nya bakal manunggal jeung manehna teh. 57 Kami diutus ku Rama Anu jumeneng sarta Kami oge hirup ku kersa Rama. Nya kitu keneh anu ngadahar Kami, manehna bakal hirup ku karana Kami. 58 Nya Kami roti nu diturunkeun ti sawarga teh, lain roti kawas anu didalahar ku karuhun maraneh anu geus maraot tea. Anu ngadahar roti ieu, bakal hirup salalanggengna.” 59 Kitu dawuhan Isa teh, waktu Anjeunna ngawuruk di tempat pangibadahan di Kapernaum. 60 Ngadenge piwuruk kitu, murid-murid-Na loba nu ngaromong kieu, “Eta piwulang-Na karasana peureus pisan, saha nu kuat ngadenge?” 61 Ku Anjeunna oge, geus kauninga dina manah-Na yen murid-murid ngaromongkeun piwulang-Na tea. Anjeunna lajeng ngadawuh, “Naha ieu piwuruk Kami teh jadi panghalang kana iman maraneh? 62 Jeung rek kumaha lamun aranjeun narenjo Putra Manusa mi'rad ka tempat asal-Na? 63 Anu mere hirup teh Ruh, sipating daging mah sama sakali euweuh gunana. Anu bieu ku Kami disebut-sebut teh, nya eta Ruh jeung Hirup tea. 64 Tapi di antara maneh, aya anu embung percaya.” Isa memang geus uninga, ti memehna, saha anu henteu percaya jeung saha anu bakal hianat ka Anjeunna. 65 Tuluy ngadawuh, “Ku sabab eta, cek Kami tadi: moal aya anu bisa tinemu jeung Kami lamun henteu dikersakeun ku Rama.” 66 Ti semet harita, loba murid Anjeunna anu murtad sarta arembungeun deui ngiring ka Anjeunna. 67 Geus kitu, Isa ngadawuh ka murid-Na anu dua welas, “Naha maraneh oge rek arindit?” 68 Jawab Simon Petrus, “Abdi teh indit bade nuturkeun saha? Dawuhan-dawuhan Jungjunan teh, estu dawuhan anu hirup tur langgeng; 69 sarta abdi-abdi percanten sareng ngaku, Jungjunan teh asal ti Allah Nu Maha Suci.” 70 Saur Isa, “Maraneh, dua welasanana teh, naha lain Kami sorangan anu milih? Najan kitu, nu saurang mah geuning Iblis.” 71 Anu dimaksud ku Anjeunna, nya eta Yudas, anak Simon Iskariot; sabab nya manehna, anu boga niat hianat ka Anjeunna teh.



7

1 Ti dinya, Isa angkat ngider ka sakuliah tanah Galilea. Anjeunna henteu kersaeun matuh di Yudea lantaran diarah-arah ku urang-urang Yahudi rek ditelasan. 2 Harita teh, geus deukeut kana hari raya urang Yahudi, anu disebut Hari Raya Saung Dangdaunan. 3 Cek saderek-saderek-Na, “Mending ge angkat ka ditu ka Yudea, supaya murid-murid nu di daritu oge bisa nyaraksian kana sakur pagawean Anjeun. 4 Baranggawe teh ulah ririkipan bae, ari hayang meunang pangakuan ti masarakat mah. Tembongkeun eta pagawean Anjeun teh ka masarakat.” 5 Saderek-saderek-Na mah, teu daek percaya ka Anjeunna. 6 Isa ngawaler, “Waktu Kami tacan cunduk, ari aranjeun mah salawasna aya waktu. 7 Da jalma rea, ka aranjeun mah moal mikangewa; ari ka Kami mah, ngarewaeun lantaran Kami nyebut jahat kana kalakuanana. 8 Jung bae, aranjeun ka ditu muru pesta. Kami mah moal waka, sabab acan waktuna,” 9 kitu saur-Na ka maranehna. Isa mah angger bae linggih-linggih di Galilea. 10 Tapi sabada saderek-saderek-Na arindit kana eta pesta, Isa oge angkat ka ditu, ngan henteu terang-terangan. 11 Di tengah-tengah pesta, Anjeunna ditareangan ku urang Yahudi, bari aromongna, “Di mana atuh eta Jelema teh?” 12 Jelema-jelema loba anu tingkarecewis ngaromongkeun Anjeunna. Aya nu nyebut kieu, “Anjeunna mah jelema bener.” Aya deui nu nempas, “Wah, puguh tukang mawa murtad ka rayat.” 13 Tapi ari ngomongkeun terang-terangan mah teu waranieun, sarieuneun ku urang Yahudi nu sejenna. 14 Tengah-tengah pesta, Isa lebet ka Bait Allah lajeng ngawulang. 15 Urang Yahudi kabeh hareraneun aromongna, “Naha ku luhur teuing pangartina, padahal henteu sakola!” 16 Dawuhan Isa ka maranehna, “Anu diwurukkeun ku Kami teh, lain tina pangarti Kami sorangan, tapi asal ti Anu ngutus ka Kami. 17 Sakur anu daek ngalampahkeun Pangersa-Na mah, tangtu bakal nyaho; naha ieu piwuruk Kami teh, ti Allah atawa tina pangarti sorangan. 18 Sing saha anu nyaritakeun dirina sorangan, eta teh hayang kapuji. Tapi lamun nyaritana teh pikeun kamulyaan Anu ngutus-Na, anu dicaritakeunana teh tangtu bener, moal aya teu benerna. 19 Aranjeun lain geus dibere Toret ku Musa? Tapi teu saurang-urang acan nu ngalakonan parentahna. Naon alesanana maraneh hayang maehan ka Kami?” 20 Jawab jalma rea, “Sugan Anjeun karanjingan setan. Na saha nu rek maehan Anjeun?” 21 Saur Isa, “Ku hiji pagawean nu ku Kami dilampahkeun, maraneh kabeh heran. 22 Musa geus netepkeun hal sunat, — saenyana sunat teh ti karuhun urang, lain ti Musa — maraneh sok nyunatan dina poe Sabat. 23 Lamun meunang nyunatan dina poe Sabat pikeun nyumponan kana hukum Musa tea, naha maraneh ararambek pedah Kami geus nyageurkeun hiji jelema sakujur awakna dina poe Sabat? 24 Ulah sok gampang-gampang ngahukuman ku nenjo sare'atna wungkul; kudu timbang-timbang heula sing asak supaya adil.” 25 Cek sawatara urang Yerusalem, “Eta Jelema teh lain anu keur diarah rek dipaehan tea? 26 Geuning, bisa nyarita laluasa kitu tur euweuh anu bisa kua-kieu ka Manehna. Kawasna, pamingpin-pamingpin urang teh, saenyana mah nyahoeun yen eta Jelema teh Al Masih. 27 Tapi kapan urang oge nyaho kana asal-usul-Na teh. Cacakan mun enya Al Masih, saha nu rek nyaho kana asal-usul-Na?” 28 Dina piwulang-Na di Bait Allah, Isa ngadawuh, “Memang maraneh wawuh ka Kami sarta nyaho kana asal-usul Kami. Kami mah diutus ku Rama nu Langkung Estu, anu maraneh teu wawuh. 29 Kami mah wawuh sabab asal ti Mantenna sarta diutus ku Mantenna.” 30 Tuluy maranehna nareangan akal pikeun nangkep Anjeunna, tapi saurang oge euweuh anu wani prak sabab acan cunduk kana waktu-Na. 31 Tapi loba oge jelema, anu percaya ka Anjeunna, ngaromong kieu, “Lamun Al Masih tea datang, naha bakal midamel mujijat leuwih hebat ti batan nu dijieun ku ieu jelema?” 32 Kadenge ku urang Parisi ge, tingharewosna jelema-jelema anu nyaritakeun hal Anjeunna teh. Ku sabab eta, imam-imam kapala jeung urang Parisi marentahkeun ka pangawal-pangawal Bait Allah kudu nangkep Anjeunna. 33 Isa ngadawuh, “Moal bisa lila-lila deui, Kami aya di maraneh teh, sabab kudu buru-buru mulang ka Anu ngutus Kami. 34 Maraneh bakal nareangan Kami, tapi moal kapanggih sabab maraneh moal bisa nepi ka tempat Kami.” 35 Cek urang Yahudi pada batur, “Na rek ka mana cenah nepi ka moal bisa papanggih deui jeung urang? Naha kitu rek ka sebrang ka tanah Yunani, nyampeurkeun nu ngalumbara di ditu? Rek ngajar ka urang Yunani kitu? 36 Carek-Na tadi: Maraneh bakal nareangan, tapi moal kapanggih. Jeung cenah: Maraneh moal bisa nepi ka tempat Kami. Naon eta teh maksudna?” 37 Dina poe panutupan hari raya, keur raramena pesta, Isa ngadeg tuluy ngadawuh, “Saha-saha anu halabhab, hiap ka Kami, nginum! 38 Saha-saha anu percaya ka Kami, sakumaha cek Kitab Suci: Dina hatena bakal aya cinyusu anu hirup.” 39 Anu dimaksud ku Anjeunna teh, nya eta Ruh anu bakal ditarima ku anu percaya ka Anjeunna. Harita mah, Ruh teh acan lungsur sabab Isa acan dimulyakeun. 40 Ti anu ngabarandungan piwulang-Na, aya sawatara urang anu ngaromong kieu, “Enya, ieu mah Nabi (anu didago-dago).” 41 Aya deui nu nyebutkeun, “Ieu mah Al Masih.” Tapi aya nu ngabantah, “Lain! Piraku Al Masih datangna ti Galilea. 42 Cek Kitab Suci oge: Al Masih teh rundayan Daud, kalahiran kota Betlehem, tempat Daud baheula matuh.” 43 Timbul bae paham anu pabentar ngeunaan Anjeunna. 44 Aya sababaraha urang anu niat nangkep Anjeunna, tapi euweuh anu wani terus jeung prakna. 45 Pangawal-pangawal tea, ngadareuheus ka imam-imam kapala jeung ka urang-urang Parisi. Tuluy saur aranjeunna, “Mana Jelemana, ku naon teu dibawa?” 46 Jawab pangawal-pangawal, “Jalmi biasa mah, moal tiasa cacarios sapertos Anjeunna!” 47 Cek urang Parisi, “Kutan maraneh oge milu kabaud ka ditu? 48 Naha aya pepentol atawa salah saurang urang Parisi anu kabengbat ku eta Jelema? 49 Tapi eta jelema-jelema anu teu nyaraho kana Toret! Katulah tah jelema-jelema anu karitu teh!” 50 Pok, Nikodemus — salah saurang Parisi anu kungsi gunem catur jeung Isa — tumaros, saurna, 51 “Naha ari Toret urang ngahalalkeun ngahukum jelema memeh perkarana dipariksa, memeh puguh salah benerna?” 52 Tuluy ceuk aranjeunna teh, “Naha anjeun oge urang Galilea kitu? Talungtik deui Kitab Suci masing telik, tangtu engke kauninga, yen ti Galilea mah henteu aya saurang oge anu jadi nabi.” 53 Sanggeus kitu, maranehna baralik ka imahna sewang-sewang.



8

1 Ari Isa mah, angkat ka Gunung Jetun. 2 Isukna, isuk-isuk pisan, Isa geus aya deui di Bait Allah. Sanggeus jelema-jelema daratang; gek, Isa calik terus ngawulang. 3 Sabot keur ngawulang, jol ahli-ahli Kitab jeung urang-urang Parisi; maranehna teh, nungtun hiji awewe anu kapergok keur jinah. 4 Eta awewe teh disina nangtung di tengah-tengah pasamoan; tuluy maranehna nuduhkeun ka Isa, salaurna, “Rabi, ieu awewe teh jinah, kapergok pisan. 5 Hukuman ka awewe anu kitu mah, saur Musa dina Kitab Toret teh, nya eta kudu dibaledogan ku batu nepi ka paeh. Kumaha ayeuna pamendak Anjeun?” 6 Nyararu'al kitu soteh, saenyana mah ngadoja pikeun mancing kalepatana-Na. Tapi Isa anggur dongko, bari curat-coret dina taneuh. 7 Tapi nu ngadaroja teh, maksa marenta dijawab. Neut, Isa cengkat ngadeg bari nyarios ka maranehna, “Ari araya onaman ti aranjeun anu teu boga dosa, pek bae geura ngamimitian maledog ka ieu awewe!” 8 Geus nyarios kitu, Anjeunna dongko deui neraskeun curat-coretna, — kawas saacanna — dina taneuh tea. 9 Dijawab kitu, nu ngadaroja teh tingkolesed saurang-saurang, nu pangkolotna tiheula, nepi ngan ukur kari Anjeunna jeung awewe tea. 10 Tuluy Isa cengkat; pok Anjeunna ngadawuh, “Ka marana nu ngadarakwa nyai teh? Euweuh saurang-urang acan anu wani ngahukum?” 11 Wangsulna, “Sumuhun teu aya, nun Jungjunan.” Saur Isa, “Kami oge moal. Jung geura mulang! Tapi ti semet ayeuna, omat, ulah deui-deui ngalampahkeun dosa.” 12 Geus kitu Isa neruskeun ngawulangna, saur-Na, “Kami teh nu jadi caangna dunya. Anu anut ka Kami moal tinemu jeung poek, malah tangtu hirup di alam caang.” 13 Ditempas ku urang Parisi, “Anjeun mere katerangan tina hal diri Anjeun sorangan. Bohong, eta katerangan teh!” 14 Waler Isa, “Najan jadi saksi pikeun diri sorangan oge, tapi katerangan Kami teh sah. Sabab Kami mah, terang pisan, ti mana nya asal jeung ka mana nya kudu mulang. Aranjeun mah teu terang Kami, asal ti mana atawa kudu ka mana bakal mulang teh. 15 Aranjeun mah, ngahakiman teh, nurutkeun patokan manusa. Ari Kami mah, ka saha bae oge, moal rek ngahakiman. 16 Tapi lamun Kami ngahakiman, hukuman Kami teh tangtu adil. Sabab Kami henteu sorangan, tapi disarengan ku Anu ngutus ka Kami. 17 Dina Kitab Toret aranjeun, aya bagian anu netelakeun yen katerangan ti dua saksi teh sah. 18 Memang, Kami teh geus jadi saksi pikeun diri Kami sorangan; tapi aya deui saksi sejenna, nya eta Rama anu ngutus ka Kami tea.” 19 Cek urang Parisi, “Mana atuh buktina, anu cek Anjeun Rama teh?” Waler-Na, “Tetela, yen aranjeun teh henteu wawuh ka Anjeunna. Atuh, ka Kami oge moal wawuh! Padahal, mun aranjeun wawuh ka Kami, ka Rama oge moal tepi ka teu wawuh.” 20 Kitu waleran Isa dina keur ngawulang deukeut peti derma di jero Bait Allah. Tapi henteu aya, saurang oge, anu wani nangkep ka Anjeunna, ku sabab tacan waktuna tea. 21 Isa nyarios deui ka aranjeunna, “Kami teh kudu mulang, sarta tangtu ku aranjeun bakal ditareangan. Tapi aranjeun mah, moal bisa daratang ka tempat anu dijugjug ku Kami teh. Sabab aranjeun mah, bakal maraot ku lantaran dosa aranjeun sorangan.” 22 Urang Yahudi tinggerendeng, “Sugan rek maehan maneh, da cek Manehna bieu pamohalan urang bisa daratang ka tempat anu rek dijugjug-Na.” 23 Isa nyarios deui, “Aranjeun teh ti ieu dunya, Kami mah lain. Aranjeun warga ieu dunya, Kami mah lain. 24 Ku sabab eta, tadi ku Kami geus disebutkeun yen aranjeun bakal maraot ku dosa aranjeun. Hartina, upama aranjeun henteu percaya yen enya ieu teh Kami, aranjeun tangtu bakal maraot ku lantaran dosa aranjeun sorangan.” 25 Cek urang Yahudi, “Na saha kitu Anjeun teh?” Waler Isa, “Ana kitu mah, atuh naon gunana Kami cacarita ka aranjeun teh? 26 Kalakuan aranjeun teh loba pisan salahna anu manjing kana hukuman. Sabalikna, Mantenna, — anu ngutus Kami tea mah — sipat saestu. Ari anu dicaturkeun ku Kami, eta teh asal ti Mantenna.” 27 Tapi ku aranjeunna henteu kahalartieun yen Anjeunna teh keur nerangkeun hal Allah, Rama. 28 Ku sabab eta, Isa nyambung deui, “Di mana Putra Manusa geus dipentang di tempat nu luhur, nya kakara aranjeun terang yen Kami teh utusana-Na; nya kakara tembong benerna, yen saucap-ucap Kami teh ngan numutkeun piwuruk nu jadi Rama bae, lain ucapan sorangan. 29 Ku kituna, Kami teh salawasna oge tara nyorangan; tapi salawasna, Kami disarengan ku Anu ngutus tea lantaran salalawasna, Kami teh migawe anu sapuk jeung pangersa-Na.” 30 Kasaurana-Na anu kitu teh, ngalantarankeun loba anu percaya ka Anjeunna. 31 Geus kitu, Anjeunna nyarios ka urang Yahudi anu geus palercaya tea, saur-Na, “Upama aranjeun tetep nyekel kana hal anu dicaturkeun ku Kami, aranjeun teh enya-enya jadi murid-murid Kami; 32 lian ti eta, aranjeun ge baris terang kana kayaktian, anu baris ngamerdikakeun aranjeun.” 33 Jawab maranehna, “Kaula teh, sarerea oge, turunan Ibrahim. Saumur-umur tacan kungsi ngawula ka saha bae oge. Naha wet disebutkeun baris dimerdikakeun?” 34 Waler Isa, “Sing percaya, yen saha-saha anu migawe dosa, eta teh ngawula kana dosa. 35 Ari nu jadi kawula tea, kapan moal tetep bisa jadi anggota pangeusi imah, teu cara anu jadi anak. 36 Jadi, upama aranjeun geus dimerdikakeun ku Sang Putra tea, kakara aranjeun teh enya merdika.” 37 “Kami oge nyaho, yen aranjeun teh turunan Ibrahim, tapi keukeuh boga niat hayang maehan ka Kami pedah ijid kana pangajaran Kami. 38 Anu diterangkeun ku Kami teh, nya eta anu ku Kami katenjo di Ama; sakumaha aranjeun bae, kapan aranjeun ge migawe papatah anu jadi bapa.” 39 Cek maranehna, “Bapa kaula teh Ibrahim!” Waler Isa, “Lamun enya aranjeun anak-anak Ibrahim, atuh geus sawajibna nulad kana tapak lacakna. 40 Tapi buktina, anggur niat maehan ka Kami; pedah Kami nyaritakeun kasayaktian anu geus kareungeu ti kersa Allah. Padahal Ibrahim mah henteu kitu. 41 Jadi anu dilalampahkeun ku aranjeun teh tetela pagawean bapa aranjeun sorangan.” Tembal maranehna, “Kaula mah, lain anak anu teu puguh bapa sabab Allah nu jadi Rama kaula teh!” 42 Saur Isa, “Upama enya Rama aranjeun teh Allah, meureun nyaraah ka Kami; da Kami teh medal ti Anjeunna, lain datang niat sorangan, tapi ngemban piutus-Na. 43 Naon sababna atuh aranjeun make teu ngahalarti kana omongan Kami? Sabab aranjeun arembung ngadenge kana piwuruk Kami. 44 Iblis, bapa aranjeun mah! Anu dipigawe ku aranjeun oge estu kahayang eta bapa aranjeun tea. Tibaheulana oge memang Iblis teh tukang maehan, cadu kana bener, da musuh ka nu bener teh. Jeung memang perbawa watekna, tukang bohong, guru wadul, sarta rajana tukang merdaya. 45 Ari Kami, anu nyaritakeun kasayaktian ku aranjeun henteu dipalercaya! 46 Cik saha ti aranjeun anu bisa ngabuktikeun yen Kami kungsi nyieun dosa? Sakur nu diomongkeun ku Kami teh, kabeh, anu sayaktina; naon sababna ku aranjeun henteu dipercaya? 47 Anu medalna ti Allah mah, tangtu nurut kana sagala timbalana-Na. Ku sabab nyata aranjeun teu nurut, atuh tetela aranjeun teh lain medal ti Allah.” 48 Cek urang Yahudi teh, “Atuh bener ari kitu mah, Anjeun teh jelema nu teu waras pipikiran, urang Samaria tea!” 49 Waler-Na, “Kami lain jelema teu waras! Kami teh hormat ka nu jadi Rama, tapi ku maraneh dihina-hina. 50 Tapi lain kahormatan keur diri sorangan, nu ku Kami diteangan teh; da eta mah geus aya nu mangusahakeun, nya eta Anu baris jadi Hakim nu sajati. 51 Sing percaya kana omongan Kami, yen sing saha anu percaya ka Kami salilana oge moal keuna ku pati.” 52 Tarembalna, “Bener, tetela Anjeun teh henteu waras pipikiran. Geus bukti kapan, Ibrahim pupus, nabi-nabi geus teu araya di kieuna; ari cek Anjeun, saha-saha anu percaya kana omongan Anjeun moal keuna ku pati! 53 Naha Anjeun teh leuwih punjul ti batan suwargina Ibrahim, karuhun kaula? Anjeunna geus pupus, kitu deui nabi-nabi! Na saha kitu Anjeun teh?” 54 Saur Isa, “Lamun Kami ngagungkeun diri, kaagungan Kami teh euweuh hartina. Tapi kaagungan Kami teh, ti Rama asalna, nya Allah anu disembah ku aranjeun tea; 55 padahal aranjeun teh, henteu warawuh ka Mantenna. Kami mah wawuh. Upama cek Kami: Kami teu wawuh ka Mantenna, Kami teh tukang bohong kawas aranjeun. Tapi Kami wawuh ka Mantenna sarta Kami nurut kana dawuhana-Na. 56 Ibrahim nu jadi karuhun aranjeun, suka bungah lantaran baris ningal poean Kami datang ka dunya. Eta teh ayeuna geus kasaksian ku anjeunna kalawan suka bungah.” 57 Tarembal urang-urang Yahudi, “Umur Anjeun teh can aya lima puluh taun, tapi geus nyaho ka Ibrahim?” 58 Waler Isa, “Samemeh Ibrahim gumelar Kami mah geus aya.” 59 Geus kitu, maranehna nareangan batu boga niat rek maledogan ka Isa; tapi Anjeunna enggal nyilib sarta ngantunkeun Bait Allah.



9

1 Dina hiji waktu, basa Isa keur angkat, tepang jeung hiji jelema anu lolong bawa ngajadi. 2 Murid-murid-Na mihatur, “Rabi, saha nu gaduh dosana teh, nu mawi eta jalmi jadi lolong ti barang burusut? Manehna sorangan atanapi kolotna?” 3 Waler Isa, “Lain manehna jeung lain kolotna oge. Eta mah pikeun nganyatakeun kakawasaan Allah ka dirina. 4 Meungpeung beurang keneh, urang wajib nedunan pangersa Nu ngutus Kami; sabab mun geus peuting mah, moal aya nu bisa baranggawe. 5 Satungtung di dunya, Kami nu nyaangan dunya teh.” 6 Sanggeus nyarios kitu, Anjeunna ngaludah kana taneuh; tuluy eta taneuh teh, diguley-guley jadi leutak; geus kitu, ku Anjeunna dipopokeun kana panon nu lolong tea, 7 bari saur-Na, “Jung sibeungeut ka kulah Siloam.” Kecap Siloam teh pihartieunana ‘Nu diutus.’ Nu lolong teh indit ka kulah Siloam nurutkeun parentah. Sanggeus sibeungeut, tuluy manehna datang deui jeung eta panonna teh geus bisa pake nenjo. 8 Tatangga-tatanggana, kitu deui anu tuman narenjo manehna barang maen, silih tanya, “Eta teh lain anu sok musapir tea?” 9 Ceuk anu ditanya, “Enya geuning!” Tapi cek sabagian deui, “Lain, meureun pedah sarimbag bae eta mah.” Tapi nu boga awakna ngaku sorangan pokna, “Enya, kuring!” 10 Tuluy pada naranya, “Geuning eta geus henteu lolong, kumaha cageurna?” 11 Ditembal, “Dipopokan leutak ku nu jenenganana Isa, terus dititah sibeungeut ka Kulah Siloam. Kuring nurut, nya kajadian: Ari sibeungeut ari bray panon teh bisa nenjo.” 12 Pok deui nu naranya, “Ayeuna Anjeunna di mana?” Walonna, “Duka atuh!” 13 Geus kitu, anu tadina lolong teh dibarawa ka urang Parisi. 14 Waktu Isa ngaguley-guley taneuh pikeun nyageurkeun manehna teh, kajadianana, dina poe Sabat. 15 Ku urang Parisi, manehna dititah nyaritakeun deui kumaha lantaranana pangna jadi bisa nenjo. Ari jawabna, “Ku Anjeunna panon abdi dipopokan leutak; ku abdi teras dikumbah, bray bae ningal, mung sakitu.” 16 “Mustahil, eta Jelema teh, utusan Allah; sabab henteu ngendahkeun poe Sabat,” cek urang Parisi. Tapi dibantah ku nu sejen, “Mun enya Manehna jalma doraka, na kira-kirana bisaeun nyieun mujijat anu aheng kitu?” Maranehna jadi pasalingsingan paham. 17 Pok deui naranya ka jelemana, “Cek maneh, saha eta Jelema teh? Pedah bae, maneh geus bisa beunta ku eta jelema!” Jawabna, “Moal lepat, Anjeunna teh nabi.” 18 Ari urang Yahudi mah, teu percaya yen eta jelema teh, asalna lolong; nepi ka nyalukan indung bapana, 19 tuluy ditanya, “Bener ieu anak maraneh, nu lolong ti barang burusut tea? Naon sababna nepi ka bisa nenjo kitu?” 20 Jawab indung bapana, “Leres, ieu teh pun anak, anu ti barang gubrag parantos lolong. 21 Nanging naon lantaranana nu mawi ayeuna tiasa ningal, atanapi saha anu nyageurkeunana, eta mah duka teh teuing teu terang-terang. Sae dipariksakeun ka jinisna bae, da parantos baleg, tangtos tiasa ngajawab sorangan.” 22 Ngajawab kitu soteh, bakating ku sieun; lantaran geus nyarahoeun, yen eta urang Yahudi teh geus mupakat, nya eta mun aya anu wani nyebutkeun cageurna eta jelema teh ku Al Masih, baris dikaluarkeun ti pakumpulan kaagamaan. 23 Eta sababna, ngajawabna teh cukup ku, “Sae dipariksakeun bae ka jinisna, da parantos baleg.” 24 Tuluy jelemana dicalukan deui, seug diomongan, “Ku lantaran aya kajadian kitu ka maneh, maneh wajib ngagungkeun teh ka Allah; da Jalma itu mah, Jalma doraka.” 25 Tembalna, “Doraka henteuna mah, abdi teu terang; terang soteh, tadina abdi lolong ayeuna tiasa ningal.” 26 Cek urang Yahudi, “Dikumahakeun bae maneh teh? Kumaha petana nyageurkeuna-Na?” 27 Dijawab, “Ongkoh tadi parantos disanggemkeun, na teu kadarangu kitu, nganggo marundut disanggemkeun deui? Bade jaradi murid-murid-Na kitu?” 28 Ngadarenge jawab kitu teh, urang Yahudi jadi nyareuneu, ngomongna sugal, “Puguh maneh murid-Na mah! Urang mah murid Musa. 29 Ka Musa mah Allah teh geus puguh ngandika, urang ge nyaho eta mah. Tapi ka eta Jelema mah, nyaho teuing; nepi ka ayeuna oge euweuh nu nyaho ti mana asal-usul-Na.” 30 Manehna nembal deui, “Asa kalintang anehna dugi ka teu acan aruninga kana asal-usul Anjeunna, sakitu parantos kauninga iasa nyageurkeun anu lolong. 31 Padahal unggal jalmi oge ngarti, yen jalma doraka mah, piraku ku Allah dugi ka dijungjung kitu. Tiap-tiap anu dijungjung ku Allah, tandaning jalma hormat ka Allah sareng ngalakonan timbalana-Na. 32 Ti sajlegna dunya oge, can kakuping aya nu tiasa nyageurkeun nu lolong bawa ngajadi. 33 Jadi, cek abdi mah, upami yaktos Anjeunna sanes asal ti Allah, pamohalan iasa midamel kieu.” 34 “Dasar maneh mah geus kasiku ku dosa ti kodratna, ayeuna rek mapatahan ka urang?” Cek maranehna bari nyuntrungkeun, ngusir nitah nyingkah. 35 Kajadian eta teh kauninga ku Isa. Dina parengna patepang deui, ku Anjeunna diajak sasauran, “Ari maneh percaya ka Putra Manusa?” 36 Tembalna, “Saha tea Anjeunna teh? Cobi atuh wartoskeun, supados abdi ulah rumegag nya percanten.” 37 Saur Isa, “Ongkoh geus papanggih, malah ayeuna oge keur cacarita jeung maneh!” 38 Brek bae, manehna sembah sujud tuluy mihatur, “Aduh Jungjunan, kantenan abdi teh percanten!” 39 Saur Isa deui, “Kami datang ka dunya teh, supaya aya kaadilan: Anu lolong dibeuntakeun, ari anu barareunta, jeg nu lalolong.” 40 Eta kasaurana-Na teh, kadarengeeun ku sawatara urang Parisi anu keur araya di dinya. Maranehna narempas ka Isa, “Maksud Anjeun teh, kaula oge dianggap lolong kitu?” 41 Waler Isa, “Upama aranjeun enya lolong, teu bisa nenjo, tangtu aranjeun henteu salah. Tapi lantaran aranjeun tetep umangkeuh bisa nenjo, — padahal puguh-puguh teu awas — dosa teh, tetep aya di aranjeun.”



10

1 “Kieu geura,” saur Isa, “Anu asup ka pakarangan kandang domba, — lain tina lawang anu baku — tapi naek kana kuta; moal salah, tangtu bangsat arek maling. 2 Da ari ki pangangon mah, asupna teh biasa ti lawang, 3 beunang muka anu jaga. Jeung dombana ge, arapaleun kana sorana, nya kitu oge manehna: Apal ka ngaran-ngaran dombana, disebutan hiji-hiji anu arek dikencarkeun teh. 4 Kitu deui, upama geus di laluar, ana manehna leumpang ti hareup tangtuna dombana naluturkeun lantaran geus warawuheun tea. 5 Tapi ka anu anyar pinanggih mah, tangtu domba-domba teh moal naluturkeun; malah sabalikna, kalabur ngajarauhan sabab teu arapaleun kana sorana.” 6 Kitu, saur Isa mere siloka ka maranehna; ngan nya kitu, maranehna teh henteu ngalartieun, naon maksudna Anjeunna mere siloka kitu. 7 Isa nyarios deui, “Supaya tetela, urang terangkeun: Anu diupamakeun lawang teh nya eta Kami. 8 Anu miheulaan Kami ka dinya, kabeh oge bangsat atawa rampog, ku domba-domba ge moal diturut. 9 Nya Kami lawang teh. Sing saha anu asupna ti dinya, tangtu jamuga, bisa lar sup sarta bakal pinanggih jeung tegal jukut. 10 Bangsat mah, datang teh ngan arek maling, maehan, jeung ngabinasa; ari Kami mah, kalawan maksud supaya umat tinemu jeung hirup-hurip sarta kaseundeuhan ku berkah. 11 Kami teh satia, lir pangangon anu bumela. Pangangon anu bumela, tangtu wani toh pati ngaraksa ingon-ingonna; 12 moal kawas anu ngan ukur buburuh ngangon: pedah domba teh lain bogana, ana aya kerud mah ngabecir, angonan diantep sina dirareweg sina paburisat. 13 Munasabah kabur oge, ma'lum nu buburuh tea, moal enya aya kanyaahna. 14 Eta pangangon anu bumela teh, nya Kami buktina: Kami wawuh ka nu diangon, nu diangon ge warawuheun ka Kami teh; 15 — Nya cara Ama wawuh ka Kami, Kami ge wawuh ka Anjeunna — lian ti eta, Kami ge masrahkeun nyawa Kami ka domba-domba Kami. 16 Aya keneh domba Kami anu lianna, anu henteu sakandang; ku Kami arek dibawa ka dieu — tur tangtu bakal narurutna — nya sina sakandang sarta sapangangon tea. 17 Ama nyaaheun ka Kami lantaran Kami iklas nandonkeun nyawa, kalawan yakin baris kapimilik deui. 18 Saenyana mah, moal aya nu bisa ngarebut nyawa Kami; da kari kumaha Kami sorangan. Sabab Kami, boga kawasa pikeun mikeun sarta kawasa nyokotna deui. Tapi Kami iklas sabab eta teh papancen ti Ama Kami.” 19 Eta kasaurana-Na teh ngalantarankeun urang Yahudi pabentar paham. Ceuk sabagian gede; 20 “Puguh Jelema kasurupan setan, Jelema miring kitu, naha wet dibarandungan keneh bae?” 21 Ditempas ku nu lianna, “Piraku anu karasuk ku setan kitu omongana-Na! Jeung deui, naha bisaeun setan nyageurkeun anu lolong?” 22 Teu lila ti harita, — dina usum tiris — di Yerusalem aya pesta pikeun mestakeun poe pangeling-eling diistrenanana Bait Allah. 23 Lar, Isa ngalangkung di salah sahiji rohangan Bait Allah nu disebut tepas Sulaeman. 24 Gancang ku urang Yahudi dilingkung jeung ditanya kieu, “Arek terus keneh bae Anjeun teh ngaririsi pihak kaula? Balaka bae, ari enya mah, Anjeun teh Al Masih!” 25 Waler Isa, “Ongkoh Kaula geus terus terang, aranjeun bae anu arembung percaya. Padahal, pagawean Kaula anu di pigawena kalawan asmana Kangjeng Rama teh, geus cukup dipake saksi kana benerna omongan Kaula. 26 Hanas aranjeun henteu palercaya, pantes da lain domba Kaula. 27 Domba Kaula mah, wawuh kana sora Kaula; Kaula nya kitu keneh, wawuh ka darinya nepi ka maranehna araranut ka Kaula sarta ku Kaula baris diganjar ku hirup anu langgeng. 28 Sapapanjangna moal keuna ku binasa jeung moal bisa karampas ti leungeun Kaula. 29 Kangjeng Rama, anu masrahkeun maranehna ka Kaula, punjulna teu aya anu mapakan. Nu geus aya dina genggeman panangana-Na, mustahil bisa karebut ku batur. 30 Ari Kaula jeung Rama teh, estu satunggal.” 31 Eta urang Yahudi teh, geus pek deui bae nareangan batu rek ngabaledogan ka Isa. 32 Tapi Anjeunna nyarios deui, “Sering pisan Kaula teh ngabuktikeun pitulung-pitulung ti kersaning Ama Kaula, nembongkeun kahadean. Eta kitu, sababna nu matak Kaula rek dibaledogan teh?” 33 Jawab maranehna, “Arek maledogan soteh lain dumeh kitu, tapi dumeh Maneh ngahina ka Allah, nyaruakeun Maneh jeung Allah; padahal, Maneh teh jelema ilahar bae.” 34 Waler Isa, “Lain hal eta teh aya kateranganana dina Kitab Toret aranjeun? Ungelna: Cek Kami aranjeun teh utusan-utusan Allah. 35 Sing aringet, Kitab Suci mah moal ngabobodo! Ceuk Kitab, Allah nyebatkeun yen aranjeunna teh utusan anu ngemban timbalana-Na. 36 Masih keneh bae eta Jelema anu ku Rama geus disucikeun sarta ku Anjeunna diutus ka dunya teh, ku aranjeun didakwa ngahina ka Allah? 37 Upama Kaula henteu migawe padamelan-padamelan anu jadi Rama, pantes najan aranjeun henteu palercaya oge ka Kaula. 38 Sabalikna, upama Kaula ngalampahkeun eta papancen ti Kangjeng Rama, sanajan ka Kaula pribadi aranjeun arembung percaya, atuh percaya-percaya kana hal-hal anu ku Kaula dipigawe tea, supaya aranjeun bisa tarerang jeung ngalarti yen Rama nyarengan ka Kami sarta Kami sasarengan jeung Rama.” 39 Eta urang-urang Yahudi teh geus rek kerewek deui bae, nya hayang nangkep Anjeunna tea. Tapi Anjeunna lolos, henteu kungsi kacerek ku maranehna. 40 Ti dinya, Isa angkat ka peuntaseun walungan Ciyordan, ngabujeng tempat anu pangmimitina dipake ku Yahya tea pikeun ngabaptis; terus nganjrek heula di dinya. 41 Urang dinya, loba pisan anu dararatang ka Anjeunna bari ngaromong pada batur, “Sanajan Yahya teu kungsi nembongkeun hal-hal anu aheng, tapi kasauranana ngeunaan ieu jelema tea mah kabeh oge bener.” 42 Ku lantaran eta, di dinya teh jadi loba anu percaya ka Isa.



11

1 Di Betania aya nu gering payah ngaranna Lasarus, dulurna Maryam jeung Marta. 2 Maryam teh, nya eta anu bareto ngaminyakan Isa ku minyak seungit jeung nyusutan sampeana-Na ku buukna tea. 3 Maryam jeung Marta ngirim kabar ka Isa kieu, “Jungjunan, pun dulur anu ku Jungjunan dipikanyaah ayeuna nuju udur.” 4 Saur Isa, sanggeus kenging wartos, “Panyakitna moal nepi ka matak ajal, malah bakal jadi lantaran tembongna kakawasaan Allah sarta dimulyakeunana Putra Allah.” 5 Anjeunna memang nyaah pisan ka Marta, Maryam, jeung Lasarus teh. 6 Tapi diwartosan Lasarus gering teh, Anjeunna mah calik-calik bae di dinya. 7 Heuleut dua poe ti harita, Anjeunna nyarios ka murid-murid, saur-Na, “Ayeuna urang ka Yudea deui.” 8 Cek murid-murid, “Rabi (Guru), teu acan lami Rabi teh bade dibaledogan ku urang Yahudi di ditu, dupi ayeuna bade ka ditu deui!” 9 Waler Isa, “Sapoe teh, lain aya dua welas jam? Lamun indit beurang-beurang piraku suku titajong, kapan ti beurang mah caang. 10 Titatarajong soteh, lamun leumpang peuting sabab teu tembong tincakeun.” 11 Saur-Na, “Lasarus, dulur urang teh keur sare, ayeuna urang teang, ku Kami rek dihudangkeun.” 12 Cek murid-murid, “Parantos tiasa mondok mah atuh majeng kana sae, Jungjunan!” 13 Maksud Isa mah, “keur sare” teh geus maot; ari ku murid-murid dihartikeunana sare biasa bae. 14 Ku Isa diterangkeun sageblasna, saur-Na, “Geus maot Lasarus teh. 15 Maotna keur Kami euweuh di ditu. Tapi pikeun maraneh aya alusna, baris mawa maraneh kana percaya. Ayeuna mah, hayu urang ka ditu!” 16 Cek Tomas — anu katelah Didimus — ka batur-baturna, “Hayu urang arindit, urang ngadon paeh babarengan jeung Anjeunna.” 17 Opat poe sanggesna Lasarus dimakamkeun, jol, Isa sumping. 18 Betania teh deukeut ka Yerusalem, ngan kurang leuwih dua pal jauhna. 19 Loba urang Yahudi anu ngaralayad nembongkeun katresnan ka Marta jeung Maryam anu keur kapapatenan. 20 Barang ngadenge beja yen Isa sumping, Marta ka luar mapagkeun, ari Maryam mah cicing bae di imah. 21 “Jungjunan,” cek Marta sanggeus amprok, “upami Jungjunan aya mah harita, pun dulur teh moal dugi ka maot; 22 sanaos kitu, ayeuna oge abdi yakin yen mundut naon bae oge Jungjunan mah ku Allah tangtos dikabul.” 23 Waler Isa, “Dulur nyai teh tangtu hirup deui.” 24 Cek Marta, “Leres, bakal hirup deui, engke dina poe kiamat.” 25 Waler Isa, “Kapan Kami nu jadi sumbering hirup sarta anu baris ngahudangkeun jelema-jelema dina poe kiamat teh. Anu percaya ka Kami bakal tetep hirup, sanajan geus paeh oge. 26 Sing saha anu keurna hirup percaya ka Kami, salalawasna oge moal keuna ku paeh. Percaya atawa henteu?” 27 Tembal Marta, “Jungjunan, abdi percanten. Jungjunan teh Al Masih, Putra Allah, anu parantos lumungsur ka dunya.” 28 Ti dinya Marta balik deui ka imah terus ngaharewos ka Maryam, “Guru urang ngantos di jalan, mariksakeun maneh.” 29 Maryam cengkat, terus ka luar rek mapagkeun Isa, 30 anu keur di jalan keneh di palebah urut amprokna tadi jeung Marta. 31 Ku nu ngaralayad ditaluturkeun, samarukna Maryam rek ka makam ngadon ceurik. 32 Maryam ngarangkul kana sampean Isa bari unjukan, “Duh Jungjunan, upami Jungjunan aya mah, harita, pun dulur teh tangtos moal dugi ka maot.” 33 Ningali Maryam ceurik, kitu deui ningali anu ngaralayad, Isa jadi nalangsa, tuluy mariksa bari dumareuda, saur-Na, 34 “Di mana makamna?” Dijarawab, “Di ditu, mangga tingalian.” 35 Isa nangis kagagas. 36 Cek urang Yahudi anu ngaralayad, “Tetela nyaaheunana ka nu geus ninggalkeun teh.” 37 Aya oge anu ngaromong kieu, “Na teu bisaeun kitu nyegah almarhum maot; da bisaeun ari ngabeuntakeun anu lolong mah?” 38 Ngadangu nu ngaromong kitu, Isa tambah nalangsa, terus muru ka makam. Makamna teh mangrupa guha, lawangna ditutup ku batu gede. 39 “Singkirkeun batuna!” Saur-Na. “Jungjunan,” cek Marta, “parantos bau, margi parantos opat dinten.” 40 Saur Isa, “Cek Kami oge, lamun nyai percaya tangtu bakal nenjo kakawasaan Pangeran!” 41 Sanggeus batuna disingkirkeun, Isa tanggah terus sasauran, “Nun Ama, pinten-pinten nuhunna wireh Ama kersa ngadangu kana panuhun. 42 Abdi terang, panuhun Abdi salamina ku Ama di makbul. Dikedalkeun soteh, supados ieu jalmi-jalmi palercaya yen Abdi teh utusan Ama.” 43 Geus kitu Anjeunna nyoara tarik pisan, “Lasarus, geura bijil!” 44 Kurunyung nu maot teh ka luar, suku jeung leungeunna dibeungkeut keneh ku boeh, beungeutna katutupan kapas. Saur Isa, “Buka boehna, supaya laluasa!” 45 Ti antara urang Yahudi anu daratang ka Maryam, sanggeus narenjo eta mujijat loba anu tuluy percaya ka Isa. 46 Tapi eta padamelan Anjeunna teh, aya anu ngalaporkeun ka urang Parisi. 47 Geus kitu, imam-imam kapala jeung urang Parisi ngumpulkeun anggota-anggota Mahkamah Agama. Aromongna, “Kumaha sikep urang ka eta Jelema! Geus loba nyieunna mujijat. 48 Upama terus diantep, rayat kabeh tangtu palercaya ka Manehna. Ahirna, ieu tanah Suci direbut ku urang Rum sarta bangsa urang teh tangtu tamat riwayatna.” 49 Pok, Kayapas, — Panghulu Agung dina taun eta — sasauran, “Aranjeun tangtu acan tarerang 50 sarta acan sadar yen pikeun aranjeun leuwih hade jelema ieu anu hiji paeh gaganti bangsa ti batan bangsa urang tumpur pisan.” 51 Ieu ucapanana, saenyana, lain buah pikiranana ku anjeun. Tapi anjeunna anu jeneng Panghulu Agung taun eta, ucapanna nya geus ngajadi hiji nubuwatan pikeun ngagambarkeun yen Isa kudu dipaehan gaganti bangsa; 52 malah lain guna eta bangsa wungkul, tapi oge baris ngumpulkeun sarta ngahijikeun deui sakumna putra-putra Allah anu geus pabalencar. 53 Ti semet poe eta aranjeunna samupakat baris maehan Isa. 54 Ku sabab eta, Isa tara nembongan deui di hareupeun umum bangsa Yahudi. Anjeunna angkat ti dinya ka Epraim, hiji kota anu pernahna deukeut sagara kikisik sarta teras nganjrek heula di dinya sareng murid-murid-Na. 55 Harita teh, geus tereh ka hari raya Paska; jelema-jelema loba anu dararatang ka Yerusalem, rek beberesih diri samemeh Paska. 56 Di jero Bait Allah, maranehna nareangan Isa bari silih tanya, “Kumaha kira-kirana Manehna bakal datang kana pesta?” 57 Sajeroning kitu imam-imam kapala jeung urang Parisi geus ngaluarkeun parentah, sing saha anu nyaho Isa aya di mana kudu buru-buru lapor, supaya Anjeunna buru-buru ditangkep.



12

1 Pigenep poeeun deui kana pesta Paska, Isa angkat deui ka Betania, urut Anjeunna ngahirupkeun deui Lasarus tea. 2 Di dinya Anjeunna aya anu ngondang tuang. Tuangna bareng jeung Lasarus, dilaladenan ku Marta. 3 Ari Maryam ngaluarkeun minyak seungit satengah kati anu tulen tur mahal hargana, tuluy dibalurkeun kana sampean Isa. Saenggeusna, disusutan ku buukna. Seungitna nyambuang saimah-imah. 4 Pok, Yudas Iskariot, murid anu boga niat ngahianat ka Isa ngomong, 5 “Minyak anu kitu mah payu kana tilu ratus dinar, mun heug dijual, ladangna bisa disidekahkeun ka pakir miskin.” 6 Ngomong kitu soteh, lain ku tina karunyaeun ka nu mariskin; ngan nya kitu, manehna teh tukang malingan duit sumbangan anu disimpenna dipercayakeun ka manehna. 7 Saur Isa, “Ulah diopenan, keun bae sakarepna. Eta teh aya patalina jeung poean Kami dimakamkeun. 8 Anu mariskin mah, salawasna oge aya di maraneh; ari Kami mah, moal salilana babarengan teh.” 9 Urang Yahudi loba anu nyarahoeun, yen Isa aya di dinya; tuluy maranehna dararatang ka dinya. Sajaba ti seja maranggihan Anjeunna, maranehna teh, harayangeun nenjo Lasarus ongkoh anu geus dihirupkeun deui tea. 10 Akibatna, Lasarus oge diarah ku imam-imam kapala rek dipaehan, 11 ku sabab geus jadi lantaran loba urang Yahudi anu narukangan ninggalkeun aranjeunna, malik jadi palercaya ka Isa. 12 Poe isukna, barang anu keur pararesta nyarahoeun yen Isa geus di jalan rek sumping ka Yerusalem, 13 maranehna seug ngaralaan palapah korma; terus budal marapagkeun bari salusurakan, pokna, “Hosana! Wilujeng Raja Israil, anu sumping kalayan asma Pangeran!” 14 Isa nunggang kalde ngora keneh, panggih di perjalanan; ku kituna tinekanan ungel kitab anu kieu: 15 “Ulah sieun Putri Sion! Tuh raja maneh sumping, nitihan anak kalde!” 16 Tadina mah, ieu ayat ku murid-murid teu kahalartieun. Ayeuna, sanggeus Isa dipapag sarta dihormat-hormat ku jalma rea, kakara kahalartieun yen eta ayat teh ngeunaan Anjeunna. 17 Hal Anjeunna nyaur Lasarus nepi ka hirup deui kaluar tina makamna, geus kauar-aer diutarakeun ku jalma-jalma anu nyaraksian kajadianana. 18 Pangna jalma rea mapagkeun Anjeunna teh, nya lantaran ngadarenge eta mujijat tea. 19 Harita, urang Parisi mah anggur tinggelendeng pada batur, pokna, “Kitu puguh oge! Paniatan urang teu laju-laju. Tuh geuning, mani sadunya marilu biluk kabeh ka Manehna!” 20 Dina pesta Paska teh, aya sawatara urang Yunani anu milu ngalakonan ibadah. 21 Maranehna nyampeurkeun ka Pilipus, urang Betsaida, di Galilea. “Juragan,” pokna ka Pilipus, “abdi-abdi teh hoyong tepang sareng Isa.” 22 Pilipus bebeja heula ka Andreas; geus kitu, duanana mihatur ka Isa. 23 Isa nyarios, saur-Na, “Ayeuna, Putra Manusa teh geus waktuna dimulyakeun. 24 Rek diterangkeun ku Kami, yen upama binih henteu mebes kana taneuh jeung henteu nyorang paeh heula; lamun sasiki teh, tetep bae sasiki. Tapi lamun eta binih, nyorang paeh heula mah; tangtu bakal loba buahna. 25 Anu lebar kana nyawana, bakal kaleungitan nyawa. Anu dina hirupna iklas kana nyawana, eta teh geus mulasara nyawa guna ngahontal hirup langgeng. 26 Anu seja ngabdi ka Kami, kudu nuturkeun Kami; di mana Kami aya, manehna oge kudu aya di dinya. Anu ngabdi ka Kami baris diajenan ku Rama. 27 Mangsa anu matak lewang kana jiwa Kami, ayeuna geus datang. Na kumaha Kami nya pipetaeun? Naha kudu unjukan: Nun Ama, mugi abdi diluputkeun, nyorang mangsa ieu! Paralun teuing menta kitu! Sabab ieu mangsa teh, wajib ku Kami disorang tur eta pisan anu jadi tujuan Kami. 28 Nun, Ama, mugi jenengan Ama dimulyakeun.” Sapada harita keneh, aya soara ti langit, kieu, “Enggeus ku Kami dimulyakeun jeung baris dimulyakeun deui!” 29 Eta soara kadarengeeun oge ku jalma rea teh. Ari cek maranehna mah, nu aya didinya, eta teh sora guludug. Cek nu sawarehna deui, “Malaikat sasauran ka Anjeunna!” 30 Saur Isa, “Eta soara lain nyarita ka Kami, tapi ka aranjeun. 31 Ayeuna mangsana ngamimitian nerapkeun hukuman ka ieu dunya sarta anu ngageugeuhna baris dipeclengkeun. 32 Ari Kami, di mana geus diangkat ti bumi, baris narik sakabeh manusa sina daratang ka Kami.” 33 Ucapana-Na kitu teh pikeun ngagambarkeun petana maot nu ku Anjeunna bakal kasorang. 34 Jalma rea malihatur, “Numutkeun anu kakuping tina Toret, Al Masih teh baris jumeneng salalanggengna. Tapi naha saur Anjeun Putra Manusa teh baris ‘diangkat’? Saha anu disebat Putra Manusa teh?” 35 Waler Isa, “Anu jadi Caang teh, ayana di maraneh ngan kari sakeudeung deui. Geura lalumaku, meungpeung caang keneh bisi kaburu poek. Geus poek mah, lumaku teh tangtu utag-atog teu nyaho di jalan. 36 Sing percaya ka Anu jadi Caang, meungpeung caangna aya di maraneh, supaya maraneh jaradi umatna Caang.” Sanggeus nyarios kitu, Isa terus nyingkir ti dinya. 37 Sakitu reana Isa nembongkeun mujijat, tapi urang Yahudi weleh teu daraek percaya ka Anjeunna. 38 Cocog pisan jeung kasauran Nabi Yesaya, baheula, kieu: “Nun Pangeran, saha anu daek percaya kana uaran abdi? Sareng ka saha kawasa panangan Jungjunan teh barisna ngabukti?” 39 Pantes atuh, teu daraek percaya oge, sabab saur Nabi Yesaya keneh: 40 “Ku Anjeunna panon maranehna disina lolong, sina baredegong nareuaskeun hate, datang ka teu arawas sanajan beunta, hatena henteu daraek narima, seug tarobat, malar bisa diwaluyakeun ku Kami.” 41 Kitu saur Nabi Yesaya, anu geus ningal kamulyaan Al Masih, nepi ka bisa nyarioskeun hal Anjeunna. 42 Tapi papadaning kitu, loba ti golongan para pamingpin anu percaya ka Anjeunna; ngan nya kitu, teu waranieun bruk-brak sabab sarieuneun ditoker ku urang Parisi. 43 Maranehna leuwih kataji ku panghormat ti pada jalma ti batan ku pangajen ti Allah. 44 Ti dinya Isa nyarios, saur-Na, “Anu percaya ka Kami teh, dina hakekatna mah lain percaya ka Kami, tapi ka Anu ngutus Kami. 45 Anu awas nenjo ka Kami, tangtu awas nenjo ka Anu ngutus Kami. 46 Kami — Anu jadi Caang — turun ka dunya teh, supaya anu percaya ka Kami ulah hirup di alam poek. 47 Sing saha anu ngadenge omongan Kami, tapi henteu jeung ngalampahkeunana, ku Kami moal rek dihukum. Sabab pangna Kami datang teh, lain seja ngahukum. Tapi sabalikna, rek nyalametkeun pangeusi dunya. 48 Ari anu nolak ka Kami jeung embung ngadenge kana omongan Kami, geus aya anu baris ngahukumna. Nya ucap-ucapan Kami anu baris ngahukumna, engke, dina poe kiamat. 49 Sabab omongan anu dikedalkeun ku Kami teh, lain ucapan Kami sorangan, tapi pangandika Rama anu ngutus Kami. Nya Anjeunna, anu nimbalan naon anu kudu diucapkeun ku Kami sarta naon anu kudu ditepikeun. 50 Tur Kami nyaho, yen wujudna Pangandika Anjeunna teh, nya eta hirup langgeng. Omongan anu kedal ti Kami ge, kabeh teh, diucapkeunana nurutkeun sakumaha timbalan Rama.”



13

1 Samemeh poe Paska dimimitian, Isa geus ngaraos yen Anjeunna tereh ngantunkeun alam dunya mulang ka kersa Rama-Na. Manah-Na ngait ka murid-murid-Na anu salawasna dipikaasih nepi ka tutug tugas-Na. 2 Kacatur, dina waktu dahar peuting, Iblis sumanding ka Yudas Iskariot bin Simon, mere pokal pikeun ngahianat ka Isa. 3 Isa ngaraos geus kapasrahan sagala rupana ti Ramana sarta uninga Anjeunna asal ti Allah sarta kudu mulang deui ka Allah. 4 Tuluy Anjeunna ngadeg sarta muka jubah-Na; top, kana kaen panyeka; rap, dibeulitkeun kana angkeng-Na; 5 cur, nyicikeun cai kana baskom; terus Anjeunna ngumbahan suku murid-murid-Na sakalian diseka dituuskeun ku kaen panyeka tea. 6 Barang nepi ka giliran Petrus, manehna mihatur, “Jungjunan teh bade ngumbah suku abdi?” 7 Isa ngawaler, “Moal kaharti ayeuna mah ku maneh naon sababna Kami migawe kieu, tapi engke ge kaharti.” 8 Petrus nempas, “Ulah Jungjunan, paralun teuing Jungjunan dugi ka kedah ngumbah suku abdi!” Waler Isa, “Teu dikumbah ku Kami mah, maneh teh moal meunang naon-naon ti Kami.” 9 Tembal Petrus, “Upami kitu, ulah mung suku wungkul, neda sakalian bae sareng leungeun katut sirah deuih.” 10 Waler Isa, “Nu geus mandi mah, teu kudu beberesih deui iwal ti ngumbah suku, tangtu beresih sakujur awak. Maraneh memang geus bararesih, hanjakal henteu kabeh.” 11 Pangna Anjeunna nyaurkeun henteu kabeh bararesih teh lantaran geus uninga saha anu boga niat ngahianat. 12 Anggeus ngumbahan suku, Anjeunna dijubah deui terus calik dina urut-Na tadi; pok, sasauran ka sarerea, “Kahalarti maksud pagawean Kami bieu? 13 Maraneh ka Kami nyarebut Guru jeung Jungjunan. Merenah pisan nyarebut kitu teh. Enya, Kami teh Guru maraneh jeung Jungjunan maraneh. 14 Kami, Guru jeung Jungjunan maraneh, geus ngumbahan suku maraneh. Ku kituna, maraneh oge wajib silih kumbah suku pada batur. 15 Bieu Kami teh nyontoan, supaya maraneh oge daraek ngalampahkeun kitu, sakumaha conto ti Kami. 16 Sing kaharti, harkat badega moal ngaleuwihan dunungan, harkat utusan moal ngaleuwihan anu ngutusna. 17 Upama geus ngalalarti, pinasti maraneh tinemu jeung bagja lantaran milampah kitu.” 18 “Ieu omongan Kami teh, henteu ditujukeun ka kabehan. Kami nyaho, saha jelema-jelemana anu beunang Kami milih. Ngan bae ungel Kitab teh kudu tinekanan, nya eta: ‘Jalma anu ngilu ngadahar roti Kami, geus noker ka Kami.’ 19 Memeh eta kajadian, ku Kami dibejakeun ti ayeuna, supaya ana geus kajadian maraneh percaya yen anu ditoker teh Kami. 20 Cek Kami ka maraneh: Sing saha anu ngaku ka utusan Kami, hakekatna mah ngaku ka Kami. Sing saha anu ngaku ka Kami, hakekatna mah ngaku ka Anu ngutus ka Kami.” 21 Sanggeus nyarios kitu, Anjeunna katarajang nalangsa kabina-bina; tuluy pok, Anjeunna nyarios, “Kami rek terus terang bae, yen ti antara maraneh aya saurang anu boga niat nyilakakeun ka Kami.” 22 Murid-murid silih pelong bari silih taksir saha jelemana. 23 Aya hiji murid, nu diukna mani meh padempet jeung Isa, ma'lum diasih pisan. 24 Eta murid, ku Simon Petrus diisarahan sina nanyakeun ka Anjeunna, “Tanyakeun saha kituh jelemana!” 25 Pok, eta murid, mihatur ka Isa bari ngalendean, “Saha tea jalmina teh, Jungjunan?” 26 Waler-Na, “Nu ku Kami diasongan roti beunang nyocolkeun kana pinggan; tah eta, jelemana teh.” — bari top kana roti, tuluy dicocolkeun kana pinggan — Ari song teh, diasongkeunana, ka Yudas bin Simon Iskariot. 27 Ku Yudas ditampanan, harita keneh manehna kasandingan Iblis. Ku Isa terus dijurung ku saur, “Heug geura pigawe niat maneh teh!” 28 Anu keur dalahar, saurang ge, taya nu ngarti pangna Isa nyarios kitu ka ki Yudas. 29 Ngan ku sabab ki Yudas teh tukang nyimpen duit, aya anu nyangka, yen manehna dititah barang beuli keur kaperluan pesta atawa dititah mere sidekah ka anu miskin. 30 Ari ki Yudas, sanggeus nampanan roti, terus ngajengkat; gejlig, manehna indit teu nolih geus peuting. 31 Sanggeus Yudas indit, Isa nyarios, “Ayeuna Anak Manusa teh geus waktuna dimulyakeun, mancurkeun kamulyaan Allah. 32 Upama Allah geus dimulyakeun ku parantaraan Anak Manusa, Anak Manusa oge, tanwande dimulyakeun ku Allah tur moal diengkekeun deui. 33 Anaking, moal lila-lila deui Kami bisa reureujeungan kieu teh; engke, maraneh, tangtu bakal nareangan Kami, tapi sakumaha anu ku Kami geus diomongkeun ka urang Yahudi: Ka tempat anu ku Kami dijugjug, pamohalan maraneh bisa datang. Ka maraneh oge kitu Kami ngomong teh. 34 Ayeuna, Kami rek mere patokan anyar: Kudu silih pikanyaah pada batur. Sing sakumaha Kami mikanyaah ka maraneh, maraneh oge kudu silih pikanyaah pada batur. 35 Sabab ku jalan silih pikanyaah teh, tanwande tembong ka nu sejen, yen maraneh murid Kami.” 36 Simon Petrus mihatur, “Dupi Jungjunan bade ka mana?” Waler-Na, “Ka hiji tempat, anu ku maneh moal bisa katuturkeun. Sanajan kitu, ari engkena mah, maneh bisa nuturkeun Kami.” 37 Tembal Petrus, “Naon margina abdi moal tiasa nuturkeun Jungjunan ti ayeuna keneh? Abdi sumeja iklas toh pati demi salira Jungjunan!” 38 “Jadi, maneh teh rek bela pati ka Kami?” Waler Isa. “Ieu dengekeun omongan Kami: Memeh aya hayam kongkorongok subuh, maneh geus tilu kali mungkiran, ngangles ka Kami.”



14

1 “Maraneh teu kudu rentag hate. Sing tigin iman ka Allah sarta sing percaya ka Kami. 2 Di panglinggihan Ama Kami loba tempat. Mun euweuh ge, maraneh ku Kami tangtu dibejaan. Kami dek iang teh pikeun nyadiakeun tempat keur maraneh. 3 Lamun pitempateun maraneh di ditu geus sadia, Kami tangtu datang deui pikeun mapagkeun maraneh; maraneh rek dibawa ka tempat Kami, supaya di mana Kami aya, maraneh oge aya di dinya. 4 Maraneh tangtu nyaraho tempatna, nyaraho jalanna.” 5 Tomas nempas, “Tempatna teu acan terang, bade terang jalanna kumaha?” 6 Waler Isa, “Kapan Kami anu jadi jalanna, nu jadi kayaktian, jeung sumbering hirup teh. Ku sabab eta, lamun henteu make jalan Kami, pamohalan aya anu bisa datang ka Rama. 7 Upama maneh enya-enya nyaah ka Kami, ka Rama oge tangtu wawuh. Malah ayeuna ge, maraneh teh geus wawuh tur geus pajonghok jeung Anjeunna.” 8 Pihatur Pilipus, “Jungjunan, sing katingal bae Rama teh, supados abdi henteu panasaran.” 9 Ku Isa diwaler, “Pilipus! Geus sakitu lilana Kami sagulung-sagalang jeung maneh, piraku maneh can tenget keneh bae? Anu geus nyaho ka Kami, hakekatna mah nyaho ka Rama. Ari maneh keukeuh menta supaya Rama katingal. 10 Na teu percaya, yen Kami teh manunggal jeung Rama; kitu deui Rama, Mantenna oge manunggal jeung Kami teh. Ucapan-ucapan Kami lain omongan Kami pribadi, tapi dawuhan Rama nu manunggal di Kami. 11 Cek Kami bieu: Kami manunggal jeung Rama; kitu deui Rama, Mantenna oge manunggal jeung Kami teh. Maneh percaya atawa henteu? Upama henteu ge, sakurang-kurangna mah, sing percaya kana pagawean Kami. 12 Sabab anu percaya ka Kami mah, tangtu bakal ngalakonan pagawean Kami, malah leuwih ti kitu ka hareup mah; sabab Kami mah, rek mulang ka nu jadi Rama. 13 Ku sabab eta, mun maraneh aya panuhun ka Rama kalawan nyambat ngaran Kami, tangtu dikabul, supaya nu jadi Putra teh nyieun kamulyaan anu jadi Rama. 14 Menta naon bae maraneh ka Kami, lamun nyebut ngaran Kami, tangtu ditedunan.” 15 “Lamun enya maraneh nyaah ka Kami, tangtu narurut kana parentah Kami. 16 Kami rek menta ka Ama, supaya maraneh dibere pikeun pigantieun Kami, hiji Pangaping anu baris ngalilipur sarta ngaping maraneh sapapanjangna. 17 Eta Pangaping teh, nya eta Ruh Kayaktian, anu ku dunya umumna mah moal diaku lantaran teu warawuheun jeung teu nyarahoeun. Maraneh mah tangtu warawuh, tangtu diaping ku Anjeunna anu baris ngancik sajeroning hate. 18 Jadi, maraneh teh ku Kami moal diantep nunggelis, nyorangan: Kami tangtu datang deui. 19 Sakeudeung deui oge, ku nu sejen-sejen mah, Kami teh moal ka tembong-tembong deui. Tapi ari ku maraneh mah, tetep katembong. Sabab Kami teh, saenya-enyana, hirup; kitu deui maraneh, tangtu harirup oge. 20 Geus dina waktuna mah, ku maraneh bakal karasa, yen Kami manunggal jeung Rama, maraneh manunggal jeung Kami, sarta Kami ge manunggal jeung maraneh teh. 21 Anu tigin sarta nurut kana pepeling-pepeling Kami, tandaning nyaah ka Kami. Tiap jalma anu nyaah ka Kami, baris diasih ku Rama jeung ku Kami, supaya sina enya-enya wawuheunana ka Kami teh.” 22 Yudas (lain Yudas Iskariot) unjukan, “Jungjunan, naon margina ngenalkeun salira teh mung ka abdi-abdi bae, henteu ka masarakat umumna?” 23 Waler Isa, “Upama aya anu nyaah ka Kami, nurut kana pangajaran-pangajaran Kami, tangtu diasih ku Rama. Mun aya anu kitu, tangtu diteangna sarta Rama jeung Kami bakal ngancik dina hatena. 24 Anu henteu nyaah ka Kami mah, tangtu moal nurut kana pangajaran Kami. Ieu teh lain cek Kami sorangan, tapi dawuhan Rama, anu ngutus Kami tea. 25 Tah ku Kami geus dibejakeun, meungpeung Kami aya di maraneh keneh. 26 Engke, anu geus diomongkeun ku Kami teh baris diwurukkeun, ditetelakeun ka maraneh ku Anjeunna, nu baris ngaping maraneh tea, nya eta Ruh Allah, anu baris diutus ku Rama kalawan pamenta Kami. 27 Maraneh ku Kami baris ditinggalan kakertaan: kakertaan Kami pribadi, anu sipatna beda tina kakertaan jieunan dunya. Jadi, maraneh henteu kudu rentag hate, henteu kudu kaleleban. 28 Cek Kami ge tadi: Kami rek mulang, tapi tangtu balik deui ka maraneh. Lamun enya nyaraah ka Kami, anggur kudu barungah Kami mulang ka Rama teh; sabab Rama mah, langkung agung batan Kami. 29 Memeh kajadian ku Kami dibejakeun tiheula, supaya dina kajadianana iman kapercayaan maraneh ka Kami ulah robah. 30 Teu bisa lila-lila, Kami cacarita ka maraneh teh; sabab roh anu ngageugeuh ieu dunya, geus tatandang. Saenyana, manehna mah, moal bisaeun nanaon ka Kami teh. 31 Najan kitu, Kami kudu ngestokeun pangersa Rama pikeun bukti ka dunya, yen Kami nyaah ka Anjeunna. Hayu, ayeuna mah urang arindit ti dieu.”



15

1 “Kami teh tangkal anggur anu saestuna, ari Ama Kami teh anu miarana. 2 Upama aya dahanna anu teu daek buahan, ku Anjeunna ditilas, anu buahan diurus sarta diberesihan, supaya buahna leubeut. 3 Maraneh geus dibararesihan ku pangandika-Na anu diwurukkeun ku Kami. 4 Sing tetep manunggal jeung Kami tangtu Kami tetep manunggal jeung maraneh. Sabab sakumaha dahan, mustahil buahan, lamun henteu ngahiji keneh jeung tangkalna. Maraneh oge moal beubeunangan naon-naon, lamun henteu manunggal jeung Kami. 5 Kami teh tangkal anggurna; ari maraneh, dahan-dahanna. Anu baris aya beubeunanganana teh, nya eta anu hirupna manunggal jeung Kami sarta Kami ge, manunggal jeung manehna teh. 6 Hirup pisah ti Kami lir dahan geus beunang nilas, baris garing jadi suluh keur durukeun. 7 Mun maraneh tetep rarumaket ka Kami sarta arariman kana piwuruk Kami; maraneh meunang barang penta naon bae, tanwande ditedunan. 8 Tah ku lantaran hal eta, Ama Kami dimulyakeun teh; nya supaya maraneh teh, anu lir dahan-dahanna tea, jaba ti leubeut ku buah; maraneh ge, bakal jadi murid-murid Kami.” 9 “Kami teh nyaah ka maraneh, cara Ama nyaah ka Kami. Muga hirup maraneh sing tetep ngaub dina kanyaah Kami. 10 Mun hayang dipikanyaah, sing nurut kana parentah, cara Kami diasih ku Ama lantaran ngestokeun kana timbalana-Na. 11 Disebutkeun soteh, supaya maraneh milu ngarasakeun kabagjaan Kami, malar kabagjaan maraneh cacap sampurna. 12 Parentahna mah, nya eta: Sing silih pikanyaah; cara Kami mikanyaah maraneh! 13 Euweuh kanyaah anu ngungkulan kanyaahna jalma anu iklas ngetohkeun pati sajeroning ngabela anu jadi sobat. 14 Maraneh teh sobat Kami, asal iklas ngalakonan parentah-parentah Kami. 15 Ku Kami, maraneh moal dianggap badega; da badega mah, moal nyahoeun kana pikarepeun dunungan. Tandana dijieun sobat teh, kapan maraneh ku Kami geus dibarere nyaho sakur anu ku Ama didawuhkeun ka Kami. 16 Lain maraneh anu milih Kami, tapi Kami anu geus milih maraneh. Lian ti eta, maraneh oge, — sakumaha dahan-dahan tea — ku Kami teh geus ditangtukeun kudu bral arindit, ngagelarkeun buah-buah sarta hasilna teh sing datang ka awet langgeng; supaya sagala panuhun maraneh ka Anjeunna, kalawan mawa ngaran Kami, bisa dikabul. 17 Tah kitu pameredih Kami: Sing silih pikanyaah!” 18 “Upama maraneh dipikangewa ku dunya, sing inget: Kami mah geus dipikageuleuh ti heula. 19 Mun maraneh ti kalangan dunya keneh mah, tangtu bae ku maranehna diaraku, dipiheman. Tapi ku lantaran maraneh mah ku Kami geus dipilih, dicokot ti dinya, munasabah dipikageuleuh oge. 20 Sing inget kana omongan Kami anu kieu: Harkat badega, moal ngaleuwihan harkat dunungan. Upama Kami ku maranehna dikaniaya, maraneh oge tangtu dikaniaya. Upama omongan Kami ku maranehna didarenge, omongan maraneh oge tangtu didarenge. 21 Tapi ku lantaran maraneh teh murid Kami, geus tangtu kana dikaniayana teh, ku eta anu teu warawuheun ka Anu ngutus Kami. 22 Lamun tea mah maranehna ku Kami teu didatangan, teu diwurukan, tangtu moal matak dosa ka maranehna. Tapi ari geus kitu mah buktina, kadorakaanana hamo bisa diangles ku maranehna. 23 Jalma anu mikangewa ka Kami, eta teh mikangewa ka Rama. 24 Lamun seug Kami acan kungsi nembongkeun hal-hal anu hamo bisa dipigawe ku anu lian-lianna, tangtu moal matak jadi dosa ka dirina. Tapi da geus kitu kajadianana, narenjo pagawean-pagawean Kami teh maranehna anggur ijid, boh ka Kami, boh ka Ama Kami. 25 Dasar kudu tinekanan ungel timbalan anu aya dina Kitab Toretna, yen: ‘Tanpa sabab, maranehna geus mikageuleuh ka Kami.’ 26 Tapi engke oge datang Pangaping, Ruh Kayaktian tea, anu mencar ti Ama Kami jeung anu baris diutus ku Kami ka maraneh. Anjeunna anu bakal netelakeun saha saenya-enyana Kami teh. 27 Tapi maraneh oge kudu marere panyaksen, netelakeun nu eces saha saenyana Kami teh. Sabab maraneh, geus hirup babarengan jeung Kami ti awal mulana keneh.”



16

1 “Eta kabeh, ku Kami dicaritakeun ka maraneh; supaya engkena, maraneh ulah harandeueul ku lantaran Kami, seug bae noker ka Kami. 2 Maraneh bakal dikucilkeun ti masarakat, malah bakal aya mangsa: Sing saha anu ngala pati maraneh, cek pangrasana mah ngabdi ka Allah. 3 Kituna teh bawaning ku balilu, teu wawuh ka Kami. 4 Maraneh dibarejaan soteh, supaya dina kasorangna maraneh aringet, yen hal eta teh ku Kami geus diomongkeun ka maraneh tiheula. Henteu dibejakeun ti bareto soteh, pedah Kami aya keneh babarengan. 5 Ayeuna Kami geus tereh mulang ka Anu ngutus; ari maraneh bet euweuh anu panasaran nanyakeun Kami teh rek ka mana. 6 Ku kituna mah, kaharti. Sabab maraneh ngarasa kaletir, ku hal anu bieu ku Kami disebutkeun tea. 7 Tapi masing percaya, Kami iang teh hade temahna ka maraneh. Sabab lamun Kami henteu iang, nu baris ngaping teh moal sumping. Sabalikna, mun Kami iang, nya Kami nu baris ngutus Anjeunna ka maraneh. 8 Di mana Anjeunna geus sumping, baris nginsafkeun umat dunya kana dosa-dosana, kana kayaktian, jeung kana kaadilan. 9 Sual dosa-dosana, nya eta: Maranehna teu palercaya ka Kami, 10 sual kanyataan anu sabener-benerna, nya eta: Bener, yen Kami mulang teh ka Rama sarta moal tembong deui ka maraneh. 11 Sual kaadilan, nya eta: roh anu ngageugeuh, ngawasaan ieu dunya teh geus meunang hukuman. 12 Loba keneh, anu perlu dicaritakeun ka maraneh teh. Ngan nya kitu, ayeuna mah maraneh moal kuat nyanggana. 13 Engke bae, ari Ruh Kayaktian tea sumping, tangtu maraneh ku Anjeunna ditungtun kana hal-hal anu saestuna. Sabab Anjeunna, moal sasaur-saurna; anu bakal disaurkeunana teh, kabeh oge, sakur anu geus kadangueun ku Anjeunna sarta ka maraneh baris nuduhkeun hal-hal anu bakal kajadian. 14 Anjeunna baris ngamulyakeun ka Kami, ku jalan nerangkeun ka maraneh sakur nu ku Anjeunna geus katarima ti Kami. 15 Sakur anu jadi kagungan Rama, jadi milik Kami ongkoh. Eta sababna, cek Kami bieu: Anjeunna bakal nerangkeun sakur nu ku Anjeunna geus katarima ti Kami. 16 Geus tereh kana waktuna, maraneh moal papanggih deui jeung Kami; tapi moal lila deui oge, tangtu patepung deui.” 17 Murid-murid tingkucuwes pada batur, “Naha kitu nyarios-Na? Ongkoh saur-Na geus tereh waktuna maraneh moal panggih deui jeung Kami, ongkoh moal lila deui oge baris patepung deui. Jeung saur-Na deuih: Kami rek mulang ka Ama. 18 Naon maksudna ‘geus tereh’ teh? Asa teu ngalalarti!” 19 Ku Isa kasurti, yen maranehna harayangeun naranyakeun naon pihartieunana. Ku sabab eta, Anjeunna nyarios kieu, “Cek Kami, geus tereh waktuna maraneh moal papanggih deui jeung Kami, tapi moal lila deui oge tangtu patepung deui. Eta anu jadi pasualan pikeun maraneh teh, lain? 20 Hartina anu saenyana teh kieu: Maraneh teh bakal pinuh ku kapaur jeung dipuhit ku prihatin; sabalikna, dunya umumna mah suka gumbira. Moal henteu, maraneh teh bakal nandangan sungkawa anu pohara. Tapi eta kasungkawaan teh, pasti robah ngajadi kabagjaan. 21 Awewe ari keur ngajuru, estu pinuh ku rasa kanyeri; tapi ari orokna geus brol mah, lat poho kana kanyerina; kasilih ku bungah jeung bagja, ku medalna jabang bayi ka alam dunya. 22 Kitu oge maraneh. Ayeuna loba kasusah, engke mah hate maraneh teh bungangang; suka bungah lantaran papanggih deui jeung Kami. 23 Dina mangsa eta mah, maraneh geus moal aya tanyakeuneun deui ka Kami. Sing percaya: Naon bae panuhun maraneh ka Ama, anu disuhunkeun kalawan mawa ngaran Kami, tangtu dikabul. 24 Nepi ka ayeuna maraneh acan neneda kalawan mawa ngaran Kami. Pek ayeuna mah neneda teh mawa ngaran Kami, pasti ditedunan malar meunang kabungahan anu taya papadana. 25 Nu enggeus-enggeus, Kami ngomong ka maraneh teh sok make jalan siloka bae. Engke mah, kaayaan Rama teh rek ditetelakeun saterang-terangna, moal ku jalan siloka deui. 26 Ka hareup mah, maraneh neneda teh, tangtu kalawan nyambat ngaran Kami. Jadi, Kami teu perlu jangji baris mangnyuhunkeun ka Ama pikeun maraneh. 27 Sabab Ama ku anjeun, nu mikanyaah ka maraneh teh. Eta teh, ku lantaran maraneh geus nyaraah sarta palercaya ka Kami, yen Kami asal ti Allah. 28 Bener pisan Kami teh asal ti Rama, datang ka dunya. Ayeuna Kami rek ninggalkeun dunya, mulang deui ka Ama.” 29 Pihatur murid-murid, “Ayeuna mah, cariosan Jungjunan teh terang; tetela, teu nganggo jalan siloka. 30 Leres, ayeuna mah, abdi-abdi terang yen Jungjunan teh sarwa uninga, abdi-abdi parantos teu gaduh kapanasaran deui. Percanten ayeuna mah, yen Jungjunan teh asal ti Allah.” 31 Waler Isa, “Percaya maraneh ayeuna mah? 32 Saksian: Bakal datang mangsana, malah geus der ti ayeuna keneh; maraneh bakal dipaburencaykeun, marulang ka tempat masing-masing, ari Kami ditinggalkeun sorangan bae. Tapi Kami, moal nyorangan sabab aya Ama anu nyarengan. 33 Eta kabeh ku Kami dibejakeun, supaya hate maraneh jongjon enggoning anut ka Kami. Di dunya, maraneh dikaniaya teh, tapi kuatkeun hate maraneh sabab dunya teh, geus ditundukkeun ku Kami.”



17

1 Sanggeus sasauran kitu, Isa tanggah bari ngucap kieu, “Nun Ama, ayeuna parantos dongkap kana waktosna Putra Ama dijungjung deui kana kamulyaan, supados matak mulya ka Ama. 2 Sakumaha Ama anu parantos maparin kawasa ka ieu Putra, nya eta kawasa ka sakumna manusa pikeun masihan hirup langgeng; nya ka sakur anu ku Ama parantos diserenkeun ka Putra. 3 Eta hirup langgeng teh nya eta: Kenal ka Ama, sajatining Allah Nu Tunggal sareng ka Utusan Ama: Isa Al Masih. 4 Abdi parantos ngagungkeun Ama di dunya, ku ngalampahkeun sugri papancen numutkeun sapangersa dugi ka tutugna. 5 Kitu nu mawi, nun Ama, eta kamulyaan pasihan ti Ama nu aya di pangkonan Ama, anu dipaparinkeun ka Putra ti samemeh aya dunya, mugi katampi deui ku Putra. 6 Kaayaan Ama ku abdi parantos diwawuhkeun ka jalmi-jalmi di dunya anu ku Ama diserenkeun ka abdi. Maranehna teh kagungan Ama; anu ku Ama diserenkeun ka Abdi, ayeuna parantos sami-sami ngestokeun kana timbalan Ama. 7 Maranehna oge parantos tarerangeun, yen sagala rupi anu ku Abdi katampi ti Ama teh saleresna Ama anu maparinna. 8 Maranehna tarerangeun teh, jalaran sagala timbalan Ama ku Abdi parantos didugikeun, ditarampi sareng diarestokeun. Maranehna oge tarerangeun, leres-leres, yen Abdi teh asal ti Ama sareng palercayaeun yen Abdi utusan Ama. 9 Paneda panyambat Abdi teh sanes kanggo ieu dunya, nanging kanggo maranehna, nya eta jalmi-jalmi anu ku Ama dipasrahkeun ka Abdi tea. 10 Maranehna teh kagungan Ama, margi sakur kagaduh Abdi tunggal kagungan Ama keneh, kagungan Ama tunggal kagaduh Abdi. Dupi Abdi parantos jadi eusi hate maranehna. 11 Abdi di dunya mung kantun sakedap deui, moal lami deui oge tangtos wangsul ka pangkonan Ama, dupi maranehna mah tetep-tetep bae di dunya. Nun Ama, Anu Mahasuci, mugi maranehna, anu ku Ama parantos diserenkeun ka Abdi teh ku jenengan Ama diraksa, sadayana sina dalit ngahiji sapertos Urang. 12 Sapanjang direujeungan ku Abdi maranehna teh tetep dicangking dina jenengan Ama anu dipercayakeun ka Abdi, dijagi dijaring teu aya anu keuna binasa, kajabi saurang anu jadi bibit werejit akar mamala; da eta mah, supados bukti ungeling Kitab Suci. 13 Dumeuheus ka Ama, ngunjukkeun ieu panuhun teh, meungpeung Abdi di dunya keneh; supados kasukaan anu karaos ku Abdi, karaos oge ku maranehanana kalayan sagemblengna. 14 Maranehna, ku Abdi parantos diwaris pangandika Ama; nya parantos teu kalebet deui bibit buit dunya, sami sareng Simabdi. Kitu nu mawi ku dunya oge parantos dipikaceuceub. 15 Dipangnyambatkeun soteh, sanes supados dicandak ti dunya; nanging supados diraksa ti si durjana; 16 margi maranehna teh parantos henteu sabibit deui sareng dunya, sakumaha Abdi. 17 Ku karana kayaktian, mugi maranehna dijadikeun milik Ama. Dupi kayaktian teh nya Pangandika Ama. 18 Sakumaha Abdi, ku Ama parantos diutus ka dunya; maranehna oge, ku Abdi diutus ka dinya. 19 Abdi parantos ngorbankeun hirup pribadi keur maranehna, supados maranehna jadi milik Ama ku karana kayaktian. 20 Sajabi ti maranehna, Abdi oge mangnedakeun jalmi-jalmi anu palercaya ka Abdi lantaran uar pangajak maranehna; 21 supados sadayana jadi sahiji. Sakumaha Ama manunggal di diri Abdi sareng Abdi manunggal di salira Ama, mugi-mugi maranehna oge manunggal di Urang, supados dunya percaya yen nya Ama anu ngutus Abdi teh. 22 Maranehna ku Abdi parantos diganjar ku kamulyaan pamasihan Ama ka Abdi tea, sina dalit ngahiji sapertos Urang oge dalit ngahiji: 23 Abdi manunggal jeung maranehna, Ama manunggal sareng Abdi, dugi ka kum sadayana anu percaya aya dina sampurnaning katunggalan, supados ku dunya katembong, yen Ama ngutus Abdi ka dunya teh kajurung ku welas asih ka maranehna, sapertos Ama miasih ka Abdi. 24 Nun Ama, sugri anu ku Ama parantos diserenkeun ka Abdi teh panuhun mah sing diparengkeun tiasa riung mungpulung sareng Abdi di tempat Abdi ngancik; sina eta jalmi-jalmi teh tarerangeun kana kamulyaan Abdi, nu dipasihkeunana ka Abdi ti samemeh dunya gumelar, bawaning Ama asih ka Abdi. 25 Nun Ama nu Mahaadil, sanaos dunya teu wawuh ka Ama, nanging ku margi Abdi mah wawuh, jalmi-jalmi teh ahirna tarerangeun yen anu ngutus ka Abdi teh nya Ama. 26 Salira Ama ku Abdi diwawuhkeun ka maranehna, sarta baris teras dimashurkeun, supados kaasih Ama ka Abdi minuhan ati sanubari maranehna; kitu deui Abdi, ngancik dina jiwa maranehna oge.”



18

1 Tamat sasaurana-Na, Isa jeung murid-murid-Na arangkat ngajugjug ka hiji tempat di peuntaseun lebak Cikidron, terus arasup ka hiji taman. 2 Yudas Iskariot, anu rek ngahianat tea, oge nyahoeun tempatna; sabab manehna ge, ku Isa teh sering dibawa ka dinya jeung murid-murid sejenna. 3 Atuh teu kungsi lila, manehna ge nyusul — geus meunang idin ti imam-imam kapala jeung urang-urang Parisi — mawa pasukan serdadu jeung pangawal-pangawal Bait Allah, saged sapakarangna bari marawa lantera jeung obor. 4 Isa anu ti anggalna keneh geus uninga kana bahaya anu ngancam salira-Na, terus maju nembongkeun anjeun bari mariksa, “Nareangan saha aranjeun teh?” 5 Dijarawab, “Isa urang Nasaret!” Saur Isa, “Ongkoh ieu Kami!” Ari ki Yudas anu hianat, harita aya di dinya bareng jeung nu sejen. 6 Barang saur Isa “Ongkoh ieu Kami,” reok kabeh alundur nepi ka ti jararengkang. 7 Isa mariksa deui, “Nareangan saha?” Dijarawab cara tadi, “Isa, urang Nasaret!” 8 Waler Isa, “Ongkoh cek Kami oge, ieu Kami teh. Upama enya Kami anu ditareangan teh, sok atuh geura tangkep, tapi anu sejenna ulah diganggu.” 9 (Ieu teh pikeun ngabuktikeun kasaurana-Na anu kieu tea, “Maranehna, anu ku Ama parantos diserenkeun ka Abdi, saurang oge moal diantep sina cilaka.”) 10 Ari Simon Petrus anu nyoren gobang, serepet nyabut gobangna, keplas dikadekkeun ka bujangna Imam Agung, anu ngaranna Malkus: Keuna kana ceulina nepi ka rampung. 11 Tapi saur Isa ka Petrus, “Asupkeun deui pedang maneh teh kana sarangkana! Sabab geus jadi kawajiban Kami nguyup eusi lumur anu disodorkeun ku Ama Kami teh, lain?” 12 Kerewek, Isa ditangkep ku serdadu-serdadu kalawan dipingpin ku komandanna jeung kokolot-kokolot bangsa Yahudi; Anjeunna ditangkep sarta dibarogod panangana-Na. 13 Mimitina, Isa dibarawa ka Anas, mertuana Kayapas, anu taun harita jeneng Imam Agung. 14 Kungsi Kayapas teh mere timbangan kieu, “Mending paeh jalma hiji keur kapentingan jalma rea.” 15 Waktu Isa dibawa, Simon Petrus nuturkeun, duaan jeung murid saurang deui. Ari eta baturna, anu saurang deui tea, wawuheun ka Imam Agung. Jadi waktu Isa dibawa asup ka gedong Imam teh, manehna mah terus bae milu asup; 16 ari Petrus mah, ninggalkeun maneh di luar. Teu lila, murid anu asup tadi teh, kaluar deui; tuluy cacarita jeung hiji awewe purah ngajaga panto. Geus kitu, Petrus, ku manehna dibawa asup. 17 Tapi ku awewe nu ngajaga panto tea, Petrus ditanya, “Ari maneh teh lain murid Isa keneh?” Jawab Petrus, “Lain!” 18 Harita, hawa kacida tirisna, pangawal-pangawal jeung bujang-bujang marirun seuneu, tuluy saliduru; Petrus oge milu siduru. 19 Isa dipariksa ku Imam Agung tina perkara murid-murid-Na jeung perkara pangajarana-Na. 20 Ku Isa diwaler, “Simkuring unggal nyarita di hareupeun jalma rea teh salamina oge satarabasna, boh di tempat-tempat ibadah, boh di Bait Allah tempat kumpulan urang Yahudi, tara dipandang-dipinding. 21 Naha nganggo mariksakeun deui? Ari palay uninga mah, sae pariksakeun bae ka sugri anu kungsi ngabarandungan caritaan Simkuring, tangtos tarerangeun.” 22 Tutas sasauran kitu, jebot, Anjeunna dicabok ku pangawal anu ngajaga pangdeukeutna ka Anjeunna. Cek eta pangawal, “Ka Imam Agung maneh wani ngajawab sarupa kitu!” 23 Saur Isa, “Naon salahna ucapan Kami, coba sebutkeun! Sabalikna, upama ucapan Kami bener, naon perluna maneh nyabok?” 24 Geus kitu, Anjeunna ku Anas dikirim ka Kayapas Imam Agung; ari panangana-Na tetep dibarogod. 25 Ari Simon Petrus keur siduru keneh. Ku nu saliduru ditanya, “Ari maneh teh lain murid-Na?” 26 Petrus mungkir, pokna, “Lain!” Pok, deui hiji bujang Imam Agung, — barayana ki Malkus anu dikadek ceulina tea — ngomong, “Lain maneh teh anu ku kuring katembong bareng jeung Isa di taman tea?” 27 Sakali deui, Petrus ngangles. Harita keneh, kadenge sora hayam kongkorongok. 28 Barang bray, beurang; Isa dibawa ka gedong Pangadilan Pilatus, tapi anu marawa-Na, arembungeun asup. Sabab sarieuneun kanajisan, bisi batal sarta henteu bisa milu kana riungan ‘dahar Paska.’ 29 Ku sabab eta, Pilatus ka luar nepungan maranehna. Tuluy anjeunna mariksa, “Naon perkarana ieu Jelema teh?” 30 Jawab maranehna, “Upami sanes Jalma jahat, piraku dibantun ka dieu!” 31 Saur Pilatus, “Hukum bae ku sorangan, sakumaha hadena cek Toret maraneh.” Tembal urang Yahudi, “Bangsa simkuring teu wenang ngahukum pati.” 32 Lebah dieu baris bukti pilahir Isa basa Anjeunna ngagambarkeun cara-caraning pipupuseuna-Na. 33 Pilatus lebet deui ka rohangan pangadilan; Isa disaur, tuluy dipariksa, “Maneh teh raja urang Yahudi?” 34 Waler Isa, “Mariksakeun kitu teh, naha kajurung ku gerentesing manah ku anjeun atanapi ku margi mendak wartos ti anu sanes?” 35 Waler Pilatus, “Na kami teh bangsa Yahudi kitu? Maneh diserenkeun ka kami teh, ku bangsa Maneh sorangan jeung ku imam-imam kapalana. Nyieun dosa naon Maneh teh?” 36 “Karajaan Simkuring sanes di dunya ayana. Upama karajaan Simkuring di dunya mah, balad Simkuring tangtu bebela, supaya Simkuring ulah nepi ka beunang ku urang Yahudi. Sanes, karajaan Simkuring sanes di dunya ieu.” 37 Saur Pilatus, “Jadi, bener Anjeun teh raja?” Waler Isa, “Tah geuning disebat. Memang Simkuring Raja. Simkuring dijurukeun, lahir ka alam dunya, seja ngabuktikeun naon kayaktian teh. Jalmi-jalmi anu sayaktina mah, tangtu apal kana sora Simkuring.” Saur Pilatus, “Naon ari kayaktian teh?” 38 Sanggeus sasauran, Pilatus ka luar deui mendakan urang Yahudi, tuluy nyarios, “Eta sakitan teh euweuh dosa-Na. 39 Ayeuna kieu: Ngingetkeun yen dina unggal-unggal hari raya Paska maraneh geus biasa menta supaya kami ngabebaskeun salah saurang hukuman, kumaha upama eta Jelema dibebaskeun ayeuna?” 40 Urang Yahudi raong tingcorowok, “Ulah! Barabas bae leupaskeun!” Ari Barabas teh jelema jahat.



19

1 Pilatus marentahkeun supaya Isa dirangket. 2 Ari serdadu-serdadu, nyieun makuta tina cucuk; seug dianggokeun kana mastaka-Na bari diharuduman ku jubah ungu. 3 Geus kitu, serdadu-serdadu teh pura-pura ngahormat ka Anjeunna. “Wilujeng, Raja urang Yahudi!” Pokna, bari nyararabokan. 4 Pilatus ka luar deui, sasauran ka urang Yahudi, “Tarenjo, jelema-Na ku kami dibawa ka luar deui, supaya maraneh nyaho yen ku kami teu kapanggih dosa-Na.” 5 Bari Isa dijonghokkeun, — beunang ngamakutaan ku cucuk jeung diharuduman ku jubah ungu — pok anjeunna ngalahir deui, “Pek, tarenjo ieu jelema.” 6 Ger bae, imam-imam kapala jeung wakil-wakil resmi bangsa Yahudi sejenna raong, pokna, “Gantung, gantung dina kayu salib!” Saur Pilatus, “Jung barawa, gantung ku maraneh bae; sabab ku kami mah, teu kapanggih dosa-Na.” 7 Urang Yahudi ngajarawab, “Cek hukum bangsa simkuring mah, eta Jelema teh, kudu dipaehan. Sabab manehna, ngaku-ngaku Putra Allah!” 8 Ningali maranehna kitu, Pilatus beuki seber bae, 9 tuluy lebet deui ka rohangan pangadilan, mariksa deui ka Isa, saur-na, “Ari Maneh ti mana nya asal?” Tapi ku Isa henteu diwaler. 10 Saur Pilatus, “Maneh teh embung ngajawab? Na teu nyaho yen kami kawasa ngabebaskeun atawa ngahukum gantung ka Maneh?” 11 Waler Isa, “Anjeun henteu kagungan kawasa naon-naon ka Simkuring, kajabi upami aya idin ti Nu linggih di sawarga. Kitu nu mawi jalmi-jalmi anu nyerenkeun Simkuring ka dieu, dosana leuwih gede ti batan dosa anjeun.” 12 Pilatus saiasa-iasana milari tarekah, supaya Isa bisa bebas. Tapi urang Yahudi tingcorowok deui, “Upama eta Jelema dibebaskeun, tetela anjeun teh ngalawan ka Sang Prabu. Margi saha-saha anu ngajenengkeun maneh jadi raja, eta teh geus ngalawan ka Prabu.” 13 Sanggeus dijawab kitu, Pilatus marentahkeun supaya Isa dibijilkeun; ari anjeunna mah linggih dina bagian rohangan pangadilan anu disebut Litostrotos, basa Ibranina: Gabata, hartina panggung batu. 14 Harita teh poe sasadiaan Paska, kira-kira pukul dua welas beurang. Pilatus ngalahir, “Tah ieu, Raja maraneh teh!” 15 Urang Yahudi tinggorowok deui, “Singkirkeun, singkirkeun!” Saur Pilatus, “Jadi, ieu Raja maraneh teh ku kami kudu digantung?” Imam-imam kapala ngajarawab, “Simkuring teu gaduh deui raja, iwal ti Prabu!” 16 Tungtungna, Pilatus nyerah; Isa diserenkeun ka maranehna sina digantung. Geus kitu, tuluy Isa dibawa ku maranehna. 17 Isa digiring ka hiji tempat anu dina basa Ibrani disebut Gulguta, — hartina: tempat tangkorek — bari di sina manggul kayu salib-Na ku anjeun. 18 Nya di dinya, Anjeunna digantung teh, bareng jeung dua penjahat nu digantung di kencaeun jeung katuhueun-Na; ari Isa di tengah. 19 Dina pucuk salib, Pilatus nulis kieu: Isa Urang Nasaret Raja Urang Yahudi. 20 Kabaca ku pirang-pirang urang Yahudi, kawantu tempat eta teh deukeut ka kota; ditulisna, dina basa Ibrani, Laten, jeung Yunani. 21 Imam-imam kapala urang Yahudi arunjukan ka Pilatus, pokna, “Kalimahna saena mah ulah Isa Urang Nasaret Raja Urang Yahudi, nanging: Kami Raja Urang Yahudi.” 22 Waler Pilatus, “Naon nu geus ditulis ku kami, eta tetep moal dirobah.” 23 Sanggeus digantung ku serdadu-serdadu, anggoana-Na ku maranehna dibagi jadi opat bagian, masing-masing meunang sabagian. Barang jubah-Na rek dibagi, horeng ngan mangrupa lawon sagebar nu teu dikaput. 24 Cek serdadu-serdadu, “Ulah dipotongan, urang lotrekeun bae ku saha engke beunangna.” Lebah dieu bukti pisan unina Kitab Suci anu kieu: Papakean Kami dibagikeun, jubah Kami dilotrekeun. Nya kitu pisan anu dijalankeun ku serdadu-serdadu, harita teh. 25 Deukeut salib-Na aya ibu-Na jeung saderek ibu-Na, nya eta Maryam, bojona Kleopas, jeung Maryam Magdalena. 26 Barang Anjeunna ningali, yen ibu-Na jeung murid nu dipikaasih-Na aya di dinya; Isa sasauran ka ibu-Na, saur-Na, “Ibu, eta teh tuang putra!” 27 Ari ka eta murid saur-Na teh, “Eta teh indung hidep!” Ti harita ibu-Na ku eta murid dibawa ka imahna, diaku sarta dirawatan. 28 Sanggeus kitu, Isa ngaraos yen kiwari sagala rupana geus beres. Anjeunna nyoara deui (luyu jeung anu kaungel dina Kitab Suci) saur-Na, “Kami halabhab!” 29 Di dinya, memang geus disadiakeun anggur nu rasana haseum, sawadah. Tuluy aya anu niirkeun sepon kana gantar dianclomkeun ka dinya, seug diantelkeun kana lambey-Na. 30 Sanggeus ngaraosan, Anjeunna nyoara deui, saur-Na, “Geus cacap!” Geus kitu, mastaka-Na ngulahek lantaran Anjeunna geus masrahkeun nyawa-Na. 31 Ku lantaran poe eta malem Paska, hukuman-hukuman teh teu meunang diingkeun dina kayu salib nepi ka poe Sabat, isukna. Komo Sabat anu harita mah, Sabat istimewa. Urang Yahudi marenta idin ka Pilatus, nya eta pikeun mingges-minggeskeun suku anu keur digarantung tea, supaya mayit-mayitna bisa gancang diturunkeun. 32 Prak bae, hukuman-hukuman teh, ku serdadu-serdadu dipingges-pinggeskeun sukuna. Mimiti anu saurang terus anu saurang deui. 33 Barang giliran Isa, eta serdadu-serdadu teu tulus minggeskeun sampeana-Na lantaran geus tetela pupus. 34 Tapi aya salah saurang serdadu, anu bres bae numbak kana angkeng-Na. Cur, harita keneh, bijilan getih jeung cai. 35 Eta kajadian teh geus ka tenjoeun ku hiji jelema. Naon nu geus kasaksian ku eta jelema teh, beunang dipercaya. Manehna yakin, yen naon anu geus kasaksian ku manehna teh enya-enya kajadian. Ku sabab eta, urang oge bisa percaya kana kateranganana. 36 Kaayaan Anjeunna anu kitu teh, cocog pisan jeung anu geus kaungel dina Kitab Suci, kieu: “Tulang Anjeunna, sahiji oge, moal aya anu dipotongkeun.” 37 Aya deui, ayat Kitab Suci anu ungelna, “Maranehna bakal neuteup ka salira-Na, anu ku maranehna ditumbak tea.” 38 Geus kitu, Yusup, urang Arimatea (salah saurang murid Isa kalawan susulumputan lantaran sieun ku urang Yahudi), ngadeuheus ka Pilatus; anjeunna menta idin pikeun nurunkeun layon Isa. Sanggeus kawidian, layon-Na teh diturunkeun. 39 Nikodemus oge, — anu bareto kungsi ngadeuheus ka Isa peuting-peuting tea — milu bari mawa minyak emur anu dicampur jeung minyak candana kira-kira lima puluh kilo lobana. 40 Layon-Na diturunkeun ku duaan, tuluy dibungkus ku boeh jeung dibauran rarampean sakumaha adat kabiasaan urang Yahudi ari ngamakamkeun mayit. 41 Di dinya, deukeut tempat Isa disalib, aya hiji taman; di dinya teh aya hiji guha, — pikeun ngamakamkeun mayit — anu can kungsi dipake. 42 Ku sabab harita teh pikeun urang Yahudi mah poe panyadiaan Paska tea, layon Isa teh di lebetkeun ka dinya bae.



20

1 Dina poe anu kahiji, — minggu eta — rebun-rebun keneh, Maryam Magdalena geus indit ka pajaratan. Sadatangna, kasampak, batu tutup pajaratan teh geus aya anu mindahkeun. 2 Manehna balik deui, lumpat, manggihan Simon Petrus jeung murid nu dipikaasih ku Isa tea; terus hariweusweus bebeja, pokna, “Jungjunan teh aya nu maling, ti makam, duka dibawa ka mana!” 3 Simon Petrus lumpat gagancangan muru ka pajaratan, 4 duaan jeung anu saurang deui tea. Manehna mah, lumpatna leuwih tarik batan Petrus. Datangna ka makam oge, pangheulana. 5 Sadatangna, terus nempo ka jero, tapi ngan tembong boeh bae ngalumbruk dina taneuh. Manehna teu terus asup. 6 Ari Simon Petrus mah, datang-datang teh, terus bae asup beh kana boeh; 7 ari lawon bungkus mastaka-Na kapanggih aya di tempat anu rada anggang ti dinya, geus beunang nilepan. 8 Sup, murid anu saurang deui oge, nuturkeun asup. Sanggeus sidik kana kaayaan di dinya, kakara manehna percaya kana maksud Kitab Suci anu nyebutkeun: Anjeunna tangtu gugah deui tina pupusna. Tadina mah, eusi Kitab Suci teh weleh ku maranehna teu kahalartieun. 10 Geus kitu duanana marulang deui ka imahna. 11 Ari Maryam Magdalena mah, ngajentul keneh bae deukeut pajaratan; tuluy anjeunna tumpa-tempo ka jero, bari ceurik. 12 Ana breh teh aya malaikat duaan, panganggona sarwa bodas, keur caralik dina urut layon Isa: Nu saurang palebah mastaka; ari anu saurang deui, beh tunjangeun. 13 Malaikat teh mariksa, “Ibu, ku naon nangis?” Jawab Maryam, “Jungjunan abdi aya nu maling, duka dibantun ka mana!” 14 Geus kitu, manehna malik ngalieuk ka luar; breh bae, nenjo Isa keur ngadeg, tapi manehna teu nyangka yen eta teh Isa. 15 Ku Isa dipariksa, “Ku naon ceurik? Aya anu diteangan?” Samaruk Maryam, eta teh tukang kebon di dinya; pok, manehna ngajawab, “Bapa, manawi bapa anu nyandakna, wartoskeun dicandak ka mana? Ku abdi bade dibantun deui.” 16 Saur Isa, “Maryam!” Maryam ngaranjug, terus ngucap ku basa Ibrani, pokna, “Rabuni!”, hartina: Guru. 17 Saur Isa deui, “Kade, ulah waka nyabak ka Kami sabab Kami acan ngadeuheus ka Rama. Ayeuna mah, tepungan bae dulur-dulur Kami, bejakeun yen Kami ayeuna rek mulang ka Rama anu jadi Rama maraneh oge: Allah nu disembah ku Kami jeung Allah nu disembah ku maraneh.” 18 Maryam Magdalena terus nepungan murid-murid. “Kuring mah geus tepung deui jeung Jungjunan!” Pokna, bari nyaritakeun deui kasauran-kasauran Anjeunna dina waktu tepung tea. 19 Poe eta keneh, wanci magribna, murid-murid Isa karumpul di hiji imah; pantona ditulakan lantaran sarieuneun ku urang Yahudi. 20 Sabot kitu, breh bae, Isa geus ngadeg di tengah-tengah maranehna. Anjeunna uluksalam: “Assalamualaikum!” Sanggeus ngucapkeun salam, Anjeunna nembongkeun panangana-Na, tuluy angkeng-Na oge. Murid-murid pohara barungaheunana barisa tepung deui jeung Jungjunanna teh. 21 Isa nyarios deui, “Mugia maraneh salamet! Sakumaha Rama geus ngutus ka Kami; Kami oge, ayeuna, rek ngutus maraneh.” 22 Geus kitu, murid-murid teh ku Anjeunna ditiup sarta tuluy nyarios, “Geura tarampa ieu Ruh Allah. 23 Sing saha anu dosana ku maraneh dihampura, geus tangtu bakal dihampura; tapi sabalikna, upama ceuk maraneh eta jelema teh dosa, tangtu tetep dosana teh.” 24 Ari Tomas, — salah saurang murid ti nu dua belas, anu katelah Didimus — waktu Isa sumping teh, manehna mah teu milu kumpul di dinya. 25 Barang dibejaan ku babaturanana “Urang mah geus patepung deui jeung Jungjunan.” Manehna ngajawab, “Mun can sidik, nenjo sorangan, panangana-Na anu bolong tapak paku jeung acan nyolokkeun curuk kana angkeng-Na, kuring mah moal rek ngandel.” 26 Heuleut dalapan poe ti harita, murid-murid teh karumpul deui di imah anu geus kacaritakeun tea; Tomas oge, harita mah, aya. Panto kabeh ditarulakan, tapi ari breh teh Isa geus aya di tengah-tengah maranehna bari uluksalam: “Assalamualaikum!” 27 Tuluy sasauran ka Tomas, “Ilikan yeuh leungeun Kami. Colokkeun curuk maneh. Rampa ku leungeun maneh ieu palebah cangkeng Kami. Maneh sing percaya, ulah terus cangcaya.” 28 Cek Tomas, “Duh Gusti Jungjunan simabdi sarta Allah panutan simabdi!” 29 Waler Isa, “Ayeuna maneh percaya lantaran geus pajonghok jeung Kami. Bagja, sakur anu percaya ka Kami, sanajan teu pajonghok.” 30 Loba keneh tanda-tanda anu dipintonkeun ku Isa sarta nu kasaksian ku murid-murid-Na, tapi henteu dimuat dina ieu Kitab. 31 Sanajan kitu, sagala rupa anu geus dimuat di dieu, kabeh geus dicatet, supaya aranjeun palercaya yen Isa teh Al Masih, Putra Allah. Upama aranjeun percaya ka Anjeunna, tinangtu hirup aranjeun teh aya dina nugrahing jenengana-Na.



21

1 Sakali deui, Isa nembongan ka murid-murid-Na di basisir Tiberias. Kieu kajadianana teh: 2 Harita, di eta basisir teh aya Simon, Tomas anu katelah Didimus, Natanael urang Kana Galilea, anak-anak Sebedeus jeung dua urang murid sejenna. 3 Cek Simon Petrus, “Urang mah rek ngala lauk.” Ditempas ku batur-baturna, “Urang oge arek, hayu urang bareng!” Clak, sarerea, unggah kana parahu. Balangsiarna sapeuting jeput, tapi luput teu beubeunangan pisan. 4 Ari geus bray, beurang; Isa ngadeg di basisir, tapi maranehna paranglingeun; samarukna, lain Anjeunna. 5 Anjeunna ngagentraan, “Barudak, geus beubeunangan?” Dijarawab, “Nu mawi, teu acan!” 6 Anjeunna ngagentra deui, “Coba rungkupkeun heurapna ka katuhueun parahu, tangtu aya nu beunang.” Pruk, heurap dirungkupkeun; barang dipulut meh-meh teu kabawa, ku loba-lobana lauk nu beunang. 7 Murid anu dipikaasih ku Isa tea, ngomong ka Petrus, “Euleuh, geuning Jungjunan eta teh!” Dibejaan yen eta teh Jungjunan; rap bae, Petrus dibaju lantaran keur bubulucunan tea; geus kitu, manehna teh, brus ka cai, tuluy ngojay. 8 Nu sejenna naluturkeun dina parahu, — anu ngan kari kira-kira kurang ti saratus meter deui ti darat — bari ngagusur heurap anu pinuh ku lauk. 9 Di darat, kasampak aya pirunan ruhay keur dipake manggang lauk jeung roti. 10 Saur Isa, “Cik lauk beunang bieu teh ka dieukeun sababaraha siki mah.” 11 Heurapna terus dipulut ku Petrus, laukna diitung, aya saratus lima puluh tilu siki. Beubeunangan sakitu lobana teh, heurapna henteu nepi ka bedah. 12 Saur Isa, “Hayu urang sasarap.” Murid-murid henteu aya anu wani nyasaha ka Anjeunna, sugan nanya, “Saha tea Anjeun teh?” Ongkoh geus nyarahoeun yen Anjeunna teh Isa. 13 Isa ngarongkong nyandak roti jeung panggang lauk, tuluy disodorkeun ka murid-murid. 14 Harita teh, anu katilu kalina, Anjeunna nembongan ka murid-murid-Na sanggeus gugah tina pupus-Na. 15 Rengse salasarapan, Isa mariksa ka Simon Petrus, “Simon bin Yonas, bener maneh nyaah ka Kami leuwih ti nu sejen?” Jawab Petrus, “Sumuhun Jungjunan, Jungjunan nu langkung uninga yen abdi nyaah ka Salira?” 16 Saur Isa, “Panguruskeun anak-anak domba Kami.” Geus kitu, kadua kalina mariksa ka Petrus, “Simon bin Yonas, bener maneh nyaah ka Kami?” “Sumuhun Jungjunan,” jawab Petrus, “Jungjunan nu langkung uninga yen abdi nyaah ka Jungjunan.” Saur Isa, “Panguruskeun domba-domba Kami.” 17 Katilu kalina Isa mariksa deui, “Simon bin Yonas, bener maneh nyaah ka Kami?” Dipariksa nyaah henteuna nepi ka tilu kali kitu teh, Simon jadi pohara nalangsana sarta pok, ngajawab deui, “Duh Jungjunan, anu uninga kana sagala perkawis, Jungjunan anu langkung uninga kumaha kanyaah abdi ka Jungjunan.” Saur Isa, “Panguruskeun kabeh domba-domba Kami. 18 Cek Kami ayeuna, kieu: Maneh keur ngora mah bisa indit-inditan ka mana bae, dangdan ku sorangan. Geus kakolotnakeun mah dangdan oge ku batur, leungeun digusur ku nu sejen. Indit teu bisa sakahayang, kari kumaha cek nu mawa.” 19 Kasauran Anjeunna kitu teh, ngagambarkeun baris kumaha Petrus nekanan ajalna enggoning babakti ngamulyakeun ka Gusti Allah. Sanggeus sasauran kitu, Simon ku Anjeunna dipiwarang ngiring, saur-Na, “Hayu, tuturkeun Kami!” 20 Barang Petrus ngalieuk ka tukang, katenjo yen dituturkeun ku murid nu dipikaasih ku Isa, nya eta murid anu dina peutingan riungan tuang, diukna ngalendean ka Isa sarta naroskeun ka Anjeunna saha-sahana nu niat hianat ka Anjeunna. 21 Ku Petrus ditaroskeun ka Isa, “Jungjunan, dupi murid anu itu kumaha engkena?” 22 Waler Isa, “Upama manehna ku Kami diparengkeun hirup keneh nepi ka Kami datang, eta lain urusan maneh. Maneh mah tuturkeun bae Kami.” 23 Geus kitu, di kalangan panganut-panganut Isa, jadi rame yen eta murid anu saurang moal maot-maot. Padahal, Isa mah henteu nyaurkeun yen manehna moal maot. Nyaurkeun soteh, “Upama manehna ku Kami diparengkeun hirup keneh nepi ka mangsana Kami datang, eta lain urusan maneh.” 24 Nya murid eta pisan anu geus mere panyaksen sarta geus nyatetkeun sakur anu geus kajadian. Urang oge yakin, yen panyaksenna teh beunang dipercaya. 25 Loba keneh perkara-perkara sejenna anu dipidamel ku Isa teh. Upama sakabeh kajadian dicatet kalawan taliti sarta dibukukeun, kawasna mah dunya teh moal pimahieun keur nyimpenna.



AMAZING GRACE BIBLE INSTITUTE